Kamis, 07 Februari 2013

PANJI WULUNG


Kacaritakeun aya hiji karajaan,
katelah ngaranna Nagara Sokadana.
Karajaan anu kamashur ma’mur,
kawéntar beunghar ka mana-mana,
ceuk paribasa mah réa ketan réa keton.
Ari rajana ngaran Prabu Déwakeswari.
Raja anu adil jeung bijaksana,
sarta nyaah ka sakabéh rahayatna.

Enggoning ngajalankeun pamaréntahanana,
Kangjeng Raja dibantuan ku hiji patih,
anu ngaranna Patih Lembu Jayéng Pati.
Patih anu kakoncara percéka loba kabisa,
pinter sarta asak tinimbanganana.
Anu matak dipikolot ku Kangjeng Raja.
Katambah-tambah kacida satia jeung satuhuna,
tara kacatur ngijing sila béngkok sembah.

Kacaritakeun Kangjeng Raja boga selir,
Tunjungsari nu asalna ti Balangbangan.
Keur geulis téh hadé tata hadé basa deuih.
Nu matak kacida dipikaasihna ku Kangjeng Raja.
Komi deui basa nyaho Nyi Selir kakandungan mah.
Sabab Kangjeng Raja teu acan kagungan putra.
Boh ti praméswari, boh ti selir-selir séjénna.
Nyi Tunjungsari kacida pisan didama-damana,
lir nanggeuy endog beubeureumna.

Praméswari ngarasa timburu ka Tungjungsari.
Leuwih jauh ti éta, sieun kasilihkeun kaasih.
Ceuk pamikirna, lamun Tunjungsari boga anak,
geus moal henteu kanyaah Kangjeng Raja
bakal tamplok kabéh ka Tunjungsari.
Malah bisa jadi anakna bakal jadi Raja Anom,
anu baris ngaganti Kangjeng Raja,
mangkon kaprabon di Nagara Sokadana.
Mangka harita kakandungan Nyi Tunjungsari
geus rék maju ka salapan bulan.

Ti dinya Praméswari nyieun réka perdaya,
pikeun nyingkirkeun Tunjungsari ti karaton.
Hiji mangsa Praméswari dodoni ka Kangjeng Raja,
pokna, “Nun Kakang Prabu, awon nu kapiunjuk.
Pun Tunjungsari kagungan lampah teu uni,
cidra ka pangersa Kakang Prabu,
kapendak nuju bobogohan di enggon,
sareng hiji mantri anu ngaranna pun Panolih.
Bilih teu percanten mah seueur saksina ogé.”

Kangjeng Raja henteu percanteneun.
Tuluy baé ngumpulkeun saksi-saksina,
sakumaha panuduhan Praméswari.
Kabéh saksi nyaenyakeun carita Praméswari.
Ari sababna, kabéh ogé anu jadi saksi,
geus meunang nyetélkeun Praméswari,
kudu nyarita kitu bari meunang bayaran.
Sabalikna lamun teu nurut ka Praméswari,
diancam baris dipocot tina kalungguhanana.

Pikeun leuwih ngayakinkeun Kangjeng Raja,
Praméswari ngadatangkeun Ajar Guna Wisésa,
tukang tatapa sarta kaceluk luhur élmuna.
Lantaran geus sailon jeung Praméswari téa,
pok Ki Ajar nyarita, “Awon nu kapiunjuk,
numutkeun sawangan sim abdi mah,
Nyi Tunjungsari parantos midua manah,
malih orok anu aya dina kandunganana ogé,
saleresna mah nya putra ti pun Panolih.”

Ngadéngé omongan Ajar Guna Wisésa kitu,
Kangjeng Raja kacida pisan ambekna.
Harita kénéh Tunjungsari jeung Panolih,
kudu dibawa ka leuweung sarta dihukum pati.
Kangjeng Raja nimbalan ka Patih Jayéng Pati,
“Cangkalak Si Tunjungsari jeung Si Panolih,
bawa ka leuweung sarta kudu dipaéhan di ditu.
Ayeuna kénéh tong diengkékeun deui.
Teukteuk ceulina sarta bawa pikeun bukti!”

Gancangna baé Tunjungsari jeung Panolih,
dibanda bari digiringkeun ka leuweung.
Tapi ku lantaran Ki Patih apal ka nu saenyana,
yén Tunjungsari keuna pitenah praméswari,
duanana henteu nepi ka dihukum pati.
Tunjungsari disingkurkeun ka tempat anu buni.
Ari mantri Panolih dititah indit ti Sokadana.
Kabeneran deuih harita manggih mayit,
anu maot lantaran keuna ku sasalad,
ceulina diteukteuk disanggakeun ka Raja.

Bari dina kaayaan anu kacida prihatinna,
brol baé atuh Tunjungsari téh ngalahirkeun.
Orokna lalaki, kasép nyeplés Kangjeng Raja.
Ki Patih jeung pamajikanana ngalongok.
Orok téh dipapangku jeung digaléntoran,
ku Ki Patih jeung pamajikanana,
lantaran inget kana nasibna anu prihatin.
Terus baé éta orok téh ku Ki Patih
dibéré ngaran Radén Panji Lembu Wulung.
Anu katelah nénéhna baé: Panji Wulung.

Panji Wulung kacida dipikanyaahna ku Ki Patih.
Méh saban waktu dilongokan jeung diasuh.
Ti leuleutik geus diajar rupa-rupa kabisa.
Ti peuting diajar nulis jeung maca lontar.
Ari ti beurang dilatih élmu olah kanuragan,
dibarengan ku dua pangiringna adi-lanceuk,
ngaranna Ki Janggala jeung Ki Janggali,
anu ngahaja meunang metakeun Ki Patih.

Panji Wulung ogé dilatih élmu kabedasan.
Bedas lantaran asak ku kabiasaan latihan,
lain ku jalan jampé pamaké anu dipuasaan.
Panji Wulung kudu ngangkat timah jeung beusi,
unggal isuk ulah aya anu kalarung.
Sarta unggal poé éta timah jeung beusi téh,
beuratna kudu ditambahan saeutik-saeutik.
Pangaruhna katénjo kalawan tétéla,
awak Panji Wulung jadi ngeusi jeung cangker,
sarta tanagana bedas hésé babandinganana.

Sanggeus Panji Wulung nincak sawawa,
bébéja ka Ki Patih nu jadi bapa angkatna,
yén manéhna hayang ngalalana,
néangan luang jeung pangalaman,
sakumaha adatna nonoman alam harita.
“Alus ayeuna Agus aya karep hayang ngalalana,
da mémang geus sakuduna ogé kitu lalaki mah.
Ulah kurung batok ngotok ngowo waé di lembur,
ambéh pikiran terbuka jeung jembar panalar,”
ceuk Ki Patih bari terus méré rupa-rupa pituah.

“Tapi saméméh Agus indit ngalalana,
Bapa hayang nguji heula kabedasan Agus,”
ceuk Ki Patih deui dibarung ku imut deudeuh.
Panji Wulung kudu mentang gada beusi,
gada pusaka anu beuratna dua pikul.
Salian ti éta kudu mentang gondéwa beusi,
anu gedéna sagedé tangkal jambé.
Gada geus dijingjing ku Panji Wulung,
ditangtang-téngténg jiga nu hampangeun pisan.
Matak kagét kabéh sakur anu ningali.

Ceg Panji Wulung kana gondéwa beusi.
Gondéwa geus kajungjungkeun gampang pisan.
Ceg kana panah beusi anu gedé sagedé halu.
Tuluy dipentangkeun jauh pisan.
Surak kabéh jalma anu naringali.
Ki Patih kacida pisan bungahna.
Tétéla Panji Wulung tanagana bedas pisan.
Di Sokadana geus moal aya tandingna.
Geus meujeuhna lunta ninggalkeun lembur,
néangan luang jeung pangalaman anyar.

Kocapkeun Panji Wulung geus ngalalana,
lunta ti nagara dibarengan ku pangiring nu satia,
pangiring kembar Janggala reujeung Janggali.
Leumpang antaré bari saruka bungah.
Mapay-mapay jalan, mipir-mipir pasir.
Sup ka leuweung ganggong sima gonggong.
Mapay jalan satapak paranti mileuweungan.
Tuluy reureuh handapeun tangkal kai badag.
Balakécrakan muka timbel bebekalan.

Keur kitu, torojol tilu jalma jarangkung gedé.
Nyampeurkeun ka Panji Wulung saparakanca.
Karepna arék ngabégal anu keur lumampah,
sosorongot ménta barang babawaan Panji Wulung.
“Ké heula, Paman, gampang masrahkeun
babawaan mah,” ceuk Panji Wulung ka éta bégal.
“Ayeuna mah urang pabedas-bedas tanaga.
Tuh, lamun itu catang bisa kaangkat ku Paman,
kuring seja nurut kana kahayang Paman.”

Bégal-bégal asa ditangtang ku budak satepak.
Nyampeurkeun catang nu malang di jalan.
Tuluy dipanggul, tapi weléh henteu kapanggul.
Malah kawiwirangan tangka prat-prét-prot hitut.
Catang dipanggul ku tilu bégal babarengan,
henteu bisa onggét-onggét acan ku tina beuratna.
“Sok ayeuna jungjungkeun ku manéh,
ku manéh ogé tangtu moal bisa kaangkat!”
Lurah bégal ngomong bengis ka Panji Wulung.

Ti dinya Panji Wulung manggul catang,
catang kajungjungkeun siga hampangeun pisan.
Lurah bégal anu ngaran Jayapati bluk nyuuh,
ngaku taluk ka Panji Wulung.
Kitu deui jeung dua baturna,
Kebo Manggala jeung Kebo Rarangin.
Seja milu ngalalana ka Panji Wulung,
ngitung lembur ngajajah milang kori.

20. “Ayeuna Radén badé angkat ka mana?”
Jayapati nanya ka Panji Wulung.
“Kuring téh hayang néangan luang
jeung pangarti,” témbal Panji Wulung.
Jayapati nyaritakeun yén teu jauh ti dinya,
aya patapan Ajar Guna Wisésa,
resi nu katotol sakti manggulang-mangguling.
Anu matak loba anu guguru di dinya,
muridna datang ti mana ti mendi.

Panji Wulung ngadatangan patapan,
tuluy guguru ka Ki Ajar Guna Wisésa.
Panji Wulung diajar rupa-rupa ajian,
ngawirid élmu kabedasan jeung kadugalan.
Beurang peuting méh taya reureuhna,
nepi ka sababaraha ajian apal cangkem.
Panji Wulung ngarasa kesel,
lantaran ngaji élmu bari teu jeung prakna.
Jadi henteu nyaho hasil tina diajarna.

Panji Wulung nepikeun éta hal ka Ki Ajar.
Ngadéngé kitu, Ki Ajar kacida ambekna.
Panji Wulung dicarékan laklak dasar,
disebut cucungah kumawani ka nu jadi guru.
Malah leuwih ti kitu, Ki Ajar anu barangasan,
nepi ka neunggeulna pisan ka Panji Wulung.
Tapi Panji Wulung henteu réngrot-réngrot.
Nénjo kitu, Ki Ajar beuki napsu baé.
Panji Wulung diteunggeul sirahna ku tongkat,
tapi kalah ka tongkatna anu potong.

Ngarasa dianiaya bari teu tuah teu dosa,
Panji Wulung ogé henteu cicingeun.
Jung nangtung pasang kuda-kuda,
der baé gelut patutunggulan jeung Ki Ajar.
Murid-murid Ki Ajar milu narajang,
béla ka nu jadi guru, ngoroyok Panji Wulung.
Nénjo kaayaan kitu, Janggala jeung Janggali,
Jayapati, Kebo Manggala, katut Kebo Rarangin,
maju ngabéla ka dununganana, Panji Wulung.

Limaan dirempug ku jalma puluh-puluh,
tetep tagen henteu katémbong ripuh.
Malah murid-murid Ki Ajar loba anu kasoran,
teu kuat ngayonan Panji Wulung sabalad-balad.
Ki Ajar tarung patutunggulan ka Panji Wulung.
Mimitina ngadu tanaga, sarua kuat jeung bedasna.
Ti dinya ngadukeun pakarang gagamanana.
Ki Ajar mesat gobang, Panji Walung nyabut keris.
Ahirna Ki Ajar Guna Wisésa nepi ka patina,
beuteungna budal-badil ditewek ku Panji Wulung.

Sanggeus guruna perlaya mah,
murid-muridna bubar katawuran,
baralik deui ka lemburna séwang-séwangan.
Panji Wulung neruskeun deui lalampahanana,
ngitung lembur ngajajah milang kori,
néangan luang jeung pangalaman anyar.
Janggala jeung Janggali henteu tinggal,
kitu deui Jayapati jeung dua baturna,
anu ayeuna beuki ajrih baé ka Panji Wulung.

Salila leumpang Janggala-Janggali cacarita,
yén saenyana Ajar Guna Wisésa téh,
resi anu sapongkol jeung Praméswari,
pikeun nyingkirkeun ibuna Panji Wulung.
Janggala buka rusiah ka Panji Wulung.
“Anu saéstuna, Radén téh putra Raja Sokadana,
da ari Radén Patih mah mung rama pulung,”
ceuk Janggala anu dihaminan ku Janggali.
Ngadéngé kitu, Panji Wulung kacida kagétna.

Barabat atuh Janggala nyaritakeun,
kajadian sawatara taun ka tukang di Sokadana.
Nyi Tunjungsari, ibuna Panji Wulung téa,
dipitnah ku Praméswari boga lampah sérong,
bobogohan jeung hiji mantri ngaran Panolih.
Praméswari sapongkol jeung Ajar Guna Wisésa,
nepi ka omonganana dipercaya ku Kangjeng Raja.
Ahirna Nyi Tunjungsari disingkurkeun ku Patih.
Panji Wulung nganuhunkeun ka Janggala,
anu geus muka rusiah lalakon hirupna.

Henteu karasa, Panji Wulung anjog ka basisir.
Di tengah laut katingali kapal cai labuh jangkar.
Teu lila aya sawatara kalasi turun tina sampan,
hanjat ka darat rék ngala cai nginum keur di kapal,
apan cai laut mah teu bisa dipaké nginum.
Panji Wulung sabatur-batur milu kana sampan.
Terus haranjat kana kapal cai rék milu balayar.
Ka mana baé balayarna éta kapal cai arék milu.
Henteu puguh anu dijugjug da keur ngalalana.
Anu penting mah bisa meuntas lautan.

Ari anu boga kapal téh urang Malayu Patani.
Umurna ngora kénéh, ngaranna Daéng Bramani.
Marih kénéh turunan Raja-raja Bugis ti akina.
Daéng Bramani amprok jeung Panji Wulung,
dunana ngarasa cop jeung lelembutanana,
tuluy baé sosobatan lir dulur pet ku hinis.
Ti dinya kapal cai maju deui ngambah sagara,
anjog baé ka Tanah Patani lembur Ki Daéng.
Panji Wulung kacida dibagéakeunana,
kacida disenangkeunana ku Daéng Bramani.

Meunang sataun ngumbara di Patani,
Panji Wulung neruskeun deui lalampahanana,
Panji Wulung sabaladna indit ka Cempa,
Inditna dibarengan ku Daéng Bramani,
anu embung paanggang jeung sobatna.
Daéng Bramani jeung Panji Wulung,
geus kedal jangji arék terus babarengan,
ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.

Datang ka Nagara Cempa,
Panji Wulung jeung batur-baturna,
lumampahna milemburan masisian.
Nepi ka hiji lembur anu singkur,
Panji Wulung bubujang di hiji tukang tani.
Molah sawah molah kebon dilakonan,
henteu tumarimpang bobolokot ku leutak.
Pagawéanana nyugemakeun si tukang tani,
lantaram hasil tatanénna cukul leuwih ti biasa.

Kacaritakeun dina hiji mangsa,
éta lembur diserang jeung diranjah ku bégal.
Urang lembur teu daya teu upaya,
ngayonan bégal anu jumlahna leuwih loba,
barengis sarta taya ras-rasan pisan.
Panji Wulung jeung Daéng Bramani,
katut parapangiringna anu limaan téa,
merangan bégal nepi ka loba anu paéh,
sawaréh deui kalabur katawuran

Bégal anu nyésa ngan kari tujuhan,
tujuhanana taraluk ka Panji Wulung,
sarta jangji rék satia satuhu ka Panji Wulung.
Sanggeus aya kana sataunna cicing di dinya,
Panji Wulung neruskeun deui lalampahanana.
Mapay-mapay leuweung geledegan.
Ayeuna mah anu leumpang téh jadi lobaan,
da ditambahan ku urut bégal anu tujuhan téa.
Kabéh ngarasa ajrih ka Panji Wulung.

