Kamis, 07 Februari 2013

SASAKALA MAUNG PANJALU


Kocapkeun di Karajaan Majapait,
Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk éta nagara,
keur anteng neuteup bulan purnama.
Nginget-nginget kajadian mangsa ka tukang,
kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan,
Karajaan Majapait jeung Karajaan Pajajaran.
Kajadianana mémang geus lila pisan,
geus kaliwat sapuluh kitu taun ka tukang.
Nyaéta kajadian anu katelah Perang Bubat.

Timbul niat anu luhung dina manahna.
Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran,
anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub.
Sabab dihenteu-henteu ogé,
upama dijujut ka puhu mah,
Raja Majapait jeung Raja Pajajaran téh,
ti karuhunna mah tunggal sakocoran.
Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan.
Kabeneran Prabu Brawijaya lalagasan kénéh.

Sang Prabu Brawijaya énggal nyaur Patih.
Barabat atuh nyaritakeun pamaksudanana,
nyaéta ngalamar putri Karajaan Pajajaran,
anu geulis Putri Kencana Rarang.
Tujuanana, taya lian pikeun nyambungkeun
tali silaturahmi anu kungsi pegat pisan.
“Kasalahan karuhun urang baheula,
henteu hadé lamun akibatna terus dikukut,
sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu.”
Patih sapuk kana pamaksudan Sang Prabu.

Poé éta kénéh Patih tatan-tatan,
ngumpulkeun balad sarta nyadiakeun bekel,
pikeun indit ngajugjug ka Karajaan Pajajaran.
Éta rombongan diluluguan ku hiji Mantri.
Dina waktu anu geus ditangtukeun,
éta rombongan utusan Majapait téh,
indit ninggalkeun nagarana maju ngulon.
Lalampahan anu henteu gampang,
lantaran nyorang leuweung geledegan.

Kacaturkeun éta rombongan utusan téh,
geus tepi baé ka puseur dayeuh Nagara Pajajaran,
anu perenahna di Dayeuh Kawali.
Utusan Majapait meunang pangbagéa anu hadé,
boh ti rahayat Pajajaran, boh ti Raja Pajajaran.
Mantri anu jadi kokolot utusan Majapait,
masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya,
unggelna seja ngalamar Putri Kencana Rarang,
bari sakantenan maheutkeun deui tali silaturahmi,
antara Karajaan Majapait jeung Pajajaran.

Raja Pajajaran nampi éta lamaran,
ngingetkeun kana niat luhung Raja Majapait.
Ajakan pikeun hirup sauyunan,
mémang kudu ditarima kalawan jembar.
Manakomo, Sang Prabu Brawijaya téh
yuswana teu sabaraha géséh sareng Nyi Putri.
Tumut kana kapalay sepuhna,
Nyi Putri ogé kersa dipihukum ku Raja Majapait.
Malah harita kénéh ogé ditangtukeun waktuna.
Wanci anu mustari pikeun jatukrami.

Dina waktu anu geus ditangtukeun,
Sang Prabu Brawijaya sareng rombonganana,
angkat ka Pajajaran kanggo réndéngan.
Sadugina ka Pajajaran, teras baé diréndéngankeun
nyandingkeun kembang Pajajaran Kencana Rarang.
Munggah nurub cupu, nu kasép sareng nu geulis.
Der atuh ngayakeun pésta kacida raména.
Pésta nagara tujuh poé tujuh peuting.
Sagala tatabeuhan ngageder taya reureuhna,
lir anu némbongkeun kabungah nyacapkeun kasono.

Sanggeus réngsé pésta jeung sukan-sukan,
Putri Kencana Rarang dicandak ka Majapait.
Ngiring ka ingkang carogé ngaheuyeuk dayeuh.
Rumah tanggana éstuning reugreug pageuh,
ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh.
Sawatara bulan ti harita Putri Kencana Rarang
wawartos ka carogéna yén anjeunna ngandeg.
Sang Prabu Brawijaya kalintang suka manahna.

Nalika bobotna badé majeng ka salapan sasih,
bet jorojoy wé dina manah Nyi Putri,
aya kapalay nyelang mulih ka Pajajaran,
ku margi palay babar di bali geusanna ngajadi,
disakaikeun ku ibu-ramana katut kadang wargi.
Kawitna mah ku Sang Prabu teu kawidian.
Komo deui Nyi Putri dina kaayaan bobot,
anu ceuk itungan indung beurang mah,
moal dugi ka sasasih ogé orok baris medal.

Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh,
sareng nyariosna dibarung ku merebey mili,
ahirna mah Sang Prabu téh léah manahna.
“Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah.
Mung hapunten, Engkang teu tiasa ngajajapkeun,
ku margi nuju pameng mayunan nagara,”
saur Sang Prabu Brawijaya.
Anjeunna ngutus hiji Mantri kapetengan,
kanggo ngajajapkeun Nyi Putri ka Pajajaran.

Sanggeus bekel katut parapangiringna sadia,
bring atuh rombongan Putri Kencana Rarang
angkat ti Majapait seja ngajugjug ka Pajajaran.
Angkat nyacat nyorang leuweung geledegan,
mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang.
Nyi Putri angkatna ditandu kana joli.
Diaping ku Mantri katut paraponggawa.
Sanaos kedah nyorang jalan rarumpil,
Nyi Putri katingal paromanna bear marahmay,
ku margi badé tepang sareng ibu-ramana.

Sanggeus sababaraha puluh poé lumampah,
rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat,
di suku Gunung Sawal, kuloneun Ciamis ayeuna.
Nyi Putri ngaraos nahnay sareng lalesu.
Sering karaos patuangan sapertos nu badé babar.
Terus baé pupuhu rombongan téh paparéntah,
supaya rombongan eureun di dinya,
sarta nyieun sasaungan pikeun Nyi Putri reureuh,
jeung bisi enya deuih Nyi Putri babar di dinya.

Mantri pupuhu rombongan paparéntah deui,
supaya ngadegkeun wawangunan anu tohaga.
Sabab Ki Mantri ningali galagat Nyi Putri,
kana bakal lami reureuhna di dinya.
Pikeun nyieun éta wawangunan téa,
loba tangkal kai anu rubuh ditaluaran,
anu ku urang wétan mah disebutna “tumbang”.
Éta tempat dingaranan baé Panumbangan.
Kiwari ngaran kacamatan di Ciamis kulon.

Henteu lepat tina panyangka sadayana,
teu lami ti harita Nyi Putri ngalahirkeun.
Orokna kembar sapasang: istri-pameget.
Anu mimiti medal téh orok anu pameget,
anu matak dianggap baé rakana.
Ari anu istri, dianggap raina.
Ari balina dilebetkeun kana pendil,
sarta dikubur di handapeun tangkal kai,
kai badag sarta dahanna ngarampidak.

Saparantos Nyi Putri salirana jagjag,
rombongan neruskeun deui lalampahanana,
ngajugjug ka Kawali, puseur dayeuh Pajajaran.
Sababaraha poé ti harita rombongan geus tepi.
Nyi Putri dibagéakeun ku ibu-ramana,
dibarung ku kabungah anu taya hinggana.
Komo deui ieu mulihna bari nyandak murangkalih,
kembar sapasang anu kasép jeung geulis,
éstu mulus sarta taya kuciwana.

Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana,
Ti kawit angkat ti Majapait
dugi ka babarna di Panumbangan.
Mung éta murangkalih anu dua téa,
teu acan dipaparin jenengan.
Saparantos diétang sagala rupina,
éta dua murangkalih dipaparin jenengan
ku éyangna, nyaéta Raja Pajajaran.
Anu pameget jenenganana Bongbang Rarang,
ari anu istri jenenganana Bongbang Kancana.

Éta murangkalih dirorok ku éyangna,
kitu deui ibuna, Kencana Rarang,
henteu mulih deui ka carogéna di Majapait,
nyaéta ka Sang Prabu Brawijaya téa.
Éta dua murangkalih morontod pisan.
Beuki gedé téh beuki témbong cahayana.
Bongbang Rarang kasép lir Déwa Kamajaya.
Bongbang Kancana geulis lir Déwi Ratih.
Kacida pisan dipikanyaahna ku nu jadi éyang,
kawantu putu ti putra istri kameumeut.

Tapi nepi ka umurna nincak rumaja,
éta barudak téh henteu nyahoeun bapa,
lantaran kacida dibunianana ku akina.
Kitu deui sakabéh pangeusi karaton,
diwanti-wanti ulah aya anu nyaritakeun
bapana éta barudak anu aya di Majapait.
Lain ku nanaon, akina kacida risina,
sieun incu anu kacida dipikanyaahna,
indit nepungan bapana di Majapait,
sasatna mah lunta ti Karajaan Pajajaran.

Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana,
panasaran hayang nyaho bapana anu saéstu.
Unggal nanyakeun ka sing saha baé,
jawabanana sarua, bapana téh Raja Pajajaran.
Éta jawaban henteu nyugemakeun haténa.
Sabab ibuna ka Raja Pajajaran téh nyebot Ama,
meureun ka maranéhna téh perenah incu.
Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana,
beuki gedé téh beuki tambah panasaran baé.

Nepi ka hiji mangsa mah,
éta dua budak téh ngadesek hiji emban,
emban kapercayaan ibuna ti bubudak,
supaya ngabéjakeun bapana anu sajati.
Ku lantaran terus diguliksek,
ditanya ku duaan méh unggal usik.
Ahirna éta emban téh éléh déét.
Pok baé atuh ngomong halon,
“Rama Radén téh anu saleresna mah,
Sang Prabu Brawijaya Raja Majapait.”

Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun bapana.
Tangtu wé éta hal téh matak kagét Sang Raja.
Ditanya saha anu méré nyaho?
Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana,
henteu daék betus lantaran inget kana jangjina,
moal ngabéjakeun jalma anu méré nyahona.
Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit,
angkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapait.
Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan baé,
lantaran melang bisi kuma onam di jalanna.

Ahirna dina hiji peuting jemplang-jempling,
Bongbang Rarang ngalolos ti karaton,
niatna geus gilig rék indit ka Majapait,
nepungan bapana anu jadi raja di Majapait.
Isukna, sapangeusi karaton ibur,
Bongbang Rarang teu aya di karaton.
Bur-ber anu naréangan ka ditu ka dieu.
Weléh anu ditéanganana henteu kapanggih,
leungit lir anu diteureuy ku poékna bumi.

Kocapkeun adina, Bongbang Kancana,
sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos,
rerencepan nyusul ngalolos ti karaton.
Henteu lila ogé Bongbang Rarang kasusul,
lantaran saméméhna geus pasini jangji,
tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun.
Terus atuh duanana neruskeun lalampahan,
maksudna rék ngajugjug ka Majapait,
nepungan bapana anu jadi raja di ditu.

