Selasa, 18 Agustus 2015

Cara Mengikat Iket Sunda Barangbang Semplak


Bentuk Iket Barangbang Semplak tergolong sederhana dan mudah membentuknya. Ciri khas bentuk dari Iket Barangbang semplak terletak pada bagian kain berbentuk segitiga yang menjuntai di bagian belakang kepala menyerupai barangbang nu semplak (daun pohon kelapa atau enau yang rebah).

Barangbang Semplak berarti dahan tangkal kelapa nu baralak atawa sintungna nu garing potong atawa ngampleh ka tukang (Dahan pohon kelapa yang patah). Pemakaian iket model ini umumnya berlaku dikalangan masyarakat kebanyakan terutama orang-orang yang berprofesi sebagai bandar kerbau, kusir delman, tukang adu domba. jawara atau oah (jagoan)

Ada pula sebagian masyarakat Sunda yang memakai Ike Barangbang Semplak pada bagian tengah kepala bagian atasnya terbuka. Iket jenis ini dalam tatakrama berbusana orang sunda, dianggap tidak sopan apabila digunakan untuk menghadap orang tua atau pembesar.

Iket Barangbang Semplak dibentuk dengan cara:

1. Kain untuk Iket dilipat dua secara diagonal hingga berbentuk segi tiga.

Langkah Pertama

2. Lipat kain yang terlah berbentuk segitiga pada bagian garis diagonalnya selebar 10 cm beberapa kali, Tumpukan lipatan simpan mengarah keluar.

Langkah Kedua

3. Bagian kain yang berbentuk segitiga diletakan dibagian depan kepala.

4. Ujung kiri kain dipegang olet tangan kiri dan ujung kanan dipegang oleh tangan kanan.

Langkah ketiga dan keempat

5. Tarik kedua ujung kain kedepan atau ujung iket sebelah kanan diputar ke sebelah kiri dan sebelah kanan dan simpulkan tepat didahi. Bagian ujung segitiga berada dibawah simpul.

Langkah kelima

6. Talikan kedua ujung iket dibelakang sebanyak dua kali.

Langkah keenam

7. Tarik Bagian segitiga didepan (selembar kain) kebelakang dan biarkan terlepas hingga bentuknya rebah kebelakang.

Langkah ketujuh

Model Iket Barangbang Semplak tampak dari depan.


Sumber : http://www.isuk.tk/2014/09/cara-mengikat-iket-sunda-barangbang.html

Senin, 16 Juni 2014

Paribasa Sunda | 8

  • Asa dijual payu. Hartina : Ngungun duméh nyorangan di pa­nyabaan, jauh ti indung ti bapa.
  • Aya jalan komo meuntas. Hartina : Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna.
  • Bobor karahayuan. Hartina : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
  • Boga pikir kaping burih. Hartina : Boga kahayang anu datangna téh lain ti heula, tapi pandeuri.
  • Bonténg ngalawan kadu.  Hartina:  Nu leutik ngalawan nu gedé.;   Nu handap ngalawan nu luhur.;   Nu lembék ngalawan nu kuat. ;   Somah ngalawan ménak. ; Tangtu éléhna.      
  • Buah ati. Hartina : Pohara dipikanyaahna. (Ngeunaan ka jelema wungkul).
  • Buburuh nyatu diupah béas.  Hartina : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
  • Buluan belut, jangjangan oray. Hartina : Pamohalan kajadian.
  • Bungbulang tunda. Hartina : Tunda talatah. Lamun dititah, tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.
  • Buntut kasiran. Hartina : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan barangbéré.
  • Bur beureum, bur hideung, hurung nangtung, siang leumpang.  Hartina : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké
  • Buruk-buruk papan jati.  Hartina : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahanana téh.
  • Caang bulan dadamaran. Hartina : Migawé anu kurang mangpaat.
  • Cara bueuk meunang mabuk.  Hartina : Ngeluk baé, teu lémék, teu nyarék, euweuh hojah, euweuh karep: euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.
  • Cara embé. Hartina : Embung mandi, sabab sieun ku cai.
  • Cara gaang katincak. Hartina : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
  • Cara jogjog mondok. Hartina : Carékcok baé, mani gandéng naker.
  • Ciri sabumi, cara sadésa. Hartina : Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.
  • Daék macok, embung dipacok. Hartina : Daék ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah teu daék.
  • Dagang oncom, rancatan emas. Hartina : Ari modalna gedé kacida, ngan bati anu diarahna pohara leutikna.
  • Dagang peda ka Cirebon. Hartina : Henteu payu daganganana, sabab nga­jualna ka tukangna, atuh tangtu baé moal dibeuli.
  • Dah bawang, dah kapas. Hartina : Tah barangna, tah duitna.
  • Dédéngé tara. Hartina : Neruskeun béja anu tacan sidik pisan.
  • Deugdeug tanjeuran. Hartina : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi deugdeugan, jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian, upamana : pinter tembang, ngacapi jst.
  • Deukeut-deukeut anak taleus.  Hartina : Ari imahna mah puguh ogé padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti bareto yén baraya.
  • Dihin pinasti, anyar pinanggih. Hartina : Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna. Ngeunaan: papastén jelema
  • Dikompét-daunkeun = Dihurun-suluhkeun.  Hartina : Dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dipisah-pisah.
  • Dogdog pangréwong. Hartina : Bantuan anu lumayan pisan, nu euweuh hartina : dina teu ayana ogé teu naon-naon.
  • Dogong-dogong tulak cau geus gedé dituar batur.  Hartina: Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik kénéh, sugan diparengkeun ku Nu Kawasa pipamajikaneun; na ari geus gedé dikawin ku batur, atuh hésé capé taya gawé.
  • Dosa salaput hulu. Hartina : Teuing ku loba dosa.
  • Dulang tinandé. Hartina : Awéwé mah nurutkeun baé, kumaha diaturna jeung diparéntahna ku nu jadi salaki.
  • Duum tinggi. Hartina : Ngabagikeun naon-naon henteu kalawan adil, aya nu loba, aya nu saeutik.
  • Élmu ajug. Hartina : Pinter ari mapatahan ka batur mah, tapi prak ku manéh henteu.
  • Élmu sapi. Hartina : Samiuk (ngahiji) kana kagoréngan.
  • Élmu tumbila. Hartina : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  • Elok bangkong. Hartina : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé, keur ngaleupaskeun nyawa.
  • Endog mapatahan hayam. Hartina :  Nu sahandapeun mapatahan ka nu saluhureun.;  Nu sangoraeun mapatahan ka nu sakoloteun.
  • Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabéh. Hartina : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukama ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka saréréa.
  • Endog tara megar kabéh. Hartina : Najan saindung-sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  • Gagalana. Hartina : Jagona, kokojona.
  • Galak sinongnong.  Hartina : Mimiti balég, ngeunaan ka parawan (cawéné, lanjang).
