Sabtu, 23 Februari 2013

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MIMITI SOSOBATAN

DI hiji leuweung, hirup sabubuhan monyét. Di antara monyét anu sakitu lobana téh, aya hiji monyét ngora anu kacida bangorna. Salian ti bangor téh harak deuih. Dipapatahan mah dipatatahan, boh ku kolot-kolotna boh ku monyét mandahna, angger teu euih-euih. Bedegong béak karep. Anu matak manéhna taya nu ngabaturan. Sasatna mah dipencilkeun wé ku babaturanana téh.

Lila-lila mah manéhna ogé teu betaheun aya di dinya téh. Atuda rék betah kumaha, hirup sosoranganan taya anu ngabaturan. Ulin sorangan, néangan hakaneun sorangan, nepi ka saré ogé kudu sorangan. Euweuh batur heureuy, euweuh batur pakumaha, euweuh batur ngobrol-ngobrol acan. Ari kalakuan teu daék robah. Angger baé bangor, bedegong, hayang meunang sorangan, jeung harak deuih.

Ahirna manéhna indit ti dinya, ninggalkeun kelompokna. Ceuk pikirna, ti batan aing hirup di dieu euweuh nu ngabaturan mah, mending indit ka tempat séjén. Sugan ari di tempat séjén mah manggih batur anu daék diajak sosobatan. Da tétéla, teu genah geuning hirup euweuh nu ngabaturan téh. Manéhna indit gugurayangan, luluncatan tina hiji tangkal kana tangkal séjénna. Ari datang peuting, saré dina tangkal anu gedé. Lamun beurang, neruskeun deui lalampahanana. Meunang sababaraha poé kituna téh. Ari dahareun mah, teu kurang-kurang, da di leuweung geledegan. Ngan ari pisobateun mah can manggih.

Nepi ka hiji mangsa, manéhna anjog ka muara. Walunganana kaitung gedé. Tuluy diuk dina tangkal kiara anu aya di sisi walungan. Rét ka handap, ku manéhna katingali aya kuya, keur cicing dina batu lémpar di sisi walungan. Jigana mah keur moyan. “Lakadalah, ieu sigana mah pibatureun aing téh,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa. Jrut turun tina tangkal kiara, tuluykeun nyampeurkeun ka kuya. Kuya batok anu umurna geus kolot.

“Keur naon Sakadang Kuya?” Sakadang Monyét nanya.

“Ah, keur kieu wé, keur moyan,” témbal Sakadang Kuya bari nelek-nelek Sakadang Monyét, “Ké, uing mah asa kakara ningali anjeun. Anjeun téh anyar ka dieu nya?”

“Enya,” témbal Sakadang Monyét bari ngadeukeutan Sakadang Kuya, “Uing mah lain urang dieu. Jauh asal mah, tuh ti leuweung beulah hilir, deukeut hulu cai walungan.”

“Ambu-ambu, atuh jauh nya ari ti dinya mah. Rék naon atuh los-los ka dieu? Piraku sugan ari di ditu kurang hakaneun mah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Ih, soal hakaneun mah, asal daék, loba jeung sagala aya deuih.”

“Enya, naha atuh los-los ka dieu?”

“Lah, nyaéta atuh. Keur naon sagala aya ogé ari euweuh batur mah,” ceuk Sakadang Monyét ngahelas.

“Na euweuh bangsa anjeun kitu di ditu?”

“Loba, malah nya di dinya pisan apan bangsa uing ngabubuhanana téh. Ngan, nyaéta atuh, hiji ogé euweuh anu daékeun babarengan jeung uing. Sasatna mah uing téh dipencilkeun wé. Anu matak uing lunta ti dinya, indit sakaparan-paran,” ceuk Sakadang Monyét semu humandeuar.

“Naon sababna cenah? Piraku sugan ari euweuh asal-muasalna mah. Da sagala rupa ogé apan kudu puguh sabab-musababna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Puguh éta anu matak uing teu ngarti téh. Pajarkeun téh cenah uing bangor, harak, hayang meunang sorangan. Ah, loba-loba deui wé anu nyababkeunana téh. Padahal uing mah teu rumasa kitu. Éta mah saririk meureun, pédah uing kaasup monyét anu pinter jeung loba kabisa. Dasar monyét!” ceuk Sakadang Monyét, jadi ngarasa keuheul ka bangsana sorangan.

“Oh, kitu nya,” Sakadang Kuya mésem bari unggut-unggutan. “Ari ayeuna anjeun rék ka mana?”

“Duka atuh.”

“Enggeus wé atuh cicing di dieu. Kabeneran uing ogé euweuh batur. Sorangan.”

“Na ka marana kitu anu séjén?”

“Geus parindah batur mah, ka béh hilir. Ka tempat anu leuwih tenang. Ari sababna, di daérah ieu ayeuna geus aya bangsa manusa. Sarieuneun ku manusa.”

“Na atuh anjeun henteu milu pindah?”

“Nyaéta uing mah asa beurat mun kudu ninggalkeun ieu patempatan téh. Atuda ti leuleutik nepi ka ayeuna geus kolot kieu, can kungsi ingkah ti dieu, ari lain kapaksa mah. Sakali-kalieun. Hanas éta aya manusa, asal urang bisa nyingkahanana wé jeung ulah ngaganggu ka manéhna, tangtu manéhna ogé moal ngaganggu ka urang.”

“Enya kitu.”

“Tah, lamun anjeun daék, enggeus baé cicing di dieu jeung uing.”

“Nya ari Sakadang Kuya daék mah sosobatan jeung uing, atoh wé nu aya. Uing henteu hirup nyorangan deui. Sahenteuna atuh aya batur pakumaha,” ceuk Sakadang Monyét, paromanna marahmay.

Tuluy baé duanana uplek ngobrol dina luhureun batu. Sagala dicaritakeun, sagala diomongkeun. Duanana ngarasa bungah, copélna aya batur ngobrol. Jadi henteu tiiseun teuing.

Tah, ti harita mimiti sosobatanana Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét téh.



from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA NANGKA

PEUTINGNA dua sobat anyar téh sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.

Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”

“Aya naon Sakadang Monyét?”

“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”

“Di mana?”

“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna ogé.”

“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui wé da peuting kénéh!” ceuk Sakadang Kuya.

Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hésé kana saré deuina téh. Keur kitu, kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan mah rék ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”

Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyét. Tuluy néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé Sakadang Kuya téh saré deui.

Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus hudang. Jrut turun tina dahan tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.

“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang nangka téa!” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, “Ké atuh Sakadang Monyét, ayeuna mah isuk kénéh!”

“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”

“Apal henteu jalanna?”

“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna.”

“Hayu atuh!”

Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya wé, henteu salah impian Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.

“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.

“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Asa manggih jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting. “Gampang atuh ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana plék-plék-plék, tandana éta nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.

Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, “Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan.” Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, “Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka dieu!” cenah.

Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna, malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna téh nangka atah. Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana ngagepluk, lain ngageplék.

“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna teu béntés, lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu némbalan.

Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong Sakadang Kuya keur ngalimed baé ngadaharan nangka asak. Karonéng jeung seungit deuih. Malah nangka téh ampir béak, tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.

Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga rasa yén manéhna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan,” ceuk Sakadang Monyét.

“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naék,” témbal Sakadang Kuya.

“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!”

“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.

Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy didahar. Enya wé ngeunah, amis kareueut. Sakadang Monyét gantung teureuyeun. Ménta deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus béak.

“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk Sakadang Monyét bari jamedud. Tuluy lumpat, térékél naék kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang Monyét téh pundung tayohna mah.

Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.


from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MELAK CAU

ANU pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyét geus datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Keur naon?”

“Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu. “Ari tadi peuting saré di mana Sakadang Monyét téh?” Sakadang Kuya malik nanya.

“Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.”

“Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?”

“Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona karosong. Jigana mah keur arindit jauh.”

“Kadé ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh manusa. Manusa téa hararak jeung sagala beuki deuih!”

“Sing percaya wé atuh ka uing!”

Jempé sajongjongan. Pok Sakadang Monyét nyarita deui.

“Lain, Sakadang Kuya, uing téh kabita ku Pa Tani.”

“Kabita kumaha?”

“Kabita ku cara hirupna, meni asa garenah. Geura baé, mun hayang barangdahar, teu kudu kukurilingan heula néangan dahareun cara urang. Béas kari nutu. Atuh deungeunna kari ngala di kebon. Geus puguh sabangsa lalab mah. Asal daék ngalana. Kabéh aya di kebonna.”

“Atuh kudu daék ngebon Jang, mun hayang kitu mah.”

“Enya, kumaha lamun ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani? Meureun mun hayang baranghakan téh teu kudu kukurilingan heula cara ayeuna. Kari ngala wé di kebon.”

“Alus tah, Jang, pikiran téh. Ngan melak naon nya anu pantes keur urang?”

“Ku lantaran uing mah karesep téh cau, kumaha upama melak tangkal cau?”

“Hih, da uing ogé resep kana cau mah!”

Duanana sapogodos rék melak cau.

“Tapi di mana melakna?” Sakadang Monyét nanya.

“Ah, di dinya wé tah, di hilir, di sisi leuwi. Di dinya aya tanah kosong, meujeuhna mun ku urang dikebonan téh. Tanahna ogé alus di dinya,” témbal Sakadang Kuya.

“Naha lain di girang wé atuh, deukeut ka basisir?”

“Di dinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung keusik.”

Sapuk baé rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.

