Kamis, 07 Februari 2013

SASAKALA SUMUR TUJUH


Di lamping Gunung Karang aya sumur anu anéh, réana tujuh, ku nu percayaan mah sok dipuja. Éta sumur do¬ngéngna kieu:

Raja Pajajaran anu panutup, Sang Prabu Siliwangi kagungan hiji pingitan piselireun, putri geulis jenenga¬nana Lénggangkancana, nyaéta putra Pandita Puncakmanik di Gunung Pulosari. Ku lantaran anom kénéh, éta putri teu énggal-énggal ditikah ku Sang Raja, tapi teu meunang ka mana-mana geus sababaraha taun dipingit di kaputrén, malah ari saenyana mah geus sedeng rumaja putri, tapi unggal dipariksa ku Kangjeng Raja, ngan nyuhuu¬keun sarantos bae. Geus ti dituna meureun kudu manjang¬keun lalakon.

Kacarita hiji peuting malem Juma'ah, putri teu ker¬saeun kulem, ngaguligah teu puguh nu dimanahan, bingbang hareudang bayeungyang, nepi ka medal ti kaputrén, lungsur ka patamanan. Harita téh nuju ngebrak caang bulan, ning¬gang tanggal opat welas, pikaresepeun anu ngarora. Kabe¬neran nu ngajaga sararé kabéh, lir keuna ku panyirep, atuh Putri kacida laluasana ameng ngurilingan taman, teu aya nu nyisikudi. Kekembangan keur sedeng mangkak bareukah, sumeleber nyambuang sapakarangan. Nji Putri raos kagagas, ras émut ka ibu-rama nu mangkuk di Puncakmanik.

Sigeug Putri nu keur aya di patamanan, kocapkeun di awang-awang aya satria kayangan jenengan Dewaputra, keur ngalayang mulih guguru ti Sang Wiku di Gunung Méga¬mendung. Barang nepi ka luhureun tamansari, Sang Déwa¬putra ngarandeg, réh ningali nu geulis kawanti-wanti nu éndah kabina-bina. Lir kukupu katarik ku kembang seungit nu matak uruy maduna, anjeunna énggal nyirorot, teu nganggo tata pasini, gapruk putri téh disamber, biur deui ka luhur, cag baé diécagkeun dina méga, di madyagantang.

“Mugi ulah rengat manah,” cék Déwaputra ka putri, “anu mawi dibantun ka dieu téh, badé didamel pupujan. Sakahoyong tinangtos ditedunan. Bilih hoyong teras amengan di taman, ieu tempat ayeuna badé dicipta, sing jadi pata¬manan.”

Déwaputra neneda ka paradéwa, sarta harita kénéh gé, jleg baé di awang-awang aya taman anu kacida alusna. Atuh putri teu kira-kira kagétna, sajongjongan teu iasa sasaurun. Saenyana ari dina manahna mah, putri téh ngaraos bagja, ditepangkeun jeung nu kasép, raos kagunturan madu kaurugan menyan putih. Tapi wantuning kakara sasarengan jeung pameget di nu singkur, manahna teu weléh risi jeung teu ngartos kana maksud Déwaputra. Pok sasa-uran kieu, “Bilih gamparan henteu uninga, abdi téh pigar¬waeun Sang Prabu Siliwangi. Ayeuna abdi aya di dieu teu ka¬layan idin anjeunna, mana teuing benduna. Hukuman naon anu bakal ditibankeun ka diri abdi, gamparan tangtos uninga. Nanging ieu sadayana lepat gamparan. Saéna mah disuhunkeun heula ka Sang Prabu Siliwangi. Boh dipaparin¬keun boh henteu, teu panasaran. Ari lampah ngiwat téa sanés panata utami, sanés laku sinatria. Ayeuna mah saupami teu wantun patutunggalan sareng Prabu Siliwangi, kedah énggal abdi pulangkeun ka Pajajaran.”

Déwaputra hémeng galih, réh nembé umur-umuran, aya anu ngaweweléh, éstuning béak wirasat, teu iasaeun ngajawab, pung ngapung ka Mégamendung, rék naros ka Sang Pandita. Sinigeug nu ngawang-ngawang jeung Putri Léng-gangkancana di Taman Jomantara.

Kacarita Sang Pandita Puncakmanik rama Nyi Putri, ku Sang Prabu Siliwangi diperih pati kedah ngilari Nyi Putri. Saupami teu kapanggih, baris dihukum. Wantuning pandita sakti, weruh sadurung winarah, gancang sukmana ngalayang ka Taman Jomantara nepangan putra. Pok sasauran kieu, “Hé Nyai anak Ama, ieu Ama datang teu jeung raga badag. Dihin pinasti anyar pinanggih. Naon-naon nu dilakonan ku urang, geus dipastikeun ti baheula ku Gusti Maha Kawasa. Nyai ulah susah-susah, ngan kari sumerah baé ka Pangéran. Lalakon Nyai téh panjang, bakal nyorang kaprihatinan, tapi bakal ditungtungan ku kamulyaan. Ayeuna urang pa¬panggih panungtungan, sabab Ama rék nyingkir ti Puncak¬manik, rék néangan lembur singkur mandala singkah, mé¬méh ditibanan hukuman ku Sang Prabu Siliwangi. Ari satria nu ngiwat Nyai jenengan Déwaputra, asal terah Kahiangan, kersana mileuleuheungkeun ka diri Nyai. Tapi Nyai méméh kawin kudu aya tanjakan heula, nyaéta nyuhunkeun bumi di tengah patamanan di Gunung Karang anu maké sumur tujuh katut pamandianana. Sakitu wasiat Ama. Muga-muga Nyai sing sabar tawekal jeung sing percaya kana caritaan Ama. Ayeuna Ama amit.”

Nyi Putri Lénggangkancana ngahuleng sajongjongan, raos dina pangimpénan. Manahna teu weléh sangsi, naha enya anu sumping téh ramana atawa lain. Ngan lantaran anjeunna émut kana kaluhungan rama, tungtungna per¬caya ogé, yén ramana anu tadi ngawejang téh. Anjeunna jangji lebeting manah, rék ngéstokeun kana piwejang ramana. Sanggeus kitu ras deui anjeunna émut kana kadar anu bakal karandapan, tur harita lieuk leuweung lieuk lamping henteu aya deremaga, lieuk deungeun lieuk lain henteu aya kuIawarga, turug-turug nu nyandak ti Pajajaran ngiles; Déwaputra teu puguh ka mana losna. Segruk baé Nyi Lénggangkancana nangis, raos diteungteuinganan ku pa¬meget anyar pinanggih. Sabot kitu jol baé aja jurig ti Gunung Carélang, nu diutus ku babaturanana néangan piratueun.

Barang manéhna awaseun ka Nyi Putri, jleg baé mangrupa hileud, sarta tuluy Nyi Putri diteureuy buleud. Sigeug éta, kocap deui Déwaputra nu nuju kabungbulengan ku nu geulis, teu iasa lami-lami patebih sareng jungjunan. Ari sumping ka Taman Jomantara, Putri teu aya, atuh pohara benduna. Sabot katatang-kotéténg, rét anjeunna ningali hileud sagedé gulungan kasur. Anjeunna teu samar deui, yén Nyi Putri digunasika ku éta hileud. Énggal baé anjeunna téh metik daun seureuh bodas nu uratna pate¬pung, dianggo nurih tonggong hileud. Goréhél Putri kapendak nuju kulem. Jung dipangkon lalaunan, diébogkeun dina bangku handapeun tangkal kai. Barang gugah, rét ningali nu kasép, nyéh imut bari mapatkeun asihan. Ti dinya Putri haturan, yén tadi ngaweweléh téh lain teu niat ngi¬ringan kana pangersa, ngan seja ngémutan baé kana lam¬pah kajatnikaan.

“Gamparan téh,” cék Nyi Putri, “sanés jalma joré-¬joré, terah déwa, jadi kedah mintonkeun kahormatan. Menggah diri abdi onaman, didamel dua saduit ogé teu naon¬-naon. Mung numutkeun kabiasaan, pameget téh sok aya panglamarna ka pigeureuhaeunana. Luhur handapna mar¬tabat hiji pameget, sok katawis dina rupi panglamarna. Ayeuna upami yaktos badé mileuleuheungkeun ka abdi, urang gunung bau lisung anu nya awon nya bodo, henteu kedah maparin dunyabrana, mung nyuhunkeun dipangda¬melkeun taman di Gunung Karang sareng bumina katut pamandianana anu nganggo sumur tujuh. Upami aya je-lema nu hayang terang kana panglamar gamparan, jadi mung kantun nuduhkeun. Mung sakitu panuhun abdi.”

Déwaputra keur ti tadi ngait manah ka Nyi Putri, turug-¬turug ditambahan ku daya kemat, kapangaruhan ku asihan sileugeut teureup, atuh geus taya petana mungpang kana pamundut jungjunan téh. Boro-boro aya pamundut sakitu, najan sapuluh kitu gé mo burung ditedunan.