  • Galéhgéh gado. Hartina : Daréhdéh, tapi henteu terus kana haté.
  • Gancang pincang. Hartina : Ku lantaran digawéna buru-buru jeung kurang ati-ati, hasilna téh teu nyugemakeun.
  • Gantung déngé. Hartina: Henteu terus bisa ngadéngékeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadéngékeun.
  • Hayang untung jadi buntung. Hartina : Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep-arep.
  • Jabung tumalapung, sabda tumapalang. Hartina: Milu nyaritakeun hiji perkara, sakapeung némpasan omongan batur, nyeta-nyeta jiga nu nyaho, turtaning (padahal) teu nyaho di naon-naon.
  • Jadi maung malang. Hartina : Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.
  • Jadi sabiwir hiji. Hartina : Jadi carita jelema loba.
  • Jadi senén kalémékan. Hartina : Mindeng dicaritakeun.
  • Jaman cacing dua saduit.  Hartina : Baheula pisan.
  • Janget kina telon. Hattina : Turunan alus atawa goréng ti indung-bapa; ngeunaan ka sasatoan.
  • Jantungeun. Hartina : Ngahuleng baé teu lémék teu nyarék, lantaran kagét kacida.      
  • Jati kasilih ku junti. Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing.
  • Jauh jauh-panjang gagang. Hartina : Hanas jauh-jauh ogé dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  • Jauh ka bedug, anggang ka dayeuh. Hartina : Dusun teu nyaho di tata-titi, tindak­tanduk, suba-sita, duduga jeung peryoga.
  • Jauh tanah ka langit. Hartina : Pamohalan nu sarupa kitu bisa kajadian.
  • Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana. Hartina : Unggal bangsa béda adatna jeung kabiasaanana.
  • Jégjég cékér. Hartina : Capé ku lantaran leumpang ka ditu ka dieu baé.
  • Jéjér pasar. Hartina : Lumrah baé. Mun ngeunaan ka lalaki, kasép henteu, goréng henteu. Mun ngeunaan ka awéwé, geulis henteu goréng henteu.
  • Jelema pasagi. Hartina : Loba kakayaanana jeung pangawéruhna.
  • Jeung léwéh mah mending waléh. Hartina : Leuwih hadé wakca balaka ngedalkeun kahayang, ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  • Jogjog neureuy buah loa. Hartina : Mikarep ka nu lain babad.
  • Kawas hayam keur endogan. Hartina : Ciling-cingcat baé, teu bisa cicing.
  • Kawas lauk asup kana bubu. Hartina : Gampang meunangna jeung asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé béléké kaluarna jeung ngécagkeunana éta pagawéan.
  • Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lan­taran kabawakeun ku batur, henteu kalawan ka­hayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
  • Leuleus jeujeur, liat tali.  Hartina : Adil pohara.
  • Leutik burih. Hartina : Leutik wawanén.
  • Loba teuing jaksa. Hartina : Loba teuing nu pinter, nu ngatur jeung mapatahan; balukarna matak bingung ka nu dipapatahanana.
  • Meuli teri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra. Hartina : Kalawan teu disangka-sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.
  • Moal neangan jurig nu teu kadeuleu. Hartina : Arék nyekel jelema anu aya baé, moal neangan jelema anu euweuh.
  • Mobok manggih gorowong.  Hartina : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  • Naheun bubu pahareup-hareup. Hartina : Dina aya pangabutuh, silih injeuman duit.
  • Nangkeup mawa eunyeuh. Hartina : Mawa cilaka ka jelema anu dipéntaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  • Ngabudi ucing. Hartina : Teu wani nimbongkeun atawa ngedalkeun kahayang, atawa kadeudeuh.
  • Ngaburuy. Hartina : Nyaneut wungkul, teu aya lalawuhna: inumeunana aya, tapi ari dahareunana mah teu aya.
  • Ngadeupaan lincar. Hartina : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katénjo ku nu boga imah jeung diajak dahar.
  • Ngagandong kéjo, susah nyatu.  Hartina : Loba ari titaheun mah, boh anak boh bujang, ngan hanjakal ku hésé nitah, euweuh nu daékeun ari dititah téh.
  • Ngodok liang buntu. Hartina : Hésé capé taya gawé, susah payah taya guna, sanajan tihothat ogé moal atawa henteu beubeunangan.
  • Nu borok dirorojok = Nu titeuleum disimbeuhan.  Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana; nu keur nyeri ditambah kanyerianana.
  • Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan. Hartina: Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk haté sorangan éta omongan atawa carita téh salah.
  • Nyeungeut damar di suhunan. Hartina :   Mintonkeun kakayaan.;   Barangbéré supaya dipuji.
  • Nyieun catur taya dapur.  Hartina: Nganggit hiji dongéng anu henteu puguh galurna
  • Nyieun poé bungsuna. Hartina : Nyieun poé panungtungan; ka hareup mah embung wawuh atawa ngahiji deui.
  • Nyieun pucuk ti girang. Hartina : Pangheulana néangan pibatureun paséa atawa gujrud.
  • Nyolok mata buncelik. Hartina : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  • Pait daging, pahang tulang. Hartina : Cageur, teu keuna ku panyakit naon baé.
  • Paluhur-luhur diuk. Hartina : Pagedé-gedé kauntungan dina nyiar kipayah
  • Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir. Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang             
  • Sabuni-buni nu ngising. Hartina : Sanajan dibunian atawa disumputkeun ogé, ari laku-lampah anu goréng mah awal-ahir sok kudu kanyahoan baé.
  • Sadom araning baraja, sakunang araning geni.  Hartina:  Sanajan saeutik, omat ulah wani ngagasab duit Nagara. ;  Perkara anu bisa ngalantarankeun cilaka sanajan leutik.
  • Sagalak-galakna macan, tara nyatu anak. Hartina : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umumna mah tara téga ka nu jadi anak.
  • Sakirincinging duit, sakocopoking iwak. Hartina : Sanajan saeutik, omat ulah arék wani ngagasab duit Nagara.
  • Sereg di panto, logor di liang jarum. Hartina : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaéra; betahna téh di nu suni, nu teu aya jelema.
  • Siduru isuk. Hartina : Nyunatan atawa kariaan, teu maké tatabeuhan.
  • Teu busik bulu salambar. Hartina : Teu rogrég-rogrég, malah unggul dina juritna.
  • Teu didingding kelir. Hartina : Teu dibuni-buni, ditembrakkeun baé, teu dirusiahkeun.
  • Teu kaur buluan. Hartina : Teu kaur boga pakaya.
  • Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan.  Hartina : Ngalajur hawa napsu ka awéwé, ka nu halal jeung nu haram ogé disaruakeun baé.
  • Ulah muragkeun duwegan ti luhur. Hartina : Masing nyaah kana rejeki meunang hésé capé ladang kesang, pacuan arék dimonyah­-monyah.
  • Ulah tiis-tiis jahé. Hartina : Kudu iatna.