Ari binihna rék ngala di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina keur euweuh. Malah dina ayana ogé, moal ambek sugan ari dipénta binih cau mah. Asal ulah diala cauna wé, komo anu geus asak dina tangkal mah.

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa Tani.

“Ari Sakadang Kuya rék melak naonana?” Jang Onyé nanya.

“Uing mah rék melak anakna wé.”

“Har, atuh lila kana buahanana ari melak anakna mah.”

“Éh, da kitu biasana, ari melak cau mah kudu anakna.”

“Ah, teu kitu! Uing mah rék melak jantungna wé,” ceuk Sakadang Monyét.

“Naha?”

“Ari Sakadang Kuya, bodo téh dibéakkeun ku sorangan. Yeuh, ari cau téh asalna tina jantung. Anu matak uing mah arék melak jantungna, ambéh téréh kaala buahna,” ceuk Sakadang Monyét bari semu ngécé ka Sakadang Kuya.

“Ah, uing mah rék nurutkeun tali paranti wé, melak anakna, anak cau.”

“Heug atuh, Sakadang Kuya melak anakna, uing melak jantungna. Ayeuna mah urang paheula-heula buahan! Pasti pelak uing anu pangheulana buahan mah!” ceuk Sakadang Monyét, yakin pisan.

Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau di tanah nu di sisi leuwi téa. Sakadang Kuya melak anakna, anak cau, ari Sakadang Monyét melak jantungna.

Saminggu ti harita, pelak cau téh ditaréang.

“Sakadang Kuya, pelak cau téh geus kumaha?” Sakadang Monyét nanya.

“Karak lilir nu uing mah. Ari nu Sakadang Monyét geus kumaha?”

“Geus beukah, sakeudeung deui ogé geura, bijil buahna,” ceuk Sakadang Monyét, bungah naker.

Saminggu deui ti harita, maranéhna naréang deui pelak cauna.

“Sakadang Kuya, pelak cau téh ayeuna geus kumaha?” ceuk Sakadang Monyét.

“Anu uing mah geus bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyét kumaha?”

“Pelak uing mah atung-atung énéh aé,” témbal Sakadang Monyét ngabéléhém. Maksudna mah jantung-jantung kénéh baé.

Selang saminggu, pelak cau téh ditaréang deui.

“Ayeuna geus kumaha pelak cau téh,” Sakadang Monyét nanya.

“Tuh, geus bijil pucuk tilu. Ari nu Sakadang Monyét?”

“Atung-atung énéh aé.”

Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé, kawantu tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan jadi kalah ka buruk. Nampuyak digembrong laleur.

“Ning alah uyuk sia mah!” ceuk Sakadang Monyét bari nalapung pelak jantungna. Sakadang Kuya ukur mésem nénjo kalakuan Sakadang Monyét kitu téh. Na jero haténa mah nyeungseurikeun, bari ngagerentes, “Dasar kokolot begog! Henteu umum atuh melak cau jantungna mah!”

Ahirna di dinya téh ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya. Geus kitu mah diarantep wé, teu ditéang-téang deui. Engké cenah lamun kira-kira buahna geus arasak, rék ditéang deui bari sakalian diala.


from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA CAU

SAWATARA bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya téh geus baruahan, malah geus arasak. Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyét. Atuh Sakadang Monyét téh hariweusweus nyaritakeun tangkal cau téa ka Sakadang Kuya.

“Ieuh, geuning tangkal cau téh geus buahan. Buahna ogé geus karonéng deuih,” ceuk Sakadang Monyét

“Piraku Sakadang Monyét?”

“Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!”

“Heug, isukan mah urang ala.”

“Keun uing anu ngalana mah, urang taékan. Sakadang Kuya mah cicing wé di handap, da teu bisa naék. Ngan uing ménta nya, apan uing anu ngalana, jeung uing deuih anu pangheulana nganyahoankeun geus asakna ogé! Kuduna mah dibagi dua.”

Sakadang Kuya ukur nyenghél ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Teu némbal.

Peutingna, soré kénéh Sakadang Monyét geus saré. Jigana mah capéeun, lantaran beurangna geus liar jauh. Ari Sakadang Kuya mah masih kénéh nyileuk. Keur kitu kadéngé Sakadang Monyét ngalindur, “Isukan uing rék ngala cau. Cauna rék dibawa kabur, Sakadang Kuya mah moal dibéré. Bongan tuda, basa éta gé nangka dibéakkeun ku sorangan.” Tayohna mah Sakadang Monyét téh neuteuli soal nangka téa, nepi ka kababawa ngalindur.

Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan isukan cauna henteu dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Manéhna manggih akal. Belenyéh seuri sorangan. Manéhna nyokot koja. Tuluy éta koja téh dibolongan handapna. Anu bolongna téh dianyamkeun deui, tapi anyamanana padu némpél, nepi ka teu katingali geus dibolongan. Geus kitu mah, dug baé Sakadang Kuya saré.

Isukna, kira-kira wanci haneut moyan, Sakadang Monyét ngajak ngala cau téa ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, hayu urang ngala cau téa!”

“Hayu. Tah, bawa atuh kojana ku Sakadang Monyét, keur wadahna. Pan anjeun anu rék ngalana ogé, uing mah teu bisa naékna.”

“Heueuh, ka dieu urang bawa ku uing,” ceuk Sakadang Monyét. Koja téh disalindangkeun.

Duanana leumpang antaré naker. Sakadang Monyét mah katénjona téh bungah pisan. Paromanna marahmay, malah maké jeung hahariringan sagala. Boga rasa, manéhna bakal meunang milik anu kacida lobana. Sakadang Kuya mah moal dibéré.

Barang tepi ka nu dijugjug, enya baé cau téh geus arasak. Komo seuhangna mah, geus karonéng. Anu katénjo héjo kénéh téh, butitina wé.

Teu ngadagoan dititah heula, kalacat wé Sakadang Monyét naék kana tangkal cau. Tuluy baé metikan cau anu geus arasakna. Sanggeus dipetik, terus diadupkeun kana koja. Atuh puguh wé cau téh murag, lantaran handapna geus dibolongan téa ku Sakadang Kuya. Cau anu murag téh disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus dibuka cangkangna, belewek baé didahar.

Sakadang Monyét mah tonggoy baé metikan cau. Petik, sup kana koja, pluk murag. Kitu jeung kitu baé. Sakadang Monyét teu nyahoeun, da teu rurat-rérét ka handap. Bakating ku hayang buru-buru anggeus ngala cauna.

Bari ngaweswes ngadaharan cau, Sakadang Kuya api-api ngurihit ménta cau ka Sakadang Monyét.

“Jang, cik atuh ménta cau téh. Hijiii wé. Uing mah meni hayang ngasaan!”

Sakadang Monyét teu némbalan. Malah teu ngalieuk-lieuk acan.

“Emh, Sakadang Monyét mah teu inget wé ka uing téh!”

Sakadang Monyét hare-haré.

Barang cau anu arasakna geus béak, Sakadang Monyét tuturubun turun tina tangkal cau. Maksudna rék mawa kabur cau arasak, anu pangrasana mah aya dina kojana. Deregdeg baé lumpat, térékél naék kana tangkal anu jangkung. Clé diuk dina dahanna anu luhur. Leungeunna ngodok koja rék nyokot cau. Cauna euweuh. Barang eusina diilikan, Sakadang Monyét ngajéréwét kagét, lantaran kojana kosong. Beuki kagét barang ningali koja téh handapna bolong.

Rét ka handap, katingali Sakadang Kuya keur nyarandé kana tangkal cau bari nyekelan beuteung. Kamerekaan lantaran loba teuing ngadahar cau. Di sabudeureunana cangkang cau meni ngabayak.

Sakadang Monyét buru-buru turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, ménta cauna atuh!”

“Tah, aya hiji deui!” ceuk Sakadang Kuya bari nuduhkeun kana cau anu ngagolér.

“Maenya ngan hiji!” ceuk Sakadang Monyét nyereng.

“Ih, apan anu naékna gé Sakadang Monyét, uing mah ngan mulungan anu maruragna wungkul,” témbal Sakadang Kuya, bari angger ngusapan beuteungna anu mutiktrik.

Cau téh dicokot, tuluy didahar ku Sakadang Monyét. Puguh baé ngeunah, cau raja ceré, asak dina tangkal deuih.

Sakadang Monyét kacida keuheuleunana ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sobat baé!” pokna bari terus indit.

Sakadang Monyét pundung deui. Indit ka jero leuweung, ninggalkeun Sakadang Kuya.


from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MALING CABE

AYEUNA mah rada lila pundungna Sakadang Monyét téh. Aya kana tilu poéna. tapi ahirna, Sakadang Monyét datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Harita téh isuk-isuk kénéh pisan.

“Sakadang Kuyaaa!” Sakadang Monyét gegeroan bari nangtung dina batu lémpar paranti moyan Sakadang Kuya. Sorana dialeu-aleu.

“Kuk!” aya anu némbalan di handap.

Sakadang Monyét luak-lieuk euweuh sasaha.

“Sakadang Kuyaaa!”

“Kuk!” aya anu némbalan deui.

Sakadang Monyét culang-cileung, angger euweuh sasaha. Pok deui ngageroan.

“Sakadang Kuyaaa!”

“Kuk!”

Barang kadéngé sora “kuk”, jempol sukuna utek-utekan. Disangkana anu némbalan téh jempol suku manéhna sorangan.

“Geuning manéh anu némbalan téh! Manéh ngaheureuykeun ka uing?” ceuk Sakadang Monyét ambek kana jempol sukuna. “Dipékprék sia ku aing!”