Barang nepi ka hiji tempat,
anu kiwari katelah Panumbangan téa,
Bongbang Larang kacida hanaangna.
Kotéténgan néangan cai ka ditu ka dieu,
weléh henteu manggih.
Bréh baé ningali pendil handapeun tangkal,
ditingali ku Bongbang Larang aya caian,
caina hérang ngagenclang bangun tiis.
Matak uruy nu keur meujeuhna hanaang.

Henteu diengkékeun deui,
cai dina pendil téh ditotor nepi ka béak.
Teuing kumaha mimitina pendil milepas,
blus téh asup kana sirah Bongbang Larang.
Sirah Bongbang Larang seret beuheung,
katutupan ku pendil anu dijieunna tina beusi.
Dicoba dilaan, malah ku duaan, hésé pisan.
Ti dinya Bongbang Larang indit,
leumpangna ditungtun ku Bongbang Kancana,
maksudna rék ménta tulung ka nu lian.

Sakur jalma anu dipéntaan tulung,
euweuh anu bisaeun ngalaan éta pendil.
Ti dinya aya jalma anu ngabéjaan,
sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun,
dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki Garahang.
Barang tepung jeung Aki Garahang,
barabat atuh Bongbang Kancana nyaritakeun
lalampahanana ti awal nepi ka ahir.
Ditéték taya nu kaliwat.

Sanggeus ngadéngé caritaan Bongbang Kancana,
pok Aki Garahang ngomong antaré,
“Éta téh pangajaran keur hidep duaan,
yén sagala kalakuan anu henteu diidinan ku kolot,
sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah.
Jeung deuih, Ujang, Nyai, ari nginum
notor tina pendil téh kalakuan anu teu hadé.”
Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang.
Pokna, “Keun sugan bisa urang akalan ku Aki.”

Sup Aki Garahang ka kamarna,
metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun.
Aki Garahang sidakep sinuku tunggal,
neneda pituduh ka Hyang Widi.
Aki Garahang meunang ilapat,
yén éta pendil kudu dibeulah ku kujang pusaka.
Aki Garahang nyokot kujang pusaka,
pék dikadékkeun kana pendil beusi,
teu sakara-kara, pendil bencar sapada harita.

Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana,
dititah nganjrek heula di dinya,
ulah wara neruskeun lalampahanana.
Éta dua rumaja téh nurut ka Aki Garahang.
Dina hiji poé, Aki Garahang rék iinditan,
saméméh Aki Garahang indit papadon heula,
sangkan Bongbang Larang Bongbang Kancana,
ulah wani-wani ulin ka Cipangbuangan.
Ari Cibangbuangan téh mangrupa talaga,
anu caina canémbrang hérang.

Abong nonoman keur meujeuhna belekesenteng,
dicaram téh lain nurut, kalah ka panasaran.
Bongbang Larang jeung Bongbangkancana,
siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan.
Bréh ningali cai talaga anu sakitu hérangna,
jorojoy baé lanceukna aya karep hayang kokojayan.
Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub,
terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker.
Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga.
Duaan arulin kokojayan sukan-sukan dina cai.

Lila-lila dina saluar awak éta dua nonoman,
barijil bulu belang konéng jeung hideung.
Janggélék baé duanana jadi maung.
Maung lodaya jalu jeung bikang.
Barang duanana saladar kana éta kajadian,
silihrangkul bari ceurik paungku-ungku.
Duanana kaduhung geus ngarempak larangan,
tapi kaduhung ti pandeuri mah taya gunana.

Dua maung kajajadén téh balik deui,
nepi ka pangajrekanana di imah Aki Garahang.
Aki Garahang geus nyampak deui di dinya.
Ges teg baé éta maung téh maung kajajadén,
Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana,
anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan.
Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda,
“Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan,
lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan
jeung henteu nurut kana papatah kolot.”

Dua maung kajajadén teu panjang tatanya.
Sanggeus amitan ka Aki Garahang,
duanana neruskeun deui lalampahanana.
Barang meuntas di Walungan Cimuntur,
duanana ampir-ampiran kena ku ajal,
lantaran kajiret ku akar oyong.
Sanggeus leupas tina éta bahaya,
Bongbang Larang kabawa palid
ku Walungan Cimuntur anu caina tarik.

Bongbang Larang kabawa palid ka hilir,
terus kasedot asup kana gawul tataheunan,
nyaéta tangkal kawung anu dibobok tengahna,
tataheunan paranti ngala lauk di walungan.
Untungna baé ditulungan ku hiji patani.
Bongbang Larang katut gawulna,
dihanjatkeun ka darat ku éta patani.
Tuluy éta gawul téh dibeulah ku kampak.
Sakali dua kali, nepi ka puluhan kalian,
tapi gawul téh teu daék beulah baé.

Ku lantaran geus ngarasa taak,
Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu,
anu harita mah linggihna di Dayeuhluhur.
Bongbang Kancana ngiclik di tukangeunana.
Srog ka payuneun Raja Panjalu,
barabat éta dua maung téh nyaritakeun
lalampahanana ti awal nepi ka ahir.
Raja Panjalu kacida pisan karunyaeunana.
Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang,
molonyon siga anu babarieun pisan.

Minangka mulang tarimana ka Raja Panjalu,
Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana
jangji moal ngaganggu ka turunan Panjalu,
iwal anu ngalampahkeun tilu perkara.
Kahiji, anu nginum ditotor tina pendil.
Kadua, anu melak tangkal oyong.
Katilu, anu nyieun gawul tina kawung
bari henteu dibeulah heula.
Éta jangji maung kajajadén téh,
dikuatan ku jampé pamaké Raja Panjalu.

Ti dinya éta dua maung kakajadén téh,
neruskeun deui lalampahanana,
nyorang leuweung-leuweung geledegan,
mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang,
ngaraas teuing sabaraha walungan.
Ahirna anjog baé ka Karajaan Majapait,
maksudna rék nepungan bapana.

Barang srog ka lawang sakéténg karaton,
gulang-gulang anu ngajaga lawang,
pahibut bari nyangking pakarangna.
Lantaran disampeurkeun ku maung,
maung sadua-dua jeung galedé deuih.
Tuluy baé atuh maung téh padangepung.
Gancang dihuit ku Bongbang Larang.
Anu ngarepung karagét tingraringeuh,
mireungeuh aya maung bisa cacarita.

Bongbang Larang nyaritakeun,
saenyana manéh duaan téh putra
Raja Majapait, Sang Prabu Brawijaya,
ti Putri Kencana Rarang ti Pajajaran.
Geus kitu mah, éta dua maung téh
dianteurkeun ka jero karaton,
ngadeuheus ka Sang Prabu Brawijaya,
anu harita nuju aya di paséban,
ngempel sareng abdi-abdi karaton.

Sang Prabu Brawijaya kagét manahna,
nampi dua tatamu anéh anu ngadeuheus.
Barabat atuh Bongbang Larang nyaritakeun
lalakonna ti mimiti ngalolos ti Pajajaran,
robah wujudna jadi maung di perjalanan,
tug dugi ka ayeuna aya di payuneun ramana.
Ngadangu kitu, Sang Prabu ngagabrug,
dua maung kembar téh digaléntoran,
nyacapkeun kasono ka nu nembé tepang.

Tapi ku lantaran ayeuna mah geus béda,
wujudna geus robah jadi maung lodaya,
pok baé Sang Prabu Brawijaya sasauran,
“Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus robah,
tapi taya bayana pikeun nyieun kahadéan,
taya salahna pikeun meunang kabagjaan.”
Bongbang Larang ditimbalan jadi raja
di sakuliah leuweung Majapait.
Ari Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu
di sakuliah leuweung Pajajaran.

Ceuk sakaol, sataun sakali unggal Mulud,
éta dua maung sok ngahajakeun papendak,
ari tempatna matuh di Panjalu.
Nya ti harita deuih aya pacaduan,
pikeun sakabéh turunan Panjalu.
Nyaéta teu meunang notor cai tina pendil,
teu meunang melak oyong,
jeung teu meunang nyieun kuluwung
tina kawung anu henteu dibeulah heula.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA INDRAMAYU


Kocapkeun Wiralodra,
putra Tumenggung Gagak Singalodra
urang Banyurip, Bagelén, Jawa Tengah.
Nonoman keur meujeuhna belekesenteng.
Dedeg sampé rupa hadé,
katambah kasipuh ku pangarti,
élmu lahir élmu batin,
kabéh nyampak dina dirina.
Pantes mun jadi panyileukan wanoja téh.

Sanajan jadi pamujian saréréa,
jadi panyileukan anu gareulis,
Wiralodra henteu gedag kaanginan,
henteu unggut kalinduan,
tetep manteng kana cita-citana.
Nyaéta hayang ngadegkeun nagara,
hayang boga nagara sorangan.
Lain nagara paméré ti nu séjén,
sumawonna tuturunan ti bapana mah.

Pikeun ngahontal cita-citana,
Wiralodra ngalaksanakeun tapabrata,
di hiji tempat anu ngaran Malaya,
anu perenahna di tutugan Gunung Sumbing.
Wiralodra sidakep sinuku tunggal,
ngaheneng ngaraga meneng,
neneda ka Nu Mahakasa,
sangkan dipaparin pituduh.

Ku keyeng jeung cengengna tapabrata,
ahirna Wiralodra meunang wangsit.
Eusina, Wiralodra kudu néangan walungan,
anu ngaranna Walungan Cimanuk.
Di dinya tanahna subur ma’mur.
Éta tempat hadé keur pinagaraeun,
sarta tujuh turunan Wiralodra
bakal ngaheuyeuk nagara di dinya.

Nitih wanci nu mustari,
ninggang mangsa nu utama,
Wiralodra bébéja ka ramana,
yén arék lunta ti lemburna.
Luntana ka beulah kulon.
Maksudna geus teu galideur deui,
rék néangan Walungan Cimanuk,
luyu jeung pituduh wangsit téa.

Wiralodra lumampah ti lemburna
dibarengan ku baturna anu satia,
nyaéta anu katelah Ki Tinggil.
Lumampahna badarat baé,
mapay-mapay leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung si sumenem jati,
geueuman panonoban siluman-silemin.

Leumpangna ti beurang baé,
da puguh ari reup peuting mah
munggah poé mongkléng buta rajin.
Duanana sararé dina tangkal,
néangan tangkal anu badag ngarampidak.
Daharna sakapanggihna di leuweung baé.
Beubeutian, bongborosan, jeung dangdaunan.
Kalan-kalan sok moro sasatoan,
atawa ngala lauk di walungan.

Di satengahing lalampahan,
di hiji pasir anu jauh ka mana ka mendi,
Wiralodra tepung jeung hiji aki-aki.
Aki-aki kundang iteuk di tengah leuweung,
geus tangtu lain aki-aki samanéa.
Éta aki-aki ngakukeun ngaran Ki Sidum.
Ki Sidum nanya tujuanana ka Wiralodra.
Barabat atuh Wiralodra nyaritakeun
pamaksudanana pangna lunta ti nagarana.