Harita kénéh ku anjeunna disanggeman, sarta biur baé ngapung ka Gunung Karang. Sajajalan anjeunna nga¬manah-manah, lebah mana pantesna ngadamel taman. Sabot kitu séot aya gagak, putih hiber di payuneunana. Teu lila monténg, turun lebah Gunung Karang. Teup eunteup dina hiji batu gedé. Di dinya gagak kikiplik tuluy mébér-mébér jangjang bari ngaluis, nyemukeun nu keur mandi. Déwa¬putra teu jauh ti éta gagak, ningalikeun saparipolahna gagak. Ku anjeunna geus kasurti, yén di dinya pitempateun pangsiraman nu dipundut ku buah manah téa. Gancang anjeunna menekung ka paradéwa, nyuhunkeun dibuktikeun sakahoyong Nyi Putri téa. Tina cengengna paneda, harita kénéh geus bukti. Urut leuweung luwang-liwung salin rupa jadi tamansari resmi, di tengahna aya bumi nu pereték parabotna, katut perhiasanana. Sumur nu tujuh ngabaris. Pangsiramanana lucu, surup pisan pangsiraman putra jeung putri. Ngider sakuliah dunya moal aya tamansari nu sarina cara Taman Sumur Tujuh.

Gancanging carita baé Déwaputra jeung Nyai Léng¬gangkancana geus ngaralih ti Taman Jomantara ka Taman Sumur Tujuh. Ari sasarenganana nu kasép jeung nu geulis téh ti beurang baé. Ti peuting mah napsi-napsi, Nyi Putri kulem di bumi, ari Déwaputra di luar. Urang tunda carita di lebah dinya.

Taman Sumur Tujuh téa tina kaahénganana geus kace¬luk kaawun-awun kawentar ka mana-mana, malah ka Sa¬wargaloka geus kawangikeun, sarta dina hiji mangsa aya tujuh widadari ti Sawargaloka daratang ka Sumur Tujuh ngadon mandi, sanggeus mandi tuluy maretikan kembang, kakara baralik deui ka Kahiangan. Nu kagungan tamansari teu uningaeun kana lampah éta para widadari, ngan bati kagétna baé, réh pepelakan barusik, kekembangan nu aralus nu sareungit rigil urut nu metikan.

Déwaputra sasauran ka Nyi Putri, yén anu boga dosa téh tangtu parawidadari ti Kayangan. Upama isuk pagéto aya katumbiri nutug ka Sumur Tujuh, éta tanda yén widadari daratang. Kitu saur Déwaputra.

Kocap dina hiji poé Déwaputra jeung Nyi Putri nari¬ngali katumbiri. Énggal baé Déwaputra ka awang-awang, hoyong awas kana lampah widadari, di marcapada.

Ari éta widadari anu tujuh sajolna ka Sumur Tujuh, gancang baé cucul-cucul tuluy mandi. Sabot kitu, Nyi Putri Lénggangkancana ngadeukeutan keketeyepan sarta nyumput di nu buni. Anjeunna héroy kacida ningali anggoan wida¬dari nu sakitu aralusna nu tara aya di dunja. Bawaning ku panasaran, mimitina hoyong uninga lésangna, dirampaan anggoan widadari téh. Pék dicandak ka panyumputan, rap diajaran, wet resep, tuluj baé anggoanana diteundeun dina urut anggoan widadari. Koléséd ti panyumputan angkat nganggo dangdosan ahéng bari teras metikan kembang. Ka¬tingali ku Déwaputra ti awang-awang marukan widadari. Prak baé ngagayuh angin. Atuh harita kénéh ge hiuk angin ngagelebug, nebak Nyai Lénggangkancana. Gancanging carita baé Nyi Putri téh geus aya di Kahiangan kabawa angin.

Widadari anu tujuh bada mandi rup-rap darangdan. Ngan widadari nu bungsu nu kahémengan, lantaran anggo¬anana aya nu ngahilian. Malah anu genepan gé tingharuleng, henteu nyana bakal kajadian kitu. Sabot kitu ngong baé di awang-awang aya sora tan katingalan, kieu pokna, “Dé¬waputra teu kaidinan ku paradéwa garwaan ka urang Marcapada. Nyi Putri Lénggangkancana lantaran taya dosana, ayeuna geus diasupkeun ka Kahiangan. Ku sabab éta, ang¬goan Nyi Lénggangkancana ayeuna kudu dianggo ku wida¬dari bungsu, pigarwaeun Déwaputra, geus ditetepkeun ku paradéwa. Pék ayeuna anggoan téh geura anggo, sarta gan¬cang tepangan Déwaputra.” Ngan sakitu ungeling sora téh.

Ari éta widadari nu bungsu téh lir beubeulahan térong jeung Nyai Lénggangkancana; pamuluna, dedeganana, goloyorna malah gentrana sarua. Turug-turug anggoanana tilas Nyai Lénggangkancana, atuh ieu-ieu ogé geus tangtu ka¬bedil langit kabéntar-méga. Komo deui Déwaputra ningalina ti awang-awang. Éta widadari bungsu diiringkeun ku wida¬dari nu genep, ngajugjug ka bumi kalangenan Déwaputra, sarta nu kagungan bumi geus waspada, geus lungsur ti awang-awang lebet ka bumi. Srog widadari tujuh nepi ka latar, Déwapatra énggal lungsur mapag garwa. Teu samar teu asa-asa, yén widadari bungsu téh garwana, turug-turug anu disangka garwa téh iasa pisan ngarobah prak-prakan kawidadarian, satingkah saparipolah téh taya pisan bédana jeung Nyai Lénggangkancana, lantaran ngéstokeun téa kana kersa paradéwa.

Gancanging carita widadari anu genep amitan mundur, biur ngarapung ka langit, katingal ti kajauhan melengkung katumbirina, minangka cicirén widadari nuju lumaku. Ari widadari bungsu rendéngan jeung Déwaputra sinaksénan paradéwa ti Kahiangan. Tuluy putra jeung putri téh tetep renggenek ngageugeuh Sumur Tujuh.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA TALAGA WARNA


Di lamping Gunung Mégamendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindanglaya; aya situ hiang katelahna Talaga¬warna. Sering pisan anu ngahaja sarumping ka dinya, ngaradon sukan-sukan bari ningali kaanéhanana. Margi titingalian di sakurilingna éta talaga teu kinten saéna, kakayonna anu arageung ngararombyong ka sisi cai, patingrunggunuk sapertos kénging ngahaja ngatur; kawuwuh ha¬wana tiis, kawantos di luhur gunung.

Nanging ari bangsa urang mah teu warantuneun ngaga¬dabah, malah awis aya anu ngahaja ngadon macangkrama borak-borak di sisi Talagawarna mah, margi sieun ku ma¬malana, pédah éta tempat dianggap sanget.

Ku sabréhan ogé katingali geueumanana, pantes seueur dedemitna, caina ngagimbleng, sakapeung héjo, sakapeung jingga, sakapeung semu konéng atanapi kajas. Éta margina nu mawi éta situ hiang disebat Talagawarna, réh caina sok gentos-gentos warnana.

Numutkeun cariosan sepuh urang Cianjur, nu mawi rupi caina sok robah-robah kitu téh, aya sasakalana. Kieu dongengna:

Jaman baheula palebah dinya téh aya nagara anu teu kinten raména, gegek jelemana tur balaleunghar deuih. Anu jumeneng raja kawentar asih ka abdi-abdi, kagurnita ka¬adilanana, puguh deui ari kabeungharanana mah kakoncara ka mana-mana.

Kacarioskeun Kangjeng Raja kagungan putra istri mung hiji-hijina pisan, geulis taya tandingna, salira jangjing lenggik, rarayna ngadaun seureuh, keningna ngajelér paéh, waosna gula gumantung, panangan bentik ngagondéwa.

Atuh ku ibu ku ramana sakalintang dipusti-pustina, di¬eugeuh didama-dama, éstu saniskanten dipupujuhkeun, sakapalayna teu aya nu dipungpang.
Barang Sang Putri parantos yuswa opat welas taun, keur sumedeng rumaja putri, nindak kana turun amis cau, teu aya deui damelna unggal dinten ngan mesék salira, di karaton pipidangan, gentos-gentos panganggo nu murub mubyar di¬tabur inten widuri.

Midang teu aya musimna, ningkes panganggo anu wareu¬teuh siang-wengi, saniskanten kedah ninggang surupanana. Sareng salamina kedah ngaleuseuhan baé, teu kersa nganggo nu lusuh. Upami sinjang songkét, atuh raksukanana kedah suat emas pulas kayas, sumberna kedah berlian masung, pinggel belah rotan ditarétés inten, malah sanggul diréka¬-réka kénging nyusurup, parantos aya emban tukangna.

Ku ibu ku rama éstu diayunkeun sakersana, kawantos ratu mukti salieuk béh, sayagi geusan ngumbruk-ngumbruk putra, anu sakitu dianggo kameumeutna.

Binangkitna putri kana ningkes panganggo parantos teu aya tandingna, jadi pamujian saeusi nagri, ditiru ditaru¬rutan ku istri-istri sadaya.

Ku margi ti mumurangkalih dibiasakeun ngaleuseuhan wungkul téa, sareng tingkesanana teu kénging pisan aja géséhna, lami-lami putri sering pusing galih, réh bingung kumaha nya pimodéleun, da anu parantos aya mah karaosna matak bosen, karaosna kieu teu surup-kitu teu surup.

Damelna nangis ngurihit ka ibu ka rama, nyuhunkeun inten keur rarambu kekemben, sareng mundut berlian keur tabur raksukan, mundut jambrut keur papaés pajeng, sareng mundut deui rupi-rupi permata anggoeun ieu-anggo¬eun itu pangwuwuh anu parantos aya.