Sakadang Monyét nyokot batu sagedé peureup, tuluy dipékprékkeun kana jempol sukuna. Atuh Sakadang Monyét téh jéjéréwétan nyerieun indung suku.

Gék Sakadang Monyét diuk dina batu bari ngusapan jempol sukuna anu rada ngabareuhan. Keur kitu, kurumuy Sakadang Kuya datang tina handapeun batu.

“Euleuh-euleuh, Sakadang Monyét. Ka mana baé atuh, meni kakara katingali?” ceuk Sakadang Kuya bari nyampeurkeun ka Sakadang Monyét.

“Nyaéta uing téh geus ulin ngurilingan leuweung di dieu, sugan aya hakaneun anu ngeunah,” témbal Sakadang Monyét.

“Manggih henteu?”

“Manggih. Cabé meni bareureum téh.”

“Cabé nya? Kabeneran atuh, puguh asa geus lila uing téh henteu ngadahar cabé. Di mana nu aya tangkal cabé téh?” Sakadang Kuya panasaran.

“Di kebon Pa Tani. Lamun Sakadang Kuya hayang, hayu urang ngala, da uing gé hayang.”

“Ah, embung di kebon Pa Tani mah. Sieun ku Pa Tani. Komo Sakadang Monyét mah sok gandéng ari baranghakan téh.”

“Moal, moal gandéng! Urang di sisina wé ngalana ogé, ulah ka tengah. Apan kebon Pa Tani téh lega.”

“Embung ah, sieun!”

“Sumpah, uing mah moal gandéng. Jeung lamun kapanggih ku Pa Tani, urang lumpat, engké Sakadang Kuya digandong ku uing!” ceuk Sakadang Monyét ngayakinkeun Sakadang Kuya.

“Nyaan ieu téh?”

“Sumpah, piraku uing ngabohong ka kolot!”

“Hayu atuh ari kitu mah!”

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa Tani.

Barang tepi ka kebon Pa Tani, enya baé katémbong tangkal cabé sakebonan, cabéna geus bareureum deuih.

Jleng Sakadang Monyét ngaluncatan pager, ari Sakadang Kuya moncor kana sela-sela pager anu carang. Geus kitu mah, der baé duanana ngahakanan cabé, meni ngaweswes. Sareuhah ladaeun, komo Sakadang Kuya mah tangka cirambay bakating ku lada. Tapi terus baé ngahakanan cabé. Lada ogé lada ngeunah cenah. Kawantu kahakanan anu langka keur maranéhna mah cabé téh.

Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok, “Seuhah lata-lata,” cenah. Maksudna mah ‘seuhah lada-lada’.

“Ssst, ulah gandéng atuh, bisi kadéngéeun ku Pa Tani!” Sakadang Kuya nyaram. Tapi Sakadang Monyét teu beunang dicaram, angger baé gogorowokan.

“Seuhah lata-lata! Seuhah lata-lata!”

Harita Pa Tani keur ngareureuhkeun capé di saung. Barang ngadéngé anu gandéng di tungtung kalér kebonna, tibuburanjat hudang. Moal salah, ceuk pikirna, aya anu ngaganggu kana pepelakanana, Ngarawél pangilang, awi sadeupa, tuluy ngagidig ka lebah anu gandéng téa.

Katénjoeun ku manéhna aya monyét keur ngaweswes ngahakanan cabé.

“Tah, beunang siah anu sok malingan cabé aing téh!” ceuk Pa Tani bari ngudag Sakadang Monyét. Sakadang Monyét lumpat. Diténggor ku pangilang, teu beunang. Térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal asem, terus diuk dina dahan pangluhurna. Ari Sakadang Kuya mah teu bisaeun lumpat, nyumput kana dapuran cau.

Pa Tani nyampeurkeun ka lebah tangkal cabé anu diranjah ku Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya. Ari datang, bréh katénjo Sakadang Kuya keur nyumput dina dapuran cau. Nyumputna teu buni. Kalah ka huluna wé anu ngelok téh, ari awakna teu dibunian. Atuh puguh babari kapanggihna ku Pa Tani.

“Ieu geuning hiji deui anu sok ngaranjah kebon aing téh!” ceuk Pa Tani bari néwak Sakadang Kuya. Sakadang Kuya ditalian, tuluy dibawa ka saung.

Sakadang Monyét nénjokeun Sakadang Kuya anu dibawa ku Pa Tani. Haténa mah seuri. “Puas siah, bongan sok hayang meunang sorangan!” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa. Manéhna ngarasa bungah, pédah geus bisa males kanyeri haténa basa ngala nangka jeung cau téa. Sakadang Kuya dibawa ku Pa Tani ka imahna.

“Ambu, Ambu, ka dieu geura!” ceuk Pa Tani ka pamajikananana.

“Aya naon bapana, meni siga nu dines pisan?”

“Ieu geura tempo, uing meunang kuya!” ceuk Pa Tani.

Ambu Tani norojol.

“Euleuh-euleuh, enya baé mani gedé kitu! Kuya ti mana bapana?”

“Ti kebon. Kapanggih keur ngaweswes wé ngahakanan cabé. Ieu tayohna mah anu sok malingan cabé téh!”

“Ieu téh rék dikumahakeun?”

“Urang peuncit wé, isukan. Urang asakan, moal teu gajih geura kuya sagedé kieu mah. Ayeuna mah kurungan baé heula ku ranggap. Kadé bisi leupas!”

Kuya dikurungan ku ranggap, luhurna dibeungbeuratan ku batu, bisa ngencar cenah.

“Atuh meureun kudu meuli samarana ka pasar ari rék dipeuncit mah,” ceuk Ambu Tani.

“Enya, jung ka pasar meuli samarana meungpeung beurang kénéh. Ajakan baé Si Nyai,” ceuk Pa Tani. “Uing gé arék ka Ki Kerta heula sakeudeung, balikna engké meureun bada magrib.”

Teu lila Ambu Tani jeung anakna anu awéwé indit ka pasar. Bada asar Pa Tani kaluar ti imahna, arék ka imah Ki Kerta.


from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA REK DIKAWINKEUN KA ANAK PA TANI

NÉNJO di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang Monyét turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arék mupuas ka Sakadang Kuya.

Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyét kacida kagétna. Ari sababna, Sakadang Kuya téh katémbong jiga anu bungah pisan. Malah maké jeung hahariringan sagala. Teu tulus arék mupuas téh.

“Aya naon Sakadang Kuya, katémbongna téh bet bungah-bungah teuing?” Sakadang Monyét nanya.

“Ih, atuda rék teu bungah kumaha. Isukan téh uing rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani?”

“Rék dikawinkeun?”

“Enya, rék dikawinkeun!”

“Ka anakna Pa Tani?”

“Enya, ka anakna Pa Tani anu geulis téa geuning. Awakna lenjang, buukna panjang, deuh … sugan mah,” ceuk Sakadang Kuya bari pepeta, metakeun awéwé geulis.

Sakadang Monyét ngahuleng teu percaya.

“Ah, piraku?”

“Maenya teu percaya kénéh baé, sakitu jelas tanda-tandana. Ayeuna téh Ambu Tani jeung anakna keur ka pasar, rék balanja keur olah-olah hajat isukan. Ari Pa Tani keur néang lebé,” ceuk Sakadang Kuya, kalem.

“Paingan atuh tadi arindit,” ceuk Sakadang Monyét. “Alus milik Sakadang Kuya mah.”

Sakadang Kuya teu némbal, kalah terus hahariringan.

Sanggeus ngahuleng salila-lila, pok Sakadang Monyét nyarita lemah-lembut, “Kieu Sakadang Kuya, urang téh asa lain sapoé dua poé sosobatan téh, nya.”

“Enya, ari kitu?”

“Kumaha upama urang hilian baé. Uing anu dikurungan, Sakadang Kuya di luar. Hartina Sakadang Kuya bisa bébas, rék balik ka imah heug, atuh rék cicing baé di dieu teu nanaon,” ceuk Sakadang Monyét.

“Upama kitu mah anu dikawinkeunana gé meureun anjeun, nya? Ih, embung teuing ari kitu mah! Anak Pa Tani téa, keur geulis téh bageur deuih,” témbal Sakadang Kuya.

“Emh, Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé. Uing ogé hayang atuh ngarasakeun kabagjaan saperti anjeun ayeuna,” ceuk Sakadang Monyét ngarenghik.

Sakadang Kuya keukeuh embung, Sakadang Monyét keukeuh hayang. Lila pakeukeuh-keukeuh. Antukna mah Sakadang Kuya téh ngomong, “Nya atuh ari hayang-hayang teuing mah, Sakadang Monyét, heug baé. Ngan saméméh anjeun asup kana ranggap, alungkeun heula uing ka leuwi. Lain ku nanaon, bisi anakna Pa Tani kuciwa, da geuning katénjona mah bogoheun pisan ka uing téh. Emh, pileuleuyan, Nyai, lain Akang teu bogoh, ngan ieu mah bakating ku béla ka nu jadi sobat wé.”

Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét kacida bungahna. Teu talangké deui, Sakadang Kuya dikaluarkeun tina ranggap, tuluy dipanggul, rigidig dibawa lumpat ka leuwi. Nepi ka leuwi, lung baé Sakadang Kuya dialungkeun. Manéhna gura-giru balik deui ka imah Pa Tani. Sup kana ranggap, ngurungan manéh di pipir imah Pa Tani.