Paribasa Sunda | 7

  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna. Hartina : Naon baé anu méré hasil ka urang kudu diurus bener-bener.
  • Asa nyanghulu ka jarian. Hartina : Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.
  • Asa rawing daun ceuli. Hartina : Teu ngeunah haté ku lantaran remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.
  • Awak sampayaneun. Hartina : Maké pakéan nu kumaha ogé lucu baé, pantes baé.
  • Aya di sihung maung. Hartina : Ku lantaran loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.
  • Aya réngkolna. Hartina : Aya tulisanana.
  • Bluk nyuuh, blak nangkarak. Hartina : Kabina-bina rajinna, dina enggoning nyiar kipayah.
  • Bohong dirawuan. Hartina : Kacida rahulna.
  • Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah. Hartina : Ari laku-lampahna mah kawas santri, tapi sok daék cukat-cokot (ceceremed).
  • Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung. Hartina : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
  • Carang takol. Hartina : Saeutik caritana. Nu diomongkeun téh dicokot perluna bae.
  • Deukeut-deukeut anak taleus. Hartina : Ari imah mah puguh oge padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti baréto, yen éta téh baraya.
  • Diguley ku taina. Hartina : Duit anu dijalankeun téh, beuki lila beuki gedé, lain ku lantaran modalna ditambahan, tapi ngagedéanana téh ku lantaran loba kauntunganana.
  • Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun. Hartina : Saréréa disaruakeun baé. Mun salah, salah saréréa. Mun bener, bener saréréa.
  • Élmu sapi. Hartina : Samiuk (guyub) dina kagorengan.
  • Endog sasayang remek hiji, remek kabéh. Hartina : Kajeun cilaka babarengan ti batan ngan saurang anu salamet, ari nu séjénna mah carilaka kabéh.
  • Gedé gunung pananggeuhan. Hartina : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedén. Dina urang aya kare­repet atawa butuh ku pitulung, éta jelema bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaanana.
  • Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna. Hartina : Gusti Allah tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
  • Hurung nangtung siang leumpang. Hartina : Eukeur mah beunghar, loba pakéan anu aralus, turug-turug resep ngaginding deuih.
  • Jati kasilih ku junti. Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing, upamana : dina perkara nyiar kipayah.
  • Jauh tanah ka langit. Hartina : Pohara bédana, ngeunaan kakayaan atawa martabatna. Kahayang anu luhur teuing, pimohaleun kahontal.
  • Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran. Hartina : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah, moal aya kamajuanana, boh ngeunaan pangkatna, boh ngeunaan rejekina.
  • Karawu kapangku. Hartina : Teu matak kitu kieu, sabab panarimaan geus bisa nutup pangaluaran. Susah-payahna jeung pait-peuheurna geus kalakonan, di turunan mah muga-muga ngan kari ngeunahna baé.
  • Kawas cai dina daun taleus. Hartina : Ngaléak-léak baé béak, teu aya pisan ngarina. Ngeunaan rejeki.
  • Kawas hayam panyambungan. Hartina : Tacan nyaho di kalér-kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat.
  • Kawas ka budak rodék hulu. Hartina : Teu ngupama (ngajénan, ngahargaan) pisan.
  • Kawas nanggeuy endog beubeureumna. Hartina : Nyaah teu aya wates-wangenna. Balukarna : paur baé nu aya téh, bisi jelema anu dipikanyaahna téa papanggih jeung kasusahan.
  • Kawas nu mulangkeun panyiraman. Hartina : Sok nu lain-lain jeung hésé ngayakeunana anu dipikahayang ku jelema anu téréh ajal mah, kahayangna téh sabisa-bisa mah kudu dicumponan baé, sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina.
  • Kawas siraru jadi. Hartina : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
  • Kawas supa jadi. Hartina : Gancang pisan jadina jeung ngalobaanana. Upamana : ngeunaan koperasi dina jaman kiwari.
  • Langkung saur, bahe carék. Hartina : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.
  • Medal sila. Hartina : Ninggalkeun pasamoan tacan waktuna, lantaran ambek nyedek atawa meunang wiwirang anu gedé.
  • Naheun bubu pahareup-hareup. Hartina : Pahutang-hutang, si A boga hutang ka si B jeung si B ogé boga hutang ka si A.
  • Nanggung bugang. Hartina : Kapapaténan ku dulur sakoloteun atawa sangoraeun.
  • Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman. Hartina : Ngariung, rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  • Nété semplék, nincak semplak. Hartina : Ninggang dina salah jeung rugi baé, turug-turug kasusah nambahan deuih.
  • Ngaliarkeun taleus ateul. Hartina : Ngucah-ngacéhkeun perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka saréréa.
  • Ngarawu ku siku. Hartina : Loba teuing anu disanghareupan ku lantaran hayang meunang kauntungan anu gedé, temahna teu meunang kauntungan naon-naon, sabab ieu teu kacabak, itu teu kapigawé.
  • Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan. Hartina : Nu keur susah ditambah deui kasusah­anana.
  • Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang. Hartina : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulia.
  • Nu titeuleum disimbeuhan = Nu borok dirorojok. Hartina : Nu keur nandangan lara jeung susah, heug ditambahan kanyenyerianana deuih.
  • Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah. Hartina : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka nu geus beunghar.
  • Nyair hurang meunang kancra. Hartina : Sugan teh arék meunang kauntungan; kamuliaan atawa bagja anu leutik, manahoréng meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu gedé.
  • Nyaliksik ka buuk leutik. Hartina : Nyusahkeun, peperedihan atawa pépéntaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  • Nyalindung di caangna. Hartina : Ngahaja meres rahayat supaya meunang kauntungan anu leuwih gedé ku jalan ngajual ngaran pamaréntah, pangagung atawa dunungan.
  • Nyalindung ka gelung. Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana. Nu dipalar milu hirup senang, teu karana hésé jeung capé.
  • Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang. Hartina : Sumerah, masrahkeun diri, rék dibeureum rek dihideung kari kumaha di dinya baé, tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
  • Nyeungeut damar di suhunan. Hartina : Ku lantaran pupujieun, ari ka deu­ngeun mah daréhdéh jeung méré mawéh, tapi ari ka baraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung korét deuih.
  • Nyeungseurikeun upih ragrag. Hartina : Akey-akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus bodas, huntu geus ompong, tonggong geus bengkung, turtaning ieu téh kahareup mah ku urang saréréa bakal kasorang.
  • Nyiar batuk piaraheun. Hartina : Nyiar pigujrudeun, pipaséaeun.
  • Nyiuk cai ku ayakan. Hartina : Pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon.
  • Nyuhun, nanggung, ngélék, ngégél. Hartina : Rébo pisan, loba naker babawaanana.
  • Pada rubak sisi samping. Hartina : Sarua bae pada loba- luangna, pada loba pangalamanana.
  • Pagirang-grang tampian. Hartina : Paunggul-unggul dina néangan pangupa jiwa.
  • Pakokolot supa. Hartina : Patungturun umur, bédana ogé teu sakumaha.
  • Pindah cai, pindah tampian. Hartina : Robah tempat matuh, robah adat jeung kabiasaan.
  • Piruruhan dikatengah-imahkeun. Hartina : Nu dusun kurang didikan, dibawa kana médan (pasamoan).
  • Raweuy beuweungeun, rambay alaeun. Hartina : Loba dahareun, da loba pepelakan.
  • Rejeki maungeun. Hartina : Rejeki anu gede anu datangna bleg sakalian, ngan hanjakalna rejeki anu bleg-blegan kitu mah langka pisan kapanggihna.
  • Reuntas ku tingkah. Hartina : Turun harkat ku lantaran goréng laku­lampah.
  • Riung mungpulung. Hartina : Duduluran karumpul kabéh.
  • Rujak sentul. Hartina : Jelema nu teu ngartieun kana maksud omongan atawa carita batur.
  • Rusuh luput = Gancang pincang. Hartina : Migawé naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung, sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  • Sabata sarimbagan. Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
  • Sagara tanpa tepi. Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.
  • Samagaha pikir. Hartina : Bingung, poékeun haté, susah pikir.
  • Sangsara di geusan betah. Hartina : Teuing ku miskin, teu boga naon-naon pisan ku lantaran geus embung digawé nyiar kipayah. Anéhna téh, ari hirup mah hayang kénéh.
  • Sapi anut ka banténg. Hartina : Awéwé nuturkeun ka salakina.
  • Sareundeuk saigel = Sabobot sapihanéan = Sabata sarimbagan. Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
  • Sari gunung. Hartina : Ngeunaan ka jelema anu ti kajauhan mah katémbongna teh kasép atawa geulis, tapi ari geus deukeut bréh baé yén rupana teh goréng patut.
  • Satru kabuyutan. Hartina : Musuh nu geus lila pisan.
  • Sawan geureuh. Hartina : Teu tulus rék kawinna, boro geus loba nu nyarahoeun jeung nyaritakeun.
  • Sawan goléah. Hartina : Mondok teu milih heula tempat anu pantes; abong-abong geus tunduh, di mana baé dugna. Di dinya tunduh, di dinya goléah.
  • Sawan kuya. Ari naékna mah bisa jeung gampang, ngan turun­na teu bisa jeung hésé deuih. Gampang ari meunangna pagawéan mah, ngan hésé béléké pikeun kaluarna.
  • Sereg di buana, logor di liang jarum. Hartina : Ku lantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu ramé, sabab sieun; karesepna teh di nu suni, nu euweuh jelema.
  • Seukeut tambang manan gobang. Hartina : Sakumaha gagahna, wanina jeung ngalawanna ogé, jalma jahat mah awal-ahir tangtu katangkepna ku pulisi.
  • Seuneu hurung, cai caah. Hartina : Keur amarah, keur ambek, keur napsu.
  • Seuseut batan neureuy keueus. Hartina : Hésé pisan.
  • Sieun bahé tuluy tamplok. Hartina : Sieun rugi saeutik, jadina rugi gedé pisan.
  • Sieuran. Hartina : Sapaliwat mah siga goréng rupana, tapi lamun diawas-awas bet tegep tur manis.
  • Sireum ateulan. Hartina : Teu rata gedéna, atawa teu rata leutikna; gedé sawaréh.
  • Sireum ogé katincak-tincak teuing mah tangtu ngégél. Hartina : Nu leutik, tur hina ogé, ari dikaya-kaya teuing mah tangtu ngalawan ngabéla diri.
  • Sirung ngaliwatan tunggul. Hartina : Darajat atawa milik anak, ngaluhuran bapa. Anak ninggalkeun paéh ka indung atawa ka bapana.
  • Situ kaliung ku taman. Hartina : Anu heubeul, éta nu kawentar atawa kamashur. Anu anyar mah henteu. Upamana : Ngeunaan imah jst.
  • Sosoroh ngadon kojor. Hartina : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan, tapi boro-boro meunang kauntungan, kalah ka meunang wiwirang jeung karugian.
  • Suku dljieun hulu, hulu dijieun suku. Hartina : Digawé nyiar kipayah, kalawan méakkeun tanaga jeung pikiran.
  • Tai ka hulu-hulu. Hartina : Teuing ku bodo.
  • Taman kaliung ku situ. Hartina : Nu anyar anu kawentar, lain nu heubeul. Ngeunaan barang, upamana : imah.
  • Tamiang meulit ka bitis. Hartina : Meunang wirang ku lantaran ngucah-ngacéhkeun rasiah batur.
  • Tamplok batokeun. Hartina : Béréhan teuing, nepi ka urang mah susah.
  • Tanggung rénténg. Hartina : Nginjeum duit ka Bank Ra'yat babarengan, nu jadi borehna lain imah, atawa tanah, tapi anu ngarinjeum téa silih borehan.
  • Taya dunya kinasihan. Hartina : Ka saha baé ogé anu dipikaasih ku urang mah, euweuh hiji barang anu dikorétkeun.
  • Taya halodo panyadapan. Hartina : Taya eureunna digelendeng atawa dicarékan.
  • Témbong tambagana. Hartina : Katémbong kagorénganana.
  • Teu boga pikir rangkepan. Hartina : Teu curiga saeutik-eutik acan.
  • Teu dipiceun sasieur. Hartina : Sarua pisan teu aya bédana saeutik-eutik acan.
  • Tisusut-tidungdung. Hartina : Kumawula ka dunungan atawa ka anak-pamajikan kalawan popohoan teuing, nepi ka nyanghareupan rupa-rupa kasusah.
  • Titip diri, sangsang badan. Hartina : Mihapékeun diri.
  • Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan. Hartina : Junun nyanghareupan pagawéan anu nuju dilampahkeun, teu kaganggu ku naon-naon.
  • Uncal tara ridu ku tanduk. Hartina : Jelema mah tara pusing atawa kaganggu ku élmuna anu loba.