Awitna mah pamundutna ku ibu ku rama tara aya anu dipogogan, najan barang anu langka, dibélaan ngadadak nimbaIan mantri ponggawa ngilari ka unggal nagri. Atuh permata ogé dugi ka parantos sababaraha peti geledeg, jabi sutra bangsa anggoan sipat nyamu.

Nanging lami ti lami, tina sanget kasengsrem ku tingkesan anu marodél téa, pamundut putri seueur pisun murkana, dugi ka ku ibu ku rama kapaksa sok dipondah, lantaran kamanah, yén kahoyong anu sarupi kitu mah henteu matak jadl papaés kapantesan.

Atuh Sang Putri sering bendu, pundung ka sepuh tina raosna asa dipungpang kahoyong, damelna kutuk gendeng, dugi ka wantun ngupat nyebatkeun medit, nyebat kumed, majar teu nyaah ka putra.

Dina hiji dinten putri sumping dumeuheus ka payuneun ibu rama diiring ku emban-emban, sakumaha biasa badé aya deui pamundut, réh kaangsonan ku mojang eusi puri, majar surup mawa sieup, upami tungtung rambut unggal¬ lambar digantélan ku mirah sareng widuri.

Ku Kangjeng Raja digumujengkeun, pamundut anu sa¬kitu minculakna téh, disebatkeun murka kaleuwihan, ditung¬tungan ku piwuruk, supados putra ulah katalanjuran teuing.

Nanging ujug-ujug jengkét baé putri ti payuneun rama, nangis kanyenyerian bari teu tata pasini.deui, wur baé permata anu dicandak harita ku anjeunna diawurkeun kana mas¬taka ramana. Gejlig putri ka latar, jamotrot bendu ka sepuh bari ngagantawang kieu, ”Kop tah cokot deui ari owel mah dipaké ku ....!"

Ajaib pisan teu acan tutup putri sasauranana, ujug-ujug burial baé cai ngabulak-bulak ti tengah latar téa, leb karaton kakeueum, musna rupa nagara dadak sakala salin jinis ngajadi talaga.

Nu mawi caina ayeuna sok gentos-gentos rupi téh, nyaéta duméh kahibaran ku cahaya berlian sareng permata nu sanés; anu mayak di dasarna, tilas ngawuran mastaka Kang¬jeng Raja, ramana putri nu murka téa.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

JONGGRANG KALAPITUNG


Hidep kungsi ulin ka Jatiluhur?
Jatiluhur téh perenahna di Purwakarta.
Di dinya aya bendungan anu lega.
Katelahna Bendungan Jatiluhur.
Ari anu dibendungna Walungan Citarum.
Éta bendungan téh gedé pisan mangpaatna.
Dipaké pikeun rupa-rupa kaperluan.

Caina dipaké pembangkit tanaga listrik,
anu listrikna dipaké di sakuliah Pulo Jawa.
Salian ti éta dipaké pikeun irigasi deuih.
Nyaian sawah-sawah anu aya di kalér,
saperti di Purwakarta, Karawang, jeung Subang.
Terus parat nepi ka Bekasi jeung Jakarta.
Malah cai beresih anu aya di éta wewengkon,
umumna mah asalna téh ti Jatiluhur.

Teu saeutik deuih anu miara lauk di Jatiluhur,
maké jaring anu disebut “kolam jaring terapung”.
Jatiluhur ogé jadi obyék wisata andelan.
Salian ti pamandanganana éndah,
geus diwangun obyék wisata modern deuih.
Saperti waterboom jeung kolam renang.
Atuh keur nu resep nguseup,
di Jatiluhur ogé loba tempat paranti nguseup.

Tapi jaman baheula mah, baheulaning baheula,
cenah di sabudeureun Jatiluhur téh,
masih kénéh mangrupa leuweung geledegan.
Rembet ku kakayon, caranéom jeung geueumeun.
Lolobana tangkal jati, galedé jeung jarangkung.
Tangkalna sagedé-gedé beuteung munding.
Can jadi bendungan cara ayeuna.
Malah can aya lembur-lembur acan.

Leuweung sanget pikasieuneun.
Anu matak tara aya jalma anu lunta-lanto ka dinya.
Dina kapaksana ogé, teu weléh sanduk-sanduk
ka nu ngageugeuh di dinya.
Ari anu ngageugeuh di éta leuweung
katut gunung-gunung di sabudeureunana,
hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang.
Ngaranna Jonggrang Kalapitung.

Awakna jangkung badag tanding gunung.
Kulitna hideung lestreng tanding areng.
Bulu kumisna sagedé-gedé tambang injuk.
Buukna gimbal cawigwig ngarerewig.
Kakara oyag lamun katebak angin baliung.
Éstu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan.
Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur.
Hésé ngabédakeunana, keur leuleuy atawa keur ambek.

Hiji mangsa Jonggrang Kalapitung aya kahayang,
nyaéta hayang nguseup di Walungan Citarum,
lantaran hayang ngadahar beuleum lauk.
Tapi manéhna henteu bogaeun parabotna.
Sanggeus ngahuleng sakedapan, pok ngomong,
“Euweuh deui carana,
aing kudu ménta tulung ka urang lembur.”

Jonggrang Kalapitung cengkat, tuluy leumpang
ngajugjug ka lembur di sisi Walungan Citarum,
nyaéta nu katelah Lembur Cisarua.
Leumpangna bari ragag-rigig,
henteu nolih kana tincakeun sama sakali.
Sato héwan pangeusi leuweung lalumpatan,
sieun katincak ku buta titisan siluman.

Barang nepi ka birit lembur,
tuluy hohoak ngageroan urang dinya.
“Héy, urang lembur, ka darieu, euy!”
Sorana handaruan ka madhab papat.
Ngadéngé panggero Jonggrang Kalapitung,
teu sirikna sapangeusi lembur
tamplok nyalampeurkeun.

Brek dariuk sarila,
ngariung Sang Jonggrang Kalapitung.
Pok kokolot lembur ngomong,
“Aya pikersaeun naon Juragan téh,
ngempelkeun abdi sadayana di dieu?
Palay naon atuh Juragan téh?
Mangga, abdi sadaya parantos sayogi,
asal kadada-kaduga ku abdi sadaya.”

“Ha ha ha, hadé, hadé, caritaan téh.
Tapi ulah nyebut Juragan, euy,
da uing mah lain ménak.
Ulah nyebut Bapa deuih, da lain pejabat.
Uing mah hayang disebut Aa,”
ceuk Jonggrang Kalapitung gumasép,
bari muril-muril kumisna nu sagedé catang kalapa.
“Mangga, naon atuh kapalay Aa téh?”
ceuk kokolot lembur, angger leuleuy.

Barabat atuh manéhna nyaritakeun kahayangna.
Hayang nguseup di Walungan Citarum.
“Geus lila Aa téh henteu ngadahar beuleum lauk.
Mangkaning lauk Citarum mah girinyih,”
ceuk Jonggrang Kalapitung.
Nu matak, cenah, rék ménta tulung
ka sakabéh urang lembur.
Hayang dipangnyieunkeun useup anu gedé.

Paménta Jonggrang Kalapitung disanggupan.
Sabab lamun henteu disanggupan,
sieun Jonggrang Kalapitung ambek, tuluy ngamuk.
Sabalikna lamun kahayangna ditedunan,
éta siluman téh sok alus pamulang tarimana.
Geus kitu mah urang lembur téh baralik.
Tuluy babadian jeung baturna,
babagi tugas pikeun nohonan kahayang Si Aa.

Isukna, der baé digarawé,
luyu jeung pancénna masing-masing.
Kokolot lembur cuh-cih metakeun nu garawé.
Anu kapapancénan nyieun useup,
nyieunna tina urut jangkar kapal cai.
Aya anu ngaragaji, sangkan elukna jadi hiji.
Aya anu nakol, anu ngikir, anu ngahampelas.
Kabéh digarawé sangkan useup téréh réngsé.

Anu kapapancénan nyieun jeujeur,
nyieunna tina awi gombong saleunjeur.
Néangan awi gombong nu geus kolot,
lantas jeung paranjang bukuna.
Nuarna henteu sagawayah,
tapi nurutkeun tatali paranti nuar awi.
Dibawa ka lembur, terus dipigawé ku lobaan.
Dipapas jeung dihampelas dihadé-hadé.

Anu kapapancénan nyieun tali useup,
dijieunna tina lulub, tuluy digintir.
Jadi tambang dadung gedé,
saperti paranti nyangcang munding.
Panjangna ratusan deupa.
Ana digulungkeun téh,
gulunganana sagedé gulungan kasur.
Urang lembur digarawéna kaitung lila,
aya kana puluh poéna.

Gancangna carita, éta jeujeur téh geus jadi.
Terus baé digotong ka birit lembur,
rék dipasrahkeun ka Jonggrang Kalapitung.
Useupna digotong maké jajampanaan.
Kitu deui jeung tali useupna.
Ari jeujeurna dipanggul ku opatan.
Salian ti éta, aya deui anu manggul eupanna.
Nyaéta hulu munding pelén.

Ari srog ka birit lembur,
kasampak anu ngéngkén useup téh keur saré,
kérékna mani nyegrék tangka gagauran.
Saréna luhureun batu cadas anu lémpar tur nyusun,
saperti bangku jeung korsi, di sisi Citarum.
Nepi ka ayeuna tempat saréna téh masih kénéh aya,
anu ku urang dinya mah disebut batu korsi.