Anjog baé ka hiji tegal upluk-aplak.
Ti kajauhan katénjo aya hiji awéwé,
anu keur dipaksa pirusa rék dirogahala
ku lalaki jangkung hideung kawas badawang.
Panji Wulung nyokot gondéwa jeung panahna.
Si lalaki dipentang, keuna pisan kana tarangna.
Harita kénéh ngajungkel teu nyanggapulia.
Si awéwé disampeurkeun ku Panji Wulung.
Éta awéwé ngagabrug ka Panji Wulung,
ceurik bungah geus leupas tina marabahaya.

Awéwé geulis keur meujeuhna rumaja putri.
Ku Panji Wulung ditalék pangna bisa aya di dinya.
Barabat atuh nu geulis nyaritakeun lalakonna.
Ari ngaranna anu saéstu Putri Andayaningrat,
putri kadeudeuh Kangjeng Raja Cempa.
Nyi Putri dipaling ku Mantri Panglima Banggali,
mantri anu purah ngurus gajah di Cempa.
Mantri anu kacida dipercayana ku Kangjeng Raja,
bet henteu nyangka ahir-ahir boga lampah nirca.
Maling Nyi Putri ku cara réka perdaya.

Kocapkeun kaayaan di Nagara Cempa,
harita keur guyur jeung tagiwur,
Nyi Putri dibawa kabur ku Mantri Panglima.
Énggal Kangjeng Raja ngémbarkeun saémbara.
Saha-saha anu bisa meunangkeun deui Putri,
komo bari jeung maéhan Mantri Panglima,
baris dikawinkeun ka Nyi Putri anu geulis,
sarta diangkat jadi Raja Anom di Cempa.
Jalma-jalma ubyag naréangan Nyi Putri,
sakuliah nagara disaksrak taya nu kaliwat.

Aya mantri ngora ngaranna Andakasura,
Manéhna manggihan Mantri Panglima Banggali,
geus jadi mayit ngajoprak di tegal sisi leuweung.
Andakasarura ngabohong ka Raja Cempa,
Mantri Panglima geus dipaéhan ku manéhna.
Ari Nyi Putri cenah henteu kapanggih di dinya.
Raja Cempa jeung Praméswari kacida sedihna,
disangkana Putri Andayaningrat geus maot,
sarta dirogahala ku Mantri Panglima.

Panji Wulung ngutus Daéng Bramani
pikeun ngirimkeun surat ka Raja Cempa.
Eusi suratna nétélakeun yén Nyi Putri salamet,
sarta ayeuna keur aya di jalan rék ka karaton.
Surat geus katampa sarta terus dibaca.
Kangjeng Raja bungah anu taya papadana,
nampa surat ti Panji Wulung.
Harita kénéh Kangjeng Raja nimbalan Patih,
mantri, katut paraponggawa lianna,
pikeun nyieun upacara mapag Nyi Putri.

Raja Cempa jeung praméswari kacida bungahna.
Panji Wulung dikawinkeun jeung Nyi Putri,
sarta harita kenéh dijenengkeun Prabu Anom,
ngaranna diganti jadi Pangéran Déwa Kusumah.
Ari Daéng Bramani jadi Demang Urawan.
Der ngayakeun pésta tujuh poé tujuh peuting.
Tatabeuhan ngageder méh taya eureunna.
Jelema datang ti suklakna ti siklukna.

Kacaritakeun Mantri Andakasura anu julig.
Kanyahoan bohongna ku Kangjeng Raja,
anu ngaku-ngaku geus maéhan Mantri Panglima,
sarta nyebutkeun Nyi Putri geus taya di kieuna.
Andakasura rék dihukum gantung di alun-alun.
Kangjeng Raja ménta timbangan Prabu Anom.
Andakasura dihampura ku Prabu Anom,
sarta dibébaskeun tina hukumanana,
asal daék enya-enya satia-satuhu kumawulana.

Tapi Mantri Andakasura kalah ka nyucud.
Ti peuting kabur ka Nagara Gilingwesi.
Mangadu ka Raja Gilingwesi anu majar sakti.
Raja Cempa geus jalir jangji pasang subaya.
Ka Raja Gilingwesi, Andakasura tetep ngaku,
yén manéhna anu maéhan Mantri Panglima,
tapi Nyi Putri kalah dikawinkeun jeung nu lian,
jeung jalma anu henteu puguh asal-usulna,
ari manéhna cenah kalah diusir ti nagara.

Raja Gilingwesi anu katelah barangasan,
kasundut ku caritaan Mantri Andakasura,
anu salawasna ngagogoréng Raja Cempa,
tapi bari ngalem muji-muji Raja Gilingwesi.
“Lamun kitu mah Raja Cempa kudu diwarah!”
ceuk Raja Gilingwesi bari ngagidir ambek.
Harita kénéh maréntah Patih mepek balad,
pikeun ngarurug ka Nagara Cempa,
bari sakalian ngiwat Putri Andayaningrat.

Ngadéngé béja nagarana rék dirurug
ku Raja Gilingwesi anu majar sakti,
Raja Sepuh miris bari rada humar-hemir.
“Sawios Ama mah calik-calik baé,
Raja Gilingwesi badé dipayunan ku sim abdi,”
ceuk Prabu Anom ka Raja Sepuh.
Prabu Anom dibarengan ku Demang Urawan,
harita kénéh mepek balad di alun-alun.
Leugeudeut indit mapag musuh di palabuan.

Prajurit Cempa ngadago musuh di palabuan.
Teu lila daratang pasukan ti Gilingwesi.
Jlung-jleng tina parahu di sisi basisir.
Dipapag ku prajurit Cempa di darat.
Der perang campuh kacida ragotna.
Prajurit Cempa diluluguan ku Daéng Bramani,
perangna taya kagimir taya karisi.
Pasukan Gilingwesi katétér loba nu paéh.
Sawaréh kalabur mubus ka leuweung.

Raja Gilingwesi lumpat ngabecir,
karepna arék kabur kana parahu.
Keur lumpat dipegat ku hiji mantri,
mantri nu keur kakaburan ti Gilingwesi.
Raja Gilingwesi ditewek beuteungna ku keris.
Raja Gilingwesi perlaya sapada harita.
Ngajoprak teu usik teu malik dina kikisik.
Prajurit Gilingwesi anu harirup kénéh,
serah bongkokan ka Sang Prabu Anom.

Mantri anu maéhan Raja Gilingwesi,
ditalék ku Prabu Anom asal-usulna,
sarta pangna maéhan ka Raja Gilingwesi.
Éta mantri ngaranna anu saéstu Sudarma,
keur kakaburan ti Nagara Gilingwesi,
lantaran henteu satuju kana lampah raja,
anu maréntah karajaan sakarep ingsun.
Ngan wungkul mikiran kasenangan pribadi,
ari rahayatna hirup susah jeung loba kasieun.

Mantri Sudarma dibawa ka Karaton Cempa,
kitu deui jeung prajurit Gilingwesi nu geus taluk.
Sudarma diangkat jadi patih di Gilingwesi,
ngaranna diganti jadi Patih Kalana Suraludira,
minangka wawakil Raja Cempa di Gilingwesi.
Der atuh ngayakeun pésta rongkah,
urang Cempa jeung urang Gilingwesi ngahiji,
suka-seuri suka-bungah pésta babarengan.

Dina hiji mangsa, Raja Sepuh ngaraos,
yén anjeunna geus meujeuhna lirén jadi raja.
Nya kalungguhanana dipasrahkeun ka mantuna,
anu geus katulup sarta kauji wewesénna,
sarta katingali nyaahna ka sakumna rahayat.
Prabu Anom kapapancénan mangkon kaprabon,
ngaheuyeuk dayeuh di Karajaan Cempa,
katut sawatara nagara jeung daérah bawahanana.
Gelarna anu anyar Adipati Déwa Kusumah.

Kocapkeun Patih Jayéng Pati di Sokadana,
patih anu ngarorok Panji Wulung keur budak,
ayeuna geus boga anak lalaki sawawa,
ngaranna Radén Panji Pamekas.
Radén Panji dijadikeun anak kukut ku Raja,
lantaran Kangjeng Raja teu kagungan putra.
Malah digadangkeun baris ngagentos anjeunna,
jadi Prabu Anom di Nagara Sokadana.

49. Patih Jayéng Pati inget ka Panji Wulung,
keur kitu torojol utusan ti Raja Cempa,
Demang Urawan katut Janggala Janggali.
Ngirimkeun surat ti Panji Wulung,
anu ayeuna geus mangku kaprabon di Cempa.
Sanggeus dibaca sarta dibaca eusina,
Ki Patih jeung pamajikanana kacida bungahna,
henteu nyangka saeutik-saeutik acan,
yén Raja Cempa anu anyar téh Panji Wulung.

Kacaritakeun Sang Prabu Déwakeswari,
waktu keur moro ngobrol jeung Ki Patih.
Raja nyaritakeun yén geus sababaraha kali,
Nyi Tunjungsari datang dina impianana.
Patih meunang kasempetan hadé pikeun balaka,
yén saenyana Tunjungsari masih kénéh hirup.
Malah anakna, nya anak Raja Déwakeswari,
anu harita masih kénéh aya dina kandungan,
kiwari geus ngadeg raja di Nagara Cempa.

Barabat atuh Patih nyaritakeun lalakonna,
ti mimiti Tunjungsari diusir ti karaton,
lantaran dipitenah ku Praméswari,
nepi ka nampa surat ti Raja Cempa.
Raja bungah ngadéngé caritaan Patih kitu.
Timbul benduna ka Praméswari anu julig.
Harita kénéh Tunjungsari diala ka karaton,
sarta dijenengkeun jadi praméswari,
ngaranna diganti jadi Ratu Sekar Kancana.
Ari praméswari anu julig téa dipanjara.

Ki Patih dijurung ka Cempa ku Kangjeng Raja,
dititah ngala Raja Cempa katut praméswarina,
supaya bisa kabawa duanana ka Sokadana.
Ki Patih jeung pamajikanana katut pangiringna,
balayar ka Nagri Cempa nohonan timbalan Raja.
Kocapkeun geus balik deui ka Sokadana,
dibarengan ku Raja Cempa katut praméswarina.
Pikeun ngajalankeun pamaréntahan sapopoé,
dipercayakeun ka Patih katut sawatara mantri.

Tepi ka Sokadana rombongan ti Cempa
dipapag ku upacara anu kacida rongkahna.
Kangjeng Raja katut praméswari anyar téa,
nyacapkeun kasono jeung putra kadeudeuh,
Panji Wulung anu ayeuna geus jadi Raja Cempa.
Ti dinya Kangjeng Raja masrahkeun kaprabon.
Tuluy babadamian jeung Panji Wulung,
nya dipasrahkeun anak ka Radén Panji Pamekas,
minangka pamulang tarima kana kasatiaan Ki Patih.
Radén Panji diistrénan, gelarna Prabu Déwabrata.

Kocapkeun Mantri Andakasura anu julig,
nyaho Cempa ditinggalkeun ku rajana,
tuluy mangaruhan Patih katut mantri lianna,
sangkan nyingkirkeun Prabu Déwa Kusumah.
Méh sakabéh pangeusi karaton kapangaruhan,
lantaran dibéré duit jeung rupa-rupa hadiah,
iwal mantri kolot nu ngaran Ngabei Martadipura.
Ki Ngabei dicangkalak sarta dipanjara.
Kitu deui pangeusi karaton séjénna
anu teu daék biluk ka Ki Patih jeung Andakasura.

Prabu Déwa Kusumah jeung rombonganana,
tepi ka palabuan Nagara Cempa ti Sokadana,
dipapag ku pasukan Patih jeung Andakasura,
Rombongan Sang Prabu ditémbakan ti darat.
Keur kitu torojol kapal perang ti Gilingwesi,
mantuan Sang Prabu ngalawan anu merangan.
Pasukan Ki Patih jeung Andakasura teu tahan,
sawaréh perlaya, sawaréh deui serah bongkokan.
Ki Patih jeung Andakasura katangkep.

Minangka hukumanana keur Ki Patih,
diturunkeun pangkatna jadi mantri biasa,
lantaran saméméhna kaitung gedé jasana.
Lampahna anu cidra lantaran kaangsonan
ku Andakasura anu teu weléh sirik pidik.
Ari Andakasura dibawa ka alun-alun,
tuluy dihukum gantung di dinya.
Mantri-mantri anu mantuan Andakasura,
dihukumanana luyu jeung kasalahanana.
Aya anu dipanjara, aya ogé anu dipocot.

Pikeun gaganti patih anu geus cidra,
Demang Urawan dijenengkeun jadi patih,
ngaranna katelah Arya Patih Suréng Jurit.
Kuwu Palabuan anu nangkep buronan,
Ki Patih jeung Andakasura di basisir,
dibéré tanah jeung ngabawah somahan.
Kitu deui mantri katut ponggawa nu satia,
kabéh pada meunang hadiah ti Raja.

Sang Prabu Déwa Kusumah
tetep tumetep di Nagara Cempa,
dibarengan ku Arya Patih Suréng Jurit,
henteu tinggal Janggala reujeung Janggali.
Kitu deui Jayapati jeung batur-baturna,
tetep satia satuhu ka Sang Prabu.
Ibu-ramana katut Patih Jayéng Pati,
linggihna dikumakarepkeun baé,
sakapeung di Sokadana, sakapeung di Cempa.

(Diropea tina Wawacan Panji Wulung, RH Muhammad Musa)

From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

CARITA KULIT KALDE


Jaman baheula aya hiji raja,
nagarana gedé tur beunghar.
Raja kagungan putra istri.
Jenenganana Putri Bianka.
Geulis taya babandinganana.
Seueur raja jeung pangéran,
datang ti mana ti mendi,
hayang ningali kageulisan Nyi Putri.
Teu saeutik deuih anu datang ngalamar,
tapi hiji ogé taya nu ditarima ku Nyi Putri.

Kangjeng Raja ogé kagungan kaldé ahéng.
Rupana mah sarua baé jeung kaldé biasa.
Kitu deui gedéna sakumaha biasana kaldé.
Ngan taina anu henteu sarua téh.
Ieu mah lamun ngising téh bijilna duit emas.
Istalna ogé dihadé-hadé, dijieunna tina emas.
Lanténa ku batu marmer, ditarétés inten berlian.
Éta istal dijaga ku prajurit nu pangkatna luhur,
dijagana beurang-peuting, piligenti.
Ari sababna, éta kaldé nyenangkeun ka saréréa.

Parabna éta kaldé, henteu hésé.
Kebeukina ngan ukur senggang,
henteu beukieun jukut nu séjén.
Anu matak rahayat di éta nagara,
gawéna ngan ukur melak senggang.
Nu boga kebon, kabéh melak senggang.
Kitu deui di pakarangan atawa dina pot.
Rupa-rupa senggang keur parab kaldé téa.
Hirupna sarenang, dicukup ku ku éta kaldé.
Kabéh lubak-libuk ku duit emas.

Hanjakal, Putri Bianka boga adat anu anéh.
Putri Bianka boga adat hayang punjul ti batur.
Utamana dina papakéan jeung perhiasan.
Nepi ka hiji mangsa Nyi Putri nguluwut.
Mikiran paménta ka nu jadi bapana,
sabab sagala kahayangna geus ditedunan.
Nyi Putri ngahuleng di sisi talaga,
anu perenahna aya di satukangeun karaton.

Nyi Putri humandeuar,
“Ya Alloh, naha abdi bingung-bingung teuing?”
Kadéngéeun ku aki-aki anu keur nguseup.
“Ku naon Endén Putri téh humandeuar?”
“Kula téh bingung, kula téh anak raja beunghar,
tapi henteu boga papakéan anu alus,
papakéan anu punjul ti batur.”
“Kumaha Endén tos kagungan sinjang
anu pulasna sapertos cai?” ceuk éta aki-aki.
Ngadéngé kitu, Nyi Putri kacida bungahna.