Selasa, 10 Juni 2014

Paribasa Sunda | 6

  • Adéan ku kuda beureum. Hartina : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur.
  • Adigung-adiguna. Hartina : Gedé hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganana.
  • Adam lali tapel. Hartina : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  • Adat kakurung ku iga. Hartina : Adat téh hésé digantina.
  • Ajak Jawa. Hartina : Ngajak anu henteu saenyana, henteu terus jeung haté, ngan ukur papaés baé, supaya ngeunaheun batur.
  • Akal koja. Hartina : Pinter dina kagoréngan atawa kajahatan.
  • Aki-aki tujuh mulud. Hartina : Lalaki nu geus kolot pisan.
  • Aku panggung. Hartina : Daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.
  • Aku-aku angga. Hartina: Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
  • Alak paul. Hartina : Tempat anu lain di kieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  • Alak-alak cumampaka. Hartina : Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. ; Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia jst.
  • Alus panggung (Alus laur) = Alus laur, hadé omé. Hartina : Tegep dedeg pangadegna.
  • Ambek nyedek, tanaga midek. Hartina : Ari napsu pohara gedéna, ngan jakal teu kaanteur ku tanaga, ma'lum geus ropoh.
  • Ambekna sakulit bawang. Hartina : Gampang pisan ambek.
  • Anak emas. Hartina : Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung-bapana baé; bisa ogé ku dununganana.
  • Anak mérak kukuncungan. Hartina : Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadéna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
  • Anak puputon. Hartina : Anak nu kacida didama-damana; nu pohara dipikanyaahna.
  • Anjing ngagogogan kalong. Hartina : Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun.
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. Hartina : Ari umur geus luhur, tapi haté ngongoraeun kénéh.
  • Asa ditonjok congcot. Hartina : Meunang kabungah anu gedé, anu saenyana teu diarep-arep.
  • Asa nanggeuy endog beubeureumna. Hartina : Kacida nyaahna.
  • Asa potong leungeun katuhu. Hartina : Leungiteun jelema anu pohara hadé gawéna.
  • Asa tungkeb bumi alam. Hartina : Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju poék mongkléng pipikiranana.
  • Ati mungkir, beungeut nyanghareup. Hartina : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu. Siga nyaah, tapi henteu jeung saterusna.
  • Ati putih, badan bodas. Hartina : Bérésih haté, teu aya geuneuk-maleukmeuk.
  • Aub payung, sabet sapon, sabasoba. Hartina : Wewengkon, ngeunaan tanah.
  • Awak sabeulah. Hartina : Teu rimbitan, mun ninggang di awéwé teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan.
  • Awak sampayaneun. Hartina : Maké pakéan nu kumaha baé ogé, katénjona pantes atawa lucu baé.
  • Aya astana sajeungkal. Hartina : Anu mustahil ogé bisa kajadian. Upamana budak leutik kénéh geus maot, sabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot téh jst.
  • Aya bagja teu daulat. Hartina : Arék meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus.
  • Aya jalan komo meuntas. Hartina : Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana.
  • Aya peurah. Hartina : Aya komara, aya harga, aya pangaji.
  • Ayakan tara meunang kancra. Hartina : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana.
  • Babalik pikir. Hartina : Tadina goréng ayeuna mah jadi hadé. Tadina ngedul, ayeuna mah jadi getol jst.
  • Balég tampelé. Hartina : Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana, gedé kénéh kaéra.
  • Bali geusan ngajadi. Hartina : Tempat dilahirkeun.
  • Balik ngaran. Hartina : Ngadon maot di lembur batur. Nu balik téh lain jelemana, tapi ngaranna wungkul.
  • Balung kulit, kotok meuting. Hartina : Teu eureun-eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari.
  • Balungbang timur, caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan. Hartina : Béak karep ku rido. Bérésih haté.
  • Bancang pakéwuh. Hartina: Kasusah atawa karerepet. Sasarina mah ngeunaan kasusah atawa karerepet anu galedé baé.
  • Banda tatalang raga. Hartina : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upamana, euweuh halanganana urang ngajual barang nu aya pikeun ngabdla diri, meuli ubar sangkan waras.
  • Banteng ngamuk, gajah méta. Hartina: Naon baé atawa saha baé anu dipikasieun ku urang.
  • Batok bulu eusi madu. Hartina: Nyolong bade, teu cocog jeung taksiran. Siga miskin, tapi beunghar. Siga bodo, tapi pinter jst. Ari nilik kana rupana mah goréng éta jelema téh, ngan haténa jeung uteukna mah hadé.
  • Batu turun, keusik naék. Hartina : Loba turunan ménak anu teu jareneng, tapi sabalikna loba turunan somah anu jareneng.
  • Belang bayah = Gindi pikir belang bayah Hartina : Boga pikiran goréng ka pada kawula.
  • Béngkok tikoro. Hartina : Ku lantaran aya halangan, rejeki anu geus nyantong ogé, euweuh deui.
  • Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok. Hartina : Babarengan hina, cilaka atawa rugi.
  • Beurat birit. Hartina : Hésé jeung sungkan dititah.
  • Beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeun inya. Hartina: Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan. Anging Gusti anu tingali.
  • Beureum paneureuy = Seuseut batan neureuy Hartina : Hésé pisan (seuseut-seuat) ngahasilkeun maksud.
  • Beuteung anjingeun. Hartina : Ngeunaan ka jelema anu beuteungna cara beuteung anjing. .
  • Biwir nyiru rombéngeun. Hartina : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
  • Biwir sambung lémék, suku sambung lengkah. Hartina : Henteu milu-milu kana tanggung­jawabna mah; ieu mah ngan saukur mangnepikeun; dumeh jadi utusan, ngemban timbalan nu lian.
  • Bobo sapanon, carang sapakan. Hartina : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
  • Cara badak Cihéa. Hartina : Leumpangna nyuruntul baé. ; Lamun papanggih di jalan, tara nanya-nanya acan.
  • Dibéjér-béaskeun. Hartina : Ditérangkeun kalawan eces pisan­
  • Dipiamis buah gintung. Hartina : Disangka hadé jeung bageur, tapi buktina goréng, jeung jahat.
  • Gurat batu. Hartina: Pageuh jangji, tara ngarobah naon baé anu geus dipasinikeun.
  • Hampang birit. Hartina : Gampang jeung daékan dititah.
  • Henteu asa jeung jiga. Hartina : Teu asa-asa. Teu asa ka deungeun-deungeun, tapi asa ka dulur baé, ku lantaran geus lila babarenganana.
  • Hirup ngabangbara Hartina: Ari tempat pikeun matuh mah leutik tur teu tumaninah, tapi lamun kaluar ti imah ginding, teu éléh ku batur.
  • Jauh ka bedug. Hartina : Dusun, bodo, euweuh kanyaho.
  • Ka bala, ka balé. Hartina : Bisa nyaluyukeun diri di tempat mana baé, atawa jeung jelema nu kumaha baé.
  • Kacanir bangban Hartina: Meunang wiwirang = Kawiwirangan
  • Kahieuman bangkong Hartina : Ku lantaran mangnyimpenkeun barang batur, nepi ka jiga nu beunghar.
  • Kandel kulit beungeut. Hartina : Euweuh kaéra.
  • Kawas bangkong katuruban batok. Hartina: Bodo katotoloyoh, euweuh pisan kanyaho.
  • Keur nuju béntang surem. Hartina : Keur sué, atawa tiis badan; lamun guna-tani ku hama jeung lamun dagang terus-terusan rugi baé.
  • Kurung batok­ Hartina : Teu resep nyanyabaan, ni'mat cicing di imah baé.
  • Lain ka tulang munding kabeureuyan mah, ku cacuk peda. Hartina : Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu kasalahan anu gedé baé.
  • Meubeut meulit. Hartina : Mamawa.
  • Mindingan beungeut ku saweuy. Hartina : Ari haté goréng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan haté anu goréng tea, maksudna: supaya ulah kaciri.
  • Mun teu ngakal, moal ngakeul. Hartina : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  • Ngabuntut bangkong Hartina : Ku lantaran teu nyaho bener kana perkarana atuh teu bisa terus nyaritakeunana. Teu sanggup migawé hiji pagawéan nepi ka anggeusna
  • Ngacak ngebur. Hartina : Rek maké naon baé ogé bisa, da geus aya jeung geus sadia.
  • Ngadaweung ngabangbang areuy. Hartina : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
  • Ngadu angklung di pasar. Hartina : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa'atna di hareupeun jalma loba.
  • Ngadu-ngadu rajawisuna. Hartina : Mawakeun omongan si A ka si B, ogé carita si B dipupulihkeun ka si A. Temahna si A jeung si B téh paraséa, paréa-réa beunang jeung paréa-réa omong.
  • Ngagulkeun payung butut. Hartina : Ngagulkeun luluhur sorangan.
  • Ngajul bulan ku asiwung = Mesék kalapa ku jara. Hartina : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.
  • Ngaliarkeun taleus ateul. Hartina : Ngabéja-béjakeun kagoréngan atawa kajahatan anu lian.
  • Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam. Hartina : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang dipuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya.
  • Ngijing sila, béngkok sembah. Hartina : Goréng haté, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan
  • Ngusap birit, bari indit. Hartina : Ku lantaran ambek nyedek atawa éra parada, .eos baé indit, teu amit heula ka nu araya di dinya.
  • Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha. Hartina : Nu hadé jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa kalakuan anu goréng.
  • Nulungan anjing kadempét. Hartina : Nulungan jalma nu teu boga pisan rasa tumarima.
  • Paanteur-anteur julang. Hartina : Silih anteur maké aya dua tilu kalina.
  • Sakaru-kuru lembu, saregéng-regéng banténg. Hartina : Samiskin-miskinna ogé pangagung mah tangtu baé moal miskin cara somah nu teu boga.
  • Sentak badakeun. Hartina : Teu ceehan dina digawé. Dina mimiti mah pohara getolna, tapi beuki lila, beuki ngedul, tungtungna pagawéan téh diantep teu dipigawé pisan.
  • Seukeut ambeu, seukeut panon. Hartina : Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara, nepi ka perkara nu kumaha baé ogé bisa kabongkar. Ieu téh ngeunaan ka pulisi.
  • Tamplok aseupan. Hartina : Nurun sagemblengna ka anak, boh dedeg pangadegna, boh tingkah polahna.
  • Tamplok batokeun Hartina : Teu bisa nyésakeun rejeki; sabaraha sabaraha ogé béak-béak baé.
  • Teu diambeuan. Hartina : Teu dipikasérab, teu dipikasieun.
  • Teu mais teu meuleum. Hartina : Teu aya patalina pisan.
  • Teu nyaho di alip bingkeng. Hartina : Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
  • Teu puguh alang-ujurna. Hartina : Teu puguh éntép-seureuhna. Teu bérés. Lain kitu kuduna.
  • Tikoro andon peso. Hartina : Ngadeukeutan jalma anu bakal ngahukum atawa nganyényeri ka diri urang.
  • Totopong heureut dibébér-bébér, tangtu soéh. Hartina: Nyukupkeun ku pangala nu sakitu saeutikna. Tangtu baé matak jadi kasusahan, Iamun rejeki atawa pangala ngan saeutik, ari kaperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
  • Ulah beunghar méméh boga. Hartina : Ulah adigung nyéta-nyéta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
  • Ulah kabawa ku sakaba-kaba. Hartina : Ulah kabawa ku nu teu paruguh, maksudna : kabawa ku jurig, dedemit jst.

