Selasa, 10 Juni 2014

Paribasa Sunda | 5

  1. Asa dijual payu Hartina : Nunggelis euweuh batur, karana ditinggalkeun.
  2. Asa ditumbu umur. Hartina : Boga rasa kahutangan budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waktu nandangan lara atawa meunang karerepet anu gedé.
  3. Aya jalan komo meuntas. Hartina : Aya pitantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  4. Bisa mihapékeun maneh. Hartina : Hade tingkah-polahna jeung budi-basana, nepi ka batur teh nyaaheun jeung resepeun.
  5. Biwir nyiru rombengeun. Hartina : Resep ngucah-ngacehkeun rasiah wa kaaéban, boh nu sorangan, boh nu batur.
  6. Cacag-nangkaeun. Hartina : Henteu bérés, henteu rata.
  7. Cara merak. Hartina : Beuki pisan kana lada.
  8. Cécéndét mandé kiara. Hartina : Nu leutik nyaruaan nu gedé. Nu miskin nyaruaan nu beunghar. Nu lembék nyaruaan anu kuat.
  9. Daluang katinggang mangsi. Hartina : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  10. Dihin pinasti, anyar pinanggih. Hartina : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
  11. Dikerid peuti. Hartina : Euweuh nu tinggaleun, kolot-budak. awéwé-lalaki dibawa kabéh.
  12. Gindi pikir, belang bayah. Hartina : Boga pikiran goréng ka papada kawula.
  13. Hade ku omong, goréng ku omong. Hartina : Omongan nu hadé balukarna hadé, jeung omongan anu goréng, goréng deui balukarna.
  14. Hapa-hapa gé ranggeuyan. Hartina : Enya ari miskin téa mah, ngan lumayan, da ari salaki mah boga.
  15. Ieu aing uyah kidul. Hartina : Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
  16. Kawas leungeun anu palid. Hartina : Ngopépang leungeunna teu daék ci­cing: sakur jalma nu deukeut dirampa atawa di. cekel.
  17. Lieuk euweuh ragap taya. Hartina : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon-naon.
  18. Luncat mulang. Hartina : Teu beunang dicekel omonganana, sabab sok robah.
  19. Malingping pakél ku munding = Ngajul bulan ku asiwung. Hartina : Ngajalankeun (Mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  20. Manuk hiber ku jangjangna. Hartina : Jalma hirup ku akalna. Ku lantaran boga akal, bisa nyiar kipayah.
  21. Mapay ka puhu leungeun. Hartina : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon-naon jeung euweuh patalina saeutik-eutik acan.
  22. Marebutkeun paisan kosong. Hartina : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  23. Maung ompong, karéta kosong, bedil kosong. Hartina : Matak pikasérabeun, pikasieuneun, atawa pireuwaseun.
  24. Maut nyéré ka congona. Hartina : Keur ngora senang, tapi ari kakolotnakeun susah.
  25. Méméh emal, emél heula. Hartina : Memeh urang mahugi naon-naon ka pipamajikaneun, kudu neundeun omong heula; kudu menta jeung ditarima panglamarna heula.
  26. Meungpeun carang ku ayakan. Hartina :. Nyaho yen batur téh salah atawa mi­gawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu, kalah ka api-api teu nyaho.
  27. Meungpeung teugeu harianeun. Hartina : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa butuh.
  28. Miceun batok meunang coét. Hartina : Miceun nu goréng ku lantaran hayang meunang nu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.
  29. Miceun beungeut. Hlartina : Ngabalieur, embung padeuleu-deuleu awahing ku ngéwa atawa éra.
  30. Mihapé hayam ka heulang. Hartina : Mihapekeun duit atawa barang ka je­lema anu puguh keur pohara butuhna ku duit atawa ku barang. Balukarna : duit atawa barang urang téa digasab.
  31. Mipit teu amit, ngala teu ménta. Hartina : Maling boga batur.
  32. Moal ceurik menta eusi. Hartina : Keun bae mawa wadah anu gedé ogé, da lain hayang loba dibéréna.
  33. Monyet kapalingan jagong. Hartina : Lalawora dina ngajaga naon baé, anu saenyana mah kudu diraksa hadé-hadé ku urang.
  34. Monyét kapalingan jagong. Hartina : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah-ngarinah karoroncodan.
  35. Mopo méméh nanggung. Hartina : Horéam, teu sanggup méméh prak.