Tuluy balik ka karaton, ngadeuheus ka ibuna.
Nyi Putri mundut sinjang anu pulasna siga cai.
Kapalay Nyi Putri diunjukkeun ka Kangjeng Raja.
Kangjeng Raja ngahuleng, ku margi nembé ngadangu,
aya sinjang anu pulasna siga cai.
Nanging ku margi nyaah putra, nya ditedunan baé.
Kangjeng Raja ngangkir sakabéh tukang nyieun sutra.
“Kami ménta buru-buru dipangnyieunkeun
samping sutra anu pulasna siga cai,” saur Raja.
“Lamun teu bukti, maranéh diusir ti ieu nagara!”

Tukang sutra nyanggupan, da sieun diusir.
Tuluy baradami pikeun nyieun samping ahéng.
Prak baé nyieun samping sutra anu ririakan.
Pulasna sagala aya, semu hideung, semu beureum,
semu paul, semu héjo, semu konéng, semu wungu,
semu bodas; lantaran cenah pulas cai tara angger.
Sanggeus réngsé, dipasrahkeun ka Kangjeng Raja.
Kangjeng Raja kacida bungahna bati jeung kagét,
lantaran éta samping téh kacida pisan alusna.
Tukang sutra dipuji sarta dibéré rupa-rupa hadiah.

Nyi Putri teu kinten-kinten bingahna,
nampi sinjang pasihan ramana.
Harita kénéh sinjang téh dianggo.
Nyi Putri ngaraos tos punjul ti batur,
lantaran nu séjén mah teu bogaeun samping kitu.
Lila-lila urang luar mareuli samping nu cara kitu,
lantaran kabaritaeun ku Putri Bianka.
Réa ménak luar, sakur nu baroga duit mah,
mareuli samping cara pulas cai.

Mireungeuh éta kaayaan, Nyi Putri bingung deui.
Bingung mikiran panganggo nu leuwih ti batur.
Lajeng Nyi Putri amengan deui ka sisi talaga.
Nyi Putri humandeuar, “Ya, Alloh, kumaha atuh
abdi téh hoyong gaduh anggoan anu anéh.”
Kadéngéeun ku aki-aki tukang nguseup téa.
“Ku naon Endén Putri téh bet humandeuar deui?”
“Nyaéta Aki, kula téh hayang boga papakéan
anu leuwih punjul ti batur keur engké pésta.
Mangkaning rék ngondang raja-raja séjén nagara.”

Aki-aki tukang nguseup méré bongbolongan,
“Endén tiasa nyuhunkeun sinjang anu siga bulan.”
Kamanah ku Nyi Putri, tangtu kana alusna.
Lajeng Nyi Putri mulih, teras mundut sinjang deui,
sinjang anu cahayana moncorong sapertos bulan.
Énggal atuh Kangjeng Raja nyaur tukang sutra.
Prak dipigawé, henteu lila ayeuna mah,
lantaran geus aya pangalaman saméméhna.
Kangjeng Raja suka manahna,
ningali sinjang sakitu éndahna.

Lajeng sinjang dipasihkeun ka Nyi Putri.
Harita kénéh tuluy dileuseuhan.
Tacan pék-pék acan péstana,
Nyi Putri geus bosen deui kana sinjang téh,
lantaran geus réa batur anu maraké.
Putri geus bingung deui baé,
lajeng ngumaha deui aki-aki nu keur nguseup téa.
Pok baé aki téh ngomong,
“Lamun abdi, mah jadi gamparan,
mundut baé sinjang nu siga ponanpoé.”

Nyi Putri bungah kacida manahna
geus meunang deui pituduh ti aki-aki.
Lajeng mulih, pok deui sa¬sauran ka ramana,
mundut sinjang nu siga panonpoé.
Ku Kangjeng Raja diturut, da nyaah ka anak.
Lajeng nimbalan nyaur tukang sutra nu sasari.
Tukang sutra nyanggupan, tapi taya bahanna.
Ari bahanna tina emas duket anu teu saeutik.
Tukang sutra dibéré emas duket sapuluh peti,
lantaran di éta nagri emas téh murah hargana.

Teu lila digarawéna téh ayeuna mah,
da puguh loba bahanna jeung geus bariasa deuih.
Sinjang geus jadi, kacida pisan alusna.
Matak sérab sarta nyeplés pisan panonpoé.
Sinjang disanggakeun ka Kangjeng Raja,
Kangjeng Raja bingah barina kagét,
muji ka Nyi Putri nyaho kana barang nu alus.
Kitu deui Nyi Putri, kacida pisan bingahna.
Harita kénéh sinjang téh dianggo.
Hurung mancur surup kana salira nu geulis.

Dina pésta, Nyi Putri jadi puseur perhatian.
Kageulisanana beuki moronyoy baé.
Kabéh anu aya dina éta pésta padamuji,
muji kana kageulisanana nu disipuh ku anggoan.
Atuh énjingna, nalika Nyi Putri jalan-jalan,
nganggo sinjang anu sapertos panonpoé.
Sadayana anu mireungeun, sarérabeun.
Réa anu kabitaeun, tapi teu bisa nurutan.
Ari sababna, henteu karuateun modalna.

Nyi Putri henteu sugema ku sakitu.
Anjeunna palay kagungan sinjang sanés,
anu langkung ti sinjang nu sapertos panonpoé.
Lajeng angkat deui ka sisi talaga,
ngumaha ka aki-aki tukang nguseup téa.
“Teu aya deui anu langkung saé mah,
anggoan tina kulit kaldé anu ahéng,”
ceuk aki-aki, bari muji-muji kageulisan Nyi Putri.
“Endén Putri bakal katingal langkung geulis,
upami nganggo anggoan tina éta kulit kaldé.”

Nyi Putri kacida bungahna ngadangu
pamuji jeung pamapantes éta aki-aki.
Lajeng mulih baé ka karaton.
Tapi paromanna henteu hégar sapertos biasa.
Nyi Putri bingung, kedah kumaha nyariosna.
Nyarios ka ramana palay anggoan kulit kaldé.
Mangkaning kaldé kameumeut sanagara.
Tangtos moal dipasihkeun upami dipeuncit téh,
teras disisit kulitna dianggo anggoan Nyi Putri.

Putri bingung badé ngadugikeun kapalayna téh.
Kabingung anu digugulung siang wengi.
Antukna brek baé Nyi Putri téh teu damang.
Tambih lami, teu damangna tambih wales baé.
Kangjeng Raja teu uninga panyawat Nyi Putri.
Teras baé ngangkir ahli nujum anu kakoncara.
Ceuk Ki Nujum, panyawat Nyi Putri téh,
kaleleban palay anggoan tina kulit kaldé ahéng.
Nyaéta kaldé kagungan raja nu ngisingna emas.

Ku tina nyaahna ka nu jadi putra,
Kangjeng Raja énggal miwarang mantri jero,
sangkan meuncit kaldé kameumeutna.
Paréntah Raja matak ngageunjleungkeun sanagara.
Kawantu éta kaldé geus jadi andelan kahirupanana.
Tapi Raja teu maliré, kaldé téh dipeuncit.
Kulitna disisit, terus diwidang dijadikeun anggoan.
Éta anggoan disimpen di gigireun Nyi Putri.
Teu sakara-kara, Nyi Putri ngoréjat teras gugah.
Langsung damang harita kénéh.

Nyai Putri gugah bari nyandak kulit kaldé,
harita kénéh dianggo harudum ku Nyi Putri.
Raja bingah manahna ningali putri tos da¬mang,
teras nimbalan ka praméswari, lahirna,
“Nyai geura sasadiaan mangké soré urang pésta,
pakaulan duméh putri geus cageur!”
Wengina der pésta ramé pisan.
Raja sareng praméswari angkat ka gedong,
kitu deui Nyi Putri henteu kantun,
nganggo harudum kulit kaldé ahéng téa.

Raos putri alus kacida kulit kaldé téh,
nu matak dianggo kana pésta ogé,
turug-turug pada mencrong ku awéwé-lalaki,
ménak kuring, kolot budak kagét jeung silitoél,
bari ngaromong di jero atina,
“Naha Putri Bianka bet diharudum kulit kaldé?
Han¬jakal ku geulisna! Bet kaleuwihan teuing.”
Sasarina ari dina pésta putri sok ngajak dangsa,
ari harita euweuh saurang ogé nu ngajak dangsa,
malencrong baé jeung padanyeungseurikeun.

Raja lajeng mulih ka karaton,
pok nyaur ka praméswari, lahirna,
“Nyai naha urang kata¬rajang wiwirang,
naha kumaha patutna si Bianka téh,
nu matak euweuh nu daraékeun dangsa?”
Putri Bianka disaur, terus ditilik ditelek-telek.
Tétéla, katingali kacida goréng patutna.
Raja bendu, miwarang Bianka ngalaan kulit kaldé.
Tapi hésé dilaanna, ujug-ujug rapet jeung kulitna,
lantaran ditenung ku aki-aki tukang nguseup téa.

Harita kénéh Putri Bianka ditundung,
ulah wara mulih upami kulit kaldé can lésot.
Putri angkat ti karaton bari nangis jurat-jerit.
Kersana rék nepangan aki-aki di sisi talaga.
Lantaran nu nitah maké kulit kaldé téh,
apan aki-aki tukang nguseup téa.
Nepi ka sisi talaga, aki-aki nu keur nguseup,
kadupak ku Nyi Putri nepi ka ngajeburna,
tikerelep kana talaga sarta teu muncul deui.
Putri Bianka tambih-tambih bingung manahna.

Teu lila dina cai talaga aya anu oyag,
pecenghul téh awéwé geulis pisan.
Éta awéwé geulis téh ngakukeunana mah ipri.
Ipri ngabéjaan ka Putri Bianka,
yén aki-aki téh saenyana mah bangsa jin,
anu boga niat hasud lantaran sirik ka Raja,
pédah hirupna senang tina boga kaldé ahéng téa.
Ipri boga niat pikeun nulungan Nyi Putri,
tuluy nitah pangiringna, hiji soang anu gedé,
pikeun nganteurkeun Nyi Putri ka hiji tempat.

Éta soang teu ngomong teu naon,
jol-jol rigidig baé putri digandong ku soang,
kitu deui putri teu sasauran naon,
kersa baé dikua-dikieu téh.
Tuluy putri dibawa ngojay ka tengah sa¬gara.
Nepi ka hiji pulo gedé pisan,
di dinya diécagkeun ku soang téh,
bari pok soang téh ngomong,
“Tah Putri ayeuna geus nepi ka dieu,
sim abdi ayeuna badé wangsul deui.”

Nyi Putri ngaraos palay barangtuang,
ku margi dinten éta teu acan kararaban sangu pisan.
Lajeng angkat henteu puguh anu dijugjug.
Jog baé ka hiji lembur, sup ka imah hiji patani.
Nyi Putri maksakeun anjeun nyuhunkeun sangu,
sareng neda widi badé ngerereb sapeuting di dinya.
Patani jeung anak-anakna kalah nyeungseurikeun.
“Euleuh, aya kulit kaldé ménta barangdahar,
jeung hayang ngarereb di dieu deuih.
Heug, tapi ku naon mayarna, Kulit Kaldé?”

Putri Bianka ngamanah, naon anu dianggo mayar.
Pamajikan patani karunyaeun ka Nyi Putri,
pok ngomong, “Coha kulit kaldé déngékeun,
manéh téh nya ngora nya jagjag,
cicing baé di dieu buburuh ngangon kalkun,
tukang ngangon kalkun kula balik, can aya gantina.
Nyatu manéh dibéré sakumaha seubeuhna,
duit dibéré saeutik-eutik¬eun. Daék henteu?”
Nyi Putri anu disebut Kulit Kaldé,
daékeun dijadikeun pangangon ku patani.

Lajeng putri tuang ponyo kacida,
wantu geus lawas teu pisan manggih.
Sanggeus wareg tuluy ka kandang
rék ngaroris angonan dianteur ku anak patani.
Sumping ka kandang pék dibilang,
réana aya lima puluh kalkun jeung soang.
Sanggeus milang mulih deui ti kandang,
tuluy ka imah patani, ngarereb di dinya.
Ti dinya putri geus jadi tukang ngangon.

Kacarita lampah putri ngangon kalkun,
bari ngangon putri nangis,
tina kakara saumur nyandangan lara pri¬hatin,
wantuning biasa dimongmong diogo.
Putri angkat ti imah patani subuh,
bari nyandak panggitik keur pangilang,
soang kalkun digiring ka tegal pangangonan.
Tegal lega pernahna di tutugan gunung,
di sisi talaga anu caina canémbrang hérang.

Putri éstu pasrah kana kadar, temen wekel,
getol jeung euweuh pisan carékeunana.
Patani tambah nyaaheun tina kawekelan putri.
Ti dinya pok juru-tani ngomong, pokna,
“Kulit kaldé ayeuna manéh diperesén deui duit
jaba tina bayaran téh, tina manéh hadé pagawéan.”
Putri kakara saumur ngaraos suka-bungah manahna
ku rejeki saeutik tina beunang hésé capé sorangan.
Éta duit dikumpulkeun keur meuli papakéan,
pikeun nutupan awakna anu maké kulit kaldé.

Dina hiji mangsa Putri ngangon deui cara sasari,
aya hiji Prabu Anom jeung balad-baladna,
moro ka tegal pangangonan Nyi Putri.
Éta Prabu Anom anu bogoheun ka putri,
basa keur damangna kénéh.
Barang Prabu Anom ningali ka Kulit Kaldé,
kagéteun pisan barina pok nyaur,
“Éh, Kulit Kaldé, cik urang dangsa cara baheula!”
Kabéh balad-baladna raong padangomong,
jeung nyurakan hayang mupuas ka Nyi Putri.

Nyi Putri henteu ngawalon,
tungkul baé tina bawaning ling¬sem,
angonanana paburencay tina asa digebahan,
sieuneun ku nu hohoak jeung susurakan.
Ti dinya Prabu Anom nu bubujeng maju deui.
Sanggeus kitu, Putri ngumpulkeun angonanana,
ari dibilang kalkunna kurang hiji,
ari ditéangan kalkun téh katingali aya dina talaga.
Putri reuwaseun kacida sieun dicarékan ku patani,
jeung éta kalkun pangdipikaresepna ku anjeunna.

Tina bawaning ku nyaah ka kalkun,
gebrus baé putri tuturubun lali di kasieun,
nyandak kalkun nu kakayapakan rék titeuleum.
Ari di¬candak kalkun téh geus paéh.
Barang Nyi Putri geus hanjat ka darat,
kalkun ditangtang-diténgténg bari sasambat,
“Éh kalkun kumaha manéh téh,
moal hirup deui, maenya manéh téh paéh?
Naha manéh mana teu karunya ka aing?
Cik muga-muga aya nu bisa deui ngahirupan!”

Keur putri sasambat kitu,
jleg baé aya nini-nini sarta pok ngomong,
“Kuring bisa ngahirupan, tapi mahal buruhna!”
Saur pulri, “Kaula ayeuna mawa duit,
lamun sam¬péan bisa ngahirupan,
éta duit ku kula dipaké buruh,
upama kurang, engké kula balangsiar deui!”
Cék nini-nini, “Ti mana boga duit?
Jeung rék dipaké naon ku sampéan éta duit?
Kumaha lamun éta kalkun hirup deui?”

Nyi Putri ngawalon yén éta artos téh,
kénging kekempel anjeunna, buruh ngangon.
Kawitna badé dianggo ngagaleuh anggoan,
kanggo mindingan kulit kaldé,
lantaran isin diparoyokan baé ku barudak.
Tapi lamun éta kalkun hirup deui,
éta duit kabéh rék dibikeun ka nini-nini.
“Kajeun béak ogé, kajeun dipoyokan ogé,
asal ieu kalkun hirup deui, da water,”
saur Nyi Putri bari ngalimba.

Ti dinya kalkun dihirupan deui ku nini-nini,
Nyi Putri nepi ka jijingklak bawaning ku atoh.
Sanggeus ngahirupan nini-nini téh ngajeungit,
jol Ipri jeung soang baréto téa bijil tina jero cai.
Ceuk Ipri, “Putri ayeuna siksaan anjeun geus béak,
sabab anjeun geus nandangan cocoba hirup perih,
jaba ti éta, anjeun ogé geus nyieun kahadéan
dibarung ku haté anu rido jeung ihlas.
Ayeuna mah kulit kaldé urang laan heula,
sarta anjeun baris dibéré pakéan nu aréndah.”