Paribasa Sunda | 5

  1. Asa dijual payu Hartina : Nunggelis euweuh batur, karana ditinggalkeun.
  2. Asa ditumbu umur. Hartina : Boga rasa kahutangan budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waktu nandangan lara atawa meunang karerepet anu gedé.
  3. Aya jalan komo meuntas. Hartina : Aya pitantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  4. Bisa mihapékeun maneh. Hartina : Hade tingkah-polahna jeung budi-basana, nepi ka batur teh nyaaheun jeung resepeun.
  5. Biwir nyiru rombengeun. Hartina : Resep ngucah-ngacehkeun rasiah wa kaaéban, boh nu sorangan, boh nu batur.
  6. Cacag-nangkaeun. Hartina : Henteu bérés, henteu rata.
  7. Cara merak. Hartina : Beuki pisan kana lada.
  8. Cécéndét mandé kiara. Hartina : Nu leutik nyaruaan nu gedé. Nu miskin nyaruaan nu beunghar. Nu lembék nyaruaan anu kuat.
  9. Daluang katinggang mangsi. Hartina : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  10. Dihin pinasti, anyar pinanggih. Hartina : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
  11. Dikerid peuti. Hartina : Euweuh nu tinggaleun, kolot-budak. awéwé-lalaki dibawa kabéh.
  12. Gindi pikir, belang bayah. Hartina : Boga pikiran goréng ka papada kawula.
  13. Hade ku omong, goréng ku omong. Hartina : Omongan nu hadé balukarna hadé, jeung omongan anu goréng, goréng deui balukarna.
  14. Hapa-hapa gé ranggeuyan. Hartina : Enya ari miskin téa mah, ngan lumayan, da ari salaki mah boga.
  15. Ieu aing uyah kidul. Hartina : Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
  16. Kawas leungeun anu palid. Hartina : Ngopépang leungeunna teu daék ci­cing: sakur jalma nu deukeut dirampa atawa di. cekel.
  17. Lieuk euweuh ragap taya. Hartina : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon-naon.
  18. Luncat mulang. Hartina : Teu beunang dicekel omonganana, sabab sok robah.
  19. Malingping pakél ku munding = Ngajul bulan ku asiwung. Hartina : Ngajalankeun (Mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  20. Manuk hiber ku jangjangna. Hartina : Jalma hirup ku akalna. Ku lantaran boga akal, bisa nyiar kipayah.
  21. Mapay ka puhu leungeun. Hartina : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon-naon jeung euweuh patalina saeutik-eutik acan.
  22. Marebutkeun paisan kosong. Hartina : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  23. Maung ompong, karéta kosong, bedil kosong. Hartina : Matak pikasérabeun, pikasieuneun, atawa pireuwaseun.
  24. Maut nyéré ka congona. Hartina : Keur ngora senang, tapi ari kakolotnakeun susah.
  25. Méméh emal, emél heula. Hartina : Memeh urang mahugi naon-naon ka pipamajikaneun, kudu neundeun omong heula; kudu menta jeung ditarima panglamarna heula.
  26. Meungpeun carang ku ayakan. Hartina :. Nyaho yen batur téh salah atawa mi­gawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu, kalah ka api-api teu nyaho.
  27. Meungpeung teugeu harianeun. Hartina : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa butuh.
  28. Miceun batok meunang coét. Hartina : Miceun nu goréng ku lantaran hayang meunang nu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.
  29. Miceun beungeut. Hlartina : Ngabalieur, embung padeuleu-deuleu awahing ku ngéwa atawa éra.
  30. Mihapé hayam ka heulang. Hartina : Mihapekeun duit atawa barang ka je­lema anu puguh keur pohara butuhna ku duit atawa ku barang. Balukarna : duit atawa barang urang téa digasab.
  31. Mipit teu amit, ngala teu ménta. Hartina : Maling boga batur.
  32. Moal ceurik menta eusi. Hartina : Keun bae mawa wadah anu gedé ogé, da lain hayang loba dibéréna.
  33. Monyet kapalingan jagong. Hartina : Lalawora dina ngajaga naon baé, anu saenyana mah kudu diraksa hadé-hadé ku urang.
  34. Monyét kapalingan jagong. Hartina : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah-ngarinah karoroncodan.
  35. Mopo méméh nanggung. Hartina : Horéam, teu sanggup méméh prak.
  36. Mun teu ngoprék, moal nyapék. Mun teu ngakal, moal ngakeul. Mun teu ngarah, moal ngarih. Hartina : Lamun teu digawé, nyiar kipayah, tangtu pisusaheun pikeun hirup, kumaha petana bisa dahar, make jst.
  37. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan. Hartina : Sabadana ngumbara mangtaun-taun di lembur batur, ayeuna balik ka lemah-caina.
  38. Mupugkeun tai kanjut. Hartina : Ngetrukkeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  39. Nepak cai, malar cérét. Hartina : Ngihtiaran supaya rasiah nu aya di batur, dicaritakeun ka urang.
  40. Neukteuk curuk dina pingping. Hartina : Ngadakwakeun nu lian, tapi anu ngadakwakeunana milu susah sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
  41. Ngadagoan uncal mapal. Hartina : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki, tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun atawa ngahasilkeun rejeki anu didago-dago téa.
  42. Ngarancabang pikir. Hartina : Loba teuing kahayang; henteu nyanghareupan kahayang sarupa baé.
  43. Ngarangkaskeun dungus. Hartina : Ari hayangna jeung bogohna mah geus ti baréto, ti keur ngora kénéh, ngan boh lalaki boh awéwé, kaselang heula ku kawin ka nu séjén. Kakolotnakeun kakara diparengkeun ngajodo.
  44. Ngarangkay koja. Hartina : Robah adat, tina hadé kana goréng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.
  45. Ngobah-ngobah macan turu, ngusik-ngusik ula mandi. Hartina : Ngaganggu atawa nyusahkeun ka gegedén; temahna matak cilaka atawa susah ka diri sorangan.
  46. Nincak parahu dua. Hartina : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  47. Nini-nini dikeningan = Éwé randa dihiasan. Hartina : Ngamahalkeun barang naon baé anu geus ruksak, nu ngan kari sabroeun baé.
  48. Nista, maja, utama. Hartina : Ngeunaan naon baé ogé, boh kahadéan, boh kagoréngan, kakara disebut utama, lamun geus tilu kali ngalampahkeunana. Sasarina Nista, maja, utama teh dilisankeun ka jelema anu geus tilu kali ngajalankeun kajahatan, kalawan ngandung maksud : Entong dihampura, sabab geus cukup kagorénganana.
  49. Nunggul pinang. Hartina Nunggelis (nyorangan): geus teu indung teu bapa, teu baraya-baraya acan. Sasarina ngeunaan ka budak atawa ka jelema anu ngora keneh, tara ngeunaan aki-aki atawa nini-nini.
  50. Nya picung nya hulu maung. Hartina : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos; pananya jeung jawab téh pasalia, henteu nyambung.
  51. Nyeri beuheung sosonggéteun. Hartina : Pohara ngarep-ngarepna, tapi anu diarep-arepna henteu jol baé datang.
  52. Nyieun pucuk ti girang. Hartina : Néangan pilantaraneun paséa, parebut bener.
  53. Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait. Hartina : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  54. Omong harus batan goong. Hartina : Béja téh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah béja anu nerekab téh leuwih hébat ti batan goong.
  55. Owah gingsir. Hartina : Henteu tetep, henteu ajeg, ganti, ngeunaan pikiran jelema.
  56. Pacikrak ngalawan merak = Bonténg ngalawan kadu. Hartina : Tangtu éléhna, sabab nu leutik ngalawan nu gedé. Tangtu éléhna, sabab nu lembék ngalawan nu kuat.
  57. Pait daging, pahang tulang. Hartina : Carang gering.
  58. Palid ku cileuncang. Hartina : Ngeunaan ka nu ngadu, sanajan mo­dalna gedé, ari nuju apes mah éléh ku nu modalna saeutik.
  59. Panday tara bogaeun bedog. Hartina : Sasarina ari tukangna mah sok tara bogaeun.
  60. Papadon los ka kolong. Hartina : Cidra tina jangji, teu nedunan jangjina.
  61. Papais-pais paray. Hartina : Ngaredeng bareng satempat, tur bérés deuih.
  62. Pelengkung beukas nyalahan. Hartina : Ari keur ngora keneh bageur, tapi ka kolotnakeun teu bageur.
  63. Peunggas rancatan. Hartina : Teu bisa terus dagangna, sabab modalna geus béak.
  64. Peupeureum asu. Hartina : Tacan mondok tibra, keur leleyepan kénéh. Sakur nu ngomong, boh di imah boh di luar, kadéngé kénéh.
  65. Peureum kadeuleu, beunta karasa. Hartina : Inget baé, teu bisa poho. Ieu téh lain ngeunaan kana barang, tapi ka jelema.
  66. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir. Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang.
  67. Pindah pileumpangan. Hartina : Ganti adat, robah kalakuan, tina hadé kana goreng. Anu tadina daréhdéh, soméah tur handap asor jadi haseum budi tur adigung gedé hulu.
  68. Pinter aling-aling bodo. Hartina : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur yén pinter: ku sabab éta nyeta-nyeta anu bodo.
  69. Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak. Hartina : Milih kalawan taliti naker, ku lantaran hayang meunang nu pangalusna pisan, tapi temahna meunang nu panggoréngna.
  70. Piritan milu endogan. Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
  71. Potol jarum. Hartina : Ngeunaan awéwé nu taya pakayana pisan.
  72. Potol téko. Hartina : Ngeunaan lalaki nu taya pakayana pisan.
  73. Puasa manggih lebaran. Hartina : Anti saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga anu mangpang-meungpeung.
  74. Pucuk awian. Hartina : Henteu puguh tangtunganana, gampang pisan kapangaruhan ku nu séjén.
  75. Pupulur méméh mantun. Hartina : Ménta ganjaran méméh aya jasa. Ménta buruhan méméh digawé.
  76. Pur manuk. Hartina : Ari upah duit mah meunang, ngan henteu meunang dahareun atawa ududeun cara sasari.
  77. Puraga tamba kadengda. Hartina : Migawé hiji pagawéan henteu jeung enya-enya. Henteu ngandung maksud supaya hadé hasilna, ieu mah padu ulah dipaido baé.
  78. Rambat kamalé. Hartina : Dina ayana perkara, maké ngarawél ka si itu, mamawa ka si ieu, tapi temahna mah urang sorangan anu salah jeung anu disalahkeunana.
  79. Riung-mungpulung. Hartina : Ngumpul saduduluran.
  80. Rup ku padung, rap ku lemah, katuruban taneuh beureum. Hartina : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
  81. Sabobot sapihanéan. Hartina : Sauyunan, sapapait, samamanis, sabagja, sacilaka.
  82. Sagalak-galaking macan, moal datang ka nyatu anak. Hartina : Sakumaha kejemna atawa tégana nu jadi bapa, moal datang ka nyilakakeun atawa ngabinasa ka nu jadi anak.
  83. Sagolék pangkék,sacangreud pageuh. Hartina : Henteu cidra kana jangji.
  84. Saluhur-luhur punduk, tara ngaliwatan hulu. Hartina : Sapinter-pinterna murid, pangartina moal leuwih ti guruna.
  85. Sapu nyéré pegat simpay.. Hartina Paturay papisah.
  86. Sarumbak panggangan. Hartina : Sanggeus réngsé dagangna jeung daganganana geus payu kabéh.
  87. Saumur nyunyuhun hulu. Hartina : Saumur hirup, rumingkang di bumi alam.
  88. Saungkab peundeuy. Hartina : Omongan anu pondok, tur kurang manis.
  89. Séngsérang padung. Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu loba kénéh napsuna cara baheula keur ngora. Sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu téréh paéh.
  90. Séngsérang panon. Hartina : Ngeunaan awéwé atawa lalaki anu mi­miti begér, resep nénjo ka kabogoh. Bogoh enyaan mah encan.
  91. Seuneu hurung dipancaran. Hartina : Nu keur napsu, heug ditambahan pisan ku pikakeuheuleun, tangtu baé ngambekna jadi tambah.
  92. Teu aya sarebuk samérang nyamu. Hartina : Teu aya saeutik-eutik acan.
  93. Teu mais, teu meuleum. Hartina : Teu pipilueun, teu aya patalina naon­naon.
  94. Teu nyaho di hitut bau. Hartina : Bodo kacida, teu nyaho di naon-naon.
  95. Ti batan meunang pala, anggur meunang palu. Hartina : Jeung meunang kangeunahan mah, kalah ka meunang kateungeunahan (rugi, wiwirang, atawa kanyeri).
  96. Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban. Hartina : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
  97. Tunggul diparud, catang dirumpak. Hartina : Euweuh nu dipikasérab, terus baé ngalajur napsu.
  98. Tuturut munding. Hartina : Nurutan batur baé, boh bener, boh salah.
  99. Ulah pangkat méméh jeneng. Hartina : Ulah adigung hayang nyaruaan ka nu geus jeneng, lamun urang henteu atawa tacan jeneng.
  100. Uyah tara téés ka luhur. Hartina : Galibna sipat indung-bapa anu haradé atawa garoréng, sok diturunkeun ka anak-incuna.