Ki Sidum ngagibegkeun awakna,
janggélék jadi Kiai Malik Warna,
kiai anu kamashur luhung élmuna,
kawéntar weruh sadurung winarah.
Wiralodra kadua Ki Tinggil,
énggal baé sungkem ka Kiai Malik Warna.
Sungkem tandaning hormat jeung ajrih.

Pok Kiai Malik sasauran,
“Lamun manéh duaan engké
geus aya di wewengkon Cupunagara,
heug papanggih jeung hiji sato,
mangrupa kidang anu panonna berlian,
ku manéh kudu dituturkeun.
Engké di mana éta kidang ngaleungit,
mangka di dinya ayana Walungan Citarum.”

Wiralodra meunang rupa-rupa pituah,
ti Kiai Malik Warna anu linuhung.
Éta pituah kacida diéstokeunana ku Wiralodra.
Ti dinya Wiralodra jeung Ki Tinggil amitan,
arék neruskeun deui lalampahanana,
néangan Walungan Citarum,
anu cenah henteu jauh ti Cupunagara.
Cara anu enggeus-enggeus baé,
Wiralodra jeung Ki Tinggil,
kudu asruk-asrukan mileuweungan.

Di satengahing perjalanan,
keur nikreuh mapay sampalan,
ana gaur téh maung lodaya,
ngagaur bari ngajleng ka hareupeun
Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Rék lumpat taya geusan pikeun lumpat.
Komo deui maung téh geus ngadepong,
ngan kari sajleng-jlengeun ngerekeb Wiralodra.

Ningali galagat kitu mah,
Wiralodra ogé pasang kuda-kuda,
tatan-tatan mapag panarajang Si Belang.
Waktu maung ngarontok ka Wiralodra,
digiwarkeun bari dipeupeuh huluna.
Maung gogoréntélan bari ngagaur tarik.
Maung ngagurinjal hudang deui.

Wiralodra nyabut pakarangna,
pakarang anu mangrupa cakra,
pakarang anu jadi andelanana.
Waktu maung ngarontok deui,
ayeuna mah henteu digiwarkeun,
tapi dipapag ku paneunggeul cakra,
neunggeul pisan kana huluna.
Hulu maung nepi ka bencar,
kokoséhan terus paéh sapada harita.

Sanggeus ngareureuhkeun capé,
Wiraloda jeung Ki Tinggil mangkat,
neruskeun deui lalampahanana.
Mapay-mapay léngkob di antara dua pasir.
Keur ngeunah-ngeunah leumpang,
teu kanyahoan ti mana datangna,
lol téh aya orang kacida gedéna,
megat nu laleumpang dina liliwatan.

Sungutna calawak gedé pisan,
létahna nu nyagak ulal-élol.
Siet atuh éta oray téh nyamber Wiralodra,
Wiralodra luncat nyingkahan panarajang oray.
Wiralodra nyabut pakarangna,
senjata cakra anu jadi andelanana.
Waktu si oray nyamber deui,
huluna dibabuk ku cakram satakerna.
Sirahna bencar, si oray paéh harita kénéh.

Teu lila aya kajadian anu anéh,
orang anu geus jadi bangké téh,
leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.
Janggélék baé jadi walungan,
caina canémbrang hérang.
Wiralodra jeung Ki Tinggil,
ngan ukur bisa olohok mata simeuteun,
mireungeuh éta kajadian.

Sanggeus leungit kagétna,
Wiralodra sadar ka nu disanghareupanana.
Oray anu rék neureuy manéhna,
lain oray samanéa, tapi oray kajajadén.
Kitu deui jeung éta walungan,
anu caina canémbrang hérang.
Tuluy nyokot senjata cakrana téa.
Éta senjata diteunggeulkeun satakerna
kana cai walungan anu hérang.

Walungan leungit sapada harita,
leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Janggelek jadi hiji wanoja,
wanoja anu kacida geulisna,
geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina,
geulis taya babandinganana.
Éta wanoja ngaranna Déwi Larawana,
ari asalna ti leuweung di dinya baé.

Déwi Larawana terus terang,
manéhna ngarasa kadudut kalbu,
kapentang asmara ku Wiralodra.
Malah aya leuwihna ti éta,
Déwi Larawana ménta dikawin
ku satria gandang Wiralodra.
Kahayang Déwi Larawana,
ditolak sapadamayan ku Wiralodra.

Déwi Larawana ngarasa dihina,
lantaran ditolak ku Wiralodra.
Tina bogoh jadi ceuceub.
Déwi Larawana ngajak perang tanding,
nepi ka aya nu ajal salahsaurangna.
Mimitina Wiralodra teu ngalayanan,
tapi Déwi Larawana kalah beuki ambek.

Henteu tata pasini deui,
Déwi Larawana narajang ka Wiralodra.
Tétéla Déwi Larawana téh teu sabongbrong.
Boga élmu jeung kasaktén anu luhur.
Kapaksa atuh Wiralodra ogé ngalayanan.
Der baé atuh perang tanding patutunggulan.
Ngadu kasaktén jeung jampé pamaké.

Beuki lila perang tandingna beuki ragot baé.
Élmu panemu jampé pamaké geus diketrukkeun,
tapi taya tanda-tanda anu bakal unggul.
Wiralodra nyabut senjata pamungkasna,
senjata cakra anu sakti hésé babandinganana.
Déwi Larawana teu bisa nyanggapulia,
kakeunaan ku peurah senjata cakra.
Déwi Larawana rubuh ngababatang.

Tina layon Déwi Larawana bijil haseup,
beuki lila beuki kandel baé.
Les layon Déwi Larawana leungit
saperti anu diteureuy bumi.
Janggélék jadi kidang kancana.
Kidang anu matana berlian.
Kidang anu keur ditétéangan ku Wiralodra,
luyu jeung pituduh ti Kiai Malik Warna.

Kidang lumpat ngabelesat tarik pisan.
Ku Wiralodra jeung Ki Tinggil diudag-udag.
Sakapeung mapay-mapay tegalan,
sakapeung mubus kana dungus,
sakapeung sésélékét di nu rembet,
pasir, léngkob, jungkrang ogé disorang.
Kidang terus lumpat,
anu ngudag henteu eureun.

Tapi aya anu anéh,
éta uncal lumpatna siga nu ngoconan.
Lamun anu ngudagna jauh,
lumpatna ngalaunan siga nu ngadagoan.
Lamun anu ngudagna geus deukeut,
lumpatna narikan deui.
Lamun anu ngudagna leungiteun tapak,
manéhna siga nu ngahaja némbongan.

Anjog baé ka hiji tempat,
les baé kidang téh ngaleungit,
leungit tanpa lebih ilang tanpa karana,
lir anu direureuy leuweung gerotan.
Wiralodra jeung Ki Tinggil eureun di dinya.
Tuluy duanana ngareureuhkeun capé,
capé urut ngudag-ngudag kidang,
kidang kancana anu matana berlian.

Tétéla teu jauh ti dinya,
aya walungan anu caina ngagulidag.
Geus moal salah deui,
éta téh Walungan Cimanuk,
anu keur ditétéangan ku duaan
ku Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Tempat anu aya di éta walungan,
tempat anu hadé keur pinagaraeun.

Isukna Wiralodra jeung Ki Tinggil,
ngabukbak leuweung rék ngababakan,
nyaéta nyieun lembur anyar di dinya.
Keur kitu, jebul téh dua mahluk anéh,
cenah siluman anu ngageugeuh éta tempat,
di dinya téh cenah Karajaan Siluman.
Anu datang téh rajana pisan jeung patihna,
ngaranna Raja Budipaksa jeung Patih Bujaris.

Éta dua siluman teu narima,
nagarana diburak-barik ku Wiralodra.
Der baé atuh perang tanding,
Wiralodra ngalawan Raja Budipaksa,
ari Ki Tinggil ngayonan Patih Bujaris.
Perangna kacida ragotna,
kawantu pada-pada sakti,
pada-pada gagah rongkah.

Tapi ahirna mah raja jeung patih siluman téh,
bisa diéléhkeun ku Wiralodra jeung Ki Tinggil.
Malah jangji ulun kumawula ka Wiralodra.
Raja, patih, katut sakumna rahayat siluman,
terus baé ngabantuan ngabukbak leuweung,
nyieun lembur anyar di sisi Citarum.
Ari Karajaan Siluman harita kénéh ogé
dipindahkeun ti dinya ka béh girang.

Beuki lila lembur anyar téh,
beuki ngalegaan baé di sapanjang Cimanuk.
Rahayatna ogé beuki ngalobaan deuih.
Jalma datang ti mana ti mendi,
ngadon bumén-bumén di Cimanuk.
Wiralodra diangkat jadi pamingpinna,
ari Ki Tinggil minangka papatihna.
Babarengan ngaheuyeuk dayeuh,
ngolah nagara anu anyar diadegkeun.

Ki Tinggil miboga pancén anu utama,
nyaéta ngawangun Cimanuk,
nepi ka jadi nagara anu raharja.
Tapi Ki Tinggil henteu gawé sosoranganan,
manéhna ogé boga sawatara kapetengan.
Nyaéta Surantaka, Banyuntaka, jeung Puspahita.
Bari dibantuan ku sakumna rahayat,
Ki Tinggil katut kapetenganana,
terus ngamekarkeun jeung ngawangun Cimanuk.

Pangwangunan Cimanuk beuki ngaronjat,
sabada meunang bantuan ti sémah,
anu ngaran Éndang Darma.
Hiji wanoja anu rupana geulis,
geulis méh taya babandinganana.
Salian ti geulis kawanti-wanti téh,
wewesénna ogé pilih tanding deuih.

Rupaning gangguan ti pihak séjén,
bisa diperuhkeun ku Éndang Darma.
Éndang Darma kawilang gedé jasana
dina ngamajukeun daérah
anu dicangking ku Wiralodra.
Wawanén jeung wewesénna,
éstu lain unghak-unghakeun jalma biasa.

Éndang Darma bumén-bumén di Cimanuk.
Sorangan baé, da masih kénéh lalagasan.
Éndang Darma kawilang awéwé masagi,
sarta henteu lebar ku élmu jeung pangartina.
Di Cimanuk, Éndang Darma ngajarkeun
rupa-rupa padika jeung élmu tatanén.
Salian ti éta ogé Éndang Darma,
ngajarkeun rupaning élmu kasaktén.

Dina hiji mangsa,
Wiralodra ngarasa panasaran,
hayang nguji kasaktén Éndang Darma.
Der baé ngadu wewesén jeung kasaktén.
ngetrukkeun élmu lahir élmu batin.
Tapi henteu nepi ka tutumpuran.
Éndang Darma éléh jajatén,
teu sanggup ngayonan kadigjayan Wiralodra.

Éndang Darma ngaku taluk ka Wiralodra,
sarta jangji rék terus satékah polah,
ngawangun jeung ngamekarkeun Cimanuk.
Ngan aya paméntana ka Wiralodra téh.
Pikeun tanda pangéling-ngéling,
Éndang Darma miharep éta daérah téh,
dingaranan dumasar kana usahana duaan.

