Senin, 02 Juni 2014

Gajah Eleh Ku Sireum

Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu wé leumpang ngagéyot di tegalan. Padahal di tegalan nu rék diliwatan ku gajah téh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawé nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum téh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedéna sayang sireum téh aya nu segedé pasir leutik patingarenclo.

Di jero éta sayang sireum nu lobana jutaan téh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rék siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zébra ogé teu mangga pulia mun geus dironom ku éta sireum mah.

Ari minangka alat komunikasina antarsireum téh nya éta “anténeu” opat jiga tanduk. Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anténeuna” téa tingarulang méré kode jeung soara. Jauhna éta alat téh bisa rébuan méter. Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato gedé, umpamana singa nu geus rerémpo atawa zébra, bisa diserang ukur jamjaman kari tulang-taléngna wungkul. Ngagéhan ajag.

Basa gajah ngaliwat ka éta tegalan téh, aya nu nangenan nya éta manuk dadali. Manéhna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun téh digelé ku gajah. Nya gajah téh dibéjaan.

“Gajah, kadé leumpang téh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingétan.

“Wah na asana téh pira sireum. Katincakan mah paling gé pejét!” gajah némbalanana téh sombong pisan, asa aing gedé, asa aing kuat. Ka nu leutik téh teu ngahargaan pisan.

Kitu deu kadal Afrika gé nu haat ngabéjaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro anggur terus wé gajah téh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.

Na barang anjok kana gundukan imah sireum téa, ngan leyé .. leyé wé sireum nu aya réwuna téh ditincakan, atuh ngan hos paraéh wé da teu kaburu kabur.

Ningali rayatna rébuan paraéh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang. Gajah ditantang kitu téh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari sombong. Manéhna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah téh réwuan sireum téh nyieun lombang nu jeronan salaput gajah.

Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato séjén nu ngalalajoan perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah téh.

Gajah nyuruntul rék ngaleyek réwuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali téa. Atuh ditangtang kitu asa diléléwéan, gajah téh beuki ambek. Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh wé barang nepi kana lombang téa, ngan gurawil wé gajah téh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat. Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus téh teu ngengkékeun deui terus wé napuk nyarocoan. Teu dibéré ampun beuki lila sireum téh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.*** (Galura)

Read more: http://archive69blog.blogspot.com/2013/02/gajah-eleh-ku-sireum-dongeng-sasakala.html

Sasakala Legok Cibuang

Ceuk ujaring carita, jaman baheula di wewengkon Kabupaten Sumedang beulah kidul aya hiji kalurahan anu katelah Cipawenang. Kahirupan rahayat Cipawenang beunang disebutkeun ayem temtrem, sepi paling lowong rampok, hurip gusti waras abdi. Rék aya paling ti mana da kabéh rahayat kaitung jalma carukup. Di Cipawenang teu kabéjakeun aya rahayat kalaparan dasaréréa pada boga, teu kebéjakeun aya rahayat anu gétréng da hirup sauyunan silih tulungan silih talingakeun. Kayaan kahirupan anu kieu téh hasil tina karageman karep sakumna rahayat jeung pangjejer Ki Lurah Bangsit anu wijaksana, mingpin lembur jeung dulur bari leuleus jeujeur liat tali, wijaksana jeung toweksa. Nu masakat diupahan, nu leutik diampihan, nu aya diperanahkeun, kabéh rahayat ditanya diriksa tur diajak babarengan ngaraharjakeun baraya sadésa.

Ki Bangsit téh lebah dinya mah kaitung lurah anu suksés jeung kapaké ku rahayatna, ngan lebah mingpin jeung ngalelempeng anak-anakna mah kaitung rada gagal. Di antara lima anak-anakna, ngan saurang anu kaitung rada nurun ka bapana téh nyaéta anakna anu bungsu anu katelah Ki Wanogati. Tos témbong ti keur leutikna. Ki Wanogati geus daék kuru cileuh kentél peujit keur nyukruk élmu nyiar luang bekel hirup akur jeung papada urang. Diparengkeun calakan éncéer uteukna bari daék tetelepék, diajar élmu penca silat teu kudu lila-lila keur ngawasa rupa-rupa jurus. Di pasantrén Ki Wanogati mah geus dipercaya jadi lurah santri. Ku kituna masantrénna téh teu jadi santri mikung nu ngan kabagéan budugna wungkul tapi jadi santri anu bener-bener ngawaris élmu agama jeung darigama nu diwiridkeun ku ajeungan.