Minggu, 08 Juni 2014

Paribasa Sunda | 4

  1. Asak warah. Hartina : Cukup atikan (didikan). Cirina : Henteu dusun, basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.
  2. Atah warah. Hartina : Kurang atikan (didikan). Cirina : Dusun. Basa jeung paripolahna loba nu salah.
  3. Awak satilas. Hartina : Jangkung lenjang.
  4. Bentik curuk balas nunjuk. Hartina : Ngan maréntah baé ka batur, ari prak ku manéh mah henteu.
  5. Bilatung ninggang dagé. Hartina : Meunang kauntungan.
  6. Bilih aya tutus bengkung. Hartina : Bilih lepat pokpokanana.
  7. Caina hérang, laukna beunang. Hartina : Hasil maksud kalawan bérés, teu aya kaributan atawa pacéngkadan naon-naon.
  8. Cangkir emas eusi délan. Hartina : Omonganana mah alus, nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.
  9. Cara cai dina daun bolang. Hartina : Papatah anu henteu digugu, atuh teu aya mangpa'atna.
  10. Caréham hayameun. Hartina : Gampang pisan laparna.
  11. Ceuli léntaheun. Hartina : Resep ngadéngékeun kagoréngan atawa kaaéban batur.
  12. Cicing dina sihung maung. Hartina : Nganjrek di jelema anu bisa nyusah­keun atawa nyilakakeun ka diri urang.
  13. Cikal bugang. Hartina : Maot pangheulana dina pangperangan.
  14. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Hartina : Ku dileukeunan mah sakumaha héséna ogé, laun-laun jadi bisa.
  15. Clik putih, clak hérang. Hartina : Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, pasrah pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
  16. Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna. Hartina : Kumaha arék bageurna di nu jadi anak, lamun bapana henteu bageur jst.
  17. Cueut ka hareup. Hartina : Geus kolot, geus deukeut ka paéh.
  18. Ditangtang-diténgténg, dijieun bonténg sapasi. Hartina : Dipandang anéh (modél).
  19. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup. Hartina : Lenjang jeung geulis rupana.
  20. Ditiung geus hujan. Hartina : Kakara ati-ati, sanggeus meunang kasusahan atawa kacilakaan.
  21. Diwayangkeun. Hartina : Remen dicaritakeun kahadéanana atawa kagorénganana ka jalma loba.
  22. Gunung tanpa tutugan. Hartina : Euweuh anggeusna, teu béak-béak. Sasarina ngeunaan pagawéan atawa perkara.
  23. Gurat cai. Hartina : Jalir jangji.
  24. Héjo tihang. Hartina : Remen pindah tempat, imah atawa pagawéan.
  25. Jogjog neureuy buah loa. Hartina : Milampah anu moal pihasileun.
  26. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak. Hartina : Sauyunan, layeut pisan, kamana-mana ogé babarengan baé.
  27. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, ka koncara ka mancanagara. Hartina : Kawentar ka mana-mana.
  28. Kajeun pait tungtung amis, manan amis tungtung pait. Hartina : Ti batan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula, naon anu matak pisusah­eunana.
  29. Katempuhan buntut maung. Hartina : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
  30. Katumbukan catur, kadatangan carita. Hartina : Loba anu embung, sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan.
  31. Kawas cucurut kaibunan. Hartina : Ngeunaan ka jelema anu goréng patut rupana, matak sareukseuk panon anu nénjo.
  32. Kawas térong beulah dua. Hartina : Sarua baé rupana (sakarupa), naha adi jeung lanceuk atawa anak jeung indung-bapa.
  33. Kawas wayang pangsisina. Hartina : Goréng rupana. Ngeunaan ka jelema.
  34. Keur tulang-tonggong. Hartina : Kakayaan anu matak teteg atawa reugreug kana haté, karana sawaktu-waktu lamun aya kaperluan penting, bisa dipaké.
  35. Kumaha kejebur caina, geletuk batuna baé. Hartina : Kumaha béhna baé, henteu jadi pikiran.
  36. Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda. Hartina : Perkara leutik, tapi bisa jadi matak cilaka.
  37. Lungguh tutut. Hartina : Siga lungguh, tapi ari saenyana mah henteu.
  38. Matih tuman batan tumbal. Hartina : Leuwih gedé hasilna tina latihan ti batan tina tumbal atawa jampé.
  39. Nepak cai malar cérét. Hartina : Ngomongkeun jeung ngagogoréng ka batur, supaya batur téh ragrag ngaranna jeung kawentar kagorénganana. Nu dipalar, supaya ngan urang wungkul anu dipikaresep ku sobat jeung nu pangseubeuhna ngahakan pakayana.
  40. Népakeun jurig pateuh. Hartina : Puguh urang anu goréng, tapi kago­réngan urang téh ditamplokkeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  41. Nété sémplék, nincak semplak. Hartina : Kieu salah, kitu salah, taya hiji pausahaan anu ngahasilkeun, taya hiji kalakuan anu nguntungkeun.
  42. Nété tarajé, nincak hambalan. Hartina : Kudu merenah. Lamun aya uruskeuneun téh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus, beuki ditu, beuki ka nu leuwih luhur pangkatna.
  43. Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun, peung­gas harupateun. Hartina : Heuras haténa, teu sabar dina nyanghareupan rupa-rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  44. Neundeun haté. Hartina : Boga kahayang nu dirasiahkeun.
  45. Neundeun piheuleut, nunda picela. Hartina : Néangan pilantaraneun supaya jadi go­réng; supaya temahna papisah, teu ngahiji deui.
  46. Ngabéjaan bulu tuur. Hartina : Ngabéjaan ka nu geus nyahoeun.
  47. Ngadek sacékna, nilas saplasna. Hartina : Ngomongna henteu diréka-réka, satarabasna baé, euweuh anu dipaké sumput-salindung.
  48. Ngalebur tapak. Hartina : Boga ngaran anu goréng ku lantaran keur ngora goréng laku-lampahna. Pikeun ngalebur dosa jeung ngoméan ngaran nu geus goréng téa, ka kolotnakeun jadi bageur: hadé laku-lampahna.
  49. Ngalétak ciduh. Hartina : Narik atawa ngabatalkeun.
  50. Ngégél curuk. Hartina : Lapur teu meunang hasil naon-naon.
  51. Nilik bari ngeusi. Hartina : Babanda ngumpulkeun parabot imah, henteu disakalikeun, tapi ditungtut, saeutik-saeutik, lila-lila ogé loba.
  52. Noong ka kolong. Hartina : Leutik haté, leutik pangharepan.
  53. Nu temen tinemenan. Hartina : Nu enya-enya usahana pikeun ngahon­tal kahayangna, bisa tinekanan maksudna.
  54. Nu titeuleum disimbeuhan. Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri, beuki dinyenyeri, nu keur cilaka, beuki dicilakakeun.