Teu sakara-kara, kulit kaldé leungit tina salirana,
janggélék deui jadi Putri Bianka anu geulis,
sarta nganggo anggoan anu sing sarwa éndah.
Nyi Putri nganuhunkeun ka Ipri.
Anjeunna jangji ka Ipri moal malikan deui
lampahna anu enggeus-enggeus,
lampahna anu matak sangsara ka saréréa.
Tuluy Nyi Putri ngajengkeun pamundut ka Ipri,
supaya ngahirupan deui kaldé ahéng téa,
kaldé anu ngisingna emas.

“Éta mah gampang,” saur Ipri ka Nyi Putri.
“Ngan kudu dipikiran heula sing asak,
sabab sanggeusna kaldé ahéng euweuh,
nagara Rama anjeun ayeuna langkung saé,
rahayatna hirup dibarung jeung hirupna.”
Saur Ipri, sanggeus euweuh kaldé ahéng,
rahayat di nagarana jadi nyaho kana gawé.
Aya anu nyawah, anu ngebon, anu dagang.
Lantaran henteu ngandelkeun tai kaldé téa.
Najan henteu medah-meduh, tapi cukup mamur.

Ku Nyi Putri kahartoseun, Ipri téh leres.
Sanggeus papatah, Ipri nitah soang inguanana,
supaya nganteurkeun Nyi Putri ka nagarana.
Les baé Ipri téh ngaleungit ka jero cai.
Tapi Nyi Putri nyimpang heula ka imah patani,
seja pamitan bari nganuhunkeun pisan
kana saniskara kahadéan patani sakulawarga
dina mangsa Nyi Putri nandangan lara balangsak.
Sakalian masrahkeun soang jeung kalkun,
anu jadi tanggung jawabna.

Barang nepi ka imah patani, kabéh karagét,
ningali putri geulis datang ka dinya.
Tuluy baé atuh Nyi Putri nyaritakeun lalakonna.
Ti mimiti hirup kacida senangna di jero karaton,
nepi ka kudu nandangan lara balangsak,
kadungsang-dungsang di lembur batur.
“Anu matak, kula kacida nganuhunkeunana
ka Paman jeung Bibi, anu haat nulungan kula,”
saur Nyi Putri ka patani sakulawarga.

Patani hookeun bengong ngadéngé carita Nyi Putri.
Ari pamajikanana ceurik kacida nalangsana,
karunyaeun kana nasib Nyi Putri.
Patani sakulawarga banget ménta dihampura,
lantaran teu nyana yén Kulit Kaldé téh putri raja.
Sanggeus kitu mah, terus baé Nyi Putri angkat,
teras dijajapkeun ku soang Ipri téa,
ngambah sagara mulih deui ka nagarana.
Ari Ipri harita teras ngawartosan Kangjeng Raja,
réhna Putri Bianka ayeuna lésot tina supatana,
sarta ayeuna nuju di jalan mulih ka nagara.

Kangjeng Raja sareng praméswari pak-pik-pek,
lajeng mapag Nyi Putri ka sisi basisir.
Teu lami, Nyi Putri sumping tumpak soang.
Nyi Putri énggal ngagabrug ka ibuna,
Kangjeng Raja ogé teras ngagabrug ka nu duaan.
Tiluan paungku-ungku, nangis nyacapkeun kasono.
Parapangagung anu ngiring mapagkeun Nyi Putri,
sami-sami nalangsa ningal anu sosonoan.
Ti dinya Nyi Putri dicandak ka karaton,
sajajalan dibagéakeun ku rahayat pangeusi nagri.

Putri Bianka ayeuna langkung geulis baé.
Geulis sanés pupulasan, geulis terus kana haté.
Anggoanana basajan, henteu hurung-hérang,
tapi cahyana langkung sumirat murub-mubyar.
Pasipatanana robah pisan ti nu atos-atos.
Ayeuna mah resep campur-gaul jeung rahayat.
Daék tutulung sarta henteu bauan kana gawé.
Putri Bianka dipikacinta sareng dipakareueus,
sanés baé ku ibu-ramana,
nanging ku sakumna rahayatna deuih.


from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

CARITA ORAY BODAS


Jaman baheula aya hiji raja gedé tur pinter,
kamashur ka mana-mendi.
Upama aya urus¬an di mana baé,
atawa perkara nu hésé dibéréskeunana,
raja¬ ti séjén nagara sok ngirimkeun utusan,
nyu¬hunkeun pitulung ka éta raja.
Kapinteranana ngungkulan sasamana harita,
malah pandita-pandita, bujangga-bujangga
euweuh pisan anu bisa mapakan,
najan anu kasebut sakumaha pinterna ogé.

Éta Raja boga lampah anu anéh.
Unggal poé bérés tuang,
sok miwarang badégana mawa baki,
anu ditutupan kacida bunina.
Diteundeun dina peti beusi anu dikonci,
sarta koncina dicepeng ku anjeunna.
Taya nu nyahoeun kana éta lampah raja téh,
iwal badégana saurang anu ngaran Pawitra.
Malah praméswarina ogé henteu uningaeun,
da cenah istri mah teu bisa neundeun rasiah.

Sanggeus éta baki disanggakeun ku Pawitra,
gancang Raja nitah kaluar ka Pawitra,
sarta panto-pantona dipeundeutan dikonci,
kakara dilaan turubna ati-ati pisan,
sarta eusina éta baki dituang saeutik,
tuluy dituruban deui ku anjeun.
Geus kitu kakara Ki Pawitra disaur deui,
dipiwarang ngampihkeun kana peti beusi téa.
Ki Pawitra ogé panasaraneun hayang nyaho,
naon saenyana anu ditutupan dina baki téh.

Hiji mangsa, basa Raja teu damang,
Ki Pawitra dipiwarang mawa baki téa,
tapi teu ditalingakeun cara sasari,
anu matak Ki Pawitra ngarasa laluasa,
pikeun nyacapkeun kapanasaranana,
nénjo eusi baki anu dirasiahkeun ku Raja.
Ari dibuka, sihoréng eusina téh oray bodas.
Oray bodas anu dagingna geus garing.
Ki Pawitra nyewol saeutik bari luak-lieuk,
belewek baé dihuapkeun rurusuhan.

Aya nu anéh sanggeus ngadahar éta daging.
Ki Pawitra jadi ngarti omongan sasatoan,
sakur sato anu kumelip di alam dunya.
Geus teg baé, éta kasiatna daging oray bodas.
Ki Pawitra ngomong dina jero atina,
“Paingan atuh Kangjeng Raja kacida pinterna,
aing ogé anu kakara ngadahar saeutik,
geus ngarti kana omongan sasatoan.”
Ki Pawitra beuki ajrih jeung hormat baé,
ka raja anu jadi dununganana.

Teu lila ti waktu harita,
Raja leungiteun lélépén inten kameumeutna,
hantem dikotéktak, weléh teu kapanggih.
Geus kitu abdi-abdina disaur, dikumpulkeun.
Ki Pawitra ogé milu kumpulan.
Ti dinya tuluy kabéh ku Raja dipariksa,
“Saha nu nyokot ali kula atawa nu mang¬gihan?
Ari diteundeunna dina méja deukeut jan¬déla.”
Kabéh taya anu ngaku, da teu rumasa,
malah cenah nyaho kana rupana ogé henteu.

Ngan teuing kumaha mimitina,
kabéh anu milu riungan, nuduh ka Pawitra.
Ari sababna, anu sok larsup ka kamar mah,
taya deui jalmana iwal ti Ki Pawitra.
Sanajan Ki Pawitra henteu ngaku ogé,
angger kudu néangan éta ali.
Lamun henteu kapanggih bakal dipaéhan.
Tapi sabalikna, lamun nepi ka kapanggih,
baris dibéré ganjaran ku Kangjeng Raja,
sagala kahayangna bakal ditedunan.

Sanggeus bubaran riungan abdi-abdi,
Ki Pawitra néangan ali inten.
Nu séjén ogé réa anu milu néangan,
lantaran kabita ku hadiahna ti raja.
Ber ka ditu ber ka dieu,
weléh henteu kapanggih.
Ki Pawitra kacida bingungeunana.
Tuluy baé ngahuleng, diuk di sisi solokan.
Solokan anu aya di tukangeun karaton.

Dina éta susukan loba meri kagungan Raja,
sarta éta meri téh keur ngalobrol.
Aya hiji meri anu ngangluh nyeri angen
jeung hésé ngambekan deuih.
Ari sababna, lantaran ngadahar ali inten,
ali inten kagungan Raja anu ragrag
kana jukut handapeun jandéla kamarna.
Éta obrolan meri kadéngéeun ku Ki Pawitra.
Ki Pawitra kacida pisan bungahna,
sarta ngucap sukur ka Gusti Alloh.

Tuluy baé éta meri nu maling téh ditéwak
dibawa ka dapur dibikeun ka koki,
sina dipeuncit, majar keur oporeun Raja.
Meri dipeuncit, terus diurus sakumaha biasa.
Awakna dibedél, ana goréhél téh aya ali,
ali inten dina deukeut jajantungna.
Koki kagét jeung atoh bari gegeroan,
“Pawitra! Geuwat ka dieu sakeudeung,
ieu aya ali inten, jigana mah kagungan Raja!”
Ki Pawitra nyampeurkeun, enya baé ali inten.

Ali ditampanana ku Ki Pawitra,
moal salah deui, tangtu ali kagungan Raja,
lantaran kacida alusna, intenna gugurilapan.
Ki Pawitra buru-buru ngadeuheusan ka Raja.
Raja kacida bungahna, alina kapanggih deui.
“Ti mana ieu téh kapanggihna?” saur Raja.
Barabat atuh Ki Pawitra nyaritakeun,
ti mimiti ngadéngé omongan meri,
nepi ka manggih ali dina telihna.
Raja muji kana kapinteran badégana.

Tuluy Raja nimbalan ka Ki Pawitra,
“Pawitra manéh hayang naon?
Ku kula moal burung dibéré,
tina kula rék mulang tarima ka manéh!”
Mimitina mah Ki Pawitra nolak,
tapi Raja tetep maksa, luyu jeung jangjina.
Ahirna Ki Pawitra ménta duit jeung kuda.
Sarta ménta idin hayang ngalalana,
hayang nyaho nagara séjén.
Ari duit keur bekelna salila ngalalana.

Saur Raja, “Hadé manéh boga kahayang kitu,
ambéh loba kanyaho jeung teu kurung batok.”
Ki Pawitra dibéré duit keur bekel ngalalana.
“Ari kuda mah milihan baé sorangan di istal,”
saur Raja, terus méré rupa-rupa piwejang.
Dihenteu-henteu ogé Ki Pawitra téh,
apan badéga anu pangkaanggona ku Raja.
Badéga anu geus kabuktian kasatianana,
sanajan sok aya baé ari kasalahan mah,
ku Raja dianggap wajar sipatning manusa.

Ki Pawitra geus nampa pasihan Raja,
tuluy sujud kana sampéanana bari amit;
geus indit Ki Pawitra jut turun,
tuluy ka dapur nyampeurkeun ka koki.
Koki dibéré duit emas ku Ki Pawitra,
atuh kacida pisan atoheunana.
Minangka mulang tarima,
pédah koki geus mantuan meuncit meri.
Ki Pawitra sakalian amitan ka koki,
yén manéhna rék nyaba ka séjén nagara.

Caturkeun Ki Pawitra geus jauh ti nagara.
Anjog baé ka hiji walungan gedé,
di dinya béh mang¬gih lauk emas tilu,
kasaatan di sisi walungan anu ngolétrak,
kawantu harita téh usum halodo panjang.
Éta lauk emas téh keur ngarobrol,
ngobrolkeun kasusahna lantaran halodo.
“Lamun urang teu bisa ingkah ti dieu,
teu bisa pindah kana leuwi anu jero,
tangtu urang saréréa bakal paraéh.”

Omongan lauk kadéngéeun ku Ki Pawitra.
Ki Pawitra turun tina kudana,
lauk emas anu tilu dicokotan hiji-hiji,
dipindah-pindahkeun ka leuwi anu jero.
“Leuh, untung aya urang manusa
anu nyaah ka urang, urang jadi salamet.
Ngan kumaha urang kudu mulang tarimana?”
Ceuk lauk nu hiji, “Urang béjaan kabéh lauk,
kudu nulungan ka nu geus nyaah ka urang,
dimana engké manéhna butuh pitulung.”

Ki Pawitra indit deui ti dinya.
Nepi kana hiji tempat di hiji pasir,
di dinya béh manggih sireum ngagunduk,
kacida lobana, malah rajana ogé aya.
Raja sireum téh ngomong pokna,
“Lah muga-muga teuing ieu jalma
nu tumpak kuda ulah jalan ka dieu,
lamun ka¬tincak ku kudana,
atuh meureun paraéh sireum téh kabéh”
Omongan Raja Sireum kadéngé ku Ki Pawitra.

Ki Pawitra teu tulus jalanna ka dinya,
néangan jalan anu séjén baé.
Raja Sireum téh atoh kabina-bina,
pok ngomong,“Lah nuhun urang manusa,
sampéan teu tulus jalan ka dieu,
engké di mana sampéan aya kasusah,
kuring sabatur-batur seja nulung,
tina rék mulang tarima,
réhna sampéan nyaah ka kuring!”

Ti dinya ki Pawitra tuluy maju deui,
nepi ka hiji leuweung geledegan,
di dinya ngadéngé manuk ngomong,
“Éh barudak, aing téh geus kolot,
geus teu bisa néangan hakaneun,
ayeuna mah néangan hakaneun sorangan.”
Ngomong kituna téh bari nyedekkeun
anakna tina sayangna na luhur tangkal.
Atuh anak-anakna téh marurag.
Tétéla dua anak gagak barurindil kénéh.

Éta anak gagak téh ngaromong sedih,
“Kumaha atuh petana urang téh,
mangkaning urang can bisa hiber.
Kaya kieu mah urang bakal paéh kalaparan,
da can bisa néangan hakaneun sorangan.”
Ki Pawitra ngangres ngadéngéna ogé.
Turun tina kudana, tuluy mesat pedang,
lékék baé kudana dipeuncit,
dagingna dibikeun ka anak gagak téa.
Anak gagak kacida atoheunana.

Anak gagak nyaratuan bari ngomong,
“Kumaha nya mulang tarimana urang
ka nu méré ieu daging?
Sakieu nyaaheunnana ka urang.”
Cék anak gagak nu hiji deui,
“Éh sugan baé urang dipanjangkeun umur,
di mana boga kasusah atawa kahayang
éta jalma ku urang ditulungan.
Ayeuna mah urang neneda ka Gusti Allah
supaya éta jalma dimulyakeun hirupna!”

Ti dinya Ki Pawitra nikreuh leumpang,
da ku¬dana geus dipeuncit,
nepi ka hiji nagara gedé sarta ramé.
Caritakeun Rajana geus sepuh pisan,
sarta kagungan putra istri hiji.
Éta putri putra Raja teu kira-kira geulisna.
Tapi teu acan palay kagungan carogé.
Seueur anu ngalamar, sadayana ditolak.
Ari Raja tos palay kagungan mantu,
anu baris neruskeun kalungguhanana.

Dina hiji mangsa, Raja naros ka Nyi Putri,
“Nyai téh hayang salaki anu kumaha atuh?
Ka itu embung ka ieu teu daék baé?”
Barabat atuh Nyi Putri ngawalon,
yén anjeunna can manggih lalaki anu cocog.
Lalaki anu lain kasép rupana baé,
alus turunan jeung darajatna wungkul,
tapi anu pinter jeung boga élmu deuih,
élmu anu mangpaat pikeun hirupna,
dibarung ku boga sipat nyaah ka sasama.

Ramana ngahuleng sajongjongan,
ngadangu saur pu¬trana kitu téh.
“Ama satuju kana pamilih Nyai téh.
Ngan kumaha carana meunangkeun lalaki,
anu luyu jeung kahayang Nyai?”
“Teu aya deui carana,” saur Nyi Putri,
“iwal ti kedah ngayakeun saémbara.”
Ari saémbarana nyaéta kudu nyokot ali
anu arék dialungkeun ku Nyi Putri
ka talaga anu kacida jerona di sisi nagri.