Bada magrib anu geus ti pasar téh kakara baralik. Teu lila, Pa Tani ogé datang. Langsung arasup ka imah, teu ulak-ilik heula kana ranggap, anu eusina geus lain Sakadang Kuya, tapi Sakadang Monyét.

Isukna, isuk-isuk pisan Pa Tani geus kaluar ti imahna.

“Nyai, pangmawakeun bedog ka dieu, urang meuncit kuya téa!” ceuk Pa Tani ka anakna.

Gebeg, Sakadang Monyét kacida kagétna ngadéngé omongan Pa Tani kitu téh. Geuning Sakadang Kuya téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun, boro ku aing digenténan, ceuk pikirna.

“Bisi mintul mah asah heula bapana,” ceuk Ambu Tani.

“Heug, ka dieukeun atuh batu asahanana!”

Teu lila gesruk-gesruk kadéngé anu ngasah bedog. Karasana ku Sakadang Monyét mah meni geus asa gérésél-gérésél baé éta bedog téh kana beuheungna. Manéhna manggih akal, tuluy baé papaéhan. Awakna dijegerkeun.

Torojol anak Pa Tani ka dinya. Ngilikan ranggap, ngilikan eusina. Kagét, pédah eusina lain kuya, tapi monyét.

“Bapa, geuning kuya téh euweuh!” anak Pa Tani ngagorowok.

“Naon Nyai, kuya euweuh?” ceuk Pa Tani bari nyampeurkeun.

“Aya ogé monyét, geus paéh deuih. Tuh, awakna ogé mani jeger!”

“Heueuh geuning!” ceuk Pa Tani bari mukakeun ranggap. Monyét dicokot. Tuluy dibalangkeun sataker tanaga. Barang keuna kana taneuh, Sakadang Monyét hudang, berebet lumpat tarik pisan, asup ka jero leuweung. Kalacat baé naék kana tangkal anu jangkung.

Pa Tani jeung anakna ngan ukur bisa olohok.



from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA REK DIKAWINKEUN KA ANAK PA TANI

NÉNJO di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang Monyét turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arék mupuas ka Sakadang Kuya.

Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyét kacida kagétna. Ari sababna, Sakadang Kuya téh katémbong jiga anu bungah pisan. Malah maké jeung hahariringan sagala. Teu tulus arék mupuas téh.

“Aya naon Sakadang Kuya, katémbongna téh bet bungah-bungah teuing?” Sakadang Monyét nanya.

“Ih, atuda rék teu bungah kumaha. Isukan téh uing rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani?”

“Rék dikawinkeun?”

“Enya, rék dikawinkeun!”

“Ka anakna Pa Tani?”

“Enya, ka anakna Pa Tani anu geulis téa geuning. Awakna lenjang, buukna panjang, deuh … sugan mah,” ceuk Sakadang Kuya bari pepeta, metakeun awéwé geulis.

Sakadang Monyét ngahuleng teu percaya.

“Ah, piraku?”

“Maenya teu percaya kénéh baé, sakitu jelas tanda-tandana. Ayeuna téh Ambu Tani jeung anakna keur ka pasar, rék balanja keur olah-olah hajat isukan. Ari Pa Tani keur néang lebé,” ceuk Sakadang Kuya, kalem.

“Paingan atuh tadi arindit,” ceuk Sakadang Monyét. “Alus milik Sakadang Kuya mah.”

Sakadang Kuya teu némbal, kalah terus hahariringan.

Sanggeus ngahuleng salila-lila, pok Sakadang Monyét nyarita lemah-lembut, “Kieu Sakadang Kuya, urang téh asa lain sapoé dua poé sosobatan téh, nya.”

“Enya, ari kitu?”

“Kumaha upama urang hilian baé. Uing anu dikurungan, Sakadang Kuya di luar. Hartina Sakadang Kuya bisa bébas, rék balik ka imah heug, atuh rék cicing baé di dieu teu nanaon,” ceuk Sakadang Monyét.

“Upama kitu mah anu dikawinkeunana gé meureun anjeun, nya? Ih, embung teuing ari kitu mah! Anak Pa Tani téa, keur geulis téh bageur deuih,” témbal Sakadang Kuya.

“Emh, Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé. Uing ogé hayang atuh ngarasakeun kabagjaan saperti anjeun ayeuna,” ceuk Sakadang Monyét ngarenghik.

Sakadang Kuya keukeuh embung, Sakadang Monyét keukeuh hayang. Lila pakeukeuh-keukeuh. Antukna mah Sakadang Kuya téh ngomong, “Nya atuh ari hayang-hayang teuing mah, Sakadang Monyét, heug baé. Ngan saméméh anjeun asup kana ranggap, alungkeun heula uing ka leuwi. Lain ku nanaon, bisi anakna Pa Tani kuciwa, da geuning katénjona mah bogoheun pisan ka uing téh. Emh, pileuleuyan, Nyai, lain Akang teu bogoh, ngan ieu mah bakating ku béla ka nu jadi sobat wé.”

Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét kacida bungahna. Teu talangké deui, Sakadang Kuya dikaluarkeun tina ranggap, tuluy dipanggul, rigidig dibawa lumpat ka leuwi. Nepi ka leuwi, lung baé Sakadang Kuya dialungkeun. Manéhna gura-giru balik deui ka imah Pa Tani. Sup kana ranggap, ngurungan manéh di pipir imah Pa Tani.

Bada magrib anu geus ti pasar téh kakara baralik. Teu lila, Pa Tani ogé datang. Langsung arasup ka imah, teu ulak-ilik heula kana ranggap, anu eusina geus lain Sakadang Kuya, tapi Sakadang Monyét.

Isukna, isuk-isuk pisan Pa Tani geus kaluar ti imahna.

“Nyai, pangmawakeun bedog ka dieu, urang meuncit kuya téa!” ceuk Pa Tani ka anakna.

Gebeg, Sakadang Monyét kacida kagétna ngadéngé omongan Pa Tani kitu téh. Geuning Sakadang Kuya téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun, boro ku aing digenténan, ceuk pikirna.

“Bisi mintul mah asah heula bapana,” ceuk Ambu Tani.

“Heug, ka dieukeun atuh batu asahanana!”

Teu lila gesruk-gesruk kadéngé anu ngasah bedog. Karasana ku Sakadang Monyét mah meni geus asa gérésél-gérésél baé éta bedog téh kana beuheungna. Manéhna manggih akal, tuluy baé papaéhan. Awakna dijegerkeun.

Torojol anak Pa Tani ka dinya. Ngilikan ranggap, ngilikan eusina. Kagét, pédah eusina lain kuya, tapi monyét.

“Bapa, geuning kuya téh euweuh!” anak Pa Tani ngagorowok.

“Naon Nyai, kuya euweuh?” ceuk Pa Tani bari nyampeurkeun.

“Aya ogé monyét, geus paéh deuih. Tuh, awakna ogé mani jeger!”

“Heueuh geuning!” ceuk Pa Tani bari mukakeun ranggap. Monyét dicokot. Tuluy dibalangkeun sataker tanaga. Barang keuna kana taneuh, Sakadang Monyét hudang, berebet lumpat tarik pisan, asup ka jero leuweung. Kalacat baé naék kana tangkal anu jangkung.

Pa Tani jeung anakna ngan ukur bisa olohok.



from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG MONYET NABEUH GOONG BATARA GURU

SAKADANG Monyét beuki ambek baé ka Sakadang Kuya. Sanggeus reureuh sakeudeung, terus baé indit. Maksudna rék néangan Sakadang Kuya. Ceuk pikirna, Sakadang Kuya téh geus kaleuleuwihi. “Teu bisa diantep, enya-enya kudu diwarah ayeuna mah! Rasakeun siah Kuya, ku aing disasaak!” Sakadang Monyét ngomong sorangan.

Ditéangan ka ditu ka dieu, weléh teu kapanggih. Handapeun batu paranti nyumputna dirojokan ku awi, teu embol-embol. Na ka mana atuh Sakadang Kuya téh? Sakadang Monyét ampir putus asa. Terus leumpang ka jero leuweung. Sugan aya di leuweung keur néangan hakaneun.

Enya baé, Sakadang Kuya keur diuk mendeko handapeun tangkal nangka.

“Tah, kapanggih ayeuna mah mangkeluk anu julig téh,” ceuk Sakadang Monyét. “Hayoh siah rék lumpat ka mana? Beunang ayeuna mah!”

“Ssst, ulah geruh! Na teu nyaho uing téh keur nungguan goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna laun.

“Naon? Goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna angger bedas.

“Ssst, ceuk uing gé ulah geruh! Daék anjeun kabendon ku Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya deui.

“Mana goong Batara Guru téh?” ceuk Sakadang Monyét. Ayeuna mah ngomongna halon.

“Tuh, ténjo atuh di luhur!” ceuk Sakadang Kuya bari nunjuk kana sayang odéng, ampir sagedé nangka bakating ku gedé.

Sakadang Monyét teu ngomong. Gék diuk gigireun Sakadang Kuya bari panonna anteng neuteup goong Batara Guru.

“Sakadang Kuya, meunang henteu mun uing ngajaran nakol goong?” ceuk Sakadang Monyét.

“His, ulah atuh! Uing mah sieun kabendon ku Batara Guru. Tong boroning nakol, ngadeukeutan ogé uing mah teu wani!” témbal Sakadang Kuya.

“Sakali wé Sakadang Kuya!”

“Teu bisa!”

“Lalaunan ieu mah nakolna ogé, hayang ngadéngé sorana!”