Nagara anyar di sisi Cimanuk téh,
kaangin-angin ka mana-mendi,
tungtungna kaémpér-émpér ka Cirebon.
Sultan Cirebon ngarasa tugenah,
lantaran Wiralodra dianggap cucungah,
teu ménta idin heula ka Cirebon,
basa rék ngawangun daérah anyar.
Padahal cenah éta daérah téh,
kabawah kénéh ka Cirebon.

Ti dinya Cirebon ngirimkeun pasukan,
pikeun ngajorag Cimanuk.
Pasukan anu lengkep tur samakta pakarangna.
Éta pasukan dipingpin ku Arya Kemuning.
Maksudna taya lian,
sangkan Wiralodra taluk ka Cirebon,
lamun henteu lemburna diburak-barik,
dihuru ditumpur-ludeskeun.

Pasukan Cimanuk ogé henteu cicingeun.
Sanajan pakarangna saaya-aya,
henteu gimir henteu galideur,
ngayonan musuh anu ngarurug.
Pasukan Cimanuk diluluguan ku Éndang Darma
Der baé atuh perang campuh.
Balad Cimanuk aya di pihak anu unggul.
Pasukan Cirebon kabur katawuran.

Sanggeus éta kajadian,
wewengkon nu dicangking ku Wiralodra,
sacara resmi dingaranan Darma Ayu.
Asalna éta ngaran tina ungkara:
‘Éndang Darma anu ayu’.
Ayu téh hartina geulis camperenik.
Tuluy robah jadi Indramayu,
tug nelah nepi ka kiwari.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA KALAPAGENEP


Di sisi Walungan Cimédang, aya hiji imah nenggang, dicicingan ku aki-aki. Geus lila pisan matuhna di dinya téh.

Manéhna téh geus teu dulur teu baraya, hirupna éstu nunggelis. Ari pagawéan sapopoé Si Aki téh kana ngahuma. Hasil tina tatanénna ukur cukup keur pangabutuh sasoranganeun waé. Jajauheun mun hirupna medah-meduh téh.

Pikeun nambah-nambah panghasilan, mun keur salsé Si Aki sok ngala lauk di walungan. Ngalana téh maké badodon, ditaheunkeun. Pasosoré diteundeun di tempat anu sakirana loba laukan, isukna ditéang terus diangkat. Mun beubeu-nanganana keur loba, lauk téh ku Si Aki sok digaringkeun sawaréh, keur bikeuneun lamun aya nu nganjang ka imahna.

Si Aki getol pisan ibadahna. Sanajan keur gering ogé, tara kungsi ninggalkeun solat nu lima waktu. Lamun geringna keur ripuh pisan, dina sakalieun wudu ka pancuran di lebakeun imahna ogé kudu bari ngarandang heula.

Hiji waktu, basa Si Aki keur gering parna, saentasna wudu téh teu kuateun balik deui ka imahna. Kabeneran waé peutingna aya nu ngobor manuk. Si Aki dipangku dibawa ka imahna, terus diubaran ku pahinum papagan lamé meunang ngaléob.

Ti dinya mah Si Aki téh nya rada jagjag deui.

Hiji mangsa, dina keur usum ngijih, lahan anu dicicingan ku Si Aki téh kacaahan. Cai mani léb-léban. Najan kitu, manéh-na teu gancang-gancang ingkah ti dinya, tapi kalah naék kana suhunan imahna, bari mawa kalapa meunang ngantétkeun, kabéhna aya genep. Ari maksudna mah, bisi imahna terus laput kakeueum ku caah, manéhna arék ngojay bari numpakan kalapa meunang ngantétkeun téa.

Hujan taya eureunna, malah beuki gedé waé. Si Aki ogé tungtungna mah palid kabawa caah. Untungna téh ku sabab mawa kalapa téa, jadi awakna kabawa ngambang.

Si Aki ahirna tepi ka muara Walungan Cimédang. Di dinya mah caina teu pati tarik. Da geus rada ngajumbleng. Manéhna bisa ngaboséh ka sisi, alhamdulillah salamet, terus diuk dina dahan tepi ka caina orot. Ari kalapa mah kabeneran ngait kana dahan di hiji nusa. Isukna, Si Aki ditarulungan, dihanjatkeun ka darat. Kantétan kalapa mah diantep waé, ditinggalkeun di nusa.

Heuleut sawatara lila, éta kalapa téh genepanana sirungan, jadi kitri. Ku sabab lahanna subur, kitri téh tumuwuh mani morontod, tangkalna marontok, daunna ngarémploh. Beuki lila, beuki lila, éta tangkal kalapa nu genep téh ahirna mah tepi ka buahanana.

Ti harita, éta tempat téh katelahna Kalapagenep. Ayeuna mah kaasupna ka Kacamatan Cikalong beulah wétan, tapel wates jeung Kabupatén Ciamis.

(Diropéa tina carita rayat, judulna Delta Menangis; dicutat tina Sukapura)


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA PANDEGLANG


Jaman baheula aya hiji putri, putra Sanghiang Kanali¬putih, jenenganana Nyi Putri Grajati, calikna di sisi Wa¬lungan Cilémér. Dina jaman harita éta putri kawéntar pisan kageulisanana. Réa raja jeung putra raja nu paralayeun migarwa. Tapi boro-boro kalaksanakeun migarwa, nepangan ogé teu aya nu iasa, da teu aya nu uningaeun lebah-lebahna acan.

Sawarnaning mahluk anu kumelip di leuweung éta, euweuh nu teu muji ka putri, kayungyun ku kageulisanana, kasabaranana, jeung kasaéan manahna. Upama Nyi Putri angkat-angkatan, sato héwan anu ngiring, mani ngeungkeuy mangpirang-pirang. Ngaleut di satukangeun Nyi Putri.

Upama Nyi Putri ngalangkung, tutuwuhan tingpelenong, ngahormat minangkana mah. Kekembangan ngadadak bareukah, ngabaktikeun seu-seungitna. Bubuahan anu parentil kénéh, ngadadak arasak kahibaran ku cahaya Nyi Putri. Tatangkalan anu gedé anu leutik, kabéh kawas hayang ngébréhkeun kasukana ka Nyi Putri.

Unggal peuting upama caang bulan, Nyi Putri sok ngadon ngebak ka Talaga Cilampungan, nu caina hérang ngagen¬clang. Sakali mangsa keur jongjon Nyi Putri ngebak, ujug-ujug reup poék mongkléng buta rajin, teu katém-bong curuk-curuk acan, bulan kahalangan ku méga hi¬deung. Di leuweung simpé, teu aya sora anu kadéngé, ta¬tangkalan teu aya nu oyag-oyag acan, cai Talaga Cilampungan cicing, teu aya angin teu naon.

Nyi Putri ngaraos hémeng lain dikieuna. Keur jongjon ngahuleng, kecem-plung aya buah kai murag ka payuneunana, rupana konéng, hérang lir emas sinangling. Nyi Putri beuki kacida hémengeunana, manahna ngadak-ngadak ratug. “Duh, aya naon ieu téh?” Keur kitu ngong aya sora tan katingalan, miwarang putri nuang éta buah kai.

Nyi Putri hemar-hemir, éwed salebeting manah, ditumutkeun kumaha, teu ditumutkeun kumaha; tapi tungtungna mah teu baha, top buah téh dicandak, am dituang. Barang geus séép, ujug-ujug bray aya cahaya ngagebray. Katingalieun ku Nyi Putri dina éta cahaya téh aya nonoman neuteup ka anjeunna bari ngajak imut. Ngan sakeudeung témbongna éta cahaya téh, les baé leungit deui.

Nyi Putri ngahuleng ngémut-ngémut kajadian anu sakitu ahéngna. Bulan caang deui, ngempray saperti tadi. Geus kitu anjeunna mulih. Tapi émutanana ka nonoman anu ngalangkang di satukangeun cahaya bulan mah, henteu leungit-leungit. Teras nganteng dina manahna. Saha atuh éta téh?

Heuleut sawatara lilana ti harita Nyi Putri bobot. Barang geus datang kana mangsana, brol babar. Putrana kembar, pameget duanana. Cahayana ngempur, kasép teu aya tandingna jeung sarupa deuih. Lain dikieuna baé Nyi Putri deudeuh asihna, éstu kawas nanggeuy endog beubeureumna téh saenyana.

Dina manahna geus teu sak deui, anu katingali ku anjeunna ngalangkang dina cahaya baréto téh, ramana éta murangkalih. Lain manusa, tapi bangsa déwa. Paraputrana kacida lingsigna, sarta beuki ageung beuki katingal kasép taya papadana. Murangkalih mulus taya kuciwana.

Sakali mangsa Nyi Putri amengan ka Talaga Cilampungan, putrana duanana dicandak. Kabeneran aya manuk eunteup dina dahan kai, opat ngaréndéng; nu dua galedé, nu dua deui laleutik. Kataringalieun ku murangkalih téa, tuluy ditaroskeun ka ibuna. “Ibu, naha geuning manuk téh henteu sami ageungna?”

Ku ibuna dicarioskeun, yén éta manuk téh, nu galedé indung- bapana, ari nu laleutik anakna. Paraputra sasauran deui, “Manuk ogé geuning Ibu, barogaeun indung-bapa; piraku ari abdi duaan ngan boga indung wungkul. Di mana ari bapa abdi? Upami pa¬rantos pupus, di mana kuburanana? Upami jumeneng kénéh, naha atuh tara sumping ka urang?”

Nyi Putri Grajati nyeblak manah ngadangu piunjuk paraputrana kitu téh, cisocana nyalangkrung. Saurna dareuda, “Deudeuh teuing anaking, bapa Ujang mah saumur-umur ogé moal papanggih jeung Ujang, lantaran lain bangsa manusa, tapi bangsa déwa di Kaindran.”

Paraputra beuki panasaran baé ngadangu kasauran ibuna kitu téh. Harita kénéh duanana arunjukan, nyuhunkeun diwidian, badé jengkar milari ramana ka Kaindran. Nyi Putri Grajati teu kinten éwedeunana, kieu kumaha-kieu kumaha, da puguh kagalih ku anjeunna ogé, pantes éta murangkalih kacida paralayeunana patepang jeung rama¬na, lantaran ti barang gubrag ka dunya teu acan taringali di rupa ramana.

Ari diwidian kumaha, da anjeunna sakitu abotna, moal kiat paturay lami-lami sareng putra anu dipikameumeutna. Tungtungna nya diupahan baé pu¬trana téh bari disanggeman, yén anjeunna badé mujas¬médi, neda-neda ka Batara Guru, supaja aranjeunna di¬tepangkeun jeung ramana. Putrana ngalartosan, teras baé atuh marulih deui ka bumina.