Sing saha baé anu bisa nyokot éta ali,
ali inten anu watangna ditarétés berlian,
baris dijadikeun salaki Nyi Putri.
Raja-raja jeung Raja Anom daratang,
seja milu saémbara nyokot ali.
Tapi saurang ogé taya nu bisaeun,
malah henteu saeutik anu titeuleum,
balik ngaran ka nagarana.
Anu salamet baralik deui ka nagarana,
kapok mun kudu narohkeun umur.

Éta saémbara kadéngé ku Ki Pawitra,
Tuluy baé Ki Pawitra ngadeuheus ka Raja,
maksudna rék milu kana éta saémbara.
Ku Raja diidinan milu saémbara,
sabab disangkana moal bisa meunang.
Tong boroning jalma cacah kuricakan,
cacakan turunan raja gedé ogé,
apan loba anu maot atawa balik deui.
Ngan cenah, Ki Pawitra bisa meunang,
Raja angger rék nohanan jangjina téa.

Cong Pawitra nyembah bari indit,
tuluy ka talaga rék milu saémbara téa.
datang ka sisi talaga kalah nga¬huleng,
nénjo talaga sakitu matak sieunna,
cai katénjo hideung ku jero-jerona,
kawas tanggel beunang diteuleuman.
Ki Pawitra jadi mandeg-mayong.
Ari rék mundur tina saémbara,
isin lantaran geus unjukan ka Raja.
Ki Pawitra kacida pisan bingungna.

Keur kitu pecenghul aya lauk emas tilu,
bijil ti jero talaga, kokojayan na beungeut cai.
Lauk nu hiji sungutna ngégél ki¬jing,
sarta éta lauk nyampeurkeun ka Ki Pawitra
anu keur ngajanteng di sisi pisan talaga.
Barang nepi ka hareupeun Ki Pawitra,
kijing nu di¬gégél dialungkeun,
sanggeus kitu lauk téh baralik ka nu jero.
Ki Pawitra héraneun pisan nénjo lampah lauk,
naon maksudna jeung naon éta téh?

Tuluy éta kijing ku Ki Pawitra dicokot,
pék dibuka ari béh téh eusina
ali emas mata inten kagungan Nyi Putru.
Ki Pawitra kagét, ngomong na jero atina:
“Paingan euweuh nu bisa nimukeun
da ayana ogé dina jero kijing,
jeung héran naha bet dibawa ku lauk?”
Ti dinya Ki Pawitra ras inget
kana omongan lauk nu ditulung tadi téa,
niatna rék mulang tarima ka Ki Pawitra.

Geus kitu geuwat baé ki Pawitra balik,
ngadeuheus ka Raja nyanggakeun ali téa.
Sadatangna, pok unjukan ka Raja,
“Ieu abdi nyanggakeun lélépén téa,
sadaya-daya ayeuna nyuhun timbalan.
Tina tos hasil sakumaha nu tos disaurkeun!”
Raja ngahuleng sajongjongan teu ngalahir,
tina kagét henteu nyana ali bisa beunang
ku jalma anu teu puguh asal-usulna.
Apan basa rék indit ogé dihampas ku Raja téh.

Ali dicandak ku Raja ka lebet bumi.
Disanggakeun ka Nyi Putri, saurna,
“Nyai, ieu ali téh geus beunang
ku jelema anu kamari téa.
Kumaha Nyai, daék kawin ka manéhna?”
Nyai Putri ngahuleng, manahna bingung,
lantaran henteu bogoh jeung lain sasama.
“Mangga, nanging abdi gaduh paménta,
Upami tiasa, tangtos abdi daék.”
Nyi Putri niat nolak ku cara lemes.

Paménta Nyi Putri téh kacida beuratna.
Nyaéta kudu mulungan béas sakarung,
anu diawurkeun di kebon anu bala,
sarta ulah aya nu tinggal sasiki-siki acan.
Ari waktu sapeuting, ti magrib nepi ka isuk.
Méméh meleték panonpoé,
éta béas kudu geus aya dina karung deui.
Paménta Nyi Putri dibéjakeun ka Ki Pawitra.
Puguh wé Ki Pawitra téh bingung kacida.
Disanggupan sotéh, pédah geus kagok asong.

Bada magrib, Nyi Putri ngawurkeun béas,
sakarung di kebon anu bala ku jujukutan.
Teu lila Ki Pawitra datang ka dinya.
Huleng deui baé ngahuleng, bingungeun.
Kumaha nyokotanana? Mangka poék bulan.
Keur kitu, ana burudul téh sireum,
rupa-rupa sireum datang dipingpin ku rajana.
Tuluy ngakutan béas sasiki séwang,
diasup-asupkeun kana karung.
Henteu lila, karung geus pinuh ku béas.

Nénjo kitu, Ki Pawitra ngucap sukur.
Ras inget kana omongan Raja Sireum téa,
anu rék nulungan mun manéhna
aya kahayang atawa meunang kasusah.
Méméh panonpoé meleték,
Ki Pawitra geus manggul karung,
disanggakeun ka payuneun Raja.
Raja kagét, tuluy nitah hiji matri
pikeun mariksa kaayaan di kebon,
bisi Pawitra bohong atawa aya béas nyésa.

Pabeubeurang Ki Mantri laporan,
Tétéla Ki Pawitra henteu ngabohong,
sarta di kebon taya béas anu nyésa.
Nyi Putri disaur, pok Raja sasauran,
“Kumaha Nyai, paménta Nyai
geus bisa ditedunan ku Ki Pawitra.”
Nyi Putri, ku tina embung téa,
nyieun deui tanjakan anyar.
“Hiji deui Ama, upami tiasa kacumponan,
abdi bade ngiringan ka pangersa Ama.”

Tanjakanana nu ayeuna mah leuwih beurat.
Nyaéta hayang dipangwakeun buah koldi,
tapi buah koldi tina tangkal kahuripan.
Kabéh ogé nyaho, buah koldi kahuripan téh,
ayana di puncak gunung anu sanget pisan.
Dijagana ogé ku bangsa siluman jeung yaksa.
Lantaran éta buah koldi gedé kasiatna.
Loba jalma anu nyoba-nyoba ngala éta buah,
hiji ogé taya anu bisa balik deui bari salamet.
Mun henteu paéh, nya jadi tanpadaksa.

Ngadéngé paménta Nyi Putri kitu,
Ki Pawitra leuwih-leuwih baé bingungna.
Ari rék mundur, apan kagok asong.
Nya disanggupan baé bari pasrah,
sugan aya kadar ditakdirkeun alus milik.
Nepi ka tutugan gunung anu sanget téa,
Ki Pawitra ngahuleng mikiran pilampaheun.
Keur kitu, lar aya dua gagak hiber.
Pluk-pluk baé duanana muragkeun buah,
ari dicokot, tétéla buah koldi kahuripan.

Ki Pawitra kacida bungahna,
ras manéhna inget kana omongan gagak,
anu dibéré daging kuda téa baréto.
Ayeuna éta gagak téh mulang tarima.
Buah koldi kahuripan gancang dicokot,
tuluy disanggakeun ka Raja di karaton.
Ayeuna mah Nyi Putri teu bisa nanaon,
daék teu daék kudu kawin ka Ki Pawitra.
Nyi Putri sadar kana kadar,
pangna kitu ogé meureun geus jodona.

Ahirna Ki Pawitra ditikahkeun ka Nyi Putri.
Ngaranna diganti jadi Radén Aria Tirtamarta.
Teu kungsi lila ti harita,
Radén Aria dijenengkeun jadi raja,
di Karajaan Kuripan ngagentos mertuana.
Nelah Prabu Anom Tirtamarta.
Kamashurkeun raja anu adil wijaksana,
sarta nyaah ka sasama mahluk.
Tong boroning ka rahayatna,
malah ka bangsa sato ogé kacida nyaahna.

Sanajan ayeuna geus jadi raja,
Raja Anom teu weléh émut ka Raja,
anu jadi dununganana baheula.
Tuluy baé badanten sareng istrina,
palay natamu ka karajaan asalna téa.
Teras baé Raja Anom ngintun serat,
ngawartosan ka raja dununganana téa,
yén ayeuna anjeunna geus jadi raja,
sarta palay nepangan ka raja,
anu kapungkur jadi dununganana.

Kacaritakeun Raja Anom sareng istrina,
angkat ngadeuheusan ka raja dununganana.
Sumping ka nu dijugjug,
Raja Anom dipapag ku raja dununganana.
Barang gok tepang, gabrug silihrangkul,
nangis bingah duaan paungku-ungku.
Der atuh ngayakeun pésta ramé pisan.
Ngabagéakeun Ki Pawitra
nu geus kasinugrahan jadi Raja Anom,
ngeréh Nagara Kuripan anu santosa.

Dina hiji waktos, raraméan geus lekasan.
Raja Anom sareng raja dununganana téa,
ngobrol paduduaan nyacapkeun kasono.
Raja Anom ngangken kana kalepatanana,
yén kapungkur kantos ngicip-ngicip
daging oray bodas kagungan raja,
dugi ka tiasa ngartos kana basa sato.
“Perkara éta, ku Kakang dihampura pisan,
asal ulah dibéja-béja ka nu lian,” saur raja.
Duanana pasini, rék matri tali silaturahmi.

from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

LUTUNG KASARUNG

Kacaturkeun aya hiji nagara,
Nagara Pasir Batang Anu Girang.
Nagara mahmur kerta raharja,
gemah ripah loh jinawi.
Rajana Prabu Ageung Tapa,
praméswarina anu geulis Nitisuari.
Geus lawas mangku kaprabon,
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara,
kalawan adil tur wijaksana.

Kangjeng Raja kagungan putra tujuh,
putrana téh istri sadayana.
Anu cikal jenenganana Purbararang,
anu kadua Purbaéndah,
anu katilu Purbadéwata.
anu kaopat Purbakancana
anu kalima Purbamanik.
Nu pangais bungsu Purbaleuwih.
Ari bungsuna, Purbasari Ayu Wangi.

Kangjeng Raja geus lawas mangku kaprabon,
aya niat badé lirén tina kalungguhanana,
badé teras ngabagawan nyirnakeun pikir.
Lajeng badanten sareng praméswari,
ngabadantenkeun pigentoseunana,
jadi ratu di Nagara Pasirbatang Anu Girang.
Duanana sapuk milih pigentoseunana,
nyaéta si bungsu Purbasari Ayu Wangi.

Énjingna Kangjeng Raja ngayakeun kempelan.
Patih, paramantri, paraponggawa sami hadir.
Hémpak sadayana pangagung di Paséban Agung.
Rahayat karumpul ngariung di alun-alun.
Pok Kangjeng Raja sasauran, nyarioskeun niatna,
seja masrahkeun kaprabon lajeng ngabagawan.
Ari anu ditunjuk janten gegentosna,
nyaéta putri bungsu Purbasari Ayu Wangi.
Kangjeng Raja teras jengkar ti karaton.

Putrana anu cikal, Purbararang,
kacida ambekna pédah teu kapilih jadi ratu.
Boga rasa kalindih ku Purbasari.
Purbasari dicarékan béak beresih,
tuluy diboboréhan ku kéler nahun,
awak jeung beungeutna jadi lestreng.
Purbasari diusir ti karaton,
disingkurkeun ka Gunung Cupu,
dianteurkeun ku Paman Léngsér,
disina cicing di saung butut sisi lamping.

Kacaritakeun di Kahiyangan,
Guru Minda putra Sunda Ambu,
ngimpi patepung jeung putri geulis,
rupana sasemu jeung Sunan Ambu.
Jorojoy timbul rasa cintana ka éta putri,
kadudut kalbu kapentang asmara.
Waktu riungan di paséban Kahiyangan,
Guru Minda maling-maling neuteup Ibu,
anu sasemu jeung putri dina impianana.

Kalakuan Guru Minda dianggap salah.
Guru Minda dititah indit ti Kahiyangan,
sarta kudu ka Buana Pancatengah.
Di dinya Guru Minda baris patepung
jeung putri anu sasemu jeung Sunan Ambu.
Guru Minda dibéré baju lutung,
anu kudu dipaké di Buana Pancatengah.
Ceuk Sunan Ambu, éta téh mangrupa jalan
sangkan bisa papanggih jeung putri téa.

Guru Minda turun ti Kahiyangan,
nya anjog ka hiji leuweung geledegan,
leuweung anu aya di Buana Pancatengah.
Rap baju lutungna dipaké,
jleg baé minda rupa jadi lutung.
Lutung lain salutung-lutungna,
tapi lutung anu kasarung ku lampahna.
Nya disebut baé Lutung Kasarung.

Urang caturkeun deui Nagara Pasirbatang.
Purbararang anu ayeuna geus jeneng ratu,
gawéna ngan sukan-sukan jeung curak-curak.
Hiji mangsa, Ratu hayang daging lutung.
Tuluy ngajurungan Paman Léngsér,
nitah Aki Panyumpit ngala lutung.
Lutung kudu kabawa pasosoré poé éta,
lamun paménta Ratu teu kacumponan,
Aki Panyumpit baris ditugel jangga,
dihukum pati ku cara diteukteuk beuheung.

Henteu talangké, Paman Léngsér indit,
ngajugjug ka imah Aki Panyumpit.
Kasampak Aki jeung Nini Panyumpit,
keur araya di imahna, teu kamarana-mana.
Barabat atuh Paman Léngsér cacarita,
nyaritakeun pamundut Ratu Purbararang.
Pamundutna mah henteu sabaraha,
ngan teuing ku beurat hukumanana,
mun teu hasil baris ditugel jangga.
Ku Aki Panyumpit disanggupan.

Aki Panyumpit indit ka leuweung,
mawa sumpit jeung paserna,
nyoréndang koja si déngdék poé.
Datang ka leuweung, teuing ku anéh,
henteu manggih sasatoan hiji-hiji acan.
Taya banténg, uncal, atawa mencek,
malah taya landak-landak acan.
Lutung anu biasana patinggurayang,
harita mah teu kadéngé sora-sorana acan.

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan,
mangkaning poé geus mimiti reupreupan.
Keur kitu, dina hiji tangkal anu gedé,
aya lutung keur diuk campego dina dahan.
Aki Panyumpit bungahna kaliwat saking.
Terus lutung disumpit, teu beunang.
Disumpit deui sababaraha kali,
lutung bisa pisan nyingcetkeun paserna.
Paser hiji gé taya nu ngagaris-garis acan.

Keur kitu, lutung téh ngomong,
“Oah, Aki Panyumpit, montong nyumpit!
Da kula mah moal kabur ieuh,
arék nurut kana sakahayang Aki!”
Aki Panyumpit kagét kabina-bina,
ngadéngé lutung bisa ngomong.
“Sukur, Utun, hayu atuh geura turun!”
Jrut lutung turun tina tangkal,
tuluy nyampeurkeun ka Aki Panyumpit.

Aki Panyumpit leumpang gagancangan,
sieun teu kaburu mawa lutung ka nagara.
Lutung ngiclik nuturkeun Aki Panyumpit.
Geus aya deui baé kajadian anu anéh.
Sasatoan anu tadi aruweuh, araya deui.
Aki Panyumpit kabéngbat ku moro.
Meunang uncal sapasang jeung mencek.
Diasupkeun kana koja si déngdék poé.
Lat poho kana dawuhan Ratu,
datang ka imah panonpoé geus surup.

Isukna lutung kakara dibawa ka karaton.
Aki Panyumpit sasadu ka Purbararang,
bari nyaritakeun lalakonna meunang lutung.
Aki Panyumpit dihampura ku Purbararang,
henteu tulus dihukum ditugel jangga,
sabab meunang lutung anu kacida gedéna.
Malah sabalikna tina sangkaan,
Aki Panyumpit dibéré rupa-rupa hadiah.
Dibéré kuda dawuk ruyung jeung rarahabna,
sarta dibéré batur lima kuren tamba keueung.