  36. Mun teu ngoprék, moal nyapék. Mun teu ngakal, moal ngakeul. Mun teu ngarah, moal ngarih. Hartina : Lamun teu digawé, nyiar kipayah, tangtu pisusaheun pikeun hirup, kumaha petana bisa dahar, make jst.
  37. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan. Hartina : Sabadana ngumbara mangtaun-taun di lembur batur, ayeuna balik ka lemah-caina.
  38. Mupugkeun tai kanjut. Hartina : Ngetrukkeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  39. Nepak cai, malar cérét. Hartina : Ngihtiaran supaya rasiah nu aya di batur, dicaritakeun ka urang.
  40. Neukteuk curuk dina pingping. Hartina : Ngadakwakeun nu lian, tapi anu ngadakwakeunana milu susah sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
  41. Ngadagoan uncal mapal. Hartina : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki, tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun atawa ngahasilkeun rejeki anu didago-dago téa.
  42. Ngarancabang pikir. Hartina : Loba teuing kahayang; henteu nyanghareupan kahayang sarupa baé.
  43. Ngarangkaskeun dungus. Hartina : Ari hayangna jeung bogohna mah geus ti baréto, ti keur ngora kénéh, ngan boh lalaki boh awéwé, kaselang heula ku kawin ka nu séjén. Kakolotnakeun kakara diparengkeun ngajodo.
  44. Ngarangkay koja. Hartina : Robah adat, tina hadé kana goréng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.
  45. Ngobah-ngobah macan turu, ngusik-ngusik ula mandi. Hartina : Ngaganggu atawa nyusahkeun ka gegedén; temahna matak cilaka atawa susah ka diri sorangan.
  46. Nincak parahu dua. Hartina : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  47. Nini-nini dikeningan = Éwé randa dihiasan. Hartina : Ngamahalkeun barang naon baé anu geus ruksak, nu ngan kari sabroeun baé.
  48. Nista, maja, utama. Hartina : Ngeunaan naon baé ogé, boh kahadéan, boh kagoréngan, kakara disebut utama, lamun geus tilu kali ngalampahkeunana. Sasarina Nista, maja, utama teh dilisankeun ka jelema anu geus tilu kali ngajalankeun kajahatan, kalawan ngandung maksud : Entong dihampura, sabab geus cukup kagorénganana.
  49. Nunggul pinang. Hartina Nunggelis (nyorangan): geus teu indung teu bapa, teu baraya-baraya acan. Sasarina ngeunaan ka budak atawa ka jelema anu ngora keneh, tara ngeunaan aki-aki atawa nini-nini.
  50. Nya picung nya hulu maung. Hartina : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos; pananya jeung jawab téh pasalia, henteu nyambung.
  51. Nyeri beuheung sosonggéteun. Hartina : Pohara ngarep-ngarepna, tapi anu diarep-arepna henteu jol baé datang.
  52. Nyieun pucuk ti girang. Hartina : Néangan pilantaraneun paséa, parebut bener.
  53. Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait. Hartina : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  54. Omong harus batan goong. Hartina : Béja téh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah béja anu nerekab téh leuwih hébat ti batan goong.
  55. Owah gingsir. Hartina : Henteu tetep, henteu ajeg, ganti, ngeunaan pikiran jelema.
  56. Pacikrak ngalawan merak = Bonténg ngalawan kadu. Hartina : Tangtu éléhna, sabab nu leutik ngalawan nu gedé. Tangtu éléhna, sabab nu lembék ngalawan nu kuat.
  57. Pait daging, pahang tulang. Hartina : Carang gering.
  58. Palid ku cileuncang. Hartina : Ngeunaan ka nu ngadu, sanajan mo­dalna gedé, ari nuju apes mah éléh ku nu modalna saeutik.
  59. Panday tara bogaeun bedog. Hartina : Sasarina ari tukangna mah sok tara bogaeun.
  60. Papadon los ka kolong. Hartina : Cidra tina jangji, teu nedunan jangjina.
  61. Papais-pais paray. Hartina : Ngaredeng bareng satempat, tur bérés deuih.
  62. Pelengkung beukas nyalahan. Hartina : Ari keur ngora keneh bageur, tapi ka kolotnakeun teu bageur.
  63. Peunggas rancatan. Hartina : Teu bisa terus dagangna, sabab modalna geus béak.
  64. Peupeureum asu. Hartina : Tacan mondok tibra, keur leleyepan kénéh. Sakur nu ngomong, boh di imah boh di luar, kadéngé kénéh.
  65. Peureum kadeuleu, beunta karasa. Hartina : Inget baé, teu bisa poho. Ieu téh lain ngeunaan kana barang, tapi ka jelema.