  55. Nuju hurup ninggang wirahma. Hartina : Ngeunaan ka nu ngaji, laguna alus, ngecapkeunana bener jeung panjang pondokna merenah.
  56. Nulungan anjing tiselap. Hartina : Nulungan jelema anu teu aya panari­mana.
  57. Nurub cupu. Hartina : Repok anu alus pisan, lalakina kasép, awéwéna geulis, lalakina bageur, awéwéna satia jst.
  58. Nuturkeun indung suku. Hartina : Leumpang sakaparan-paran.
  59. Nyicikeun cai, murulukkeun lebu. Hartina : Turun cadu (Cacaduan). Pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  60. Nyiduh ka langit. Hartina : Mapatahan ka nu saluhureun umurna, pangkatna atawa kanyahona.
  61. Nyokor = Néngtérégé = Ningnang. Hartina : Make pakéan naon ogé teu pantes baé.
  62. Nyokot lésot, ngeumbing porot. Hartina : Taya usaha anu ngahasilkeun.
  63. Nyolok mata buncelik. Hartina : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa laku-lampah goréng di hareupeunana.
  64. Nyolong badé. Hartina : Sulaya tina taksiran. Disangka goréng, saenyana hadé atawa sabalikna. Disangka bodo, saenyana pinter atawa sabalikna jst.
  65. Nyoo gado. Hartina : Ngamaénkeun jelema anu kudu dihormat, boh sakoloteun, boh saluhureun.
  66. Nyuhunkeun bobot pangayon (timbang taraju). Hartina : Ménta pangampura jeung ménta tim­bangan, da puguh geus rumasa ari salah jeung dosa mah.
  67. Nyukcruk walungan, mapay-mapay wahangan. Hartina : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur; imeut pisan ti bapa ka aki jeung saterusna.
  68. Oray néangan paneunggeul. Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun, ku nyampeurkeun jelema anu keur ijid atawa ngambek ka urang.
  69. Rumbak caringin di buruan. Hartina : Dina aya kasusahan atawa karerepet, geus teu boga kolot saluhureun anu bisa mépélingan ka urang.
  70. Sahérang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisu­mur. Hartina : Sasarina lamun geus aya pacéngkadan, sok tara bisa hadé deui cara baréto saméméh aya pasalia pikir.
  71. Salah tincak. Hartina : Goréng kalakuanana, teu merenah paripolahna.
  72. Sawaja sabeusi. Hartina : Sarua ménakna atawa beungharna. Ngeunaan ka nu laki-rabi.
  73. Tatah wadung. Hartina : Banda meunang hésé capé, upamana imah turunan jst.
  74. Témbong gelor. Hartina : Jigana deukeut, tapi saenyana mah jauh.
  75. Teu cari ka Batawi, tapi ka salaki. Hartina : Hakan-paké hayang ti salaki.
  76. Teu ditari, teu ditakon. Hartina : Teu dipaliré, diantep baé. Teu ditanya-tanya acan.
  77. Teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah. Hartina : Nya goréng rupana, nya goréng kalakuanana, sok daék pulang-paling.
  78. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang. Hartina : Balukarna henteu wawuh atawa henteu loma, tangtu pajauh atawa paanggang, henteu raket, teu medok sosobatan, teu silih tulungan atawa silib béréan. Hadéna mah sabalikna, sing wawuh jeung sing loma, sabab balukarna hadé pisan : Jadi sobat anu medok pisan, nepi ka silih tulungan, silih belaan dina aya bancang-pakéwuh.
  79. Tiis ceuli hérang mata. Hartina : Ngeunah haté ku lantaran ngeunah deudeuleuan jeung dédéngéan.
  80. Tiis-tiis jahé. Hartina : Henteu ribut, senang-senang baé, sa­najan nyanghareupan pagawéan anu loba, tur bangga.
  81. Tikoro andon peso. Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun atawa pisusaheun, ku nyampeurkeun jelema nu keur ijid atawa ngambek ka urang.
  82. Tikoro kotokeun. Hartina : Lamun ngeunaan papakéan, hayang buru-buru dikaput jeung anggeus, supaya buru-buru bisa dipaké. Lamun ngeunaan kadaharan, hayang buru-buru asak, basana téh hayang ngasaan kumaha rasana. Gampang pisan laparna.
  83. Tilas tepus. Hartina : Ngan ukur cukup baé, teu aya leuwih­na, teu aya kurangna.
  84. Tipu keling, ragaji Inggris. Hartina : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo atawa nipu.
  85. Titirah ngadon kanceuh. Hartina : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusahan nu leuwih gedé.
  86. Tuang jinis. Hartina : Seuri mani akey-akeyan ku lulucon anu sorangan, tapi babaturan mah marolongo bae da teu ngalartieun.
  87. Tugur tundan, cuntang gantang. Hartina : Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara.
  88. Tumpang-sirang. Hartina : Tumarumpang, teu leleb cumonggahna. Teu pantes barang pakéna.
  89. Tunggul kuras. Hartina : Teuteundeunan (duit) anu kakara dipaké lamun pohara perluna.
  90. Tunggul sirungan, catang supaan. Hartina : Aya kajadian anu goréng atawa matak teu ngeunah di ahirna.
  91. Turun ka ranjang. Hartina : Mun ninggang di awéwé, kawin ka adi salakina anu geus maot. Mun ninggang di lalaki, kawin ka adi pamajikan­ana nu geus maot.
  92. Tutung atahan. Hartina : Mun ngeunaan pagawéan atawa jijieunan : hadé sawaréh. Mun ngeunaan pangarti : aya nu apal, aya nu henteu, atawa aya nu bisa, aya nu henteu.
  93. Tuturut munding. Hartina : Nurutan batur, kalawan teu dipikir heula hade goréngna.
  94. Uyah tara téés ka luhur. Hartina : Kalakuan atawa sipat-sipat anu garoréng, mindeng pisan nurun ka anak-incu.
  95. Waspada permana tingal. Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian.
  96. Wawuh munding. Hartina : Ngan ukur wawuh meueusan. Di jalan mah sok silih tanya, tapi teu nyaho di ngaranna atawa tempatna.
  97. Weruh sadurung winarah. Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian, saméméh aya anu, mapatahan atawa ngajar.
  98. Wiwirang di kolong catang, nya gedé, nya panjang. Hartina : Wiwirang anu pohara gedéna.
  99. Wong asih ora kurang pangalem, wong sengit ora kurang panyacad.Hartina : Nu keur nyaah, deudeuh, moal kurang pijalaneunana enggoning némbongkeun kanyaahna atawa kadeudeuhna, naha ku omongan atawa ku barang. Sabalikna; nu keur ambek atawa ngéwa, moal kurang pijalaneunana enggoning nembrakkeun kakeuheulna atawa kangéwana.
  100. Wong becik ketitik, wong ala ketara. Hartina : Kahadéan atawa kagoréngan urang teu bisa disumputkeun dibuni-buni, awal-ahir bakal nembrak katémbong. Ieu téh pépéling, supaya urang nunda laku-lampah anu salah.