Ari anak-anak Ki Bangsit anu opat deui mah, kayaning Ki Gagak Sangkur, Ki Sacagati, Ki Sogati, jeung Ki Cengkok, kagegedeanana téh ngan ukur jadi pamuda barandalan anu gawéna ngan ukur “hardolinhés” nyaéta dahar, modol, ulin, jeung héés, mun dalahar kawas nu kasurupan, kéjo kudu saboboiko, nya tangtu podolna gé ngadungkuk. Mun ulin teu weléh kamalinaan, mun héés kawa bangké tara beunang di gugubrag da peuting dipaké ngalong ari beurang ngabebengkang bororaah inget kana solat lima waktu.

Nya kaayaan barudakna anu opat ieu anu matak jadi geuring pikir Ki Lurah Bangsit téh. Éra ku tatangga jeung rahayat mindeng aya nu laporan anak-anakna harak ka batur jeung sok ceceremed daék ménta teu bébéja alias maling barang batur.

Dina waktu ieu gering pikir Ki Lurah Bangsit téh beuki nambahan. Harita geus lila hujan teu turun dina waktuna, halodo entak-entakan. Tatanén kagaringana, cari inumeun keur rahayat sadésa jadi saraat. Kasangsaraan ieu katambah ku ayana sasalad panyakit anu maténi. Jalma anu katerap ieu panyakit teu aya nu menyat deui. Kaserang isuk maot peuting, anu kaserang peuting maot isuk-isuk. Ki Lurah Bangsit jeung kokolot lembur geus lila mikiran piubareun ieu panyakit. Sababaraha kali ngayakeun rapat tapi can aya nu bisa néangan piubareun jeung cara meruhkeun jurig panyakit.

Hiji sore, Ki Bangsit ngondang deui kokolot lembur, punduh jeung lima anak-anakna. “Ngahaja ku kami diondang deui. Cik Ki Punduh, Ki Olot, jeung anak Ama anu lima. Bantuan mikiran kumaha carana neangan piubareun ieu sasalad panyakit”. Anu pangheulana ngawalon téh Ki Sacagati anakana anu kadua, “Hahaha ari sugan Ama téh rék babagi raskin. Tohobaat … abdi mah teu wantun ari diadukeun ka tukang teluh mah”.

Kituna téh bari medal sila kaluar tina pariungan. Ki Sogati kalah nuturkeun lanceukna,”Punten Ama abdi mah lapar teu acan neda ieu téh … permios moal ngiringan”. Ngadéngé pok-pokan dua anakna kitu Ki Lurah pohara ambekna sasat diéra-éra ku anak di hareupeun umum. Awakna ngagidir, huntuna kekerot, leungeun tikekereket nahan ambek. Ki lurah Bangsit jug nangtung bari ngogorowok, “Siah.. anak-anakan kitu patut ngawiwirang ka aing, dipodaran siah sakalian”. Ki Lurah ngajengkat, maksudna rék ngajewang anak-anakna, ngan hadéna gancang diburu ku punduh anu ti tadi mata simeuteun bakat ku reuwas nempo kajadian kitu. “Olot lain molohok pegatan atuh bisi galungan”. Kituna bari ngagabrug Ki Lurah Bangsit anu awakna ngagidir bakat ku éra jeung ambek. “Atos Mas Lurah .. ulah kateterasan, apan putra téh aya kénéh nu sanésna, geura mangga taros itu Si Bungsu Wanogati .. éta mah moal ngérakeun pasti sanggupeun”.

Ki Wanogatii ngadéngé ngaranna disebut ku Ki Punduh, manéhna cengkat bari nyampeurkeun ramana Ki Lurah Bangsit. “Parantos Ama ulah kateterasan.. insjaalloh abdi sanggem milari piubareun ieu sasalad panyakit. Mugi Ama ngadu’akeun sareng mercantenkeun ka abdi kanggo ngajak sadaya punduh sareng kokolot milari jurigna nu jadi bibit panyakit”. Sabada dipeper ku punduh sarta ngadangu kasanggupan putra bungsuna, Ki Lurah bangsit balik deui ka tempatna bari pok nyarita ka nu hadir, “Tah sukur atuh ari anak Ama teu sageblég bari bago kasanggupan mah. Cik pok caritakeun ka Ama kumaha rarancang hidep téh. Barandungan Punduh, Olot .. jeung barantuan.