  66. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir. Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang.
  67. Pindah pileumpangan. Hartina : Ganti adat, robah kalakuan, tina hadé kana goreng. Anu tadina daréhdéh, soméah tur handap asor jadi haseum budi tur adigung gedé hulu.
  68. Pinter aling-aling bodo. Hartina : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur yén pinter: ku sabab éta nyeta-nyeta anu bodo.
  69. Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak. Hartina : Milih kalawan taliti naker, ku lantaran hayang meunang nu pangalusna pisan, tapi temahna meunang nu panggoréngna.
  70. Piritan milu endogan. Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
  71. Potol jarum. Hartina : Ngeunaan awéwé nu taya pakayana pisan.
  72. Potol téko. Hartina : Ngeunaan lalaki nu taya pakayana pisan.
  73. Puasa manggih lebaran. Hartina : Anti saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga anu mangpang-meungpeung.
  74. Pucuk awian. Hartina : Henteu puguh tangtunganana, gampang pisan kapangaruhan ku nu séjén.
  75. Pupulur méméh mantun. Hartina : Ménta ganjaran méméh aya jasa. Ménta buruhan méméh digawé.
  76. Pur manuk. Hartina : Ari upah duit mah meunang, ngan henteu meunang dahareun atawa ududeun cara sasari.
  77. Puraga tamba kadengda. Hartina : Migawé hiji pagawéan henteu jeung enya-enya. Henteu ngandung maksud supaya hadé hasilna, ieu mah padu ulah dipaido baé.
  78. Rambat kamalé. Hartina : Dina ayana perkara, maké ngarawél ka si itu, mamawa ka si ieu, tapi temahna mah urang sorangan anu salah jeung anu disalahkeunana.
  79. Riung-mungpulung. Hartina : Ngumpul saduduluran.
  80. Rup ku padung, rap ku lemah, katuruban taneuh beureum. Hartina : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
  81. Sabobot sapihanéan. Hartina : Sauyunan, sapapait, samamanis, sabagja, sacilaka.
  82. Sagalak-galaking macan, moal datang ka nyatu anak. Hartina : Sakumaha kejemna atawa tégana nu jadi bapa, moal datang ka nyilakakeun atawa ngabinasa ka nu jadi anak.
  83. Sagolék pangkék,sacangreud pageuh. Hartina : Henteu cidra kana jangji.
  84. Saluhur-luhur punduk, tara ngaliwatan hulu. Hartina : Sapinter-pinterna murid, pangartina moal leuwih ti guruna.
  85. Sapu nyéré pegat simpay.. Hartina Paturay papisah.
  86. Sarumbak panggangan. Hartina : Sanggeus réngsé dagangna jeung daganganana geus payu kabéh.
  87. Saumur nyunyuhun hulu. Hartina : Saumur hirup, rumingkang di bumi alam.
  88. Saungkab peundeuy. Hartina : Omongan anu pondok, tur kurang manis.
  89. Séngsérang padung. Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu loba kénéh napsuna cara baheula keur ngora. Sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu téréh paéh.
  90. Séngsérang panon. Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu mi­miti begér, resep nénjo ka kabogoh. Bogoh enyaan mah encan.
  91. Seuneu hurung dipancaran. Hartina : Nu keur napsu, heug ditambahan pisan ku pikakeuheuleun, tangtu baé ngambekna jadi tambah.
  92. Teu aya sarebuk samérang nyamu. Hartina : Teu aya saeutik-eutik acan.
  93. Teu mais, teu meuleum. Hartina : Teu pipilueun, teu aya patalina naon­naon.
  94. Teu nyaho di hitut bau. Hartina : Bodo kacida, teu nyaho di naon-naon.
  95. Ti batan meunang pala, anggur meunang palu. Hartina : Jeung meunang kangeunahan mah, kalah ka meunang kateungeunahan (rugi, wiwirang, atawa kanyeri).
  96. Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban. Hartina : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
  97. Tunggul diparud, catang dirumpak. Hartina : Euweuh nu dipikasérab, terus baé ngalajur napsu.
  98. Tuturut munding. Hartina : Nurutan batur baé, boh bener, boh salah.
  99. Ulah pangkat méméh jeneng. Hartina : Ulah adigung hayang nyaruaan ka nu geus jeneng, lamun urang henteu atawa tacan jeneng.
  100. Uyah tara téés ka luhur. Hartina : Galibna sipat indung-bapa anu haradé atawa garoréng, sok diturunkeun ka anak-incuna.