Geus datang kana mangsana dipeuncit,
lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna.
Dikepung ku jalma pirang-pirang,
kalah luluncatan ngaruksak paparabotan.
Eusi karaton burak-barik burakrakan.
Lutung henteu jadi dipeuncitna.
Ti dinya Purbararang nitah Paman Léngsér,
nganteurkeun lutung ka Gunung Cupu,
keur pibatureun putri bungsu Purbasari.

Kocap lutung geus aya di Gunung Cupu,
ngabaturan Purbasari anu keur prihatin.
Lutung karunyaeun ningali kaayaan Purbasari.
Awak hideung, papakéan rudin rudag-radig.
Barangdahar sakapanggihna saaya-aya.
Reup peuting, saré dina palupuh sabébék.
Tapi sorotna béda, aya semu Sunan Ambu.
“Boa-boa ieu putri dina impian téh,
keur dipingit ditapakeun,” gerentes lutung.

Reup peuting, lutung mapatkeun sirep.
Lenggut Purbasari katarajang tunduh,
les baé kulem teuing ku tibra.
Lutung ngegédogkeun salira.
Jleg baé ngajanggélék jadi Guru Minda.
Biur ngapung, jog anjog ka Kahiyangan.
Wawartos ka Jeng Ibu Sunan Ambu,
palay misalin putri Purbasari.
Kapalayna ditedunan ku Sunan Ambu.
Biur ngapung, jleg ka urut tadi, jadi deui lutung.

Isuk-isuk Purbasari ngulisik, tuluy hudang.
Kagét liwat saking ningali kaayaan anu béda.
Saré dina katil emas, kasurna tujuh susun.
Kamarna dipapaés emas berlian patinggurilap.
Saung butut robah jadi istana murub mubyar.
Pok Purbasari nyarita ka lutung,
“Utun, urang aya di mana, kasasar ka mendi?”
“Teu ka mana teu ka mendi, ieu mah pisalin lutung,
ladang nyileuk sapeupeuting.”

Purbasari dititah mandi di tampian istana anyar.
Gejebur mandi, diruruan sakujur badan.
Baranyay cahayaan, katémbong deui geulisna.
Réngsé mandi, papakéanana ogé diganti,
ku baju beunang nyadiakeun parabujangga,
anu ditunda dina kandaga emas di balé kancana.
Barang rap, nu geulis wuwuh murub-mubyar.
Geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina.
Lutung ngalingling ngadeuleu maling.
“Geulis temen Putri Purbasari,
geulis tanding widadari, semuna ngala ka Ambu.”

Ibur salelembur, éar sajajagat,
Di lamping Gunung Cupu aya istana agréng,
cahayana ngempur munggah murub mubyar.
Ahirna kaémpér-émpér ka karaton.
Paman Léngsér diutus pikeun muguhkeun,
sanggeus balik deui ka karaton hariweusweus,
bébéja ka Purbararang yén éta téh istana Purbasari.
Purbararang datang bedangna, bijil sirikna.
Nyieun tarékah pikeun nganyenyeri Purbasari.

Purbasari dititah ngabendung walungan,
keur marak lebah Leuwi Baranangsiang.
Éta bendungan kudu anggeus sapeuting,
lamun teu cumpon Purbasari ditugel jangga.
Ngadéngé paréntah kitu, Purbasari bati sedih.
Datang peuting ngan ukur bisa gulang-guling.
Lutung metakeun sirepna, Purbasari saré tibra.
Lutung mujasmédi neneda ka Sunan Ambu,
ménta sangkan Leuwi Baranangsiang dibendung.

Isukna, isuk-isuk pisan sumebar béja,
yén Leuwi Baranangsiang geus dibendung.
Aya anu nepikeun éta béja ka karaton.
Teu kungsi lila ti harita,
Purbararang jeung adi-adina anu lima,
arindit rék marak ka Leuwi Baranangsiang.
Diiring ku méh sakabéh pangeusi karaton.
Ditéma ku pirang-pirang rahayat,
bari marawa pakakas pikeun marak.

Datang ka Leuwi Baranangsiang,
Léngsér nabeuh bendé tanda marak dimitian.
Brus atuh jelema kabéh ancrub ka leuwi.
Anu nyair, anu ngecrik, anu ngobéng ogé aya.
Laukna rupa-rupa jeung teuing ku loba.
Purbararang marak di nu caina linduk,
ngahaja milih tempat anu sakira loba laukan.
Ari Purbasari marak di girangeunana,
marak sorangan teu campur jeung nu lian.

Keur kitu lar aya nonoman kasép ngaliwat.
Ngakukeun ngaran Guriang Kawung Luwuk.
Padahal nu saéstuna éta nonoman téh
Guru Minda anu teu maké baju lutungna.
Purbararang bogoheun ka éta nonoman,
tapi ku Sang Guriang ditolak sapajodogan.
Malah terus nyampeurkeun ka Purbasari,
marak paduduaan bari suka bungah.
Lir nu ngahaja mapanas ka Purbararang.

Purbararang panas haténa liwat saking.
Tuluy nitah Purbasari diperih pati deui,
dititah ngala banténg lilin suku gading.
Mun teu bukti, ditugel jangga hukumanana.
Ngadéngé paménta anu sakitu banggana,
Purbasari ceurik asa diteungteuinganan.
Tapi teu burung indit ka leuweung,
sosoranganan néangan banténg lilin.
Banténg kapanggih ngadangong di sampalan,
Purbasari ngayekyek sieun nénjo banténg.

Keur kitu torojol aki-aki kundang iteuk.
Ngakukeun ngaran Ki Kuwu Heubeul Isuk.
Padahal saenyana Guru Minda anu nyamur.
Purbasari ménta tulung pikeun néwak banténg.
Banténg digupay ku Ki Kuwu Heubeul Isuk.
Banténg nyampeurkeun, brek depa hareupeunana.
Ki Kuwu ménta buuk Purbasari salambar,
terus ditalikeun kana janggot banténg lilin,
dipaké nungtun banténg minangka tambangna.

Banténg lilin ditungtun ku Purbasari,
nurut najan ditungtun ngan ku buuk salambar.
Banténg dibawa ka jero dayeuh nagara.
Jog ka alun-alun, banténg dicangcang di dinya.
Dina tangkal caringin kurung juru alun-alun.
Ti dinya Purbasari asup ka jero karaton,
bébéja ka Purbararang yén paméntana katedunan,
banténg lilin suku gading mata beureum,
ngadungkuk sagedé saung buruk.

Harita kénéh Purbararang indit ka alun-alun.
Barang bréh ningali banténg ngarasa hémeng.
Aya banténg teuing ku alus jeung gedé deuih.
Purbarang nyampeurkeun banténg lilin,
tapi banténg ujug-ujug lumpat ka karaton,
tuluy ngamuk nubrukan sagala barang.
Bereyek paraponggawa ngepung banténg.
Tibatan beunang kalah ka loba nu kaleyek.
Ti dinya banténg kabur asup ka leuweung.

Purbararang beuki ambek baé ka Purbasari.
Tuluy ngajak paalus-alus ngahuma.
Lamun Purbasari éléh, baris dihukum pati.
Purbararang ngahumana di tanah anu subur,
parabotna lengkep jeung binihna loba.
Ari Purbasari dititah ngahuma di tanah angar.
Parabotna ngan saukur kujang buntung,
ditambahan ku boboko buntung sahiji.
Harita kénéh ogé Purbararang ngeprik rayat,
pikeun kerja bakti ngamimitian ngahuma.

Purbasari kalah ka bingung leuwih ti misti.
Rék ngamimitian ngahuma, ti mana mimitina.
Purbasari geus pasrah, narima kana takdir.
Ari batur pakumahana ngan ukur lutung.
Lutung mapatkeun sirep, reup Purbasari saré.
Lutung morosotkeun baju lutungna,
janggélék jadi Guru Minda anu kasép.
Biur ngapung ngajugjug ka Kahiyangan,
ménta pitulung ka Sunan Ambu.
Paméntana ditedunan ku Sunan Ambu.

Isukna, der Purbasari ngamimitian ngahuma,
dibantuan ku parabujangga jeung pohaci.
Tanah anu tadina angar lantaran cadas ngampar,
dadak sakala robah jadi tanah anu léndo.
Binihna binih petingan beunang ti Kahiyangan.
Anu digarawé teuing ku gancang jeung tapis.
Huma anu sakitu legana téh bisa réngsé sapoé.
Paréna morontod sarta teu keuna ku hama.

Barang tepi kana waktuna saémbara,
anu dijadikeun patokanana téh hasilna.
Jaksa anu baris méré pangajén geus sayaga,
kitu deui sakumna rahayat nu rék nyaksian.
Beubeunangan ngahuma Purbararang,
henteu sabaraha lantaran loba nu hapa.
Ari beubeunangan ngahuma Purbasari,
ngahunyud jeung ranggeuyanana baleuneur.
“Purbasari anu unggul!” ceuk Jaksa.
Rayat surat ngageder tandaning panuju.

Éléh ngahuma, Purbararang beuki panasaran.
Terus ngajak pangeunah-ngeunah kaolahan.
Purbararang ngeprik sakabéh juru masak,
der ubyag marasak di dapur karaton.
Jelema pahibut di dapur tangka heurin usik.
Tapi leuwih loba anu rék ngadon ngasaan,
batan anu digawé nyieun kaolahanana.
Ari Purbasari masakna di istanana baé,
dibantuan ku Pohaci Wiru Mananggay.

Datang kana mangsana saémbara,
rupa-rupa kadaharan ngabarak di karaton.
Sawatara urang anu ditunjuk jadi jaksa,
mimiti ngasaan kaolahan beunang Purbararang.
Rupa-rupa koméntarna, tapi kabéh taya nu alus.
Ceuk ieu cawérang, ceuk itu kurang samara.
Ceuk itu kurang uyah, ceuk ieu asin teuing.
Ari kana kaolahan Purbasari, taya nyawad.
“Nagara kawon!” ceuk jaksa ngagorowok.
Rayat surak ambal-ambalan tandaning suka.

Purbararang kalah beuki malik teu suka,
tuluy ngajak paalus-alus samping beunang ninun.
Samping Purbararang beunang ninun taun-taun,
lobana tilu puluh teu kurang teu leuwih.
Samping beunang ninun Purbasari,
ngunung-ngunung lobana sawidak lima.
Jaksa mariksa samping nu disaémbarakeun.
Samping Purbasari leuwih panjang tur kerep.
“Sinjang Purbasari leuwih alus!” ceuk jaksa.
Rayat émprak patarik-tarik tandaning sapuk.

Dasar bedang henteu kapalang,
Purbararang ngajak paalus-alus awak.
Dua putri nangtung di papanggungan,
disaksian ku jaksa jeung sakumna rayat.
Jaksa kolot nyureng bari ngahuleng,
wuwuh bingung nangtukeun piunggulna.
“Geulis sarua geulisna, lenjang sarua lenjangna.
Tapi lamun diawas-awas, diilik-ilik masing telik,
Purbararang awakna rada bongkok méongeun!”
“Hurséééh, Purbasari unggul!” rahayat surak.

Purbararang ambekna lain kaulinan,
terus ngajak pakasép-kasép kabogoh.
Purbararang ngasongkeun kabogohna,
Indra Jaya satria kasép ngalémpéréng konéng.
Ari Purbasari ngan ukur bisa merebey mili.
Salila ieu batur keueungna ngan ukur lutung.
Éta anu ku Purbararang dianggap kabogohna.
Purbasari éléh, sakumna rayat milu nalangsa.
Purbasari geus pasrah rék ditugel jangga.
Logojo geus rék ngaheumbatkeun gobang.

Keur kitu, lutung ngagédogkeun awakna.
Porosot baju lutung ngalumbuk lebah sukuna.
Janggélék jadi Guru Minda ti Kahiyangan.
Kabéh anu nénjo colohok mata simeuteun.
Galécok ngomong jeung padabaturna.
Satria ti mana, lalaki ti mendi?
Kakasépanana teu nyésakeun keur batur!
Guru Minda ngakukeun kabogoh Purbasari,
henteu kudu dijaksaan deui, da kabéh geus tingali,
kasépna ngaleuwihan ka Indra Jaya.

Rayat anu keur carolohok gancang sarurak,
“Hurséééh, Purbasari unggul, Purbararang éléh!”
Minangka hadiahna, Purbasari ngadeg raja,
ari Purbararang kudu daék ditugel jangga.
Purbararang ceurik bari nyembah acong-congan.
“Adi, neda hirup,” Purbararang ngageuri.
Rahayat saalun-alun, ngageder patingjorowok.
“Hutang nyeri bayar nyeri, hutang lara bayar lara!”
Tapi, dasar Purbasari gedé hampura welas asih,
Purbararang dihampura, teu tulus dihukum pati.

Kilang kitu, ari dihampura pisan henteu,
sabab pagawéan goréng kudu baé aya wawalesna.
Purbararang dijadikeun purah ninun unggal poé,
Purbaéndah dijadikeun purah ngantéh,
Purbadéwata purah ngarumat seupaheun,
Purbakancana purah ngarumat goah jeung leuit,
Purbamanik ngejejeman urang dapur.
Ari Purbaleuwih, anu sok ngabéla Purbasari,
dikawinkeun ka Ki Bagus Lembu Halang,
nu jadi patih di Pasir Batang Anu Girang.

Di luar karaton, Indra Jaya ngamuk,
bari sosoak nangtang gelut ka Guru Minda.
Guru Minda nangtung, dihalangan ku Ki Patih.
Ki Bagus Lembu Halang maju ka pakalangan,
teu sakara-kara Indra Jaya taluk ku sageprakan.
Indra Jaya ménta hirup, basana rék kumawula.
Indra Jaya dihampura ku Ki Patih,
dijadikeun tukang ngarit jeung ngajaga kuda.
Ayeuna anu ngaheuyeuk Pasirbatang geus merenah,
kaprabon geus kacangking ku nu boga hakna.

from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SANG PRABU JAKA SUSURU

Di Désa Sukaramé, Kacamatan Ciranjang,
kabawah ka Kabupatén Cianjur ayeuna,
aya lembur anu nelah Lembur Susuru,
lembur anu mibanda ajén carita,
nyaéta patilasan Sang Prabu Jaka Susuru,
sakumaha anu kaunggel,
dina carita anu dicaritakeun deui.

Kocapkeun di Nagara Pajajaran,
nagara anu subur mamur,
gemah ripah loh jinawi.
Ari anu jadi rajana harita,
Sang Prabu Siliwangi nu katujuh.
Raja anu adil tur wijaksana,
anu matak katurut ku abdi-abdina.

Kangjeng Raja kagungan putra pameget,
keur sumedeng rumaja putra,
belekesenteng buta tulang buta daging.
Ari rupina kasép taya babandinganana,
dedeg sampé rupa hadé,
dibarung ku hadé tata hadé basa.
Dupi kakasihna anu kaceluk,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi.

Ari dina hiji poé Sang Raja magelaran,
dideuheusan ku patih, parabupati,
jeung paramantri ponggawa sakabéh.
Sami hémpak di paséban balé agung.
Sang Raja mundut tinimbangan,
réh putrana rék dijenengkeun bupati,
di hiji kabupaten anyar,
anu kudu diadegkeun ku sorangan.

Sang Raja mariksa anu sami hémpak,
“Kumaha sapuk atawa henteu?
Upama aya anu henteu sapuk,
mending caritakeun baé ayeuna,
urang badamikeun kumaha hadéna.”
Nu dipariksa ngawalon saur manuk,
yén ngiringan kana pangersa Sang Raja.
“Sukur ari kabéh geus sapuk mah.”

Pok Sang Raja ngalahir ka putrana,
“Éta kabupa¬tén anyar téh kudu di wétan.
Pék téangan tempat pinagaraeun
anu aya di Tatar Alas Pasagi Wétan.
Tempat anu kacida alusna
pikeun dijadikeun nagara anyar.
Jig geura indit ti nagara ayeuna kénéh,
meungpeung ninggang dina mangsa nu utama.”

Méméh angkat ngantunkeun nagara,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
dipaparin jimat ku nu jadi ramana.
Nyaéta Makuta Siger Kancana
jeung Lawé Domas Kinasihan,
minangka tanda seuweu-siwi Siliwangi,
pencaran ti Nagara Pajajaran.