“Rék lalaunan rék tarik, pokona mah teu bisa! Sabab uing diwanti-wanti pisan kudu enya-enya ngajaga ieu goong. “Jadi, hampura wé Sakadang Monyét.”

Tapi Sakadang Monyét keukeuh maksa.

“Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé,” ceuk Sakadang Monyét semu ngageuri.

Ahirna Sakadang Kuya nyarita, “Nya ari hayang-hayang teuing mah, sok baé atuh. Ieu mah pédah ka sobat wé, mun ka batur mah moal diidinan, sanajan sakumaha maksana ogé. Tapi saméméhna uing kudu ingkah heula ti dieu. Ari sababna, uing sieun dicarékan ku Batara Guru. Sieun disupata. Ké lamun uing geus jauh ti dieu, pék baé takol.”

Sakadang Monyét kacida atohna ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu téh. Ari Sakadang Kuya mah terus baé ngaléos. Ngadédod indit ka leuwi.

Sanggeus Sakadang Kuya jauh, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka bari mawa pangpung. Gék diuk dina dahan handapeun sayang odéng téa.

“Cing ah urang takol goong Batara Guru téh,” ceuk Sakadang Monyét. Tuluy ditakol lalaunan ku pangpung.

Keplok, nguuungngng.

“Alah, ngeunah sorana ogé, meni bangbaraan,” ceuk Sakadang Monyét bari seuri. “Sakali deui ah!”

Keplok, nguuungngng.

Sakadang Monyét tangka ngalenggak-lenggak baé bakating ku nimat ngadéngékeun sora goong Batara Guru.

Keplok, nguuungngng.

“Cacakan ditakolna lalaunan, sorana geus agem kitu. Komo lamun tarik meureun, pasti sorana handaruan,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa.

Sakadang Monyét ngawahan. Belatak sayang odéng anu disangka goong Batara Guru téh ditakol sataker tanaga nepi ka bencar. Odéngna kalaluar, kabéh napuk ka Sakadang Monyét. Nyareureud. Sakang Monyét tuturubun tina tangkal nangka, terus lumpat bari jéjéréwétan.

“Tuluuung! Alah ieung, tulung. tuluuungngng!” Awakna béak diseureud ku odéng. Lumpat ka mana baé ogé, terus diudag-udag ku odéng anu kacida lobana. Gebrus waé atuh manéhna ngagejeburkeun manéh ka leuwi. Terus teuleum bari nahan kanyeri. Awakna, sirahna, leungeunna, sukuna, irungna, ceulina … ah, kabéh euweuh nu kaliwat, barareuh diseureud ku odéng.

Sanggeus rada lila aya di leuwi, odéngna geus euweuh, Sakadang Monyét kakara wani hanjat. Tuluy cinutrung dina batu. Kabulusan. Haténa mah kacida ambekna ka Sakadang Kuya.

“Nyaan, Sakadang Kuya mah teu beunang dipisobat! Geus ti ayeuna mah aing moal daék deui sosobatan jeung Si Kuya téh. Dasar kuya kolot ku manéh!” ceuk Sakadang Monyét ngomong sorangan, nyarékan bébéakan ka Sakadang Kuya.

Ti harita Sakadang Monyét tara datang-datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Tapi ari cicingna mah angger baé di dinya, henteu ingkah ti leuweung sisi muara. Ari haténa mah angger baé ngunek-ngunek, hayang males kanyeri ka Sakadang Kuya.


from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA SILIHDURUK JEUNG MAUNG



DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.

Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.



“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”

“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”

Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.



from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA BOGA SULING TULANG MAUNG


SANGGEUS durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.

“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”

Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.

“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.

“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”

Tulang téh ditroktorak ku caladi.

“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya

Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.

“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.

Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan.

“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.

“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.

“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”

Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.

“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya.

Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.

“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.

“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.”

Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.

“Nuhun Jang.”

“Sami-sami, Ki.”

Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit.

Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.

from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SULING SAKADANG KUYA DIBAWA KABUR KU SAKADANG MONYET



Sora suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.

“Alah, aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg, sihoréng Sakadang Kuya anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut éta suling.

Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan api-api teu nyaho wé.



“Sakadang Kuya, meni alus suling téh. Sorana gé meni genah kadéngéna,” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya teu ngawaro.

“Cik ah, nginjeum sakeudeung wé.”

Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, “Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samanéa, dijieunna ogé tina tulang maung.”

“Sakeudeung wé atuh.”

“Ulah, ah, bisi dibawa kabur!”

“Maenya teu percaya ka uing, apan urang téh lain wawuh anyar-anyar.”

“Anu matak teu dibikeun ogé kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyét téh. Apal luar-jerona, lah.”

Sakadang Monyét ngahuleng sakedapan.

“Kieu wé atuh, salila uing niup suling, pék tah gégél buntut uing,” ceuk Sakadang Monyét bari ngasongkeun buntutna.

“Heug atuh ari kitu mah,” ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét niup suling.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Kuya, ulah lebah dinya ngégélna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik!” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya ngégélna pindah ka béh handap.

“Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut téa.”

Sakadang Kuya pindah deui ngégélna rada ka handap.

“Éta-éta, di dinya gé ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya téh bagéan permatina!”

Kitu jeung kitu baé. Antukna Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét téh ditungtungna pisan.

“Tah, di dinya wé!” ceuk Sakadang Monyét bari ngajleng. Atuh puguh wé, Sakadang Kuya téh lésot ngégélna. Sakadang Monyét tuluy nérékél kana dahan anu pangluhurna. Gék diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling uing!” ceuk Sakadang Kuya.

“Cokot ka dieu ari hayang mah!” témbal Sakadang Monyét, terus niup suling.

Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rék naék, teu bisa.

from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SAKADANG KUYA MENTA TULUNG KA SAKADANG KEUYEUP


SAKADANG Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan.

Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup.

“Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya.

“Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Kasusah naon?”

Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét.


“Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyét mah,” ceuk Sakadang Keuyeup, “Jigana mah kudu diwarah.”

“Enya, ngan kumaha carana?”

“Keun éta mah bagéan uing. Ayeuna mah anteur baé uing ka tempat Sakadang Monyét!”

“Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.”

“Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rék méré naon Sakadang Kuya ka uing?”

“Naon atuh, nya?”

“Kieu wé atuh, nya, uing téh geus lila hayang boga munding. Tah, kumaha lamun buruhna ku munding baé?” ceuk Sakadang Keuyeup.

“Jadi lah, ari munding mah uing gé boga sarakit. Pék nu jalu mah keur Sakadang Keuyeup, asal suling beunang deui.”

“Heug ari kitu mah, kuring daék nulungan Sakadang Kuya.”

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit ngadatangan Sakadang Monyét. Kasampak Sakadang Monyét keur nyuling dina dahan kai pangluhurna.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling téh!” ceuk Sakadang Kuya.

“Ceuk uing ogé bawa ku sorangan ka dieu! Naék mun bisa mah!” témbal Sakadang Monyét bari ngarenyohan.

“Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah!” ceuk Sakadang Kuya.

Ngadéngé omong Sakadang Kuya kitu téh, Sakadang Monyét kalah nyeungseurikeun.

Waktu Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét paréa-réa omong, Sakadang Keuyeup naék kana tangkal kai, ngadeukeutan ka Sakadang Monyét. Beuki deukeut, beuki deukeut baé. Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut Sakadang Monyét anu nyampay dina dahan.

“Rék dibikeun moal?” ceuk Sakadang Kuya.

“Moal!” témbal Sakadang Monyét.

Bérés ngomong, ana gep téh buntut Sakadang Monyét dicapit satakerna ku Sakadang Keuyeup. Sakadang Monyét kacida reuwaseunana jeung nyerieun deuih.

“Oaduh, oaduuuh, oahahaha,” Sakadang Monyét gogorowokan, lantaran buntutna karasa nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari sulingna téa ragrag, tuluy disanggap ku Sakadang Kuya.

Sanggeus sulingna beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang Keuyeup. Munding jalu. Bari hahariringan, Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari nungtun munding. Ngan barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak, cenah, nepi ka ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.

Ari Sakadang Monyét mah terus kabur. Malah teu datang-datang deui ka dinya. Jigana mah éraeun, lantaran buntutna buntung dicapit ku keuyeup téa. Malah mah cenah turunanana ogé areuweuh buntutan. Disebut baé “oa”, lantaran lamun keur karasa nyeri sok humarurung, “Oahahaha, oahahaha.” Nepi ka lila-lila mah sorana ogé kitu deuih.



from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

Kamis, 07 Februari 2013

SASAKALA GUNUNG TANGKUBANPARAHU


Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih bikang. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa.

Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka tegalan, deukeut Walungan Citarum. Barang anjog ka dinya, manggih batok balokan, nyaéta batok urut nu meulah duwegan. Loba pisan éta batok balokan téh, urut rombongan Kangjeng Prabu nu moro uncal ka dinya. Malah aya hiji batok balokan tilas Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan Kanjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang téa, leguk baé cai nu ngemplang dina batok téh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, béda rarasaan deuih kawas nu ngandeg. Henteu salah, bagong putih téh reuneuh.

Beuki lila bagong putih téh reuneuhna beuki gedé. Ari gubrag, orokna jelema sarta awéwé, rupana geulis kacida. Pohara baé bagong putih téh atoheunana. Anakna diciuman, digaléntor bari disusuan. Éta orok téh tuluy dingaranan Dayang Sumbi:

Barang Dayang Sumbi geus gedé, pok nanyakeun bapa ka indungna, “Ibu ari bapa kuring téh saha? Naha jelema kawas kuring atawa bagong saperti Ibu?”