Nepi kana waktuna nu mustari, dek Nyi Putri ngawitan muja, meruhkeun napsu nahan amarah, meteng nu diangen-angen. Bawaning cengeng, lelembutanana medal tina raga badagna, gok tepang jeung Batara Guru. Ngong aya sora tan katingalan, “Hé Grajati, manéh kudu ngarti, yén bapa ba¬rudak téh, lamun turun ka dunya, sagulung-sagalang jeung manusa, kudu nguculkeun sakabéh kadéwaanana.”

Ceuk éta sora deui, “Jaba ti kitu ku sabab déwa teu meunang témbong ka urang manu¬sa, manéhna kudu nitis nunda raga kadéwaan. Engké di mana geus jadi jelema, manéhna terus bakal hirup campur gaul jeung manéh katut anak-anak manéh, nepi kana mangsana kajadian, sakumaha nu geus ditetepkeun ti dituna.”

Nyi Putri pohara ngarénjagna ngadangu éta sora téh. Geuwat disaurkeun ka para putrana; duanana kacida giakna. Peuting isukna Nyi Putri ngimpén, yén rama mu¬rangkalih téh geus lungsur ka dunya, ngarupakeun lauk anu kacida gedéna; ayana di Walungan Cilémér. Subuh-subuh¬ kénéh Nyi Putri miwarang putrana néwak éta lauk, sarta dijangjian upama can beunang, ulah waka mulih.

Ti dinya bral duanana arangkat, nyarandak heurap gedé nu kacida kuatna. Sasumping-sumping ka Cilémér, hantem lauk téh dipilari ku duaan, luput teu kapendak. Tungtung¬na putus pangharepan, duanana rék mulih deui, da ongkoh geus burit; maksudna rék dipilari deui isukna. Henteu ayeuna, sugan isuk, da sagala rupa ogé perlu kasabaran.

Tapi barang rék bral pisan mulih, cai di leuwi ngadak-ngadak ngabudah jeung tingberebes, tuluy oyag jeung tingburial beuki tarik. Lauk-¬lauk nu laleutik racleng sarieuneun. Kelemeng aja nu tém¬bong hideung, beuki lila beuki tétéla, ana jol téh horéng lauk gedé téa ngangkang, sisitna sagedé-gedé piring, ting-rariak katojo ku panonpoé keur tunggang gunung.

Teu tata pasini deui, rup dirungkup ku heurap. Sakali teu beunang, dua kali teu beunang kénéh, katilu kalina lauk téh hideng sorangan, asup kana heurap, tuluy heurapna dipulut sataker tanaga. Laukna gugurubugan bari ngabubat-babit buntut, blak murangkalih téh nangkarak bengkang duanana, heurapna rangsak, laukna leupas deui.

Geuwat padamuru. Barang geus katéwak ger galungan, lauk dihurup ku duaan, tapi nu ripuh téh wet nu ngahurup. Kabuntang-banting ku buntut lauk nu sakitu gedéna, nepi ka sababaraha kali ti¬beubeut. Ahirna katéwak asangna ku saurang. Barang rék ditubles, lauk téh ngomong, pokna, “Ulah dipaéhan Ujang, ieu téh bisi teu nyaho bapa maranéh. Ayeuna buru-buru bapa bawa ka ema.”

Paraputra kacida kagéteunana, ngadarangu lauk ngomong. Teu talangké deui tuluy éta lauk dicarandak dipintonkeun ka ibuna. Barang jol ka payuneun Nyi Putri, janggélék lauk téh jadi nonoman, kasép gandang taya tanding, anggoan singsarwa éndah. Nyi Putri calik, cong nyembah, ngahormat nu nembé sumping. Ti harita duanana teu papisah deui, riung mungpulung jeung paraputra.

Kacaritakeun paraputrana sanggeus ageung beuki ka¬témbong baé cahayana, kasép ngala ka ramana. Ari dina hiji poé duanana arunjukan ka ibu-rama, nyuhunkeun diwidian badé guguru élmu ka Kutatambaga di Banten¬ Girang. Sanajan ibu-ramana kacida aboteunana ogé, da puguh biasana anu geus ahir balég mah kudu nyiar pangarti.

Ngan saméméh angkat ku ramana diwurukan heula, saurna papa¬cuan pisan ulah marandi di laut atawa ngiuhan handapeun kai. Upama éta larangan dirempak, gedé pisan pibahya¬eunana. Sanaos henteu ditétélakeun pibahyaeunana, paraputra duanana jangji baris ngéstokeun kana éta piwuruk.

Tapi sang¬geus meunang sawatara bulan guguruna di Kutatambaga, lat baé lali kana éta piwuruk téh. Sakali mangsa rai-raka aramengan ka basisir, ningali parahu mayang nu rék balayar. Ngabring jeung réncangna nu séjén, nu keur papada guguru di Kutatambaga.

Sasumpingna ka basisir, rakana dibawa ku tukang mayang, ngala lauk. Angkleung-angkleungan ka tengah laut dina parahu mayang. Ari raina sukan-sukan ngojay di laut jeung réncang-réncangna. Entas ngojay ngaraos lesu, teras ngiuhan dina kikisik, handapeun kai. Harita kénéh jleg baé jadi batu.

Heuleut sawatara lilana rakana sumping ti laut. Pohara héraneunana, raina bet teu aja. Ditaroskeun ka réréncanganana, teu aya nu nyahoeun. Geus kitu mulih deui ka basisir, dipilari dina kikisik. Beng ka ditu beng ka dieu, bari dibarantuan milari ku réréncanganana.

Ari béh kapendak dina handapeun kai, bet aya batu kawas manusa. Moal lepat deui, raina geus salin jirim jadi batu. Teg waé émut kana piwuruk ramana, “Nya kieu temahna, teu nurut kana piwuruk sepuh téh.” Geuwat anjeunna mulih ti basisir, sasayagian badé teras ka ibu-ramana, badé ngunjukkeun éta kajadian. Sanggeus tarapti bral jengkar.

Teu kacatur di jalanna, kocapkeun sumpingna baé ka pakuwon ibu-ramana. Barang sumping kacida anjeunna hémengeunana, réh urut pakuwon ibu-ramana baréto téh ayeuna jadi leuweung. Sakuriling bungking ngaladeg tangkal kai galedé. Urut anjeunna ngala lauk di sisi Cilémér, kitu deui urut pangsiraman anjeunna jeung ibuna téa di sisi Talaga Cilampungan, ayeuna mah pinuh ku kaso jeung manjah.

Sanggeus kauninga kabéh, teras ka urut bumi ibuna, ari béh bet aya mariem ngaréndéng dua handapeun tangkal kai, nu ku anjeunna kakara kapendak harita. Manahna geus teu sak deui, éta mariem teh kajajadén ibu-ramana. Ngenes ngangresna geus lain caritakeuneun. Geus kitu anjeunna jengkar ti dinya, nanging sakaparan-paran baé, teu puguh anu dijugjug, samar-samar nu diseja.

Ti harita ngung-ngeng béja, nyaliara ka sakuliah nagara, yén aya tukang ngala suluh nu manggihan mariem sapasang di leuweung sisi Walungan Cilémér. Jalma-jalma datang ti mana ti mendi, ti suklakna ti siklukna, hayang ningali éta mariem. Unggal jalma, boga carita séwang-séwangan ngeunaan éta mariem.

Lila ti lila kaémpér¬-émpér ka Sultan. Teras Sultan ngadawuhan mawa éta ma¬riem ka Banten Girang, teu aya nu bisa mawa, duméh kacida beuratna. Boro-boro ku duaan ku tiluan, ku puluhan urang ogé teu bisa onggét-onggét acan.

Ti dinya Sultan ngadegkeun saémbara, saha-saha nu bisa mawa éta mariem duanana ka karaton, baris diréndéngankeun ka putri, putra Sultan nu ngan hiji-hijina, sarta baris disérénan nagara sabeulah ti wétan. Éta saémbara sumebar ka sakuliah nagara. Malah kaémpér-émpér ka nagara séjén.

Pirang-pirang jelema ti suklakna ti siklukna pada dara¬tang kana tempat mariem téa, rék nyoba narohkeun milik. Anu majar bedas gedé tanaga, ngan ukur bisa kaluar késang badag késang lembut. Anu majar sakti mandraguna, ngan ukur cape mapatkeun jampé pamaké. Ari mariemna mah luput, teu kaonggét-onggét acan.

Ahirna jol aya jajaka sumping ka dinya, teu puguh urang mana-manana. Éta téh nya putra Putri Grajati téa nu geus nunggul pinang, dikantun ku ibu-rama jeung sadérék. Tengah peuting keur sumedeng jemplang-jem¬pling, bul anjeunna ngukus, teras ngawur-ngawur kembang kana mariem téa, nyambat ka ibu-ramana bari neda pangapunten tina kalepatanana.

Barang geus bijil pajar, di puncak Gunung Pulasari geus bray-brayan caang, karaos ku anjeunna yén ibu-ramana geus ngahapunten. Plong manahna ngemplong. Teu sakara-kara, mariem kajungjungkeun, meni kawas anu hampan pisan. Ti dinya teras baé mariem téh duanana dicandak, badé disanggakeun ka Sultan.

Barang geus meunang satengah poé angkatna, ngaraos lesu, katam¬bah panas deuih mani morérét. Reg lirén di tengah-tengah leuweung, badé ngareureuhkeun palay heula. Anjeunna nyarandé kana cadas nangtung. Ari mariem di¬tunda di handapeun tangkal kadu.

Kawasna baé mariem téh embungeun ditunda di dinya, der baé ngamuk ngababu¬kan tatangkalan, réréana tangkal kadu; nepi ka bungbang, taya tangkal anu ngari. Lebah dinya nelah nepi ka kiwari disa¬rebut “Kadubungbang”. Geus kitu éta mariem ku anjeunna dicandak, teras angkat deui. Pasosoréna jol sumping ka imah panday, di suku Gunung Karang. Anjeunna mundut ngarereb di dinya.

Peutingna mundut dipanggeulangankeun mariem téa duanana, ambéh gampang ngajingjingna. Isukna bral deui neraskeun lalampahanana, sarta salamet sumping ka karaton Sultan di Banten Girang. Mariemna ku Sultan ditampi, lain dikieuna baé Sultan bingaheunana. Nonoman diperenahkeun sakumaha mistina.

Harita kénéh nonoman téh diréndéngankeun ka Nyi Putri, putra Sultan téa. Der ngayakeun pésta nagara, tujuh poé tujuh peuting. Teu lami ti harita, nonoman téh di¬jungjung lungguh kana bupati Jakarta, sakumaha perjangjian téa. Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, disarengan ku garwana.

Mariem anu hiji dicandak ka Jakarta, nya nu ayeuna disebut si Jagur téa, nu sok diparunjung, dipuja-puja, dianggap karamat. Anu kiwari mah cenah, jadi salasahiji pangeusi Musieum Nasional di Jakarta. Ari anu hiji deui ayana di Karangantu, Kampung Pamayangan, di sisi Walungan Cibanten.