Sanggeus nyungkem ka kang rama,
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
nembé jengkar ti karaton,
di¬iring ku dua mantri kapetengan,
Sewana Giri jeung Sewana Guru,
nu baris ngaping ngajaring,
salami lumampah milari pinagaraeun
di Tatar Alas Pasagi Wétan.

Radén Anom angkatna badarat,
asruk-asrukan nyorang leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung luwang-liwung harieum geueumeun.
Ti poé ka poé lumampah taya reureuhna.
Dahar paké teu pati kapaliré,
saré ogé sakadar tamba palay.

Barang nepi ka hiji tempat,
reg tiluanana ngarandeg,
ngawas-ngawas patempatan.
Di dinya téh tanahna léndo,
caina curcor, kaayaanana hadé,
nu biasa disebut galudra ngupuk.
Cindekna pantes kacida pinagaraeun.

Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
énggal baé muja semedi,
nyu¬hunkeun pitulung Sang Hiang Otipati,
supaya éta tempat téh jadi nagara.
Panedana ditampi ku Nu Kawasa,
harita kénéh di dinya téh jleg baé jadi nagara.

Nagara teuing ku santosa,
bénténgna lima ngajegir,
hiji bénténg beusi, hiji bénténg waja,
hiji bénténg tambaga, hiji bénténg pérak,
hiji deui bénténg beusi purasani.
Karatonna ayana di tengah-tengah,
alus agréng sarta agem taya bangsana,
wantuning buatan Déwa.

Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi,
lajeng menekung deui ka Déwa,
nyuhunkeun pibaladeun: 8000 satria,
80.000 perjurit jeung 80 badéga
nu pinguruseun karaton.
Éta ogé tinekanan deui baé,
ku Déwa dilaksanakeun.

Dadak sakala nagara téh geus jadi ramé,
gegek cacah jiwana, dug-deg paimahanana.
Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi
miwarang hiji utusan ngadeu¬heusan ka ramana,
unjuk uninga yén nagara parantos ngadeg,
sakalian nyuhunkeun pingaraneun éta nagara.

Gancangna carita baé,
Utusan geus balik deui ti Pajajaran,
nagara anu anyar diadegkeun téh
dipaparin ngaran ku Raja Pajajaran,
nyaéta Nagara Tanjung Singuru,
sarta rajana dipaparin jenengan
Sang Prabu Jaka Susuru.

Nagara Tanjung Singuru,
lami-lami janten nagara kerta raharja,
pangeusina beuki tambah gegek baé.
Tapi Sang Prabu Jaka Susuru,
ngarasa keueung cuang-cieung,
taya batur pakumaha dina sela-sela
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara,
ku margi henteu kagungan praméswari.

Anjeunna nimbalan Mantri Sewana Guru
nga¬jugjug ka Nagara Bitungwulung,
réh aya selenting bawaning angin
yén Bupati Bitungwulung,
Pangéran Jungjang Buana,
kagungan putra istri dua.
Jenenganana Sekar Jayanti,
jeung adina Jayanti Kembang.

Sadatangna ka Bitungwulung,
Mantri Sewana Guru nepikeun maksudna,
ditampi ku Pangéran Jungjang Buana.
Ngan Ki Mantri teu werat salahsahijina,
lantaran putri duanana ogé gareulis,
geulis lain pupulasan sagala-galana,
surup pisan kana jadi praméswari.

Antukna baé éta putri téh dilamar duanana.
Ku ramana disanggakeun duanana.
Harita kénéh ogé dua putri dijajapkeun,
disarengan ku ramana diiring upacara.
Teras baé duanana diréndéngankeun
sareng Sang Prabu Jaka Susuru
di Nagara Tanjung Singuru.

Der baé atuh pesta ramé kacida,
tujuh poé tujuh peuting taya eureunna.
Tatabeuhan ngageder beurang-peuting.
Jalma daratang ti suklakna ti siklukna,
kabéh tamplok minuhan alun-alun,
némbongkeun kabungahna ka nu jadi raja,
yén ayeuna tos kagungan praméswari,
anu geulis kawanti-wanti, sadua-dua.

Sigeug heula anu keur oléng-pangan¬tén.
Kocap aya hiji raja di Gunung Gumuruh,
kakasihna Badak Tamela Sukla Panarak Jaya.
Éta raja di karatonna disarengan ku rai istri,
jenengan Ratna Kembang,
réh anjeunna teu acan kagungan garwa.
Lain teu niat lain teu hayang, cenah,
ngan nganti-nganti wanci nu mustari.

Ari éta Nagara Gunung Gumuruh,
pere¬nahna henteu jauh ti Tanjung Singuru.
Malah tepung wates jeung Tanjung Singuru.
Jadi waktu pésta réndéngan Sang Prabu Susuru,
karaméan nu sakitu matak geunjleungna,
hawar-hawar kadangueun ku Badak Tamela.
Katambah-tambah loba rahayat nagrina,
anu indit sirib ngadon lalajo karaméan pésta.

Nya tuluy mariksakeun ka raina,
“Nyai, di mana pésta anu kakuping téh?
Jeung méstakeun naon deuih?
Jigana henteu jauh ti nagara urang,
da loba rahayat urang anu ngadon lalajo.”
Ku Ratna Kembang di¬walon,
yén putra Bupati Bitungwulung duanana
diréndéngankeun ka Prabu Jaka Susuru,
péstana diayakeun di Tanjung Singuru.

Badak Tamela kacida ngarénjagna,
bendu munggah ngagugudug,
amarah munggah henteu kawadahan,
réh anjeunna aya manah ka éta dua putri,
dikemu ti baréto diceungceum ti baheula.
Ari ayeuna, geus meujeuhna manjing sawawa,
diiwat ku raja anyar tatanggana.
Duanana deuih, teu nyésakeun keur batur.

Badak Tamela ka luar ti karaton,
ngajugjug ka Tanjung Singuru
karepna gilig rék ngiwat putri nu dua.
Sajajalan anjeunna hulang-huleng,
néangan akal anu rikip tur lantip.
Barang geus manggih, nyéh seuri sorangan.
Raja anyar anu dianggapna cucungah,
baris meunang wawalesna anu satimpal.

Teu kungsi lila geus nepi baé ka nu dijugjug.
Ngajanteng sakeudeung hareupeun lawang jaga.
Mundut diunjukkeun ku nu ngajaga karaton,
tuluy Badak Tamela téh ngadeuheus
ka Prabu Jaka Susuru di srimanganti,
api-api nu rék ngabakti tawis katineung,
ka raja anu keur oléng pangantén.
Pok unjukan Badak Tamela unjukan,
“Nu mawi Kakang ngadeuheus téh
seja nyanggakeun tawis kagegelan,
nyaéta inten sagedé énéng.
Nanging aya hanjakalna saeutik.
Ku tina sakitu gedé¬na éta inten,
teu aya nu bisa ngajungjung-jungjungkeun acan.”

Sang Prabu Jaka Susuru katingal saregep,
kataji ku cariosan Badak Tamela.
Pok Badak Tamela sasuran deui.
“Rupina moal aya nu iasa nyandak éta inten,
anging Kang Rai Prabu Jaka Susuru,
anu kamashurkeun bedas tur sakti.
Dupi éta inten téh ayana di Kawas Domas.”

Prabu Jaka Susu¬ru téh percanten baé
kana sagala cariosan Badak Tamela téh.
Anjeunna geus teu kaampeuh,
palay geura ngéngingkeun éta inten.
Sanaos diwagel ku praméswari duanana,
anjeunna henteu ngagugu.
Pangrasana luhu élmu loba pangarti,
piraku henteu bisa kitu-kitu acan mah.

Teras baé anjeunna angkat ka Kawah Domas,
diiring ku Sewana Guru katut Sewana Giri.
Barang nepi ka biwir Kawas Domas,
tiluanana disuntrungkeun ku Badak Tamela,
gebrus baé kana kawah anu panas,
sarta tuluy éta kawah ditutup ku batu gedé.
Geus kitu Badak Tamela gura-giru balik deui,
muru ka Tanjung Singuru rék ngiwat putri.

Sekar Jayanti jeung Jayanti Kem¬bang
wantuning terusing kusumah,
duanana meunang wirasat goréng,
yén baris aya nu ngiwat.
Pikeun tanda yén satia ka carogé,
tuluy baé duanana ngalolos ti karaton,
mubus ka leuweung anu suni.
Nyaung-nyaung di tempat anu singkur.

Lami ti lami, dua putri téh kakandungan.
Barang nepi kana bulanna,
brol duanana babar patutur-tutur.
Putrana pameget kawas nu kem¬bar,
rupina kasép ngala ka ramana.
Murangkalih mulus banglus taya kuciwana.

Aya taunna éta dua pramés¬wari
hirup di leuweung katut dua putrana.
Pipindahan henteu netep di hiji tempat.
Lila-lila ka luar ti pileuweungan,
nya anjog ka Nagara Tanjung Sembara.
Din hiji mangsa, ngadeuheusan ka rajana,
nyarioskeun lalampahan ti awal nepi ka ahir.

Éta raja saé pisan pangangkenna
ka éta dua praméswari jeung putrana.
Dipernahkeun di karaton disaé-saé.
Ari jenengan nu jeneng raja di dinya,
nyaéta Prabu Gajah Kumarasakti.
Praméswarina kagungan dua,
Purba Déwata jeung Ratna Déwata.

Tina welasna ka Prabu Jaka Susuru,
énggal baé Gajah Kumarasakti mepek balad,
badé ngarurug Badak Tamela
nu harita ngajabel Nagara Tanjung Si¬nguru.
Sanggeus samakta prajurit katut pakarangna,
leugeudeut baé ti dayeuh Tanjung Sembara.
Ngajugjug ka Nagara Tanjung Singuru.

Badak Tamela geus tata-tata,
metakeun panganggo jeung pakarangna,
karepna rék némbongkeun kasakténna.
Badak Tamela kaluar ti karaton,
tuluy baé mapag musuh lir banténg ngamuk.
Balad-balad Tanjung Sembara patinggolépak,
dicacar bolang ku Badak Tamela.

Ningali galagat kitu,
Gajah Kumarasakti maju ka kapalangan.
Der perang tanding kacida ragotna.
Lila-lila Badak Tamela kasoran,
éléh jajatén ku Gajah Kumarasakti.
Badak Tamela teu bisa nyanggapulia,
tungtungna karingkus ku Gajah Kumaraksti.

Badak Tamela anu geus éléh jajatén,
ménta ampun ka Prabu Gajah Ku¬marasakti.
“Ampun Sang Prabu, kula ménta dihampura,
ménta hirup jeung huripna.”
Prabu Gajah Kumarasakti nimbalan,
Gajah Tamela baris dipaparin ampun,
tapi Prabu Jaka Susuru jeung pangiringna,
kudu dikaluarkeun deui ti Kawah Domas.

Gura-giru Badak Tamela ka Kawah Domas.
Batu gedé anu nutupan éta kawah,
diangkat tuluy dialungkeun jauh pisan,
kawantu Badak Tamela tanagana bedas.
Énggalna Prabu Jaka Susuru.
kitu deui Sewana Giri jeung Sewana Guru,
dikaluarkeun ti jero Kawah Domas.

Badak Tamela nyuhunkeun ampun,
bari ngabaktikeun rayina téa,
anu geulis Ratna Kembang.
Pangbaktina ku Prabu Jaka Susuru ditampi,
sarta tuluy Badak Tamela dijenengkeun
jadi bupati di Gunung Gumuruh.
Anu kabawah ku Nagara Tanjung Singuru.

Sasumpingna ka dayeuh Tanjung Singuru,
Sang Prabu Jaka Susuru silihrangkul
sareng Prabu Gajah Kumarasakti
nawiskeun tumarima kana pitulungna.
Ger pésta, tujuh poé tujuh peuting.
Leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus.
Lantaran sasatna éta pésta,
dipiluan ku abdi-abdi ti tilu nagara.

Sang Prabu Jaka Susuru teras-tumeras
ngeréh Nagara Tanjung Singuru,
diaping ku tilu praméswari: Sekar Jayanti,
Jayanti Kembang, jeung Rat¬na Kembang.
Tambih-tambih suka manahna,
ku margi ayeuna tos kagungan dua putra.
Ceuk sakaol, Prabu Jaka Susuru téh,
patilasanana natrat di Lembur Susuru téa.

from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

CIUNG WANARA

Nagara Galih Pakuan kaceluk nagara ma’mur,
kawéntar murah sandang murah pangan.
Rajana anu wijaksana sarta adil palamarta,
kakasihna Sang Permana di Kusuma.
Kagungan dua praméswari,
anu sepuh jenengananaNaganingrum,
anu anom Déwi Pangrenyep jenenganana.

Hanjakal, Sang Raja teu acan kagungan putra,
sanaos teu kendat neneda ka Nu Kawasa.
nanging weléh teu acan dikabul baé.
Sakitu anjeunna kagungan praméswari dua,
ditambih ku pirang-pirang selir gareulis.
Ari ponggawa anu diasih ku Sang Raja,
nyaéta Mama Léngsér nu jadi sesepuh karaton,
jeung hiji mantri anu nelah Arya Kebonan,
kapetengan sareng kapercantenan Sang Raja.

Kacarita hiji poé Sang Pérmana di Kusuma,
nuju kulem dijagi ku paraselir katut parekan.
Sabot kitu torojol Mantri Arya Kebonan,
maksudna rék ngadeuheus ka Kangjeng Raja.
Ningali kaayaan Kangjeng Raja nuju kitu,
ngadeuheusna kandeg, pok baé humandeuar,
“Bener, ngeunah jadi ratu mah,
teu cara aing hirup téh taya kasenangan.
Matak naon, lamun aing jadi raja!”

Éta omongan kadangueun ku Kangjeng Raja;
anjeunna gugah bari nyaur Arya Kebonan.
Nu disaur teu aya pikir rangkepan,
gancang baé ngadeuheusan, cong nyembah,
gék diuk bari tungkul payu¬neun raja.
Dawuhan Raja, “Manéh téh hayang jeneng raja?”
Arya Kebonan ngarasa kagét jeung isin,
teu nyangka omongna kadangueun ku Sang Raja.
Batan bisa nga¬walon mah kalah tambah ngeluk.

Sang Raja ngadawuh deui,
“Omong manéh kadéngé kabéh ku kami.
Lamun enya manéh hayang jeneng raja,
sarta sanggup ngalaksanakeun papancénna,
ku kami rék dicoba. Ayeuna kami rék tapa.
Nagara Galih Pakuan saeusina,
ku kami rék dipasrahkeun.
Tapi inget kudu adil palamarta,
sarta manéh ulah ganggu ka praméswari.
Kumaha manéh sanggup?”

Arya Kebonan ngahuleng sajongjongan,
geus kitu cong nyembah, pok unjukan,
“Nun Gusti, bendu disuhun duka disangga,
abdi Gusti neda sih hapuntenna.
Upami abdi Gusti badé dijantenkeun wawakil Gusti,
kateda kasuhun pisan, ditampi ku asta kalih.”
“Sukur atuh ari sanggup mah,” dawuh Sang Raja,
“Sa¬lila kami tapa, manéh anu ngawakilan,
jeung ayeuna ngaran manéh dilandi,
Radén Galuh Barma Wijaya Kusuma.”

Sanggeus masrahkeun kalungguhanana,
Kangjeng Raja sidakep sinuku tunggal,
les leungit tanpa lebih ilang tanpa karana,
jadi pandita di Gunung Padang,
anu terasna katelah Ajar Sukaresi.
Tapi saurang ogé teu aya anu terang,
yén anjénna téh asal Ratu Galih Pakuan.
Ku margi dina waktu ngaleungitna tadi,
nu nyaho téh ngan duaan baé,
nyaéta Arya Kebonan jeung Mama Léngsér.

Raja anyar, Radén Galuh Barma Wijaya Kusuma,
ujug-ujug pudigdig rasa manéh jadi raja,
teras linggih dina korsi karajaan.
Pok nim¬balan ka Mama Léngsér,
“Hé Léngsér, manéh kudu nakol bendé,
uarkeun ka abdi-abdi yén Kangjeng Raja,
Sang Permana di Kusuma ayeuna anom deui,
nya kami buktina. Lamun manéh kumawani,
nyaritakeun kajadian nu saenyana,
ulah sambat kaniaya, tangtu ditugel jangga.”