“Euh, Nyai anu geulis anak Ibu! Nyai mah henteu boga bapa. Mun enya mah boga bapa meureun aya di dieu,” témbal bagong putih.

“Euh, piraku Ibu, sakabéh mahluk ogé kapan padaboga bapa, boh manusa boh sato héwan. Ngan bangsa kakaian anu henteu boga bapa mah.”

Lantaran anakna pok deui pok deui nanyakeun bapa méh saban waktu, ahirna bagong putih téh balaka. “Bapa hidep mah Kangjeng Prabu, di ditu ayana, di karaton,” cék bagong putih.

Ngadéngé kitu Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, jeung ujug-ujug panasaraneun, hayang nepungan bapana.

“Lamun kitu mah ayeuna kénéh ku kuring rék dite-pungan,” cék Dayang Sumbi.

Dayang Sumbi kebat baé indit ngajugjug ka karajaan. Barang tepung jeung Kangjeng Prabu, derekdek Dayang Sumbi nyaritakeun asal-usulna. Nya tuluyna mah Dayang Sumbi téh diaku anak ku Kangjeng Prabu, sarta diperenahkeun di hiji tempat. Dayang Sumbi dititah diajar ninun ka tukang tinun. Teu lila ogé Dayang Sumbi geus mahér ninun, sarta jieunanana alus hésé babandinganana. Nya ku Kangieng Prabu téh di-pangnyieunkeun saung ranggon nu 1uhur di tengah leu-weung, tempat Nyi Putri ninun. Ari baturna ngan ukur anjing hideung anu dingaranan Si Tumang.

Dina hiji waktu, basa Dayang Sumbi keur ninun, taropong-na moncor sarta murag ka kolong saung. Ku lantaran seung-gah kudu turun, pok Dayang Sumbi ngomong sorangan, “Leuh, mun aya anu daék mangnyokotkeun taropong, lamun awéwé dijadikeun dulur, lamun lalaki rék dijadikeun salaki ku kuring.”

Kabeneran pisan di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngéeun omongan Dayang Sumbi. Éta taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang Sumbi téh pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh geuning anjing, lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, mun lalaki rék dijadikeun salaki. Ari Si Tumang, apan anjing jalu.

Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu kuduna katangtuan ti Déwata, manéhna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu Dayang Sumbi kakandungan, terus ngajuru, anakna lalaki, dingaranan Sang-kuriang. Anakna mulus banglus, morontod méh taya kuciwa-na.

Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang. Sakapeung bari mamawa tumbak. Belewer dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkal kai. Sangkuriang surak sorangan, bungah, lantaran tumbakna meneran ka nu diincer. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat ngudag kana tangkal kai, bangun nu keur ngudag sato boroan.

Beuki lila, Sangkuriang beuki mahér baé ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin lulumpatan, tapi mi-miti diajar ngasruk ka leuweung, néangan sato boroeun. Moro sato naon baé kayaning bagong, careuh, manuk, atawa men-cek.

“Jung geura moro ka leuweung, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek,” omong Dayang Sumbi dina hiji waktu.

Sangkuriang indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang. Ngan hanjakal poé éta mah euweuh sato anu katénjo hiji-hiji acan. Padahal ilaharna mah sok katénjo uncal atawa mencek keur rendang nyaratuan di sampalan. Tapi anéh, poé harita mah kawas ngalaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus asruk-asrukan ka saban tempat, ka lamping ka tegalan. Lapur sasatoan téh teu kasampak tapak-tapakna acan. Ari Si Tumang bet ngadak-ngadak kebluk deuih, henteu daék lulumpatan néangan sato boroeun.

Awahing ku jéngkél moro teu beubeunangan, ngan lékék baé SiTumang téh dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh baé kacida atohna, dagdag-dégdég ngasakan éta ati.

Ngan barang Sangkuriang balaka yén éta téh ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara ambekna. Sangkuriang ditoktrok sirahna ku sinduk tepi ka ngucur getih.

Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ka tebéh wé-tan. Mangtaun-taun miIeuweungan tepi ka ahima bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru élmu kasak-tén ka siluman nu wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik é1mu “Tumbul Muda”. Jalma anu miboga éta é1mu bakal bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus élmuna kataékan, Sangkuriang dijurungan sina indit deui ngalalana.

Dina hiji waktu, manéhna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga ajian “Tumbul Muda” téa, Sangkuriang bisa ngéléhkeun jin jeung siluman anu aya di éta nagara. Éta mahluk bangsa lelembut téh tuluyna mah tunduk ka Sangkuriang.

Demi Dayang Sumbi sanggeus ditinggalkeun ku anakna, ngarasa kaduhung kabina-bina. Hirupna éstu nunggelis. Manéhna tuluy indit ka tebéh kulon rék néangan Sangkuriang. Ngaprak ngalalana, tepi ka anjog ka Gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung jeung Raja Jin anu keur tatapa. Dayang Sumbi tuluy diajar rupa-rupa élmu kasaktén. Sanggeus tamat guguruna, manéhna dijurungan sina indit deui ka beulah wétan. Di hiji tempat anu katelah Gunung Bohong, manéhna nganjrek bumetah, nyaung-nyaung di dinya, teu incah balilahan deui.

Kocapkeun Sangkuriang, terus baé ngalalana. Mileu-weungan, migunungan nepi ka mangpuluh-puluh taun. Nya ahirna mah anjog ka hiji gunung. Manéhna patepung jeung awéwé anu kacida geulisna. Sangkuriang katarik birahi kapen-tang asmara sarta ngajak kawin ka éta awéwé, anu saenyana mah éta awéwé téh Dayang Sumbi, indungna sorangan. Dayang Sumbi nya kitu deui, kawantu geus papisah mang-puluh-puluh taun, manéhna kalinglap. Méh baé daék diajak kawin ku Sangkuriang téh, nonoman dedeg sampé rupa hadé sarta luhur élmu-panemuna. Ngan basa Sangkuriang keur disiaran rék diala kutu, dina sirahna katénjo bet aya céda. Dayang Sumbi ngagebeg, reuwas lain dikieuna. Manéhna kakara sadar, moal salah deui ieu lalaki téh anak aing, gerentes-na, Sangkuriang anu baheula kungsi ditroktrok sirahna ku sinduk.

Sanajan geus ditétélakeun yén manéhna téh anakna pituin, Sangkuriang teu percaya sarta keukeuh baé ngajak kawin ka Dayang Sumbi. Mireungeuh anakna kitu, geuwat baé Dayang Sumbi téh nyiar akal. Nyieun tanjakan anu dianggap pohara banggana.

“Heug kami daék dikawin, asal dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran urang papangantén. Éta talaga jeung parahu téh kudu anggeus dijieun sapeuting!” ceuk Dayang Sumbi. Ku Sangkuriang disanggupan éta paménta anu kacida banggana téh.

Harita kénéh Sangkuriang tuluy ngabendung Walungan Citarum. Digawé teu eureun-eureun sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga téh geus ngemplang. Kari nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai gedé, gedok dituar. Kai téh tuluy ditilasan régangna sarta dipapas dijieun parahu.

Dayang Sumbi yakin yén paméntana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung.parahu bisa anggeus sapeuting, cék pikirna. Tapi basa katénjo talaga geus ngemplang jeung parahuna geus ngabagug téréh anggeus, manéhna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Kudu kumaha atuh carana, sangkan aing teu tulus kawin jeung anak sorangan, cék pikirna. Ras manéhna inget kana boéh rarang. Geuwat baé éta boéh téh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manéhna dkebut-kebutkeun tepi ba bijil cahaya bodas kawas balébat di beulah wétan. Dadak sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk récét. Hayam raong kongkorongok, da disangkana geus beurang.

Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat téh. Manéhna nu keur ngageduk nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng bakating ku reuwas. Bijil balébat, éta tandana geus beurang. Mangka parahuna can anggeus, harti-na manéhna moal tulus papangantén jeung Dayang Sumbi.

Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahona ditajong sataker tanaga. Bubuhan jalma sakti, parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu téh nangkub. Jleg salin rupa jadi gunung. Éta gunung téh kiwari katelah Gunung Tangkubanparahu. Ari talaga anu ngemplang ku Sangkuriang didupak bendunganana, tepi ka caina saat ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sanguriang tuluy ngajanggélék jadi Gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkubanparahu. Ari régang kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggélék jadi Gunung Burangrang di béh kulon.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA PAMANUKAN


Jaman baheula di daérah basisir kalér Pulo Jawa aya karajaan anu katelahna Karajaan Pilangsari. Kahirupan rayatna, henteu ari lubak-libuk mah, tapi cukup. Henteu kakurangan wé. Jeung deuih tara kadéngé aya baramaén anu ngider kawas kiwari di Karajaan Pilangsari mah. Nyirikeun rayatna getol digarawé, boh patanina boh pamayangna. Kabeneran tanahna léndo, jeung basisir kalér mah loba laukna deuih.

Karajaan Pilangsari boga raja anu wijaksana jeung pinter ngolah nagara. Raja Pilangsari kagungan kembang nagara anu ngan hiji-hijina, keur nincak rumaja, nyaéta Milangsari. Milangsari katelah kageulisanana ku saeusi nagara. Malah ahirna mah kageulisanana téh sumebar ka nagara-nagara tatangga. Kageulisan Milangsari jadi sabiwir hiji. Loba anu panasaran, siga kumaha ari Milangsari téh? Rabul ti suklakna ti siklukna hayang nyaho rupa Kembang Nagara Pilangsari. Anu geus nénjo rupana, baralik ka nagarana bari jeung neundeun katineung, dibarung ku pangharepan kauntun tipung katambang béas ngapimilik Milangsari.