Gancang carita, Ki Wanogati medar rencana keur néangan piubareun jeung sumber panyaktina. Ki Wanogati ménta dibantuan ku punduh jeung kokolot di unggal lembur sangkan ningkatkerun ronda kampung bisi aya jalma luar anu nyiliwuri ngadon ngacowkeun lembur. Ki Wanogati ogé ménta idin ka ramana yén sing saha baé nu boga dosa ngacowkeun kaamanan lembur atawa ngahaja ngaliarkan panyakit ka rahayat, baris diusir ti lembur, dibaung ka tempat jauh.

Teu lila ti harita, geus jul-jol jalma nu lapor yén ieu panyakit téh sumberna tina cai nu diparaké ku rahayat. Tétéla cai nu ngamalir ka lembur sarta diparaké beberesih jeung diinum téh ti girangna geus diawuran racun. Sabada diintip ku ronda kampung, tétéla nu boga pamolah kieu téh taya sanés anak Ki Lurah anu opat jeung sawatara jalma anu implut lantaran sieun dirogahala ku anak-anak Lurah Bangsit.

Teu dililakeun deui, sanggeus sidik saha-sahana nu jadi jurig panyakit, ngan kerewek-kerewek baé éta jelema nu boga dosana ditewakan sarta langsung diusir ti lembur Cipawenang, dibuang ka hiji tempat di suku gunung nu jauh ti dinya. Di antara nu dibuang téh kaasup opat anak Ki Lurah nyaéta Ki Gagak Sangkur, Ki Sacagati, Ki Sogati, jeung Ki Cengkok. Opatanana teu aya nu wani ngalawan najan ka adi na memang teu wani jeung gelutna.

Tah, ti harita di kacamatan Wado, Kabupaten Sumedang aya désa anu katelah Legok Cibuang. Ayeuna éta pangbuangan jalma liwar téh geus jadi lembur anu subur ma’mur sarta rahayatna hirup tingtrim jauh tina pacéngkadan, papaséaan. Éta téh taya sanés jasa Ki Wanogati anu teras ngurus jalma-jalma buangan harita. Di dinya Ki Wanogati ngadegkeun masjid jeung muka pasantrénna. Jalma-jalma buangan téh terus diwuruk dipasantrénna nepi ka sadar kana kasalahanana sarta tarobat ka Pangéran moal deui-deui boga laku goréng. Maranéhna terus bebetah sarta ngarunday baranahan di dinya nepi ka jadi lembur gedé tug dugi kawari. (Direka deui tina dongeng burudak sakola di Sumedang).

Sumber: Helins / Mangle No. 2301

Sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2013/03/sasakala-legok-cibuang-dongeng.html

Ganjaran Kanu sarakah

Kacaturkeun di tatar pakidulan Garut, aya hiji kulawarga nu kacida masakatna. Banda nu jadi tatalang ragana mung saukur imah sacangkewok jeung balong tukangan imah sagede kobokan.

Baheula mah basa keur ngorana éta kulawarga téh éstu beurat beunghar. Di lembur téh pangjegudna. Salakina teureuh menak, ngan hanjakal loba harta lunak libuk téh teu dibarengan ku beunghar haténa. Karesepna éta salaki pamajikan téh kan curak-curak jeung ngahambur-hambur duit warisan kolotna.

Ari kangaranan harta, sakumaha lobana ogé tangtu ninggang di béak. Kitu ogé harta kulawarga, tungtungna mah ludes. Pamustungan nu bisa hirup senang, ngarumas pisan ningal kaayaan nu lieuk euweuh ragap taya téh.

Sanajan kaayaanana kitu, naon-naon nu tumiba ka maranéhkan téh tangtu waé teu bisa bérés ku humandeuar. Barang gawé mah tetep kudu, da beuteung mah angger kudu dieusian.

Sanggeus kaayaanana kitu, salakina jadi rajin barang gawé. Sasatna mah teu bauan. Daék itu daék ieu, rancagé tur rapékan. Ngan, abong adat geus kakururng ku iga, karesepna kana ngahambur-hambur mah teu leungit.