Léngsér henteu ngeunah haténa,
tina urut batur sakulah-sakolih,
ayeuna kudu disembah-sembah,
turug-turug sakitu kumalungkungna.
Méméh indit manéhna nyembah,
tapi nyembahna ku suku lain ku leungeun.
“Hé Léngsér, naha nyembah ku suku ka Ratu?”
Walon Léngsér, “Ih, bawaning ku suka haté,
Raja Sepuh anom deui, tur kasép taya bandingna.”
Saur Raja, “Sukur atuh ari atoh mah.”

Gancangna carita, Léngsér nabeuh bendé,
bari awong-awongan di alun-alun,
nguarkeun ka sakabéh abdi-abdi,
yén Sang Raja ayeuna anom deui.
Teu kungsi lila éta béwara geus nerekab,
sumebar ka suklakna ka siklukna.
Abdi-abdi nagara Galih Pakuan percaya.
Wantuning Sang Permana di Kusuma téh,
kaceluk ratu sakti mandraguna.
Ari éta Raja Anyar beuki kumagungan baé.

Kocapkeun dina hiji poé,
dua praméswari ngadeuheusan Sang Raja,
nyarioskeun aranjeunna sami ngimpén,
karagragan bulan kana pangkonan,
tur geus ditorah ku Ajar Sukaresi,
duanana bakal karagungan putra.
Ngadangu piunjuk praméswari kitu,
Sang Raja ngaraos hélok,
tuluy aya karep hayang nyoba-nyoba,
kana wewesén jeung kasaktén Ajar Sukaresi.

Praméswari duanana didangdanan siga bobot,
anu saurang dipiwarang ngandung kawali,
anu saurang deui kedah ngandung bokor emas.
Ajar Sukaresi disaur ti Gunung Padang.
Barang jol ogé Ki Ajar, dipariksa ku Sang Raja.
Saurna, “Coba Ki Ajar sebutkeun,
ieu pawa¬rang nu dua bobot atawa henteu?”
Walon Ki Ajar, “Sumuhun bobot.”
“Ari budakna awéwé atawa lalaki?”
“Sumuhun, putrana téh pameget duanana ogé.”

Sang Raja bendu teu kira-kira.
Bokor jeung kawali dipiwarang ditémbongkeun,
maksudna ngabohongkeun kana piunjuk Ki Ajar.
Bokor emas disépak, ragrag di Pulo Sumatra.
Éta sasakalana nu matak di Sumatra loba emas.
Kawali ogé disépak, ragragna di lebah lembur,
anu nepi ka ayeuna nelah Kawali.
Sang Raja wuwuh benduna, énggal nyabut keris,
di¬tewekkeun ka Ki Ajar, tapi keris kalah ka ngeluk.

Ari Ki Ajar némbongkeun jajaténna,
lelembutanana medal tina ragana,
ragana kantun ngalumbuk tanpa daya.
Bawaning ku palay pupuasan,
ku Sang Raja layon Ki Ajar disépak,
ragragna di Gunung Padang,
salin jinis jadi oray nu nelah Nagawiru.

Kacatur dua praméswari tuluy ngandeg,
patuanganana beuki ageung-beuki ageung.
Sanggeus jangkep salapan bulan,
brol Déwi Pangrenyep babar,
putrana pameget, lucu jeung kasép.
Kakasihna ditelahkeun Aria Banga.
Harita kénéh ngayakeun pésta,
wiréh raraosan Sang Raja lir ka putra pituin,
malah terus digadangkeun mangku kaprabon.

Kira-kira heuleut sabulan,
Sang Raja nyumpingan Naga¬ninrum,
duméh anjeunna ngaraos hémeng,
aya nu bobot sapuluh bulan tacan brol.
Naganingrum kasondong keur nangis baé.
Ku Sang Raja diupahan dilelemu,
malah terus anjeunna ébog,
ébog dina pangkonan Naganingrum,
bari mundut dipundayan, nepi ka kulemna.

Teu kungsi lila Sang Raja ngoréjat gugah,
lantaran ngadangu soara tan katingalan,
pokna, “Hé Raja dolim!
Sampéan geus nyiksa Ki Ajar Sukaresi,
anu teu tuah teu dosa.
Ku sabab éta, tangtu sampéan di ahir
bakal meunang wawalesna.”
Sang Raja ngahuleng ngaraga meneng,
ngémutan cariosan soara tan katingalan.

Awitna Sang Raja nyangka,
yén Naganingrum anu sasauran,
tapi tétéla piunjuk Naganingrum,
yén sora téh jolna tina patuanganana.
Wuwuh hémeng manah Sang Raja.
¬Mariksakeun bongbolongan ka ahli nujum.
Nu dipariksa ngawangsul,
yén Naganingrum putrana sangar,
engkéna matak runtag ka nagara.

Harita kénéh Naganingrum ditundung,
sina ingkah ti jero karaton,
dititah matuh di hulu dayeuh.
Sanggeus kitu Déwi Pangrenyep disaur,
dijangjian ku Sang Raja,
lamun Naganingrum babar,
putrana kudu buru-buru dipalidkeun.

Kacaturkeun barang ngaraos rék babar,
Naganingrum miwarang néang paraji,
tapi unggal indung-beurang padasuwung,
lantaran geus dijangjian ku Déwi Pangrenyep,
kabéh kudu ingkah ulah araya di imah.
Api-api niat rék nulungan,
buru-buru Déwi Pangrenyep ka hulu dayeuh,
sumping ka nu rék babar.

Sasumpingna, énggal Naganingrum diurus,
cepilna duanana dicocokan ku kapas,
ari socana duanana dilampat ku malam,
jeung panangan duanana dibarogod.
Naganingrum kagét, pok sasauran,
“Naha Nyai mana kaniaya teuing.
Ieu Embok teu ngadéngé naon-naon
jeung teu ningal naon-naon.”
“Wayahna Embok,” walon Déwi Pangrenyep,
“Kitu kedahna anu rék babar mah.”

Gancangna carita baé,
Naganingrum geus brol babar,
putrana pameget mulus tur kacida kasépna.
Tali ari-arina diteukteuk ku Déwi Pangrenyep,
orokna diwadahan ku kan¬daga,
sarta diteundeunan endog hayam hiji.
Sanggeus di¬tutup rapet pisan,
kandaga téh dipalidkeun ka Citanduy.

Ari santenna ditenung jadi kirik,
sarta tuluy diun¬jukkeun ka Sang Raja,
yén Naganingrum putrana kirik.
Sang Raja kacida benduna,
miwarang Léngsér nelasan Naganingrum.
Tapi Léngsér panjang pikiran.
Naganingrum dipernahkeun di nu singkur,
didakukeun geus disébakeun ka duruwiksa.

Kocap deui kandaga anu dieusi orok,
ngang¬kleung di Walungan Citanduy;
beuki hilir beuki ka sisi baé,
lila-lila nyang¬sang di lebah badodon,
tataheunan Aki Balangantrang.
Ti peutingna Nini Balangantrang ngimpi,
ngimpi ngalahun bulan,
atuh Nini téh kacida atoheunana,
boga rasa bakal meunang bagja.

Gancangna baé Aki jeung Nini,
arindit naréang tataheunan.
Tapi barang ningal kandaga,
geus teu nolih kana badodon,
panyangkana éta kandaga dieusi dunyabrana.
Ari dibuka, sihoréng eusina orok lalaki.
Nini Balangantrang suka taya babandinganana,
wantuning hayang boga anak ti babaheula.
Rigidig baé kandaga téh dipanggul ku Aki,
dibawa nyingkur ka lembur Geger Sunten.

Murangkalih kacida morontodna,
yuswa tujuh poé geus kawas nu tujuh bulan,
yuswa tujuh bulan geus kawas nu tujuh tahun,
malah ahirna mah geus sawawa baé.
Ku Nini jeung Aki kacida dipikanyaahna.
Kawantu murangkalih taya kuciwana.
Keur kasép téh loba kabisana deuih,
kabisa nu geus nyampak ti barang lahir.
Tapi nepi ka harita mah éta murangkalih,
can dibéré ngaran ku Nini-Aki Balangantrang.

Dina hiji poé, murangkalih ngiring ka leuweung.
Ningali aya manuk aclog-aclogan dina tangkal.
“Aki, manuk naon éta téh ngaranna?”
“Éta téh manuk ciung,” walon Aki.
Teu kungsi lila, ningal sato gugurayangan.
“Ari itu, sato naon ngaranna, Ki?”
“Éta téh ngaranna wanara,” walon Aki.
“Kumaha Ki, mun ngaran kuring téh Ciung Wanara?”
“Atuh, kacida alusna éta ngaran téh,” ceuk Aki.
Ti harita, nelah baé ngaranna Ciung Wanara.

Dina hiji poé Ciung Wanara téh ngapung,
ti awang-¬awang ningali karaton Galih Pakuan.
Harita téh kabeneran Aria Banga nuju ameng,
diaping ku paraménak,
dipajengan ku pajeng bawat.
Ciung Wanara ngentab manahna,
ningali Aria Banga sakitu didama-dama¬na.
Ari salira anjeunna sakitu kasangsarana.
Salamina hirup di lembur singkur.

Sanggeus lungsur deui ka bumi,
jleg di hareupeun Aki Balangantrang,
Ciung Wanara téh sasauran,
yén hoyong kagungan hayam adu.
“Di dieu mah teu aya hayam adu.
Éta baé endog anu tina kandaga
candak ka Gunung Padang,
nyuhunkeun disileungleuman ku Nagawiru.”
Ciung Wanara henteu talangké,
harita gé biur baé nga¬pung ka Gunung Padang.

Sasumpingna ti Gunung Padang,
bari mawa hayam jago alus naker,
Ciung Wanara marik¬sakeun ibu rama.
Ciung Wanara teu percayaeun,
disebutkeun anak Nini-Aki Balangantrang téh.
Tungtung¬na Aki téh ménta témpo sapeuting,
susuganan aya bong¬bolongan ti Déwa.
Peutingna Aki Balangantrang ngimpi,
yén Ciung Wanara téh saenyana mah,
putra Sang Per¬mana di Kusuma ti Naganingrum.

“Lamun kitu,” saur Ciung Wanara téh,
“Kuring arék ka dayeuh Galih Pakuan,
rék ngadon ngadu hayam di ditu.
Ieu hayam urang adukeun jeung hayam raja.”
Aki jeung Nini Balangantrang ngahulag,
duanana embung ditinggalkeun.
Tapi tina bawaning keukeuh Ciung Wanara,
tungtungna téh dibralkeun baé.
Saméméh jung, dirangkulan ku Nini jeung Aki,
bari padangadoakeun sing lulus banglus.

Biur Ciung Wanara ngapung.
Di satengahing jalan salin rupa,
jadi budak hideung goréng patut jeung bu¬citreuk.
Hayamna ogé nya kitu deuih,
dijieun hayam turundul jaba tukung,
teu meueus-meueus acan jiga hayam adu.
Barang nepi ka sisi dayeuh,
Ciung Wanara nyirorot, jleg baé napak lemah.
Di karaton ditanya ku gulang-gulang,
saha ngaran, anak saha jeung urang mana.

Ciung Wanara ngawalon sangeunahna,
“Kaula téh anak Ema pamajikan Bapa.
Ari lembur anu dilingkung ku kikis,
nu imahna nyanghareupan buruan,
jeung ngagigirkeun pipir.
Perkara ditanya ngaran, kaula mah lain tikukur.”
Gulang-gulang kacida ambekeunana,
tuluy ngarontok ka budak hideung.
Les baé budak téh ngiles, teu kanyahoan losna.
Sihoréng ka alun-alun, jadi deui Ciung Wanara.

Diunjukkeun ka Sang Raja,
yén aya budak cucungah, kitu-kitu pandéna.
Sang Raja nimbalan Léngsér néangan éta budak.
Ari Léngsér geus terus rasa,
geus nyahoeun lain budak samanéa,
budak sotéh ngan warugana wungkul,
da ari batinna mah dununganana,
nyaéta Sang Permana di Kusuma.
Nurutkeun itunganana,
éta budak tangtu aya di alun-alun.

Ana béh téh henteu samar deui,
itungan Léngsér henteu nyalahan.
Gancangna Ciung Wanara dideuheuskeun ka Raja.
Dipariksa ku Sang Raja, ngajawab satarabasna,
kieu pokna, “Abdi Gusti Ciung Wanara,
anak Aki Bala¬ngantrang ti Geger Sunten.
Ka dieu téh réhna gaduh hayam aben rada anéh.
Indung hayam lamina ngendog sataun,
sayangna dina kandaga,
méméh megar palid heula.”

Saur Sang Raja, “Hayam kami mah si Jelug,
nyatuna gé sapoé satanggungan.
Hayam manéh geus tangtu éléh.
Naon ti manéh tumpanganana?”
Piunjuk Ciung Wanara,
“Saupami hayam abdi Gusti kawon,
abdi nyanggakeun pati hurip.
Sawangsulna upami kagungan Gusti anu kawon,
abdi Gusti nyuhunkeun nagara sabeulah,
katut karaton sapuratina.”

Sang Raja geus ngarasa ujub,
yén hayam Ciung Wanara nu bakal éléh.
Sabab Si Jelug can kungsi asor di pakalangan.
Sanggeus maitkeun jangji pasini,
prung baé ngadu hayam.
Ngan sageprakan pisan,
si Jelug geus paragat nyawana.
Ciung Wanara ngibing tatandang,
lir banténg néangan lawan.

Sang Raja nyaur, “Ka dieu Radén!
Ama arék papas¬rahan nagara.
Nagara Galih Pakuan dibagi dua.
Beulah kulon ba¬gian Ciung Wanara,
beulah wétan bagian Aria Banga.”
Aria Banga harita kénéh disaur.
Disaksian ku paramantri pong¬gawa,
dua putra lajeng diistrénan,
sami-sami kenging gelaran Sang Prabu.

Prabu Ciung Wanara geus madaleman,
sasarengan sareng ibuna, Naganingrum.
Hiji poé Ciung Wanara sasauran jeung Lengser,
nyarioskeun raja satru katut ibu kawalonna,
geus meujeuhna meunang hukuman.
Ku Léngsér geus dirujukan;
tuluy Ciung Wanara ngadamel panjara beusi.
Ari pan¬jarana geus anggeus,
diunjukkeun ka Sang Raja,
didakukeun cawis abdi-abdi nu jarahat.

Sang Raja taya kacuriga,
malah teras ningalian éta panjara,
diiring ku Déwi Pangrenyep.
Semu resep naringalianana téh,
nepi ka lalebet pisan naringalian jerona.
Geus kitu mah ku Ciung Wanara,
dipeundeutkeun panto panjara téh,
jeprét disosi sarta dibaguded ranté beusi.
Sang Raja jeung praméswari sasambat,
ku Ciung Wanara henteu ditolih.

Kacaturkeun Aria Banga,
sanggeus uninga yen ibu-ramana dipanjara,
énggal baé narajang Ciung Wanara,
der ga¬lungan padanémbongkeun kasaktén.
Perang tanding beurang-peuting,
taya nu éléh taya nu meunang.
Beuki lila beuki jauh ti nagara,
tungtungna jol baé nepi ka sisi walungan.

Aria Banga katéwak tuluy baé dibalangkeun,
ngalayang nepi ka peuntas ti wétan.
Kersaning Pangéran, Aria Banga dipaparinan émut.
Pokna, “Ayeuna mah urang eureunan mumusuhan,
pamali tarung jeung dulur, anggur urang pada-pada
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara.
Kakang bagian ka wétan, adi bagian ka kulon.
Ieu walungan jadi watesna, urang telahkeun Cipamali,
sangkan jadi panginget-nginget keur urang,
pamali bengkah jeung dulur.”

Sanggeus kitu, Ciung Wanara mulang ka nagara.
Ari panjara, harita kénéh disépak katut eusina,
tuluy rag¬rag di palebah lembur,
anu nelah Kandangwesi tug nepi ka kiwari.
Dayeuh Galih Pakuan dipindahkeun ka béh kulon,
ditelahkeun Pakuan Pajajaran.
Ciung Wanara jumeneng raja bari diaping ku ibu,
lulus mulus teu aya cela cangcala.

(Catetan uing: Carita di luhur ku Sacadibrata dijudulan "Sasakala Cioamali")
from : http://dongeng-uing.blogspot.com/