Ti harita, rabul ka Nagara Pilangsari anu rék ngalamar. Nu hayang dipulung minantu, kitu deui anu ngajak bébésanan. Anu daratang, taya nu léngoh, kabéh angkaribung ku babawaan keur pameuli haté Milangsari.

Nu daratang beuki loba. Aya anak raja, anak sudagar beunghar, anak bangsawan, malah aya anu rék ngajeneng-keun jadi ratu kadua ogé alias dicandung.

Raja bingung liwat saking. Nu hiji can dijawab, geus jebul deui nu hayang jadi minantu. Nu hayang jadi minantu can ditanya-tanya acan, geus torojol anu ngajak bébésanan.

Beuki lila, kabingung raja beuki nambahan. Ahirna Raja ngangkir Patih jeung anakna, Milangsari.

“Mamang, bet jadi kieu geuning. Kumaha pipetaeun urang? Lamun seug hiji dipilih nu séjénna pasti arambekeun, moal burung dirempug nagara urang téh. Ceuk rarasaan mah, urang moal sanggup ngayonanana, da mani sakitu lobana. Mamang, cing béré bongbolongan, sugan aya jalan anu hadé?”

“Jungjunan, moal ngalalangkungan Mamang mah, na-nging upami disuhunkeun kamandang mah mangga téh teuing. Kumaha upami diayakeun saémbara?” walon Patih.

Raja ngahuleng. Heueuh, dipikir-pikir mah alus ogé mun diayakeun saémbara. Anu daratang, kabéh boga kasempetan anu sarua.

“Tah, ayeuna Ama rék nanya ka Nyai, kumaha kira-kirana?”

“Duh, Ama, abdi mah mangga waé, kumaha saéna saur Ama,” témbal Milangsari.

“Tah, geuning kitu, Mamang,” Raja ngahuleng sajong-jongan. Pok nyarita deui, “Ayeuna mah pangbéjakeun ka kabéhanana, sing saha anu kapilih manuk anu dibawana, éta pisalakieun Milangsari. Ayeuna mah sina baralik baé. Téangan manuk anu alus saloba-lobana, béré waktu saminggu! Engké kumpul deui di alun-alun nagara!” Raja méré paréntah ka patihna.

Saminggu ti harita, di alun-alun Nagara Pilangsari geus pinuh ku kurung manuk, malah tepi ka pendopo sagala. Eusina rupa-rupa manuk, ti mimiti anu leutik saperti kolibri, nepi ka nu gedé saperti hingkik.

Sakumaha anu geus ditangtukeun, Raja jeung Milangsari kaluar ti karaton muru ka alun-alun, diiringkeun ku para-pangagung nagara, rék milih manuk anu dipikaresep ku Milangsari. Ti nu mimiti diilikan terus nepi ka tengah diteuteup, ahirna nepi ka tungtung disidik-sidik. Milangsari malikan deui ningalian nyidik-nyidik, mana manuk anu dipikaresep ku manéhna. Nepi ka tilu balikan, Milangsari masih kénéh bingung. Nu milu saémbara beuki teu genah cicing, sieun teu kapilih.

Ahirna Milangsari nyarita yén manuk anu sakitu lobana téh taya nu kapilih. Nu milu saémbara ngamuk asa diulinkeun, Nagara Pilangsari diburak-barik. Milangsari diséséréd, disedekkeun. Tempat saémbara paalus-alus manuk, kiwari nelah Pamanukan, tempat nyedekkeun Putri Milangsari kiwari jadi Kampung Padek. Ari Karajaan Pilangsari taya tapakna, ngan kari ngaran kampung: Kampung Pilangsari.

Nurutkeun Babad Sumedang, sajaman jeung Karajaan Sumedang di basisir kalér Pulo Jawa téh aya karajaan, katelahna Karajaan Pamanukan jeung Karajaan Ciasem.

(Budi Rahayu Tamsyah)


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA SUMUR TUJUH


Di lamping Gunung Karang aya sumur anu anéh, réana tujuh, ku nu percayaan mah sok dipuja. Éta sumur do¬ngéngna kieu:

Raja Pajajaran anu panutup, Sang Prabu Siliwangi kagungan hiji pingitan piselireun, putri geulis jenenga¬nana Lénggangkancana, nyaéta putra Pandita Puncakmanik di Gunung Pulosari. Ku lantaran anom kénéh, éta putri teu énggal-énggal ditikah ku Sang Raja, tapi teu meunang ka mana-mana geus sababaraha taun dipingit di kaputrén, malah ari saenyana mah geus sedeng rumaja putri, tapi unggal dipariksa ku Kangjeng Raja, ngan nyuhuu¬keun sarantos bae. Geus ti dituna meureun kudu manjang¬keun lalakon.

Kacarita hiji peuting malem Juma'ah, putri teu ker¬saeun kulem, ngaguligah teu puguh nu dimanahan, bingbang hareudang bayeungyang, nepi ka medal ti kaputrén, lungsur ka patamanan. Harita téh nuju ngebrak caang bulan, ning¬gang tanggal opat welas, pikaresepeun anu ngarora. Kabe¬neran nu ngajaga sararé kabéh, lir keuna ku panyirep, atuh Putri kacida laluasana ameng ngurilingan taman, teu aya nu nyisikudi. Kekembangan keur sedeng mangkak bareukah, sumeleber nyambuang sapakarangan. Nji Putri raos kagagas, ras émut ka ibu-rama nu mangkuk di Puncakmanik.

Sigeug Putri nu keur aya di patamanan, kocapkeun di awang-awang aya satria kayangan jenengan Dewaputra, keur ngalayang mulih guguru ti Sang Wiku di Gunung Méga¬mendung. Barang nepi ka luhureun tamansari, Sang Déwa¬putra ngarandeg, réh ningali nu geulis kawanti-wanti nu éndah kabina-bina. Lir kukupu katarik ku kembang seungit nu matak uruy maduna, anjeunna énggal nyirorot, teu nganggo tata pasini, gapruk putri téh disamber, biur deui ka luhur, cag baé diécagkeun dina méga, di madyagantang.

“Mugi ulah rengat manah,” cék Déwaputra ka putri, “anu mawi dibantun ka dieu téh, badé didamel pupujan. Sakahoyong tinangtos ditedunan. Bilih hoyong teras amengan di taman, ieu tempat ayeuna badé dicipta, sing jadi pata¬manan.”

Déwaputra neneda ka paradéwa, sarta harita kénéh gé, jleg baé di awang-awang aya taman anu kacida alusna. Atuh putri teu kira-kira kagétna, sajongjongan teu iasa sasaurun. Saenyana ari dina manahna mah, putri téh ngaraos bagja, ditepangkeun jeung nu kasép, raos kagunturan madu kaurugan menyan putih. Tapi wantuning kakara sasarengan jeung pameget di nu singkur, manahna teu weléh risi jeung teu ngartos kana maksud Déwaputra. Pok sasa-uran kieu, “Bilih gamparan henteu uninga, abdi téh pigar¬waeun Sang Prabu Siliwangi. Ayeuna abdi aya di dieu teu ka¬layan idin anjeunna, mana teuing benduna. Hukuman naon anu bakal ditibankeun ka diri abdi, gamparan tangtos uninga. Nanging ieu sadayana lepat gamparan. Saéna mah disuhunkeun heula ka Sang Prabu Siliwangi. Boh dipaparin¬keun boh henteu, teu panasaran. Ari lampah ngiwat téa sanés panata utami, sanés laku sinatria. Ayeuna mah saupami teu wantun patutunggalan sareng Prabu Siliwangi, kedah énggal abdi pulangkeun ka Pajajaran.”

Déwaputra hémeng galih, réh nembé umur-umuran, aya anu ngaweweléh, éstuning béak wirasat, teu iasaeun ngajawab, pung ngapung ka Mégamendung, rék naros ka Sang Pandita. Sinigeug nu ngawang-ngawang jeung Putri Léng-gangkancana di Taman Jomantara.

Kacarita Sang Pandita Puncakmanik rama Nyi Putri, ku Sang Prabu Siliwangi diperih pati kedah ngilari Nyi Putri. Saupami teu kapanggih, baris dihukum. Wantuning pandita sakti, weruh sadurung winarah, gancang sukmana ngalayang ka Taman Jomantara nepangan putra. Pok sasauran kieu, “Hé Nyai anak Ama, ieu Ama datang teu jeung raga badag. Dihin pinasti anyar pinanggih. Naon-naon nu dilakonan ku urang, geus dipastikeun ti baheula ku Gusti Maha Kawasa. Nyai ulah susah-susah, ngan kari sumerah baé ka Pangéran. Lalakon Nyai téh panjang, bakal nyorang kaprihatinan, tapi bakal ditungtungan ku kamulyaan. Ayeuna urang pa¬panggih panungtungan, sabab Ama rék nyingkir ti Puncak¬manik, rék néangan lembur singkur mandala singkah, mé¬méh ditibanan hukuman ku Sang Prabu Siliwangi. Ari satria nu ngiwat Nyai jenengan Déwaputra, asal terah Kahiangan, kersana mileuleuheungkeun ka diri Nyai. Tapi Nyai méméh kawin kudu aya tanjakan heula, nyaéta nyuhunkeun bumi di tengah patamanan di Gunung Karang anu maké sumur tujuh katut pamandianana. Sakitu wasiat Ama. Muga-muga Nyai sing sabar tawekal jeung sing percaya kana caritaan Ama. Ayeuna Ama amit.”