Minangka pangéling-ngéling ka Ki Panday nu mangnyieunkeun geulang pangjingjingan mariem téa, urut lem¬burna dingaranan “Panday Gelang”. Kaayeunakeun robah sesebutanana jadi Pandéglang, dipalar gampang nyebutna. Kitu sasakalana téh cenah. Wallahu'alam.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA RAWABENING


Di Jakarta Kidul aya hiji tempat,
anu ayeuna katelah Rawa Bening.
Anu matak dingaranan kitu,
lantaran baheulana rawa atawa ranca.
Éta ranca téh caina canémbrang hérang,
anu ku urang Batawi mah disebut “bening”.
Nya nelah baé ngaranna Rawa Bening.
Nurutkeun sasakala mah, dongéngna kieu:

Baheula, baheula gé baheula pisan,
di dinya téh mangrupa pakampungan.
Imahna loba, jelemana ogé gegek deuih.
Ari pacabakan sapopoéna,
umumna kana ngolah tatanén.
Jelemana masih kénéh palercaya
kana sabangsaning lelembut jeung karuhun,
masih kénéh ngagem kapercayaan buhun.

Unggal taun jelema di éta lembur,
sok ngayakeun sidekah bumi.
Maksudna minangka rasa sukur
yén maranéhna geus dibéré kasalametan.
Lamun henteu ngayakeun sidekah bumi,
cenah sok aya matakna keur urang lembur.
Sok aya baé mamalana keur saréréa,
saperti caah atawa datang rupa-rupa kasakit.

Kacarita dina waktu sidekah bumi,
sakumaha kabiasaan urang dinya,
sakur lalaki anu jagjag indit ka leuweung,
moro sato gedé ngarah dagingna,
da sangu mah moal kakurangan,
lantaran taun éta panénna mucekil.
Éta daging rupa-rupa sasatoan téh,
dijieun kadaharan keur sidekah bumi téa.

Bring atuh kabéh lalaki indit ka leuweung,
mawa rupa-rupa pakarang keur moro.
Aya anu mawa tumbak jeung kuli.
Aya anu mawa gobang panjang.
Aya anu ngan ukur mawa awi sateukteuk,
congona diseukeutan saperti bamboo runcing.
Geus puguh ari bedog mah,
kabéh ogé mawa disorén na cangkéngna.

Ti subuh nepi ka tengah poé,
maranéhna aya di leuweung,
henteu manggihan sato hiji-hiji acan.
Henteu banténg, henteu uncal,
henteu manggih mencek-mencek acan.
Padahal biasana mah di dinya téh
kawilang loba sasatoanana.
Malah banténg ogé tingdarangong.

Bari kacida haréraneunana,
maranéhna ngariuhan handapeun kiara,
lantaran geus ngarasa capé jeung panas.
Aya anu nyarandé kana canir,
aya ogé anu dariuk dina akar.
Sawaréh deui gogoléran dina jukut,
malah aya anu nepi ka nundutan sagala.
Bawaning ku lunges jeung hareudang.

Aya salahsaurang nu hayangeun nyeupah,
da baheula mah biasa lalaki nyeupah téh.
Pék meulah jambé ku bedog dina akar.
Jambéna beulah ngajadi dua,
ari bedogna téa keuna akar,
cer baé tina akar téh bijil getih.
Lain geutah anu bijil tina akar téh,
tapi ieu mah getih tur rupana ogé beureum.

Ari ku manéhna disidik-sidik,
horéng akar téh bet sisitan.
Sarta teu kungsi lila nguliat lalaunan.
Ari dilieuk ka tebéh luhur,
sihoréng oray sanca gedé pisan,
aya meureun sagedé catang kalapa mah.
Sungutna calangap, huntuna ranggéténg,
létahna anu nyagak elél-elélan.

Gancang baé atuh jelema téh pahibut.
Aya anu ngadék, aya anu numbak,
aya anu ngagebugan ku paneunggeul.
Atuh henteu kungsi lila ogé,
oray téh geus ngalonjor dina taneuh.
Dagingna padangarecah ku saréréa,
tuluy dibarawa balik ka imahna.
Baralikan bari saruka bungah.

Ari daratang ka lemburna,
jelema-jelema téh pak-pik-pek,
ngolahkeun daging oray téa.
Sawaréh diangeun, sawaréh ditumpeng,
sawaréh deui dipanggang ditiiran.
Maksudna keur sidekah bumi téa.
Keun baé ku daging oray ogé cenah,
da sarua ieuh daging-daging kénéh.

Kacarita oray sanca anu tadi,
sihoréng lain oray sanca samanéa,
tapi oray sanca anu keur tapa.
Barang jasadna geus paéh,
sukmana salin jinis jadi budak buncir,
tapi saurang ogé taya nu nyahoeun.
Éta budak buncir téh awakna hideung,
beuteungna bureuteu kawas nu cacingeun.

Sup budak buncir téh ka jero lembur,
tuluy ngadatangan ka jelema-jelema,
anu harita keur popolah daging oray.
Budak buncir ménta dahar,
tapi saurang ogé euweuh anu méré,
lantaran urang dinya mah maredit,
tara daék tutulung ka nu keur butuh,
tara daék tatalang ka nu keur susah.

Tina banget peurih beuteung,
éta budak buncir leumpangna jajarigjeugan.
Tepi baé ka hiji imah anu nenggang,
ari anu boga imah téh nini-nini.
Nénjo kaayaan budak buncir kitu,
nini-nini téh karunyaeun pisan.
Tuluy baé budak buncir téh dibéré dahar.
Dahar saaya-saaya baé,
kawantu nini-nini téh lain jalma aya.

Sanggeus rérés daharna,
budak buncir téh hayang mulang tarima,
pok baé ngomong ka nini-nini téa,
“Nini, ingetkeun omongan kuring nya.
Lamun engké aya bancang pakéwuh,
Nini kudu buru-buru mawa pangarih,
ti dinya indit ka saung lisung,
sangkan Nini bisa salamet.”

Ti dinya budak buncir téh indit,
balik deui ka lembur anu rék sidekah bumi.
Manéhna nyampeurkeun ka barudak,
anu keur arulin bari ngambéng kadaharan,
rupa-rupa kadaharan tina daging oray téa.
Aya anu ngambéng panggangna,
aya anu ngambéng goréngna atawa paisna,
aya ogé anu ngambéng cobékna.

Pok budak buncir téh ngomong,
“Ka darieu barudak, tarénjokeun uing.
Uing rék nancebkeun nyéré dina taneuh.
Uing hayang nyaho saha anu bedas,
nyaéta anu bisa nyabut ieu nyéré.”
Budak buncir ngomong kituna téh,
bari terus nancebkeun nyéré dina taneuh.

Barudak anu keur arulin saleuseurian,
sabab maranéhna nyaraho,
yén nyabut nyéré téh pagawéan énténg.
Henteu kudu maké tanaga gedé.
Salahsaurang budak ngomong kieu,
“Ku uing éta nyéré rék dicabut,
ngan lamun éta nyéré geus kacabut,
manék rék dicabok ku uing.”

Ngadéngé omongan kitu,
budak buncir némbal semu nangtang,
“Pék tah lamun nyéré kacabut,
uing cabokan ku saréréa.
Ngan lamun henteu kacabut,
kadaharan anu aya di maranéh,
kudu dibikeun kabéh ka uing.”
Ngadéngé omongan budak buncir kitu,
barudak téh kabéh ogé saleuseurian.

Aya hiji budak anu peupeuleukeuk,
awakna ogé panggedéna di antara nu séjén.
Manéhna ngajago pisan,
nyabut nyéré ku leungeun kénca.
Nyéré henteu kacabut.
Ku dua leungeun, henteu kacabut.
Nepi ka dugang-duging luut-léét késang,
malah nepi ka prat-prét-prot hitut sagala,
nyéré téh henteu onggét-onggét acan.

Ahirna éta budak téh nyerah,
gancang eureun nyabut nyéréna,
bari balaham-béléhém semu éra.
Dagingna dipénta ku budak buncir,
henteu bisa ngorétkeun.
“Pék tah bisi aya anu rék nyabut deui,
pilakadar ogé nyéré piraku hésé.
Perjangjianana mah saperti tadi baé,”
ceuk budak buncir ka barudak séjénna.

Budak anu séjén baganti,
nyoba-nyoba nyabut nyéré,
tapi kabéh ogé taya nu bisaeun.
Malah henteu onggét-onggét acan.
Barudak téh kadaruhungeun.
jaba ngarasa éra ku budak buncir,
lantaran tadi geus nyacampah,
jaba kadaharan lapur deuih,
kabéh dipénta ku budak buncir.

Budak buncir kacida bungahna,
henteu kungsi ay anu nyabok,
malah meunang pirang-pirang kadaharan,
tangka ranggém kénca katuhu.
Ras budak buncir inget ka nini-nini,
anu tadi méré dahar ka manéhna.
Kadaharan téh dibikeun sawaréh ka nini-nini,
sawaréh deui didahar ku sorangan,
bari diuk andékak hareupeun nyéré téa.

Barudak baralik ka saimahna-saimahna,
aya anu nyarita ka kolotna,
aya ogé anu nyarita ka lanceukna,
aya ogé anu ngarita ka tatanggana.
Nyaritakeun kaanéhan nyéré,
anu dirancebkeun ku budak buncir.
Sanajan ngan saukur nyéré biasa,
tapi hésé pisan dicabutna,
malah henteu bisa onggét-onggét acan.

Béja pabéja-béja, béja dibéjakeun deui.
Antukna sapangeusi lembur nyaho.
Kabéh ngarasa panasaran,
bring baé atuh nyampeurkeun budak buncir,
teu sirikna kabéh pangeusi lembur tamplok.
Geus puguh lalaki anu jagjag waringkas mah,
salian ti panasaran téh bari aya karep séjén,
nyaéta hayang ngawarah budak buncir,
anu geus ngarebut kadaharan barudakna.

Datang ka tempat anu dijugjug,
kasampak budak buncir keur diuk,
nyarandé kana tangkal kalapa,
bari ngusapan beuteungna anu bucitreuk.
Diukna nyanghareupan nyéré anu ahéng téa.
Budak buncir henteu kagét henteu reuwas,
kadatangan jalma anu sakitu lobana,
lantaran geus disangka ti saméméhna.

Teu lila, torojol lalaki tengah tuwuh,
anu dianggap kokolot di éta lembur.
Pok éta kokolot téh ngomong,
“Hé, Budak Buncir, mana nyéré,
anu majar ceuk barudak anéh téh?”
“Tah, éta aya di hareupeun manéh,”
ceuk budak buncir bari angger diuk,
ngomongna siga ka sasamana baé.