Beubeunangan hasil gawé sapoé jeput téh ludes-ludes waé, euweuh nu nyangsang hiji-hiji acan, boh kana tanah boh ingon-ingon pibekeleun pikahareupeun. Nu jadi pikiranana ngan kana eusi kadut. Kulantaran tara rikirik, hirupna angger waé teu aya menyatna.

Beuki kolot mah tanagana téh beuki suda. Atuh panghasilan tina barang gawée teu kawas baheula. Nu mercaya gawé manéhna ogé beuki ngurangan, da loba kénéh nu jagjag jeung waringas. Antukna manéhna jadi leungiteun kasab. Kiwari sapopoéna ogé ukur jadi tukang buburuh ngarit.

Hiji poé, waktu manéhna ngarit di leuweung, panggih jeung saurang pamuda nu sarua keur ngarit. Pangawakana beresih jeung gagah, saliwat mah teu mantes kudu barang gawé kasar kitu mah.

Duanana uplek ngobrol, manéhna ngébréhkeun bangbaluh ka éta pamuda, kumaha kasusah nu tumiba ka dirina. Tina paromanana mah si pamuda haateun pisan. Bérés cacarita, éta pamuda téh tuluy ngajak ka mumunggang gunung.

Manéhna teu talangké nuturkeun pamuda. Sanggeus nepi di mumunggang gunung. Si pamuda téh nuduhkeun hiji tangkal kawung nu doyong kalebah jurang. Barang disidik-sidik mah, horéng tanggal kawung téh ahéng kacida. Kawung téh buahan caruluk emas.

“Ieu téh tangkal kawung pelak karuhun kuring.” Ceuk éta pamuda bari tuluy naék kana tangkal kawung. Sanggeus nepi ka luhur, tuluy mipit sababaraha siki caruluk emas, diasupkeun kana kojana. Geus kitu mah tuluy turun deui.

Ari manéhna bati colohok, asa hémeng jeung cangcaya.

“Kang, kuring mah teu bisa marengan lila, lantaran aya pangabutuh séjén. Sok waé ngala sacukupna ulah loba teuing. Kahareupna tangtu anak incu urang saréréa bakal sarua butuh,” ceuk éta pamuda bari tuluy ngaléos.

Heuleut sawatara linana saditinggalkeun ku si pamuda, manéhna téh kacida bungaheunana ningali emas nu ting gurilap. Teu talangké tuluy ngudalkeun kabéh jukut tina karung nu geus pinuh. Laju naék, ngala caruluk emas.

Nénjo emas nu sakitu lobana, dina pikirna ngalangkang deui kahirupan manéhna mangsa keur beurat beunghar. Antukna najan inget ogé kana papatah si pamuda teu dipaliré. Caruluk emah téh kabeh dipupu, diwadahan kana karung nepi ka pinuh ku emas.

Waktu rék turun manéhna bingung pisan, karung nu rék pinuh ku emas téh hésé nurunkeunana. Rék dipuragkeun, kulantaran kawungna doyong ka jurang, tangtu waé moal bisa. Murag nagndung harti dipicen. Ari rék dipicenan sawaréh, tangtu waé lebar. Bororaah satengahna, dalah sasiki ogé lebar kacida. Antukna caruluk emas nu sakarung téh dipaksakeun dibawa turun.

Karék ogé saléngkah, awakna kaburu kabawa mantén ku karung nu eusi emas. Manéhna jeung carulukna ragrag ka jurang, emas euewuh nu kapluk. Manéhna nemahan pati saharita kénéh, lantaran katinggang pisan ku karung nu eusi emas.

Jadi hirup mah ulah sieun béakeun rijki ku batur. Masing-masing ogé geus aya bagéanana. Atuh lamun dina ayana, ulah sok aya asa aing aya, dimonyah-monyah nepi ka poho ka poé isuk jeung kabatur. Tangtu waé sipat-sipat nu sarakah mah pamustunganana téh teu weléh numbuk di sué. *** (Sumber; Taufik Rahayu/Mangle No. 2358)

Sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2013/11/ganjaran-kanu-sarakah-dongeng.html

Sasakala Batu nu Bisa Ceurik

Kacaturkeun jaman baheula, di hiji désa atawa lembur di sisi gunung nu aya di wewengkon Kalimantan, aya hiji awéwé randa nu hirup babarengan jeung saurang anakna, awéwé, nu umurna geus mangkat rumaja atawa sawawa. Éta budak awéwé téh kacida geulisna! Da cacak lamun cicingna di kota mah tinangtu geus jadi pamajikan sudagar kaya atawa kaum bangsawan. Sok sanajan geulis rupana, éta budak awéwé téh ngabogaan sipat anu goréng, adigung, jeung kacida pisan ngedulna!