Ceuk sakaol mah éta batu téh,
tempat babadamian parasiluman.
Malah kungsi dipaké ku Sang Kuriang,
basa ngayakeun babadamian jeung siluman-silemin,
nu rék ngabendung Walungan Citarum,
pameredih Dayang Sumbi téa.
Siluman-silemin datang ti mana-ti mendi,
ngabadamikeun pagawéan nyieun talaga.

Nénjo anu saré bari nyegrék gagauran,
saurang ogé euweuh anu wani ngahudangkeun.
Caricing baé di dinya ngadagoan hudangna.
Malah nepi ka nyaung-nyaung sagala.
Dijaga piligenti, ngajaga bisi anu saré hudang.
Ari rék ditinggalkeun, kabéh ogé ngarasa risi.
Sieun Jonggrang Kalapitung ambek.
Mangkaning geus katotol babari ambek.
Lembur jeung pangeusina bisa diburak-barik.

21. Sanggeus sabulan didagoan,
kakara Jonggrang Kalapitung nyaring.
Tuluy heuay bari nguliat.
Sungutna calawak teu béda ti guha.
Lalay jeung kapinis anu nyayang dina kumisna,
haliber katawuran, asa kagebahkeun.
Kuniang manéhna hudang bari gigisik.
Manéhna kagét nénjo loba jelema di sabudeureunana.

22. “Aya naon ieu téh, bet karumpul di dieu?” pokna.
“Nu mawi, abdi sadaya téh ngantosan Aa gugah.
Ieu badé masrahkeun pesenan téa,”
ceuk kokolot lembur bari rengkuh.
“Oh, heueuh, heueuh. Nuhun, euy.
Alus pagawéan téh, kapaké ku Aa mah.
Ari eupanna aya?” ceuk Jonggrang Kalapitung,
bari ngilikan useup jeung talina.
“Aya, ieu hulu munding.”

“Alus, alus. Aa bungah kacida
nénjo pagawéan maranéh kabéh.
Keun, lamun engké geus bérés nguseup,
ku Aa dibéré hadiah. Harayang naon, nyah?”
ceuk Jonggrang Kalapitung.
Urang lembur mani réang,
paheula-heula nyebutkeun kahayangna.
“Heueuh, engké ku Aa ditedunan kabéh ogé.
Ayeuna mah Aana arék nguseup heula.”

Jonggrang Kalapitung nyokot jeujeur.
Kana gombong téh mani kawas kana nyéré baé.
Terus talina ditalikeun kana tungtung jeujeur.
“Useupna can dipasang ieu téh?”
“Teu acan A, beurat ku abdi sadaya mah.
Kedah ku Aa,” témbal kokolot lembur.
“Heueuh, keun urang pasang ku Aa.”
Useup anu sagédé jangkar téh dicokot,
tuluy dipasang dina tungtung dadung.

Hulu munding dicomot,
tuluy dilelepkeun kana useup.
Lung baé dialungkeun ka Walungan Citarum,
lebah leuwi anu pangjerona.
Talina diulur nepi ka manteng.
“Ké lamun Aa meunang lauk gedé,
ku maranéh kudu dipangmeuleumkeun, nya?”
“Mangga,” ceuk kokolot lembur.
“Keun, éta mah hadiahna ti Aa béda deui.”

Mimitina mah kokolot lembur téh bungah.
Ngan lila-lila mah manéhna jadi bingung.
Tayohna mah ku manéhna kapikireun.
Laukna engké sagedé kumaha?
Eupanna ogé apan ku hulu munding.
Paling leutik ogé, moal boa sagedé parahu.
Kumaha meuleumna lauk sagedé kitu?
Kokolot lembur mah uleng mikir,
mikiran cara-carana meuleum lauk sagedé parahu.

Jonggrang Kalapitung nguseupna
bari dilalajoan ku sakabéh pangeusi lembur.
Nangtungna ngajégang.
Sukuna nu sabeulah nincak gunung,
ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur
anu kacida gedéna di sisi Walungan.
Panonna anteng neuteup kana cai walungan,
ngarep-ngarep useupna disanggut ku lauk.
Tay anu nyorang-nyorang acan.

Salila sabulan manéhna ngajega kitu;
nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok
sarta tangkal bungurna ampir paéh,
anu ku urang dinya mah disebut “sarang”.
Anu matak nepi ka ayeuna,
gunungna nelah baé Gunung Bongkok.
Ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan,
anu nelah Lembur Bungursarang,
bawahan Désa Cisarua, Jatiluhur.

Dina poé kaopat puluh useupna oyag-oyagan.
“Alah, aya nu nyanggut, euy!”
ceuk Jonggrang Kalapitung, atoh kacida.
Urang lembur anu lalajo ogé milu atoh.
Tuluy ngarogrog di sisi walungan.
Harayang nyaho lauk anu nyanggutna.
Moal salah deui, tangtu lauk badag.
“Ulah dareukeut teuing, euy, bisi kababuk lauk!”
ceuk kokolot lembur ka batur-baturna.

Gancang baé atuh ku Jonggrang Kalapitung téh
jeujeurna dicentok sataker tanaga.
Ku lantaran tarik teuing nyentokna,
useup téh ngacleng jauh pisan ka tukangeunana.
Ngaliwatan leuweung jati anu kaina galedé,
ngaliwatan sababaraha pasir di sabudeureunana.
Ari useupna, teuing ragrag di mendi,
da henteu katingali lebah-lebahna.

Dibetot bari dicentok-centok, hésé.
Ari anu saenyana mah,
éta useup téh ngait kana leuweung awi haur,
anu aya di léngkob dua pasir tukangeunana.
Ku Jonggrang Kalapitung dibetot sataker tanaga,
nepi ka sakabéh haur di dinya kapangkas.
Tapakna, kabéh haur jadi papak,
lir anu beunang ngararata.

Nu matak nepi ka ayeuna di dinya mah
tara aya haur anu jangkung sosoranganan.
Upama kabeneran aya ogé, sok peunggas,
jadi papak jeung nu séjénna.
Nepi ka kiwari éta leuweung téh
katelah ngaranna Leuweung Haurpapak.
Hartina leuweung haur anu jangkungna papak.

Jonggrang Kalapitung panasaran,
lauk naon anu nyanggut téh?
Barang ku manéhna diilikan,
horéng simanahoréng ukur lauk jelér.
Asup kana lebah ceuli hulu munding
anu geus jadi tangkorék.
“Bangkawarah siah, ngaheureuyan aing!”
Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan.

Lantaran keuheul, éta jelér téh dibalangkeun,
nya ragrag di Lembur Cilélé,
Désa Cisarua, Kacamatan Jatiluhur.
Tah, tempat ragragna jelér téh jadi émpang,
anu nepi ka kiwari ku urang Cisarua
disarebutna téh Kubang.

35. Jonggrang Kalapitung terus ambek-ambekan.
Sorana handaruan ka madhab papat,
patingbeledag lir gelap salésér.
Nyarékan laklak dasar kana jelér.
Nyarékan bébéakan kana jeujeurna,
anu cenah jeujeur geus diléngkahan jurig.
Sungutna henteu daék balem,
kutuk gendeng diselang-selang ku hohoak.

Ningali Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan,
urang lembur paburisat lalumpatan.
Henteu nolih kana nanaon deui.
Terus mubus ka leuweung-leuweung.
Néangan tempat anu jauh jeung buni.
Sabab sieun kabarérang ku nu keur ambek.
Sieun dipaké meupeus keuyang
ku Jonggrang Kalapitung.

Ku lantaran teu meunang baé lauk gedé,
lila-lila Jonggrang Kalapitung téh lapar.
Beuteungna kukurubukan,
sorana tarik teu béda ti sora tambur.
“Walah, aing lapar, yeuh!
Geus lila aing teu baranghakan.
Ka mana néangan hakaneun?”
ceuk Jonggrang Kalapitung.

Jonggrang Kalapitung gegeroan,
Karepna rék ménta tulung ka urang lembur.
“Héééyyy, urang lembuuur!
Ka darieu, euy, aing ménta hakaneun!”
Tapi geus euweuh saurang-saurang acan,
lantaran urang lembur geus kalabur,
sarieuneun nénjo Jonggrang Kalapitung,
waktu tadi keur ambek-ambekan téa.

Jonggrang Kalapitung beuki ambek baé.
Keur kitu manéhna nénjo tangkal jéngkol.
Kabeneran deuih buahna meuhpeuy leubeut.
Henteu talangké, jéngkol téh dipupu,
tuluy dikeremus sacanggeum-sacanggeum.
Kabéh tangkal jéngkol anu aya di dinya,
dipupu tangka béak jeung pentil-pentilna.
Kakara eureun sanggeus taya nu nyésa.

Jonggrang Kalapitung diuk dina batu korsi.
Na atuh barang rék kiih bet ngarasa nyeri.
Horéng simanahoréng manéhna téh jéngkoleun.
Manéhna gulang-guling bari gagauran,
nahan kanyeri anu pohara.
Ménta tulung, ménta tulung ka saha,
da di dinya ngan kari manéhna.

Bakating ku ambek,
tuluy baé ngucapkeun supata,
“Héy, tangkal jéngkol atah warah!
Sia geus ngalantarankeun aing nyeri kiih!
Ayeuna ku aing rék ditumpurkeun!
Nepi ka iraha baé ogé,
di daérah ieu tangkal jéngkol moal bisa jadi!”