Mireungeuh paripolah budak buncir kitu,
kokolot lembur rada nyeuneu ogé,
beungeutna tangka euceuy lantaran ambek.
“Ieu ku aing nyéré rék dicabut!” cenah.
“Hég baé ari manéh bisa mah!”
“Lamun ieu nyéré kacabut sia dicabok ku aing!”
“Hég baé ari bisa kacabut mah!”
“Dicabok ku saréréa, ku jelema salembur!”
“Hég baé, uing mah henteu sieun!”
Budak buncir ngomongna angger teugeug.

Pok budak buncir ngomong deui,
“Ngan lamun henteu bisa kacabut,
kabéh daging jeung kadaharan séjénna,
anu aya di manéh kudu dibikeun ka uing!”
Ngarasa ditangtang jeung dihina basa,
kokolot lembur buru-buru nyabut nyéré.
Tangka dugang-duging jeung boborot késang.
Boro-boro kacabut, teu onggét-onggét acan.
Ahirna mah kokolot lembur boboléh.

Kabéh anu narénjokeun ngarasa panasaran,
pangpangna mah lalaki anu jagjag waringkas.
Saurang-saurang maju rék nyabut nyéré.
Hasilna sarua jeung nu enggeus-enggeus,
euweuh anu bisaeun nyabut nyéré,
malah loba anu kawiwirangan.
Aya anu nepi ka dut-dut hitut,
aya anu nepi ka wér-wér kiih.
Teu saeutik anu ngajengkang béak tanaga.

Kabéh sapangeusi lembur tingharuleng.
Kumaha carana nyabut éta nyéré,
sabab lamun euweuh nu bisa nyabut,
kabéh bakal karurugian.
Daging jeung sakabéh kadaharan,
anu diajangkeun keur sidekah bumi,
kudu dipasrahkeun ka budak buncir.
Atuh meureun moal jadi sidekah bumi téh.

Keur tingharuleng kitu,
torojol aya jajaka jangkung badag,
kawéntar tukang gelut tukang jogol.
Tong boronong jogol jeung jelema,
dalah jogol jeung banténg ogé,
can kabéjakeun kungsi kawiwirangan.
Dagal-digil jeung bedegul,
peupeuteuyanana ogé beberihalan,
bitisna deuih babalingbingan.

Nénjo jajaka anu anyar datang,
kabéh sapangeusi lembur surak,
surak bakating ku bungah.
Pangrasana bakal aya anu bisa ngajait
tina karurugian jeung wiwirang.
Piraku cenah jelema salembur,
bisa kadéséh ku budak buncir hiji.

Éta jajaka anu anyar datang téh,
anu keur meujeuhna buta tulang buta daging,
terus singkil bari rada gumasép.
Boga rasa pangbedasna pangrongkahna.
Pék nyabut nyéré hareupeun budak buncir.
Sakali, dua kali, nepi ka puluhan kalina,
nyéré angger henteu bisa kacabut.
Tungtungna waléh baé teu sanggup,
tanagana geus méh beak.

Kabéh jelema tingharuleng deui.
Tuluy tingharéwos jeung padabaturna.
Néangan akal satékah polah,
sangkan henteu kudu nedunan jangji,
wantuning kabéh pangeusi lembur téh,
jelema korét jeung kawéntar tukang licik.
Maranéhna embung karoroncodan,
daging jeung sakabéh kadaharanana,
kapimilik ku batur nyaéta ku budak buncir.

Pok wé kokolot lembur téh ngomong,
“Ayeuna mah kieu baé,
saréréa kudu sapuk jeung uing.
Éta nyéré ditancebkeun ku budak buncir,
jadi kudu dicabut deui ku budak buncir.
Lamun éta nyéré henteu kacabut,
urang saréréa henteu kudu masrahkeun
daging jeung kadaharan ka budak buncir.”
Kabéh sapuk kana omongan kokolot lembur.

Ngadéngé caritaan kokolot lembur kitu,
budak buncir ngahuleng sajongjongan.
Ku manéhna kahartieun, éta téh siasat.
Sanajan éta nyéré kacabut ogé ku manéhna,
urang lembur can tangtu nohonan jangjina.
Sarta lamun geus bisa kacabut,
tangtu bakal aya paméntana anu séjén.
Bisa jadi paménta anu pamohalan pisan.

Sanggeus mikir kitu, budak buncir ngomong,
pokna, “Heug, ieu nyéré ku uing rék dicabut.
Uing nyaho maranéh kabéh bakal jalir jangji,
lantaran boga sipat hawek jeung licik.
Ngan lamun ieu nyéré geus kacabut,
maranéh kabéh bakal musna,
minangka hukuman jelema-jelema,
anu hawek jeung sok ngalicikan ka batur.
Ngan saurang di lembur ieu nu bakal salamet.”

Barang éta nyéré dicabut ku budak buncir,
cer baé cai mancer tina urutna,
beuki lila beuki ngagedéan,
sarta tuluy leb-leban minuhan lembur.
Antukna éta lembur téh jadi situ.
Jelema katut imah-imahna kabéh kakelem.
Ari budak buncir téa mah,
les baé ngaleungit lir anu diteureuy lemah.

Ngan nini-nini saurang anu salamet téh,
anu diingetan ku budak buncir téa.
Barang ngadéngé nu tinggorowok,
nini-nini mawa pangarih ti dapur,
terus lumpat ka saung lisung.
Manéhna tumpak lisung dina cai,
ngaboséh ku pangaruh,
salamet henteu kakelem ku cai.

Saurang ogé taya nu nyaho,
geus sabaraha lilana éta kajadian téh,
tangtuna ogé mangratus-ratus taun.
Éta situ téh lila-lila jadi déét,
anu disebut ranca atawa rawa.
Ku lantaran caina kacida hérangna,
anu ku urang Batawi mah disebut “bening”,
nya katelah baé ngaranna Rawa Bening.

Kiwari mah Rawa Bening téh,
geus jadi deui lembur anu kacida gegekna.
Malah geus jadi dayeuh anu kawilang ramé.
Imahna ogé geus lain imah panggung deui,
teu saeutik gedong-gedong anu jarangkung.
Sanajan kitu, méh unggal taun sok jadi situ,
lantaran kakelem ku cai cacaahan ti girang,
komo lamun usum ngijih anu pohara mah.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA SITU BAGENDIT


Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.

Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.

Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

NYI RORO KIDUL


Jaman baheula di Pulo Jawa aya hiji raja,
kakasihna Sang Prabu Munding Wangi.
Ti praméswari kagungan putra istri,
jenenganana Déwi Kadita,
anu kageulisanana pilih tanding,
kaceluk ka awun-awun, kawéntar ka janapria,
malah nepi ka nelah Déwi Srangéngé,
lantaran cahayana moncorong lir srangéngé.

Déwi Srangéngé kacida pisan dienodna,
dipikanyaah ku ibu sareng ramana,
lir nanggeuy endog beubeureumna.
Sanaos kitu, Sang Prabu teu weléh neneda,
neneda ka Hyang Déwata katut batara-batari,
sangkan anjeunna kagungan putra pemeget.
Nanging anu diantos-antos téh,
ti praméswari Raja teu kagungan putra deui.

Teu kantos lami ti harita,
Kangjeng Raja kagungan deui putra.
Sanés ti praméswari, nanging ti selir,
anu jenenganana Déwi Mutiara.
Putrana pameget luyu sareng kapalayna.
Kangjeng Raja kalintang pisan bingahna.
Sami sareng ka Déwi Srangéngé,
ka putra ti Déwi Mutiara ogé,
kalangkung-langkung nyaahna.

Sanaos Déwi Mutiara tos nyenangkeun Raja,
ku jalan kagungan putra pameget téa,
nanging ku margi Déwi Mutiara téh selir,
linggihna angger baé di gédéngeun karaton,
henteu di lebet karaton sapertos praméswari.
Manah Déwi Mutiara ngageremet teu sugema,
timbul baé rasa ceuceub ka praméswari,
dibarung ku rasa sirik ka Déwi Srangéngé.

Malah aya leuwihna ti kitu,
manéhna boga kahayang,
sangkan anakna jadi raja.
Lamun seug anakna jadi raja téh,
tangtu kahirupanana bakal robah.
Moal ngarasa disapirakeun cara ayeuna.
Sahenteuna atuh jadi indungna raja,
disarebutna ogé tangtu Ibu Suri.

Déwi Mutiara terus mikiran.
Sanajan anakna lalaki,
salila di karaton masih aya kénéh
Déwi Srangéngé jeung praméswari,
pamohalan anakna bisa jadi raja.
Ku kituna euweuh deui jalan,
lian ti duaanana kudu disingkirkeun
sina ingkah ti karajaan.
Ngan kudu kumaha carana?

Kabeneran aya nu ngabéjaan,
di tutugan Gunung Parahu,
aya hiji awéwé tukang tenung sakti,
an ngaranna katelah Nini Jahil.
Ngadéngé éta béja,
Déwi Mutiara kacida pisan bungahna.
Tuluy nitah emban kapercayaanana,
nyusulan Nini Jahil ka Gunung Parahu.

Barang tepung jeung Nini Jahil,
pok Déwi Mutiara nyaritakeun niatna,
nya éta hayang nyingkirkeun
Déwi Srangéngé katut praméswari.
“Kumaha sanggup?” cék Déwi Mutiara.
“Tai ceuli atuh nu kitu mah,” jawab Nini Jahil.
“Tapi entong dipaéhan,” cenah deuih.
“Ulah hariwang,” Nini Jahil siga nu yakin.

Maksud manéh Déwi Mutiara téh,
praméswari jeung Déwi Srangéngé,
rék ditenung supaya beungeutna ruksak.
Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah,
pasti ku Kangjeng Raja diusir,
atawa disingkurkeun ka leuweung,
lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.

Kacaritakeun dina hiji peuting,
waktuna pangeusi karaton sararé tibra,
Nini Jahil asup ka jero karaton.
Dasar tukang tenung sakti,
euweuh saurang ogé anu nyahoeun.
Para-ponggawa nu ngajaraga
kabéh sararéna kawas bangké,
gara-gara élmu sirep Nini Jahil.

Sup manéhna rerencepan,
asup ka pangkuleman praméswari.
Terus ngaluarkeun élmu tenungna.
Ku matih-matihna élmu tenung Nini Jahil,
harita kénéh pameunteu praméswati
pinuh ku bisul sagedé-gedé suuk.
Teu kaop katoél meueusan,
langsung kaluar getih campur nanah,
bauna kaambeu hanyir.

Bérés praméswari ditenung,
giliran Déwi Srangéngé.
Ieu ogé sami sakedét nétra pisan,
pameunteu anu sakitu geulisna,
robah jadi goréng patut.
Pinuh ku koréng, borok, jeung bisul.
Sarua deuih teu kaop katoél saeutik,
barijil nanah campur getih,
bauna semu hangru.

Nini Jahil kaluar ti karaton,
tuluy nyampeurkeun ka Déwi Mutiara.
Nini Jahil nyaritakeun pagawéanana,
geus nenung praméswari jeung anakna.
“Moal teu buruk geura tah beungeutna!”
ceuk Nini Jahil bari seuri nyikikik.
Déwi Mutiara kacida pisan bungahna.
Sanggeus narima buruhan,
Nini Jahil buru-buru balik.