Biasana lamun indungna indit ka kota rék ngiangkeun hasil tatanén jeung suluh, anakna téh tara diajak, sok sina cicing wé nungguan imah. Tapi dina hiji poé mah anakna téh diajak, ngarah apal kayaan kota sarta ngarah nyaho kawas kumaha ripuhna nu jadi indung dina sual pangabutuh sapopoé. Puguh wé anakna ngarasa bungah naker diakan ka kota téh, da puguh arang langka nyaba. Manéhna tuluy dangdan sateker kebek, ngarah katingal leuwih geulis! Pasusubuh arindit ti imahna téh, laleumpang. Inditna ngakeup suluh bari angkaribung ngajingjing sarta nyunyuhun karanjang nu dieusian ku hasil tatanén jualeun ka pasar. Ari anakna mah leumpang ti heula, ngagandeuang teu barangbawa nanaon pisan! Dangdananana ginding, maké papakéanana nu wareuteuh. Sabalikna ari indungna mah maké papakéanana téh estuning basajan pisan, maké papakéan nu biasa dipaké gawé sapopoéna!

Di jalan di pasampangan, unggal panggih jeung jelema teu weleh waé maruji kana kageulisan budak awéwé téa bari puk-pok naranyakeun ka indungna:

“Leuh, aya ku geulis éta Si Nyai! Tuang putra éta téh, Bu? Ceuk nu nanya. Saméméh pok indungna ngajawab kaburu dipiheulaan ku anakna dijawab kieu:

“Oh, sanés, abdi mah sanés putrana, tapi dununganana! Ieu téh pakacar abdi!” ceuk budakna téh bari nuduhkeun indungna.

Kitu jeung kitu wé, unggal aya nu nanyakeun ngeunaan indungna, si budak awéwé téh sok ngajawab yén anu ditukangeun manéhna téh pakacarna atawa babuna, lain indungna!

“Aya ku teungteuingan Nyai, ka indung ngakukeun babu! Ieuh, najan hadé-goréng ogé apanan Ema téh indung hidep! Ceuk indungna.

“Da éra atuh, Ema! Moal enya ari kuring sakieu gindingna, ku batur pada nyarebut geulis, sedengkeun ari indung sorangan meuni sakitu rudinna! Éra atuda ngakukeunana gé!” tembal anakna bari kuraweud, jamotrot.

Di satengahing jalan indung jeung anak paréaréa omong, pacental-cental! Ahirna bakating ku nyeri haté dihina ku anakna, pok wé indungna téh nyarita kieu:

“Nya enggeus atuh Nyai, ari sakirana manéh bedegong sarta gurat batu mah, embung ngakukeun yén Ema indung manéh, ti semet ayeuna kénéh manéh mah bakal jadi batu …! Ceuk indungna. Réngsé indungna nyarita kitu, dadak sakala langit ujug-ujug angkeub! Gelap pating beledag! Si budak awéwé anu doraka ti indungna kabentar ku gelap! Awakna tutung, sarta harita kénéh robah jadi batu!

Éta batu téh ngaluarkeun cai, nu dipercaya cenah éta téh cipanon budak awéwé téa anu keur ceurik lantaran ngarasa kaduhung! Nepi ka kiwari éta batu téh nelah disarebut “batu menangis.*** (ku Agus B. Irawan/Mangle No. 2303)

Sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2014/01/sasakala-batu-nu-bisa-ceurik-dongeng.html

Sasakala Situ Bagendit

Jaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar, ceuk paribasana beungharna Nyi Randa téh éstu lubak-libuk sagala boga. Kakayaanana bru di juru bro di panto.