Ceuk ujaring carita,
sanggeus kajadian kitu mah,
Jonggrang Kalapitung téh ngaleungit,
leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Ngan nepi ka ayeuna di wewengkon Cisarua,
teu kungsi aya tangkal jéngkol nu bisa jadi,
lantaran disupata ku Jonggrang Kalapitung.
Kitu cenah sasakalana téh.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA ARCA DOMAS


Di Gunung Cibodas, Kabupatén Bogor,
aya arca batu pirang-pirang lobana.
Disebutna Arcadomas.
Baheula mah cenah lobana téh dalapan ratus.
Hartina domas nyaéta dalapan ratus.
Jeung ceuk béja deui,
nu jadi éta arca téh kabéh ogé urang Pajajaran,
anu henteu daék anut agama Islam.
Cenah mah sasakalana téh kieu:

Jaman baheula, aya karajaan gedé.
Katelahna Karajaan Pajajaran.
Dayeuhna aya di wewengkon Bogor ayeuna.
Sakurilingna dipager kuta kacida tohagana.
Kaca-kacana aya di unggal madhab.
Sarta unggal kaca-kaca dijaga ku perjurit,
anu tohaga jeung samakta pakarangna.
Saha baé anu rék asup ka jero dayeuh,
kudu ngaliwatan heula éta kaca-kaca.

Ari anu jadi raja di Pajajaran harita,
Kaceluk jujulukna, Sang Prabu Siliwangi.
Sang Prabu sarahayatna ngaragem agama Hindu.
Agama anu diagem ku bangsa urang harita.
Lain baé di sakulian Pulo Jawa,
tapi ogé méh di sakuliah Nusantara deuih.
Éta agama téh asalna mah ti India.
Asupna ka urang geus ti béh ditu mula.
Dibawa ku bangsa India anu daratang ka urang.

Tapi di sawatara tempat mah,
geus aya anu ngagem agama Islam.
Harita geus dug-deg karajaan-karajaan Islam.
Upamana baé Demak, Cirebon, jeung Banten.
Kitu deui jeung Palabuan Sunda Kalapa,
anu geus kaeréh ku Banten.
Di dinya mah geus loba anu ngagem Islam.
Ari agama Islam sumebarna di urang,
utamana mah lantaran yasana Wali Sanga.

Karajaan Islam anu natangga jeung Pajajaran,
nyaéta Karajaan Banten,
nu dirajaan ku Sultan Hasanudin.
Ari puseur dayeuhna di Surosowan,
anu perenahna deukeut ka basisir Banten.
Dina tempo anu singget Karajaan Banten
geus ngajanggélék jadi karajaan anu gedé.
Agama Islam dijadikeun agama resmi karajaan.

Sultan Banten kagungan niat,
palay ngislamkeun Karajaan Pajajaran.
Nya anu pangheulana kudu diajak asup Islam téh,
tangtu baé rajana, nyaéta Prabu Siliwangi.
Da lamun rajana geus ngagem agama Islam mah,
tangtu rahayatna bakal naluturkeun.
Tuluy baé atuh Sultan Banten téh ngirim utusan.
Éta utusan mawa surat keur ka Prabu Siliwangi.

Kacarita utusan téh geus nepi wé ka Pajajaran.
Suratna tos katampi ku Sang Prabu Siliwangi.
Teras suratna diaos kalawan antaré.
Ari ungelna éta surat, nganaséhatan
supados Sang Prabu sareng rahayatna
énggal-énggal anut agama Islam.
Lamun henteu kitu,
tangtu bakal dirurug ti Banten.

Sang Prabu henteu mindel sedakapan.
Anjeunna maphum yén balad Banten
tohaga tur samakta pakarangna.
Cindekna mah lain lawan-lawaneun.
Tapi tawis raja anu henteu dijajah,
tur maksadna ngabéla kayakinan,
yén agama Hindu taya dosana,
éta naséhat ku anjeunna ditolak sapadamayan.

Ari anu mawa surat ti Banten téa
saenyana urang Pajajaran kénéh,
ngan geus lila ngumbara di Banten.
Ma¬lah geus ka Mekah sagala,
ngajéroan ngulikna agama Islam téh.
Geus kaasup alim gedé,
nelah jenenganana Kéan Santang.
Kaasup salahsaurang kepetengan Sultan Banten.

Samulangna Kéan Santang,
Prabu Siliwangi ngempelkeun paraponggawa,
mantri, sénapati, katut kapetengan lianna.
Ngabadantenkeun saniskara pasualan nagara.
Patali jeung ditolakna naséhat Sultan Banten.
Moal henteu, saurna, Banten tangtu ngarurug.
Najan waktuna tacan pasti,
tapa sawadina kudu iatna ti ayeuna.

Sang Prabu nimbalan sénapati pangluhurna,
anu jenenganana Norogol,
supaya nohagaan bénténg pertahanan.
Sawatara kapala perang geus diparéntah,
kudu ngajaga liliwatan di pagunungan,
supaya musuh ulah bisa nobros ka Dayeuh Pajajaran.
Harita kénéh paréntah Sang Prabu dilaksanakeun.
Pajajaran sayaga nadah panarajang musuh.

Kacaritakeun Wirakarta,
nyaéta hiji kapala perang nono¬man,
ngaraos hémeng lantaran ku nu jadi sénapati
henteu diparéntah nanaon.
Anjeunna aya sangkaan yén anu matak kitu téh,
lantaran anjeunna sadérék Kéan Santang,
anu geus meunang jujuluk “Macan Nusa Jawa”,
tina gedé wawanénna kasartaan ku gagah perkosana.

Wirakarta banget panasaran,
tur ngaraos kawajiban ngabéla lemah cai,
anjeunna énggal medekan ka Sang Prabu,
nyu¬hunkeun dipaparin damel kaperjuritan.
Dihenteu-henteu ogé, anjeunna rahayat Pajajaran.
Sanajan jeung Kéan Santang katalian babarayaan,
hate leutikna mah manteng ka leman caina.

Sang Prabu badanten jeung Sénapati Norogol,
sarta éng¬gal Wirakarta kénging paréntah,
kedah ngajaga kaca-kaca beulah ku¬lon.
Tapi waktuna ngamimitian ngajaga,
saur Norogol, kudu nunggu paréntah deui.
Wirakarta mungkur ti payuneun Sang Prabu.
Paromanna alum ngemu kabingung.

Sumping ka bumina,
Wirakarta teu senang manah,
nepi ka teu barangtuang barangleueut.
Haténa marudah guling gasahan.
Dipaksakeun kulem teu tiasa peureum.
Tengah peuting anjeunna tapakur,
neneda agungna ka paradéwa,
sangkan Sang Prabu ulah cangcaya.

16, Sanggeus meunang tujuh peuting,
paréntah nu dianti-anti henteu ngabukti,
Wirakarta leungit ka¬sabaranana.
Tuluy nulis surat dina daun lontar,
ditulis ku péso pangot.
Geus réngsé, diasupkeun kana ruas,
sarta ditutup ku malam rapet pisan.
Terus dibungkus deui dibuni-buni

Wirakarta maréntah gandéka,
gandék anu jadi kapercayaanana,
pikeun nganteurkeun éta surat.
Anu ditujul Kéan Santang di Banten.
Sanggeus nampa surat,
si gandék indit gagancangan.
Kaluar ti Dayeuh Pajajaran rerencepan.

Éta gandék geus nyahoeun,
yén di mana-mana geus dijaga ku perjurit.
Perjurit Pajajaran anu samakta pakarangna.
Lamun seug suratna téa katangkep,
tangtu manéhna bakal ditangkep,
dununganana ogé geus pasti bakal kabaud.
Dianggap geus hianat ka nagara,
hukumanana anu pasti, nyaéta hukum pati.

Tapi tina percékana éta gandék,
manéhna bisa salamet nepi ka Banten,
sarta gancangna carita,
geus diaos suratna ku Kéan Santang.
Kéan Santang kacida bungahna,
barang uninga éta surat ti Wirakarta.
Komo saparantis uninga ungelna mah.
Mutuh matak pikabingaheun manahna.

Ari ungel éta surat nyarioskeun,
yén pangagung di Pajajaran,
kalebet Sang Prabu Siliwangi,
ngandung curiga ka Wirakarta,
nepi ka matak salempang pibalukareunana.
“Ku margi éta,” cék Wirakarta nutup suratna,
“mugi-¬mugi Kang Raka kersa maparin bongbolongan.”
Dicaritakeun deuih yén ayeuna Wirakarta,
kapapancénan ngajaga kaca-kaca Beulah kulon.

Kéan Santang nyaur sajeroning manah,
“Alamat hadé, yeuh.
Aing datang ka Pajajaran
kudu nyorang kaca-kaca beulah kulon.
Ayeuna éta kaca-kaca dijaga ku adi aing,
atuh sasat ngan kari asup.”
Harita kénéh anjeunna nga¬walon serat.
Wirakarta diwujuk biluk ka balad Banten,
sarta baris meunang ganjaran ti Sultan.

Dina malem Ahad-Legi tanggal lilikuran,
Kéan Santang katut lima ratus perjurit,
kira wanci kongkorongok hayam sakali,
tangtu geus aya di Pajajaran,
deukeut kaca-kaca kulon.
Lamun aya anu ngetrok kana panto kaca-kaca,
kudu gancang-gancang dibuka,
sangkan balad Banten bisa asup ka jero karaton.
Kitu ungelna surat walonan ti Kéan Santang téh.