Teu kungsi lila ti harita,
Déwi Srangéngé gugah,
margi ngambeu babauan.
Anjeunna ungas-ingus,
tétéla asalna tina pameunteu anjeunna.
Déwi Srangéngé ngeunteung.
Ari bréh ningal pemeunteuna,
Déwi Srangéngé ampir-ampiran ngajerit,
bakating ku reuwas jeung sedih.

Ras Déwi Srangéngé émut ka ibuna,
énggal lebet ka kamar ibuna,
teras diguyah-guyah digugahkeun.
Naha atuh ari bréh téh,
geuning sanasib jeung anjeunna.
Pameunteuna sami-sami ruksak,
pinuh ku borok jeung bisul nanahan,
sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh.

Indung jeung anak,
antukna ceurik paungku-ungku.
Duanana rerencepan kaluar ti kaluar.
Terus kaluar ti karaton.
Pangémut anu duaan, méh sami,
jang nanahaon aya di karaton ogé,
lantaran boga beungeut béda ti batur.
Ti batan diusir ku Kangjeng Raja,
mending miheulaan kabur ti nagara.

Isukna ibur sapangeusi karaton,
praméswari jeung Déwi Srangéngé,
wengi-wengi ngalolos ti karaton.
Taya anu nyahoeun saurang ogé,
ka mana léosna éta dua putri téh.
Sabalikna jeung Déwi Mutiara,
ngadéngé éta béja téh seuri bungah,
lantaran maksudna geus laksana.
Nyingkirkeun praméswari kadua anakna.

Praméswari jeung Déwi Srangéngé,
duaan leumpang sakaparan-paran,
lumampah nuturkeun indung suku.
apruk-aprukan teu puguh nu dijugjug.
Mubus ka leuweung geledegan,
leuweung ganggong simagonggong,
leuweung si sumenem jati.
Haténa nalangsa kabina-bina.

Sakali mangsa jog ka hiji patapan.
Patepang jeung hiji pandita.
Bubuhan pandita sakti,
mibanda élmu linuhung,
weruh sadurung winarah,
pribumi langsung uninga,
istri anu sarumping téh taya sanés,
praméswari kadua putrana,
sanaos pameunteuna kacida ruksakna.

Henteu papanjangan carita,
praméswari jeung Déwi Srangéngé,
diangken langkung ti misti,
malah dianggap putra jeung putu.
“Nyai jeung incu Éyang,
ayeuna téh keur meunang cocoba.
Cocoba anu sakitu beuratna.
Ayeuna mah ngarereb baé di dieu,”
ceuk Ki Pandita ka praméswari.

Praméswari kadua Déwi Srangéngé,
ahirna ngarereb di patapan.
Ki Pandita usaha satékah polah,
ngalandongan panyawatna.
Tapi ku matih-matihna tenung Nini Jahil,
Ki Pandita teu tiasa ngalandongan.
Aya ari pituduh mah éta ogé,
pituduh ngeunaan jalma anu juligna.

Éta dua istri kacida ngarumasna,
tuman hirup di karaton sagala nyampak,
ari ayeuna di patapan sagala euweuh.
Euweuh nu ngaladénan-ngaladénan acan.
Éta anu salawasna jadi émutan praméswari,
utamana mah nasib putrana ka payunna.
Ku tina seueur teuing émutan téa,
brek baé praméswari téh teu damang,
tug dugi ka pupusna di patapan.

Ki Pandita kacida pisan ngangresna,
mireungeuh kaayaan praméswari kitu.
Nyel baé aya karep males kanyeri,
ka nu geus boga laku julig.
Ki Pandita uninga ka nu boga dosana.
Lajeng baé ngutus maung kembar,
sina ngahukuman Nini Jahil.
Duanana teu meunang waka balik,
salila tukang tenung jahat hirup kénéh.

Maung kembar indit ti patapan,
rék ngajugjug ka Gunung Parahu.
Sarta teu kungsi lila ti harita,
di tutugan Gunung Parahu guyur,
Nini Jahil geus kapanggih jadi bangké,
Beungeut jeung awakna ruksak,
kawas tapak ngarewég maung.

Dikantun pupus ku ibuna,
Déwi Srangéngé kacida pisan sedihna,
raosna teu aya deui batur pakumaha.
Aya ogé Ki Pandita anu haat nyaaheun,
da teu sarua jeung indung kanyaahna.
Déwi Srangéngé sering émut ka ibuna,
ahirna teu kiat lami-lami aya di patapan.
Wengi-wangi anjeunna rerencepan kabur.

Saleresna Ki Pandita sanés teu uninga,
putu angkatna kabur ngantunkeun patapan.
Tapi ku Ki Pandita henteu dihalang-halang.
Tibatan manah Déwi Srangéngé teras sedih,
émut baé ka nu tos ngantunkeun,
mending antep sina milari pangalaman.
Saha anu terang Déwi Srangéngé téh
bakal pinanggih jeung kabagjaan.

Caturkeun Déwi Srangéngé,
saparantosna ngalolos ti patapan,
angkat henteu puguh nu dijugjug.
Angkat sakaparan-paran kitu baé.
Bari henteu ngingetkeun kasalametan dirina.
Saban ngalangkungan leuweung,
anjeunna ngarep-ngarep ajal datang,
dipacok oray atawa dihakan sato galak.

Tapi, sakitu mindeng pasarandog,
boro-boro aya nu daék ngahakan,
sakur sasatoan di éta leuweung,
kalah paheula-heula nyalingkir.
Teu daék deukeut-deukeut acan.
Duka pédah henteu tégaeun,
nempo waruga nu sakitu ruksakna,
duka henteu kuat ngambeu bauna.

Lami-lami Déwi Srangéngé téh
jog anjog ka sisi basisir kidul.
Lalampahanana kandeg di dinya,
kapegat laut upluk-aplak satungtung deuleu.
Ku margi ngaraos kacida bingungna,
ka mana nya kedah neraskeun laku,
anjeunna lirén handapeun tangkal kalapa,
sakantenan niat ngareureuhkeun kacapé.

Déwi Srangéngé nanghunjar dina kikisik,
bari nyarandé kana tangkal kalapa.
Neuteup anteng ka tengah laut.
Sakedapan lali kana kasedih manahna.
Angin laut lir nu ngusapan salirana,
lami-lami ngaraos tunduh anu kacida.
Reup baé kulem di dinya tibra naker.

Sabot Déwi Srangéngé kulem,
anjeunna ngimpén anu luar biasa,
impénan sapertos anu enya-enya kajadian.
Dina éta impénanana,
anjeunna ditepangan ku hiji aki-aki.
Éta aki-aki nganggo anggoan sing sarwa bodas.
Ari kana rupina, asa henteu asing deui.
Asa kungsi panggih, ngan duka di mana.

Éta aki-aki pok sasauran, kieu cenah,
“Deudeuh teuing incu Aki,
nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara.
Ayeuna mah geura gugah,
hég geura siram dina cai laut.
Engké sagala rupana baris balik deui,
balik ka sabihara-sabihari.
Réngsé siram ulah ka mana-mana,
margi bakal aya satria nu ngajak nikah.”

Tamat aki-aki sasauran,
Déwi Srangéngé gugah.
Luak-lieuk teu aya sasaha.
Iwal aya laut nu kacida legana.
Ombakna siga nu ngagupayan,
sangkan anjeunna énggal-énggal siram.
“Anu bieu téh impian ilapat atawa riwan?”
gerentes manah Déwi Srangéngé.

Tapi ahirna mah Déwi Srangéngé
henteu seueur deui anu diémutan,
ku tina parantos pasrah téa kana kadarna.
Gebrus baé ka laut, ibak kokojayan.
Cai laut asin téh karaosna asa seger.
Anéhna unggal anjeunna ngusap raray,
urut borok reujeung bisul,
harita kénéh langsung beresih.

Kasauran aki-aki henteu lepat,
pameunteu nu geulis beresih deui.
Sinarna moncorong deui sabihari
kawas panonpoé kakara medal.
Kantenan Déwi Srangéngé pohara bingahna.
Anjeunna ampir-ampiran teu percanten,
kana kajadian nu sakitu matak anéhna.

Wareg siram kokojayan,
lajeng ngeunteung kana beungeut cai,
katingal rarayna ngagenclang hérang.
Malih raraosanana mah langkung geulis,
langkung cahayaan ti nu parantos-parantos.
Teu karaos tina socana bijil cisoca,
mapay kana damisna anu limit,
cisoca anu medal tina kabungah taya hinggana.

Nurut kana kasauran aki-aki dina impénan,
anjeunna henteu ka mana-mana deui.
Damelna ngantos kasumpingan satria,
anu badé ngajak nikah téa.
Déwi Srangéngé percanten kana kasauranana,
ku margi apan parantos aya buktosna.
Pameunteuna anu tadina ruksak,
ayeuna balik deui sapertos sabihara-sabihari.

Ngan naha atuh nu diantos-antos téh
henteu daék sumping baé.
Anjeunna méh unggal dinten ngalangeu
di sisi basisir bari neuteup ka tengah laut.
Sangkaan anjeunna, moal henteu,
satria téh sumpingna ti tengah laut.
Lamun kana kapal laut,
geuning taya celak-celakna acan.
Atawa bisa jadi bijil ti jero laut.

Sadinten, dua dinten nepi ka saminggu,
Déwi Srangéngé masih tiasa nahan kasabaran.
Saminggu, dua minggu, dugi ka sasasihna,
sasasih, dua sasih, dugi ka sataunna,
Déwi Srangéngé séép kasabaranana.
Lami-lami timbul bendu ngagugudug,
margi asa dibohongan ku aki-aki,
anu patepang dina impénan téa.

Déwi Srangéngé penggas pangharepan,
bendu dibarung kun genes ngangres.
Tungtungna jleng baé luncat ka laut,
maksadna badé luluasan,
milih neuleumkeun manéh ka laut,
nyébakeun salirana ka pengeusi laut,
sukur-sukur mun dihakan ku lauk hiu,
atawa diteureuy buleud ku lauk paus.

Tapi cai laut kalah nyalingray,
kawas nu méré jalan ka Sang Déwi.
Kitu deui sakabeuh pangeusina,
rupa-rupa lauk nu gedé nu leutik,
daratang ngabagéakeun.
Tungtungna Déwi Srangéngé téh
diangkat jadi ratu di sagara kidul,
katelah Nyai Ratu Roro Kidul.

Tapi anjeunna tetep panasaran,
palay tepang sareng satria
anu dijangjikeun dina impénan.
Cai laut teras-terasan diubek,
niatna milarian satria téa.
Éta sababna pangna laut kidul
kasohor galedé ombakna.
Lantaran hayoh waé diubek-ubek
ku Nyi Roro Kidul.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/