Éta Nyi Randa téh katelahna Nyi Endit. Awakna jangkung rada ngeusi tapi sorana cempréng. Mun pareng nyarékan bujangna atawa barudak sok laklak dasar bari sorana matak katorékan. Rupana henteu geulis kitu wé saperti urang lembur nu séjén kasebut ngan ukur jajar pasar. Tapi lantaran perbawa kabeungharanana, manéhna asa panggeulisna di lembur éta téh. Sapopoé gawéna ngan ukur midang némbongkeun papakéan jeung perhiasan emas berlian anu sarwa alus. Kongkorong emasna sagedé nyéré digantelan ku liontin sagede jengkol. Beulang kénca katuhu bari alina reunceum dina ramona. Jaba ti éta antingna guntang-gantung beuki tambah gonjleng. Dahareunana, unggal poé ngajagrag dina méja. Iwal ti sangu jeung deungeunna dina méja séjén aya rupa-rupa bangbuahan. Éta kadaharan anu sakitu ngaleuyana téh éstu tara kasoro ku batur, sanajan di imahna téh aya nu babantu. Jadi sanajan loba dahareun gé, Nyi Endit mah tara daék barangbéré ka batur. Tah najan paparéntah kana gawé mah ceréwéd pisan ka bujang téh ari muruhan mah itungan pisan. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi Endit téh katelah Nyi randa medit. Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-bujangna tapi ogé karasa ku batur salemburna. Nyi Endit mah tara daék campur jeung urang lembur da cenah sieun karebut harta bendana, tara daék méré sumbangan keur nu miskin. Mun pareng aya nu baramaén ngalanto ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak, ngusir nitah jaun ulah asup ka buruan. Di lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu maliré ka tatangga, tara daék nulung ka nu butuh tara daék nalang ka nu susah. Sapopoéna nu diriksa ditalingakeun téh ngan ukur harta bandana, sieun aya nu leungit sieun aya nu maling. Leuit nu ngajajar digembok dikoncian, pakéan ditumpuk-timpuk dilomarian, duit disumput-sumput dina handapeun kasur.

Dina hiji poé ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begéng bari geus bongkok, maké dudukuy samak geus rawing, léngkahna dibarengan iteuk, pakéanana rudin kuleuheu. Éta aki-aki teu kanyahoan ti mana jolna ujug geus ngajengjen hareupeun panto bari pok uluk salam ka nu boga imah. “Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kamawantun … nyuhungkeun sangu sakedik mah… lapar aki téh”. Kitu pokna bari brek diuk dina émpér.

Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta sangu, gancang baé mukakeun panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari tutunjuk, pok ngagorowok “Naon ménta sangu.. naha kami boga dahareun téh beunang barangpénta kitu. Lapar... Usaha atuh lain baramaén”. Nyi Endit pohara ambekna kadatangan aki-aki téh. Lin baé tutunjuk ngusir tapi bari jeung nyuntrungkeun aki-aki ti émpér ka buruan. “Ka ditu indit montong datang ka dieu” bari nitah badegana ngusir aki-aki ti buruanana. Aki-aki teu bisa kumaha, terus ka luar ditungtun ku tukang kebon. Hatena pohara nyerina ngadéngé babasan Nyi Endit anu kasar, ngusir asa popohoan pisan. Barang geus kaluar ti buruan Nyi Endit, éta aki-aki téh teu aya nu nganyahoankeun kamana léosna, tingal iteukna wé nanceb diburuan Nyi Endit, poho mawa meureun aki-aki téh. Ambekna Nyi Endit acan leler, rét kana iteuk anu nanceb, sérénténg baé, iteuk dicabut bari dibalangkeun ka jalan. Tapi anéh bin ajaib, tina tapak iteuk dicecebkeun téh bet bijil cai mancer kaluhur. Beuki lila beuki gedé ngaburial ti jero taneuh nepi ka ngagulidag minuhan buruan. Nyi Endit pohara reuwasanana, manéhna gogorowokan ka bujang-bujangna nitah nyocokan liang cai. Tapi cai lain ngorotan malah beuki gedé, terus lebleban ngeueum sagala nu aya kaasup imah jeung harta banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan ménta tulung bari teu leupas ngagagandong harta emas berlianana. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh mupuas da bongan manéhna gé tara daék tutulung ka batur. Cai anu bijil tina iteuk aki-aki téa beuki gedé ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi Enditna tembong ngangkleung di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gembolan barang-barangna. Teu kungsi lila Nyi Endit teu tembong deui ngilu tilelep ka jero cai. Éta cai nu terus ngagulidag, beuki lila terus ngabalong gedé pisan nepi ka jadi situ. Éta situ nepi kiwari katelah Situ Bagendit. Pernahna di wewengkon Kabupaten Garut. ( Sumber: Helins / Mangle No. 2281)

Sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2014/04/sasakala-situ-bagendit-dongeng.html

Tamiang Meulit ka Bitis

Di hiji walungan aya leuwi nu dieusian ku pirang-pirang lauk. Éta masarakat lauk téh hirup sauyunan. Keuna di paribasa ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, tara pahiri-hiri pagirang-girang tampian. Éstu ayeum tengtrem, sepi jempling towong rampog. Ari nu jadi rajana, nyaéta sakadang Lélé. Pangna sakadang Lélé dibenum jadi raja, alatan tawéksa jeung nyaah ka rahayatna. Salian ti éta, sakadang Lélé boga hiji senjata séjén, nyaéta patil. Ku hal éta, sakabéh lauk ngarasa gimir mun pareng paamprok jonghok jeung sakadang Lélé. Sanajan ku saréréa dipihormat, diajénan, jeung didama-dama, tapi sakadang Lélé teu ieuh unggah adat.

Ku hal éta, atuh sakadang Lélé beuki dipikanyaah ku rahayatna. Ngan tina sakitu rahayat nagri leuwi nu nyaah jeung hormat ka sakadang Lélé. Aya hiji lauk boga haté julig jeung dengki. Éta lauk téh sakadang Lauk Emas. Pangna sakadang Lauk Emas sirik ka sakadang Lélé, bané baé ceuk manéhna mah nu paling hadé rupa di antara lauk téh nya manéhna.

“Sakuduna mah nu jeneng jadi raja téh kula, euy!” ceuk Lauk Emas ka Lauk Sepat dina hiji waktu.

“Naha naon sababna anjeun meni “PD” kitu? Ceuk Lauk Sepat nanya.

“Ih manéh mah teu eungeuh. Tingali atuh sisit déwék! Pan sakieu ngagurilapna. Ceuk pikir, lauk mana nu bogaeun sisit paling pantes? Apanan ngan kula sarongan” témbal Lauk Emas semu ngagebés.

“Enya nu kitina mah. Tapi, apanan ari pamingpin mah teu sakadar ditingali tina lahiriyahna wungkul, ogé kudu dideudeul ku pangaweruh nu masagi,” Lauk Sepat embung éléh.

“Déngékeun ku manéh, justru nu kudu diheulakeun lahiriah heula, penampilan heula deuleu. Kanyaho mah nomer dua. Numatak ti ayeuna manéh kudu taluk, kudu ngaku raja ka kula. Ti danget ayeuna, nu jadi raja di ieu Nagri Leuwi nya kula” ceuk Lauk Emas bari nepak dada.

Ketak Lauk Emas kadéngéeun ku sakadang Lélé. Salaku raja, sakadang Lélé kudu geuwat-geuwat ngayakeun tindakan. Sabab, kalakuan Lauk Emas téh geus nyababkeun suhu politik di Nagri Leuwi jadi harénghéng. Mun teu gancang diungkulan, bisa-bisa kajadian “perang saudara”. Sakadang Lélé ngumpulkeun sakabeh rahayatna. Lauk Emas ogé ngahaja diogan sina hadir. Pikeun ngaréngsékeun ieu pasualan, ceuk pamikir sakadang Lélé, euweuh deui jalan kudu dibalikeun deui ka rahayat.

“Hey, sakabéh rahayat kaula, numatak arandika dikumpulkeun téh taya lian, andika kabéh diperedih pikeun nangtukeun raja. Kaula hayang apal, naha andika dék tetep marilih kaula atawa dék milih sakadang Lauk Emas. Pék ayeuna gunakeun hak andika kabéh luyu jeung lelembutan andika!” sakadang Lélé biantara muka sawala, “Bisi aya nu dék nanyakeun atawa ngajukeun usul, pék ayeuna!”

Lauk Emas ngacung sarta pokna “Lah teu kudu dipulah-pilih sagala, geus sidik pantes jadi raja mah kaula. Geus puguh kaula nu panggagahna. Bisi maranéh teu percaya, engké dimana aya manusa, ilikan ke saréréa, saha nu baris dipuji ku manéhna!”

Ku kaparengan atuh, torojol aya saurang jalma ngalanto ka lebah dinya, maksud éta jalma laha-loho ka leuwi, dék néangan lauk emas pikeun dieusikeun ka akuariumna.