Teu kacatur di jalanna,
nu mawa surat geus datang deui ka Pajajaran,
jeung suratna geus dibuka ku Wirakarta.
Anjeunna bingung, manahna marojéngja.
Ras ka Raja anu jadi pupundénna,
ras deui ka lemah cai anu kudu dibélaan,
tapi ras ka diri pribadi anu teu aman,
jeung ras ingét ka Kéan Santang, sadérékna.
Wirakarta henteu gancang nyieun putusan.

Kacarita tengah peuting nu kaungel dina surat,
Wira¬karta aya di tukangeun panto kaca-kaca.
Wanci kongko¬rongok hayam sakali,
aya nu ngetrokan panto kaca-kaca.
Bray pantona dibuka lalaunan,
sup Kéan Santang asup rerencepan,
Dituturkeun ku balad-baladna.

Harita téh keur meujeuhna tiris.
Lolobana perjurit sararé tibra,
ngan sa¬eutik anu kagiliran nyaring,
ngajaga mundar-mandir.
Anu matak balad Banten bisa laluasa,
arasup ka jero Dayeuh Pajajaran.
Teu hésé ngala bongohna anu keur jaga.


Barang musuh geus arasup,
nu sararé buru-buru digeuingkeun,
tapi lapur mé¬méh nyarekel pakarang,
balad Banten geus nyarampak di dinya,
terus baé disabetan ku balad Banten.
Loba anu maot sapisan sapada harita.
Anu salamet buru-buru lumpat,
laporan ka Sénapati Norogol.

Norogol énggal-énggal angkat ka karaton.
Sang Prabu Siliwangi digugahkeun,
diun¬jukanan langkung saé lolos ka palih wétan,
margi nuju perang campuh palih kulon.
Balad Pajajaran keur perang adu hareupan,
ngalawan balad Banten anu bisa norobos kuta.
Najan geus biasa tandang di médan perang,
harita mah Sang Prabu séjén wirasat,
ngaraos perlu ngadangu kana piunjuk Norogol.

Énggal baé Sang Prabu lolos sagarwa-putra,
medal ti Dayeuh Pakuan lebet ka leuweung.
Abdi-abdi anu seja bélapati padangiring.
Sapangeusi karaton teu sirikna dikerid peuti.
Angkat rurusuhan ka palih wétan.
Sababaraha perjurit pinilih nyarengan,
ngaping ngajaring Sang Prabu sagarwa-putra.
Teras mapay-mapay leuweung geledegan,
anu engké brasna ka Gunung Cibodas.

Bray beurang, burudul balad Banten daratang,
jumlahna loba jeung pakarangna samakta.
Der merangan jelema nu di luareun karaton.
Saha-saha anu teu daék anut Islam,
geus ulah ngarepkeun hirup.
Jadi parab pakarang harita kénéh.
Antukna teu saeutik rahayat Pajajaran,
anu anut Islam sapada harita.

Tapi henteu saeutik deuih rahayat anu lolos.
Pirang-pirang réana marubus ka leuweung.
Aya anu milu jeung Sang Prabu Siliwangi,
aya ogé anu leumpang sakaparan-paran.
Atuh Dayeuh Pajajaran téh ngadadak sepi.
Di karaton geus parong¬pong.
Ngan Sénapati Norogol anu tanggoh,
kawas nu hoyong uninga jajatén musuh.

Barang nepi Kéan Santang ka karaton,
rék mintonkeun kagagahan,
jadi lémpés, sabab ningali Norogol
teu gedag bulu salambar,
teu mundur satunjang béas,
tanda perjurit lineuwih pilih tanding.
Lain lawan-lawaneun perjurit atah-atah,
lain sanghareupaneun méméh sasarap.
Lain unghakeun.

Sanggeusna papayun-payun,
Kéan Santang uluk salam,
Pok Kéan Santang nyaur kieu,
“Ieu kaula gaduh iteuk bantun ti Mekah,
badé ditancebkeun kana taneuh.
Mangga ku sampéan cabut.
Upami kénging dicabut,
tawis sampéan ngagem agama suci,
nanging upami teu kénging,
sampéan kedah anut agama Islam.”

Sanggeus iteuk ditancebkeun,
Norogol ujub bakal kacabut,
sabab kabedasanana pilih tanding.
Tapi barang di¬coba-coba,
bet iteuk téh teu onggét-onggét acan.
Sababa¬raha kali ditarik,
éta iteuk kalah beuki jero nancebna.
Tungtungna anjeunna waléh,
rumaos kadéséh ku Kéan Santang.

Énggal amit ka Kéan Santang,
rék ngabujeng Sang Prabu Siliwangi,
malahmandar kersaeun anut Islam.
Leumpang ngagedig gagancangan.
Nyorang leuweung geledegan,
mipir pasir ngeumbing jangkar.
Jungkrang-jungkrang geus kasorang.
Anu disungsi can kapanggih baé.

Heuleut sawatara poé,
Sang Prabu téh kasondong ku Norogol,
nuju ngarereb di Gunung Cibodas.
Sanggeus kitu, Norogol unjukan,
nguningakeun peperangan,
ti wiwitan nepi ka wekasanana,
kitu deui hal jajatén Kéan Santang.
Norogol umajak ka Sang Prabu,
supados kersa anut Islam.

Sang Prabu mindel sakedap,
nembé sasauran ka garwa-putra katut pangiringna.
“Kami nyaho, yén di dunya taya nu langgeng.
Marga kersa Nu Murba Wisésa,
ayeuna agama Islam kudu nanjung.
Lamun terus perang sadulur,
matak ancur tu¬tumpuran,
matak ruksak matak rugi ka saréréa.”

“Maranéh kabéh kumaha raga katineung,
meunang milih agama nu mana baé.
Ari kami neneda ka Mahadéwa,
nyuhunkeun asup ka Suralaya.”
Harita kénéh Sang Prabu Siliwangi téh,
les leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.
Leungit jirimna, anu sok disebut ngahiang téa.

Nu kantun bati melengek,
nalangsa taya hinggana,
prihatin taya tandingna.
Sawaréh indit ti dinya,
laleumpang saparan-paran,
nuturkeun indung suku.

Sawaréh cicing di dinya,
ngarep-ngarep sugan panutan sumping deui.
Tapi kawas geus kersa Maha Kawasa,
anu ninggalkeun manéh di Gunung Cibodas,
salin jinis kabéh jadi arca batu,
sarta nepi ka ayeuna disarebut Arcadomas.
Anu matak disebut Arcadomas,
ti heula ogé geus disebutkeun,
lantaran réana éta arca, dalapan ratus.

Ari nu neruskeun mubus,
lila-lila narepi ka Cibéo,
nga¬hiji jeung urang Kanékés,
nu asal ti Banten-Kalér,
waktu rajana nu katelah Pucuk Umun,
kadéséh ku urang Islam.
Urang Kanékés téh sok disebut urang Baduy.
Padahal maranéhna mah leuwih resepeun,
lamun disarebut urang Kanékés baé.

Sanggeus urang Pajajaran anut Islam,
Kéan Santang terus ngislamkeun jelema-jelema,
leumpang mapay-mapay pagunungan,
terus nepi ka basisir kidul.
Ngajarkeun Islam di sawatara tempat,
lamun geus dianggap réngsé,
éta tempat ditinggalkeun,
néangan deui tempat anyar,
anu jelema-jelema anu can ngagem Islam.

Deukeut Teluk Cilaut-Eureun,
di basisir kidul Pameungpeuk,
aya batu urut calik Kéan Santang,
waktu anjeunna jumeneng raja di Sancang,
jujuluk Sang Prabu Gagak Lumayung.
Ari pasaréanana ayana di Kampung Godog,
teu pati jauh ti Kota Garut,
sok loba anu jarah, utamana bulan Mulud.

(Cateten uing: Dongeng di luhur, sakapeung judulna diganti jadi: Prabu Siliwangi atawa Kean Santang. Eusina mah kitu-kitu keneh.)



From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA CIGONDEWAH


Jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Sindangsari. Ari anu jadi rajana katelah Bagénda Raja Singa Mandala. Raja anu adil tur wijaksana. Bagénda Raja kagungan putri anu keur sumedeng rumaja putri, nyaéta Putri Mayang Sawitri. Putri geulis bawa ngajadi, éndah bawa ti kudrat.

Kageulisan Putri Mayang Sawitri geus kawentar ka mana ka mendi. Loba pangéran jeung raja anu boga maksud pikeun ngalamar, tapi kabéhanana ditolak ku Putri Mayang Sawitri.

Bagénda Raja Singa Mandala kacida hariwangna, duméh sakabéh pangéran jeung raja ditolak lamaranana. Bagénda sieun raja-raja anu ditolak lamaranana téh nyerang ka Nagara Sindangsari.

Hiji waktu Raja Jaya Dilaga ti Nagara Margaasih datang jeung rombonganana. Maksudna taya lian, rék miharep ka Nyi Putri Mayang Sawitri. Tapi nu ieu gé sarua deuih ditolak lamaranana. Atuh Bagénda Raja Singa Mandala téh beuki geumpeur kacida. Sok sieun Raja Jaya Dilaga bendu, tuluy nyerang karajaan manéhna.

Teu jauh tina panyangka, amarah Raja Jaya Dilaga geus teu katahan, lantaran lamaranana téa ditolak. Anjeunna ngajak perang ka Raja Singa Mandala.