2 komentar:

  1. Naha anjeun milarian PERDAGANGAN KREDIT REAL FALANCIAL pikeun nyayogikeun anjeun pinjaman tina 10.000 euro ka 10.000.000 euro (pikeun pinjaman bisnis atanapi perusahaan, pinjaman pribadi, pinjaman hipotik, pinjaman mobil, pinjaman konsolidasi hutang, modal usaha, pinjaman kaséhatan, jsb. )) Atanapi anjeun ditolak pinjaman ti bank atanapi lembaga kauangan pikeun hiji alesan atanapi sanés? Panawaran ayeuna sareng kéngingkeun pinjaman riil nyata, diolah sareng disatujuan dina 3 dinten. FINANCIAL FINANCIAL FINANCIAL FINANSLM, kami mangrupikeun pinjaman pinjaman di tingkat internasional, anu nyayogikeun hutang jaminan REAL ka individu sareng perusahaan kalayan tingkat suku rendah 2% sareng ID anu leres atanapi paspor internasional nagara anjeun pikeun verifikasi.Inginihan pembayaran injeuman dimimitian 1 ( hiji) sataun saatos nampi pinjaman, sareng masa pamayaran nyaéta 3 dugi ka 35 taun.
    UNTUK RESPONSE IMMEDIATE AND PROSESING APLIKASI ANDA UNTUK BORDER Dina 2 Dinten Gawé, Hubungi kami langsung ngalangkungan surat ieu: pacificfinancialloanfirm@gmail.com
    Hubungan kami kalayan inpormasi ieu:
    Nama lengkep: ____________________________ Jumlah anu diwajibkeun sebagai pinjaman: ________________ pinjaman Durasi: _________________________ Tujuan pikeun injeuman: ______________________ Tanggal Lahir: ___________________________ Jantina: _______________________________ Status perkawinan: __________________________ Alamat Hubungan: _______________________ Kota / Poscode: __________________________ Nagara: _______________________________ Pendudukan: ____________________________ Hapé: __________________________
    Kirimkeun pamundut anjeun pikeun réspon langsung kana: pacificfinancialloanfirm@gmail.com
    hatur nuhun
    CEO.Mrs VICTORIA JOHNSON

    BalasHapus
  2. Panawaran dinten ayeuna tanpa pendaptaran atanapi transfer biaya Ngan ukur asuransi ngalibetkeun. Kami 100% sah, urang masihan pinjaman kalayan tingkat bunga pisan 3% Hubungi Kami dinten ieu via email (suntrustfinancialhome@gmail.com)

    SERVISES PINJAMAN TERUS TERMASUK:
    ================================
    * Pinjaman Komérsial.
    * Pinjaman Pribadi.
    * Pinjaman Bisnis.
    * Pinjaman Pelaburan.
    * Pinjaman Pangwangunan.
    * Pinjaman akuisisi.
    * Pinjaman konstruksi.
    * Pinjaman Bisnis Sareng Seueur:
    Kanggo inpo nu langkung lengkep sareng kéngingkeun email ka kami di (suntrustfinancialhome@gmail.com)
    Website resmi: https://www.suntrust.com

    BalasHapus