“Tuh kabeneran aya manusa, hayu urang deukeutan, ka saha éta manusa bakal muji kana rupa,” ceuk Lauk Emas giat naker. Soloyong Lauk Emas ngadeukeutan manusa, tayohna hayang gura-giru dipuji.

Lauk-lauk séjéna, bororaah ka hayang ngadeukeutan. Maranéhna kalah paheula-heula nyumput kana sédong. Sabab, manéhna apal pisan, tangtu manusa bakal néwak lauk pikeun dibawa balik ka imahna. Nu tangtuna baé ka dituna bakal di goréng, dibeuleum atawa di pais. Jadi sanajan Lauk Emas gogorowokan nyalukan. Euweuh hiji ogé nu daék nonghol. Samalah kalah ngaharéphép jeung ngadedempés dina panyumputan.

Waktu Lauk Emas ngadeukeutan, teu tatapasini deui geup Lauk Emas dicerek. Teu kudu hésé-hésé béléké, sasat nyampeurekeun paneunggeul, Lauk Emas dibuskeun kana koja.

“Leuh, timana wé milik mah” ceuk éta jalma ngomong sorangan.

Ti harita nagri Leuwi répéh-rapih deui. Sakadang Lélé angger dibenum jadi raja ku rahayatna. *** (Téh Sara/Galura)

Read more: http://archive69blog.blogspot.com/2014/04/tamiang-meulit-ka-bitis-dongeng.html

Nu Males Budi

Aya Sakadang Beurit nu panasaran hayang ningali singa. Indit ka leuweung. Lebah handapeun tangkal anu ngaroyom daharnna, katingal aya hiji sato, gagah, jeung simaan deuih. Buukna jabrig, ririaban. Kuku-kukuna tembong sareukeut. Huntuna ranggéténg, “Leuh kawasna ieu sato anu disebut singa téh,” ceuk sakadang Beurit dina jero haténa.

Éta singa jalu téh nundutan, tuluy baé héés. Sakadang Beurit nyampeurkeun Sakadang Singa nu keur tibra. Awahing ku panasaran, Sakadang Beurit téh maké jeung ngarampaan kumis Sakadang Singa. Mireungeuh sato anu katelah Si Raja Téga, kalah cicing baé. Sakadang Beurit beuki wani. Kalacat naék kana sirah Si Raja Leuweung, buuk Sakadang Singa téh dirampaan maké jeung ngilikan liang irungna. Biwir nu keur saré téh disuaykeun.

Sakadang Singa ngarasa aya nu uyup ayap kana beungeutna. Tuluy baé matana mélétét. ‘Hah? Si Kunyang geuning? Bangkawarah! Keun siah!” ceuk dina haténa.

“Haciiiih…!” Sakadang Singa pura-pura beresin. Sakadang Beurit ngarénjag, nepi ka awakna tijengkang. Nangkarak bengkang dina jukut. Témbong kuku-kuku singa geus ngurung awakna. Rét tanggah, katingal Sakadang Singa téh, nyanggéréng, némbongkeun sihung-sihungna.

“Duh Gamparan, kuring ulah dikerekeb!” ceuk Sakadang Beurit. Awakna ngadégdég.

“Ari ilaing atuh wani-wani culangung ka ngaing téh, Hah!” Dihakan siah ku ngaing!” ceuk Sakadang Singa.

Sakadang Beurit ceurik balilihan, bari ménta dihampura, Sakadang Singa ngarakacak haténa. ”Heug sakali ieu mah, ilaling ku ngaing dihampura,” pokna.

Aya kana dua taunna Sakadang Beurit teu papanggih deui jeung Sakadang Singa. Dina hiji mangsa di sisi leuweung, manéhna ngadéngé sora sato nu keur inghak-inghakan. Barang ditéang ka deukuet tangkal. Bréh baé katingali Sakadang Singa nu baréto ampir rék ngerekeb manéhna teu walakaya karungkup ku jaring.

“Sakadang Beurit, cing tulungan,” ceuk Sakadang Singa.

Sakadang Beurit tuluy nyégétan tali jaring tepi ka paregat. Sakadang Singa bisa lolos tina éta jaring. “Éh Sakadang Beurit, nuhun pisan, kuring geus ditulungan,” ceuk Sakadang Singa bungaheun pisan. (Sumber: Uwa Agah/Galura)


sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2014/05/nu-males-budi-dongeng.html