Raja Singa Mandala teu bisa nolak kana tangtangan Jaya Dilaga. Anjeunna sayaga nyiapkeun balatentara di karajaan-ana. Sakabéh balatentara Sindangsari maké pakarang panah jeung gondéwa pikeun mapag perang.

Wanci subuh, balatentara Sindangsari ngajugjug ka tem-pat perang. Tangara perang geus ditabeuh. Prajurit Sindangsari ngaleut ngeungkeuy ka pangperangan. Bari teu poho mawa panah jeung gondéwa téa.

Kira-kira wanci manceran, perang campuh dimimitian. Singhoréng paraprajurit Margaasih leuwih kuat tinimbang paraprajurit Sindangsari. Ari sababna, jumlahna leuwih loba sarta pakarangna leuwih samakta.

Paraprajurit Sindangsari kadéséh, sarta loba nu palastra, gugur di médan jurit, teu kuat ngayonan musuhna. Malahan Raja Singa Mandala ogé perlaya sapada harita. Ningali ramana perlaya, Putri Mayang Sari nyabut keris, rék terus labuh geni, maéhan manéh, téga kana nyawana sorangan. Ngan creb wé, keris téh ditubleskeun kana beuteungna. Sarta harita kénéh ogé Putri Mayang Sari nemahan pati ku kerisna sorangan. Ningali kaayaan kitu mah, ngarasa puas haté Raja Jaya Dilaga téh. Manéhna ngarasa sugema, sabab anu nganyerikeun haténa geus sah ti alam dunya.

Ku sabab di éta tempat téh loba paraprajurit Sindangsari anu perlaya, sarta maraké senjata panah jeung gondéwa, nya ti harita éta tempat téh ku Raja Jaya Dilaga dingaranan Cigondéwa. Nu ahirna robah jadi Cigondéwah, anu asalna tina gondéwa tadi.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA GUNUNG GUNTUR


Di wewengkon Kabupatén Garut,
aya gunung anu kawilang gedé,
ngaranna Gunung Guntur.
Baheulana mah éta gunung téh
ngaranna Gunung Kutu.
Teu jauh ti dinya, aya gunung leutik.
Anu katelahna Gunung Putri.
Éta téh aya sasakalana.

Baheula pisan di dinya téh
aya hiji karajaan kawilang gedé,
ngaranna Karajaan Timbanganten.
Ari puseur dayeuhna di Korobokan,
henteu jauh ti Gunung Kutu.
Pacabakan rahayatna ngandelkeun
tina rupa-rupa tatanén.
Henteu ari medah-meduh mah,
ngan tara kabéjakeun kakurangan dahareun.

Harita anu jadi raja di Timbanganten téh
nyaéta Sunan Rangga Lawé.
Kacida dipikaasihna ku rahayatna,
lantaran kacida merhatikeunana
kana kahirupan sakabéh rahayatna.
Naon baé kahayang rahayatna,
lamun éta hadé pikeun maranéhna,
pasti ditedunan kalawan daria.

Sunan Rangga Lawé téh
kagungan sadérék istri hiji.
Jenenganana Maharaja Inten Déwata.
Raka Sunan Rangga Lawé saibu-sarama.
Tapi, anjeunna teu kersaeun calik di nagara,
kersana palay mikampungan baé,
diiring ku pangatikna lalaki
anu umurna kolot pisan,
nga¬ranna Batara Rambut Putih.

Kacaritakeun dina hiji mangsa,
nagara katarajang halodo panjang,
nepi ka rahayatna kakurangan cai.
Tong boroning keur pepelakan,
dalah keur pangabutuh sapopoé ogé,
cai téh kacida héséna.
Mangkaning kabéh ogé nyaho,
cai téh pangabutuh anu kacida pentingna.

Pikeun ngungkulan éta masalah,
taya deui jalanna anu kaerong ku Raja,
iwal ti kudu nyieun situ.
Éta situ baris gedé mangpaatna.
Lain baé keur sasadian cai
dina mangsa tigerat saperti harita,
tapi bisa dipaké nyaian tempat-tempat
anu angar lantaran kurang cai,
nepi ka bisa dijieun sawah-sawah anyar.

Ngan di mana tempatna?
Tuluy baé Sunan Rangga Lawé
ngeprik paramantri jeung ponggawa lianna,
sangkan néangan tempat pisitueun.
Tempatna kudu anu hadé.
Nyaéta anu henteu bangga ngabendungna,
sarta lamun geus jadi situ,
caina bisa dipaké ku sakuliah nagara.

Nepi ka dina hiji waktu,
Sunan Rangga Lawé keur magelaran,
dideuheusan ku paramantri, ponggawa,
katut abdi-abdina kabéh.
Pok Patih unjukan ka Kangjeng Sunan,
“Abdi mendak pisitueun, teu kinten saéna.
Ku émutan, upami di dinya disamel situ,
tiasa nyaian ka sakuliah nagara,
sareng tegalan anu upluk-aplak,
tiasa didamel sawah-sawah anyar.”

Sunan Rangga Lawé kalintang bingahna,
ngadangu piunjuk Patih kitu téh.
Pok mariksa, “Di mana, Ki Patih,
tempat anu hadé keur pisitueun téh?”
Patih ngawalon, “Di hiji léngkob,
anu aya di wewengkon Gunung Kutu.
Dupi anu kagungan pisitueun téh,
raka Kangjeng Sunan ku anjeun,
Maharaja Inten Déwata.”

Sunan Rangga Lawé ngadawuh,
“Gampang ari kitu mah.”
Lajeng miwarang hiji mantri,
dawuhanana, “Manéh ayeuna pi¬san
kudu indit ngadeuheus ka Aceuk,
dipiwarang ku aing mundut éta pisitueun,
badé ditambak dijieun situ,
sabab baris réa pihasil¬eunana.
Los manéh geura leumpang!”

Gancangna éta mantri teu talangké deui,
harita kénéh ogé mundur ti payuneun ratu,
leumpang gagancangan,
ngajugjug ka bumi Maharaja Inten Déwata.
Teu lila ogé geus nepi ka nu dijugjug.
Sadatang-datang cong mantri nyembah,
bari gék diuk mando ta’dim.

Ku Maharaja Inten Déwata geuwat dipariksa,
saurna, “Dipiwa¬rang naon ku gusti manéh?”
Mantri unjukan, “Abdi gusti sadaya-daya,
didawuhan ku rai gusti, dawuhana¬na,
manawi aya lunturing panggalih dampal gusti,
éta pisitueun di¬pundut, badé didamel situ.
Margi saurna, baris seueur mangpaatna.”

Maharaja Inten Déwata ngalahir,
lahiranana, “Unjukkeun ka gusti manéh,
éta pisitueun hamo dihaturkeun,
sabab aing euweuh deui nya kabetah,
lian ti di tempat ieu pisan.
Lamun éta léngkob dijieun situ,
atuh meureun lembur aing kakeueum.
Los Mantri, manéh geura balik!”

Ti dinya mantri tuluy mulang.
Barang datang ka nagara,
tuluy diunjukkeun sadayana,
sadawuhan Maharaja Inten Déwata.
Dawuhan Sunan Rangga Lawé,
“Kajeun ari teu dipaparinkeun mah,
urang néangan deui wé tempat séjén,
sugan manggih anu leuwih alus.”

Bur-ber anu néangan pisitueun,
tapi weléh taya anu manggih.
Malah lila-lila mah,
jul-jol rahayat anu ngadeuheusan,
unjukan ka Sultan Rangga Lawé,
nyuhunkeun énggal éta léngkob
ditambak didamel situ.
Supaya rahayatna henteu hésé cai,
sarta bisa nyieun sawah-sawah anyar.

Kacarios Sunan Rangga Lawé
tos dua tilu kali miwarangan
mundut éta pisitueun,
tapi weléh waé teu dipaparinkeun baé
ku rakana, nyaéta Maharaja Inten Déwata.
Sunan Rangga Lawé henteu iasa maksa,
tina ngaraos ajrih ka raka.

Dina hiji waktu aya mantripan unjukan,
mantri pangkolotna di éta magara.
Piunjukna, “Awon teu kapiunjuk,
wiréh abdi gusti ngaraos héran
ku manah dampal gusti,
sapertos anu teu miwelas ¬miasih
ka abdi-abdi anu laksa réwu,
dugi ka ajrih ku raka istri.”

Sunan Rangga Lawé ngajenghok,
pok sasauran, “Na kumaha kitu, Mantri?”
Pok mantri neruskeun piunjukna,
“Bawiraos abdi gusti, danget ieu dampal gusti
nu jumeneng ratu di Timbanganten téh.
Ku émutan abdi gusti, sakersa dam¬pal gusti
henteu kénging dihalang-halang ku nu sanés,
sanaos ku tuang raka Maharaja Inten Déwata.
Mar¬gi upami kitu, atuh di Timbanganten téh
aya ratu dua: hiji istri, hiji pameget.”

Ngadangu piunjuk mantri,
Sunan Rangga Lawé kacida benduna,
ngaraos yén enya sapihatur mantri.
Lajeng ngadawuh ka Patih,
“Ayeuna kumpulkeun abdi-abdi kabéh,
sarta kudu mara¬wa pacul, linggis,
jeung sapuratina parabot nu rék nyieun situ.
Poé ieu kénéh urang tambak!”