Nyi Putri Lénggangkancana ngahuleng sajongjongan, raos dina pangimpénan. Manahna teu weléh sangsi, naha enya anu sumping téh ramana atawa lain. Ngan lantaran anjeunna émut kana kaluhungan rama, tungtungna per¬caya ogé, yén ramana anu tadi ngawejang téh. Anjeunna jangji lebeting manah, rék ngéstokeun kana piwejang ramana. Sanggeus kitu ras deui anjeunna émut kana kadar anu bakal karandapan, tur harita lieuk leuweung lieuk lamping henteu aya deremaga, lieuk deungeun lieuk lain henteu aya kuIawarga, turug-turug nu nyandak ti Pajajaran ngiles; Déwaputra teu puguh ka mana losna. Segruk baé Nyi Lénggangkancana nangis, raos diteungteuinganan ku pa¬meget anyar pinanggih. Sabot kitu jol baé aja jurig ti Gunung Carélang, nu diutus ku babaturanana néangan piratueun.

Barang manéhna awaseun ka Nyi Putri, jleg baé mangrupa hileud, sarta tuluy Nyi Putri diteureuy buleud. Sigeug éta, kocap deui Déwaputra nu nuju kabungbulengan ku nu geulis, teu iasa lami-lami patebih sareng jungjunan. Ari sumping ka Taman Jomantara, Putri teu aya, atuh pohara benduna. Sabot katatang-kotéténg, rét anjeunna ningali hileud sagedé gulungan kasur. Anjeunna teu samar deui, yén Nyi Putri digunasika ku éta hileud. Énggal baé anjeunna téh metik daun seureuh bodas nu uratna pate¬pung, dianggo nurih tonggong hileud. Goréhél Putri kapendak nuju kulem. Jung dipangkon lalaunan, diébogkeun dina bangku handapeun tangkal kai. Barang gugah, rét ningali nu kasép, nyéh imut bari mapatkeun asihan. Ti dinya Putri haturan, yén tadi ngaweweléh téh lain teu niat ngi¬ringan kana pangersa, ngan seja ngémutan baé kana lam¬pah kajatnikaan.

“Gamparan téh,” cék Nyi Putri, “sanés jalma joré-¬joré, terah déwa, jadi kedah mintonkeun kahormatan. Menggah diri abdi onaman, didamel dua saduit ogé teu naon¬-naon. Mung numutkeun kabiasaan, pameget téh sok aya panglamarna ka pigeureuhaeunana. Luhur handapna mar¬tabat hiji pameget, sok katawis dina rupi panglamarna. Ayeuna upami yaktos badé mileuleuheungkeun ka abdi, urang gunung bau lisung anu nya awon nya bodo, henteu kedah maparin dunyabrana, mung nyuhunkeun dipangda¬melkeun taman di Gunung Karang sareng bumina katut pamandianana anu nganggo sumur tujuh. Upami aya je-lema nu hayang terang kana panglamar gamparan, jadi mung kantun nuduhkeun. Mung sakitu panuhun abdi.”

Déwaputra keur ti tadi ngait manah ka Nyi Putri, turug-¬turug ditambahan ku daya kemat, kapangaruhan ku asihan sileugeut teureup, atuh geus taya petana mungpang kana pamundut jungjunan téh. Boro-boro aya pamundut sakitu, najan sapuluh kitu gé mo burung ditedunan.

Harita kénéh ku anjeunna disanggeman, sarta biur baé ngapung ka Gunung Karang. Sajajalan anjeunna nga¬manah-manah, lebah mana pantesna ngadamel taman. Sabot kitu séot aya gagak, putih hiber di payuneunana. Teu lila monténg, turun lebah Gunung Karang. Teup eunteup dina hiji batu gedé. Di dinya gagak kikiplik tuluy mébér-mébér jangjang bari ngaluis, nyemukeun nu keur mandi. Déwa¬putra teu jauh ti éta gagak, ningalikeun saparipolahna gagak. Ku anjeunna geus kasurti, yén di dinya pitempateun pangsiraman nu dipundut ku buah manah téa. Gancang anjeunna menekung ka paradéwa, nyuhunkeun dibuktikeun sakahoyong Nyi Putri téa. Tina cengengna paneda, harita kénéh geus bukti. Urut leuweung luwang-liwung salin rupa jadi tamansari resmi, di tengahna aya bumi nu pereték parabotna, katut perhiasanana. Sumur nu tujuh ngabaris. Pangsiramanana lucu, surup pisan pangsiraman putra jeung putri. Ngider sakuliah dunya moal aya tamansari nu sarina cara Taman Sumur Tujuh.

Gancanging carita baé Déwaputra jeung Nyai Léng¬gangkancana geus ngaralih ti Taman Jomantara ka Taman Sumur Tujuh. Ari sasarenganana nu kasép jeung nu geulis téh ti beurang baé. Ti peuting mah napsi-napsi, Nyi Putri kulem di bumi, ari Déwaputra di luar. Urang tunda carita di lebah dinya.

Taman Sumur Tujuh téa tina kaahénganana geus kace¬luk kaawun-awun kawentar ka mana-mana, malah ka Sa¬wargaloka geus kawangikeun, sarta dina hiji mangsa aya tujuh widadari ti Sawargaloka daratang ka Sumur Tujuh ngadon mandi, sanggeus mandi tuluy maretikan kembang, kakara baralik deui ka Kahiangan. Nu kagungan tamansari teu uningaeun kana lampah éta para widadari, ngan bati kagétna baé, réh pepelakan barusik, kekembangan nu aralus nu sareungit rigil urut nu metikan.

Déwaputra sasauran ka Nyi Putri, yén anu boga dosa téh tangtu parawidadari ti Kayangan. Upama isuk pagéto aya katumbiri nutug ka Sumur Tujuh, éta tanda yén widadari daratang. Kitu saur Déwaputra.

Kocap dina hiji poé Déwaputra jeung Nyi Putri nari¬ngali katumbiri. Énggal baé Déwaputra ka awang-awang, hoyong awas kana lampah widadari, di marcapada.

Ari éta widadari anu tujuh sajolna ka Sumur Tujuh, gancang baé cucul-cucul tuluy mandi. Sabot kitu, Nyi Putri Lénggangkancana ngadeukeutan keketeyepan sarta nyumput di nu buni. Anjeunna héroy kacida ningali anggoan wida¬dari nu sakitu aralusna nu tara aya di dunja. Bawaning ku panasaran, mimitina hoyong uninga lésangna, dirampaan anggoan widadari téh. Pék dicandak ka panyumputan, rap diajaran, wet resep, tuluj baé anggoanana diteundeun dina urut anggoan widadari. Koléséd ti panyumputan angkat nganggo dangdosan ahéng bari teras metikan kembang. Ka¬tingali ku Déwaputra ti awang-awang marukan widadari. Prak baé ngagayuh angin. Atuh harita kénéh ge hiuk angin ngagelebug, nebak Nyai Lénggangkancana. Gancanging carita baé Nyi Putri téh geus aya di Kahiangan kabawa angin.

Widadari anu tujuh bada mandi rup-rap darangdan. Ngan widadari nu bungsu nu kahémengan, lantaran anggo¬anana aya nu ngahilian. Malah anu genepan gé tingharuleng, henteu nyana bakal kajadian kitu. Sabot kitu ngong baé di awang-awang aya sora tan katingalan, kieu pokna, “Dé¬waputra teu kaidinan ku paradéwa garwaan ka urang Marcapada. Nyi Putri Lénggangkancana lantaran taya dosana, ayeuna geus diasupkeun ka Kahiangan. Ku sabab éta, ang¬goan Nyi Lénggangkancana ayeuna kudu dianggo ku wida¬dari bungsu, pigarwaeun Déwaputra, geus ditetepkeun ku paradéwa. Pék ayeuna anggoan téh geura anggo, sarta gan¬cang tepangan Déwaputra.” Ngan sakitu ungeling sora téh.

Ari éta widadari nu bungsu téh lir beubeulahan térong jeung Nyai Lénggangkancana; pamuluna, dedeganana, goloyorna malah gentrana sarua. Turug-turug anggoanana tilas Nyai Lénggangkancana, atuh ieu-ieu ogé geus tangtu ka¬bedil langit kabéntar-méga. Komo deui Déwaputra ningalina ti awang-awang. Éta widadari bungsu diiringkeun ku wida¬dari nu genep, ngajugjug ka bumi kalangenan Déwaputra, sarta nu kagungan bumi geus waspada, geus lungsur ti awang-awang lebet ka bumi. Srog widadari tujuh nepi ka latar, Déwapatra énggal lungsur mapag garwa. Teu samar teu asa-asa, yén widadari bungsu téh garwana, turug-turug anu disangka garwa téh iasa pisan ngarobah prak-prakan kawidadarian, satingkah saparipolah téh taya pisan bédana jeung Nyai Lénggangkancana, lantaran ngéstokeun téa kana kersa paradéwa.

Gancanging carita widadari anu genep amitan mundur, biur ngarapung ka langit, katingal ti kajauhan melengkung katumbirina, minangka cicirén widadari nuju lumaku. Ari widadari bungsu rendéngan jeung Déwaputra sinaksénan paradéwa ti Kahiangan. Tuluy putra jeung putri téh tetep renggenek ngageugeuh Sumur Tujuh.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/