Sanggeus meunang dawuhan ti ratu kitu,
breng atuh rahayat arindit ka pisitueun.
Jalma datang ti suklakna ti siklukna,
maranggul pacung, ngajingjing linggis,
katut parabot lianna keur ngali taneuh.
Komo anu ngadéngé sorangan dawuhan raja,
dalah anu harita ngadéngé béjana ogé,
indit nuturkeun anu ngabrul,
ngaleut ngeungkeut ngabandaleut.

Sunan Rangga Lawé ogé angkat,
diiring ku mantri sareng paraponggawa.
Barang sumping ka pisitueun téa,
teras ngadamel pasanggrahan di dinya.
Margi émutanana ngadamel bendungan téh,
sanés padamelan sapoé jadi.
Réngsé ngadamel pasanggrahan,
pok sasauran, “Prak atuh geura digarawé!
Ambéh téréh anggeus, téréh kaala hasilna!”

Breng atuh rahayat digarawé saregut naker.
Unggal poé digarawé ti isuk-isuk nepi ka soré.
Keur mah ngéstokeun timbalan raja,
katambah-tambah lain keur kapentingan batur,
tapi keur kapentingan maranéhna sorangan.
Teu sirikna kabéh sanagara ubyag,
nyarieun tambakan keur pisitueun.
Capé gawé geus dianggap jamakna,
sabab inget kana hasilna mun situ réngsé.

Sanggeus aya kana puluh poéna,
tambakan téh réngsé ngalingkung léngkob.
Teu sabaraha lilana deui ti harita,
situ téh geus léb-léban pinuh,
caina lébér ngamprah ke lembur-lembur.
Sakumna rahayat saruka bungah.
Ubyag deui digarawé poho di kacapé,
nyieunan sawah-sawah anyar.
Tegal angar anu legana upluk-aplak,
jaradi sawah anu teu kakurangan cai.

Tapi kaayaan anu sarupa kitu téh,
kanggo Maharaja Inten Déwata mah
matak ngenes kana manahna.
Anjeunna kagungan anggapan,
yén raina parantos metakeun kateuadilan,
milampah panganggo sawenang-wenang.
Ngabendung léngkob cangkingan anjeunna,
bari henteu aya widi ti nu kagungan.
Manahna peurih, raos digerihan ku hinis.

Ti dinya anjeunna lebet ka bumi,
nyandak kekemben hiji, raksukan hiji,
tuluy angkat ngajugjug ka gunung leutik
anu deu¬keut ka Gunung Kutu
anu ayeuna katelah Gunung Putri,
sabab baheulana dianggo ngarereb
ku Maharaja Inten Déwata.
Disarengan ku pangiringna anu satia,
nyaéta Batara Rambut Putih.

Saparantos Maharaja Inten Déwata ngaso,
lajeng ngada¬wuh ka Batara Rambut Putih,
“Aki ayeuna kudu nyieun jolang keur wadah cai
jeung kudu mawa taneuh sakeupeul,
kula dék nanjak ka Gunung Kutu.”
Matur Batara Rambut Putih,
“Badé ngersakeun naon Gusti di ditu?”
Nyaur deui Maharaja Inten Dewata,
“Ah, hayang nyaho baé kaayaanana.”

Teu talangké Batara Rambut Putih
tuluy nyieun jolang gedé
sarta tuluy dieusian cai,
bari mawa taneuh sakeupeul,
ngiring Maharaja Inten Déwata
angkat ka Gunung Kutu.
Sajajalan teu lémék teu nyarék,
bingung nyurahan maksud dununganana.

Sasumpingna ka puncak gunung,
tuluy éta taneuh sakeupeul téh
diawur-awur di luhur gunung
jeung cai anu sajolang téa dibahé¬keun.
Sanggeus cai dibahékeun,
Maharaja Inten Déwata lungsur deui
ti luhur Gunung Kutu ka Gunung Putri.
Batara Rambut Putih henteu tinggal.

Sapada harita kénéh aya kajadian anéh,
panonpoé nu keur meujeuhna mentrang-mentring,
ngadadak kawas anu leungit sinarna.
Tanah Timbanganten jadi poék mongkléng.
Henteu lila kadéngé anu patingjelegur,
datangna ti puncak Gunung Kutu.
Seuneu muntab-muntab hurung mancur,
silalatu tingbelewer ka ditu ka dieu.

Gunung Kutu muncratkeun batu panas,
dibarengan ku hujan lebu nu luar biasa.
Batu panas ninggang ka leuweung,
ger leuweung kahuruan muntab-muntab.
Ninggang ka pilemburan, loba imah anu ajur.
Loba jelama anu misan, patulayah sisi jalan.
Malah di puseur dayeuh gur-ger kahuruan.
Dayeuh Korobokan ruksakna liwat saking.

Jelema anu henteu katinggang,
anu jauh ti Nagara Korobokan,
kalabur ka tempat anu leuwih,
lantaran sieun katinggang ku batu.
Seuneu di Gunung Kutu muntab-muntab,
batu-batu tingbelewer ka luhur,
katénjona burahay jadi seuneu sakuliahna.
Lebu hudeung ngadingding sakuriling bungking.
Beurang peuting salila opat puluh poé.

Jalma-jalma ménak-kuring
kacida pisan sarusaheunana,
lantaran katarajang bahla anu sakitu gedéna.
Dina jero opat puluh poé opat puluh peuting
henteu ngingetkeun kana salamet,
ingetanana nu araya saperti kiamat baé,
tina ningal bahla anu sakitu poharana,
anu sakitu gedé karuksakanana.

Dina waktu kajadian kitu,
rahayat anu henteu katinggang urug,
kalaburna téh paburantak baé,
aya nu ngétan, aya nu ngulon,
anu ngalér, anu ngidul.
Geus henteu ngingetkeun kana banda,
henteu inget kana rajakayana,
kalabur ka tempat-tempat nu jarauh,
dapon dirina bisa salamet.

Aya anu kabur ka Bandung,
ka Sumedang jeung ka Karawang,
anu ka Tasik ogé teu kurang-kurang.
Malah dina geus pépésna deui ogé,
loba pisan anu teu baralik deui,
ka tempat asalna di Kotobokan,
tuluy baé ngalumbara di dinya,
nepi ka turun tumurun ka anak-incu.

Sunan Rangga Lawé geus ngaraos
yén pangna salirana katarajang balai
anu sakitu poharana téh,
tangtu pisan lantaran ti rakana,
ti Maharaja Inten Déwata.
Lajeng jengkar ti Dayeuh Korobokan,
kersana rék nyungsi rakana,
ngajugjug ka Gunung Kutu.

Teu lami katingali ku anjeunna,
Maharaja Inten Dewata keur ngadeg dina batu.
Sunan Rangga Lawé gagancangan muru rakana.
Sanggeus patepang sareng rakana,
Sunan Rangga Lawé ngarawu sampéan rakana,
pok sasauran bari nangis lungas-lengis,
“Aceuk, abdi mundut dihapunten
tina sagala kelelepatan sareng kaluluputan.
Rumaos abdi anu kirang tata kirang titi.”

Tuluy dihampura ku Maharaja Inten Déwata.
Tanda yén geus dihampura,
seuneu nu keur hurung ngabéla-béla téh
bet dadak sakala pes pareum.
Kitu deui sora nu patingbeledug jep répéh.
Batu nu cara hujan datangna ti gunung,
les leungit kabéh, musna teu sakara-kara.
Sunan Rangga Lawé matur ka rakana,
“Sumangga Aceuk, ayeuna mah
urang mulih baé ka nagara.”

Maharaja Inten Déwata nyaur,
“Aceuk mo balik deui ka nagara.
Deuk nurutkeun kahayang ati waé,
jeung baring supagi upama ieu gunung
jadi deui cara kieu petana,
sambat baé ngaran Aceuk
jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih,
salamet mo aya kitu-kieu.”

Maharaja Inten Déwata,
kitu deui Batara Rambut Putih,
sanggeus sasauran kitu les musna
ti payuneun Sunan Rangga Lawé.
Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Henteu kacaritakeun ka mana angkatna,
atawa di mana calikna.

Ti harita Gunung Kutu dilandi ngaranna,
sawaréh aya nu nyebut Gunung Agung,
sawaréh deui aya nu nyebut Gunung Guntur.
Ari gunung anu leutik,
urut Sunan Rangga Lawé tobat ka rakana téa,
nelah nepi ka ayeuna Gunung Putri.
Ari situ anu didamel ku Sunan Rangga Lawé
katelah Situ Taman di Timbanganten.

Saujaring carita,
jalma anu paéh mangsa harita,
boh anu katinggang ku batu,
boh anu kaurugan ku taneuh atawa keusik,
jeung anu kaléléd ku lahar panas,
réana aya sawelas rébu;
ari rupa sato héwan tujuh réwu.

Ari Dayeuh Korobokan
jeung kampung-kampungna,
anu kaurug¬an ku taneuh jeung ku batu,
ayeuna katelah Tegalurug.
Ari Nagara Timbanganten
nya dipindahkeun ka Tarogong, Garut.
Éta nagara pusaka ti jaman baheula.
Sakitu dongéngna Gunung Kutu
nu matak seuneuan nepi ka ayeuna.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/

SASAKALA GUNUNG TAMPOMAS


Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?

Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.

Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.

Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki. Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep. Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.”

Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris pusaka.

Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.

Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.

Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.

Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.


From : http://dongeng-uing.blogspot.com/