Jumat, 06 Juni 2014

Paribasa Sunda | 3


Anak merak kukuncungan. Hartina : Turunan anu hadé laku-lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deui laku-lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna baé.

Cara (Kawas) kuda leupas ti gedogan. Hartina : Bingung ku kamerdékaan. Terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, lantaran euweuh anu ngageuing atawa nyengker.

Ceuli léntaheun. Hartina : Sok gagancangan nyaritakeun ka ba­tur, naon baé anu geus kadéngé, turtaning tacan karuhan éta béja téh bener henteuna.

Cileuncang mandé sagara = Cécéndét mandé kiara = Hunyur mandéan gunung. Hartina : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. Hartina : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Ganti pileumpangan. Hartina : Ganti adat; anu tadina hadé jadi goréng atawa nu tadina goréng jadi hadé j.s.t.

Halodo sataun, lantis ku hujan sapoé. Hartina : Kahadéan anu sakitu gedéna tur lilana, leungit sama sakali ku kagoréngan atawa kasalahan sakali.

Hampang leungeun. Hartina : Babari neunggeul.

Hérang caina, beunang laukna. Hartina : Maksudna bisa kahontal kalawan bé­rés teu aya hiji pihak anu dirugikeun atawa dinyenye­ri.

Heurin ku létah. Hartina : Teu kaduga ngabongkar hiji perkara, ku lantaran loba karisi-karémpan, paur jeung inggis ku balukarna.

Kaciwit kulit kabawa daging. Hartina : Kababawa, katurak-tarik kana hiji perkara. Keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

Kajeun kendor ngagémbol, tibatan gancang pincang. Hartina : Pagawéan urang téh kajeun teuing lila anggeusna, tapi hadé. Ieu téh leuwih utama ti batan gagancangan migawéna, tapi hasilna goréng.

Kandel kulit beungeut. Hartina : Taya kaérana, atawa Saeutik kaérana.

Kawas anjing kadempét lincar. Hartina : Méré parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek-ambekan sagala.

Kawas kedok bakal. Hartina : Rupana goréng kacida.

Kawas lauk asup kana bubu. Hartina : Gampang asupna kana hiji pagawéan, tapi pohara héséna dina hayang kaluar ninggalkeun éta pagawéan.

Kembang mata. Hartina : Nu dipikaasih, boh jalma, boh sato atawa barang.

Keur meujeuhna bilatung dulang. Hartina : Laleutik kénéh pisan, keur meujeuhna bareuki dahar.

Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita. Hartina : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

Keur tulang tonggong. Hartina : Keur sasadiaan di ahir, di mana papanggih jeung pangabutuh.

Kiceupna sabedug sakali. Hartina : Pohara lungguhna.

Kiruh ti girang, kiruh ka hilir. Hartina : Lamun anu di luhurna teu balageur jeung teu balener, nu di handapna oge tangtu milu teu balageur jeung teu balener.

Kokojona. Hartina : Pangpinterna.

Kokolot begog. Hartina : Nyanyahoanan.

Kokoro manggih mulud = Puasa manggih lebaran. Hartina : Anu saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga nu mangpang-meungpeung.

Kokoro nyenang. Hartina : Teu merenah, teu pantes da lain dina tempatna: ngeunaan barang atawa papakéan. Ngeunaan jelema miskin nu nembongkeun kabogana ku lantaran hayang dipuji.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam. Hartina : Teuing ku miskin.

Kolot sapeuting. Hartina : Geus meunang umur ari jelemana mah, ngan teuing ku bodo, euweuh kanyaho.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

Kudu bisa ngeureut miceun (ngeureut neundeun). Hartina : Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

Kudu boga pikir kadua leutik. Hartina : Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.

Kujang dua pangadékna. Hartina : Hiji pagawéan anu ngandung dua maksud.

Kulak canggeum. Hartina : Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti nu Maha Suci.

Kumaha bulé hideungna baé. Hartina : Kumaha engké baé buktina.

Kunang-kunang nerus bumi. Hartina : Ramana geus teu jeneng deui. Di putra awal-ahir aya anu jeneng cara ramana.

Kuru cileuh, kentel peujit. Hartina : Nuju tirakat, napaan awak atawa anak ku ngurangan saré jeung dahar.

Kurung batok. Hartina : Ngahékok baé di lembur, carang pisan nyanyabaan: balukarna saeutik pisan pangalamanana jeung kanyahona.

Labuh diuk, tiba neundeut. Hartina : Sarua salahna atawa sarua cilakana.

Lain lantung tambuh laku, lain léntang tanpa béja, lain leumpang maladra. Hartina : Indit ti imah kalawan ngandung mak­sud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh nu dijugjug, henteu nyata nu diseja.

Landung kandungan, laér aisan. Hartina : Gedé timbanganana, gedé pangampurana.

Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lan­taran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

Léngkah kapiceun. Hartina : Teu beubeunangan. Nyanyabaan ka ditu ka dieu anu teu ngahasilkeun naon-naon.

Lesang kuras. Hartina : Teu bisa nyésakeun rejeki: loba atawa saeutik ogé béak-béak baé, taya pisan sésana.

Leubeut buah, héjo daun. Hartina : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

Leuleus awak. Hartina : Babari jeung daékan dititah.

Leuleus jeujeur, liat tali. Hartina : Gedé hampurana. Ka nu gedé ka nu leutik dosana, ngama'lum baé.

Leunggeuh cau beuleum. Hartina : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawéan.

Leutik cahak, gedé cohok. Hartina : Pangasilanana ngan saeutik, tapi ari pangaluaranana mah gedé.

Leutik ringkang gedé bugang. Hartina : Jelema mah teu beunang disapirakeun, sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuanana mah, bisa jadi kasusah saréréa anu gedé.

Leutik-leutik ngagalatik. Hartina : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur dedeg, tapi lébér ku wawanén.

Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét. Hartina : Hadé goréngna pikiran jelema hésé dikira-kirana.

Lieuk euweuh, ragap taya. Hartina : Teuing ku miskin, nepi ka teu boga naon-naon.

Lodong kosong ngelentrung. Hartina : Ari carita mah beunang diandelkeun jeung diadukeun, ngan kanyaho euweuh.

Lodong kosong ngelentrung. Hartina : Kalah ka loba omong baé, ari pa­ngartina mah euweuh.

Luhur kuta, gedé dunya. Hartina : Gagah tur beunghar, taya kakurang.

Luhur tincak Hartina : Gedé hulu, cetaan, resep niru ka­lakuan jelema nu laluhur pangkatna atawa loba kakayaanana.

Luncat mulang. Hartina : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu, engké mah kitu.

Lungguh tutut. Hartina : Katénjona siga lungguh, tapi saenyana mah henteu.

Maliding sanak. Hartina : Henteu adil, pilih kasih.

Manan léwéh mending waléh. Hartina : Leuwih hadé wakca balaka, batan di ahir meunang kasusahan.

Mangpéngkeun kuya ka leuwi. Hartina : Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadina.

Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan. Hartina : Mulang ka lemburna, sabadana mang­taun-taun aya di panyabaan.

Nepi ka pakotrek iteuk. Hartina : Ngeunaan ka nu laki-rabi, ngajodo nepi ka kolot pisan.

Nété porot, ngeumbing lésot. Hartina : Cukup ari ihtiar mah kalawan mang­rupa-rupa akal-tarékah, tapi teu hasil baé.

Ngadagoan kuah beukah. Hartina : Ngadagoan pasésaan kadaharan. Ieu ngan wungkul ngeunaan tukang babantu di imah batur baé, anu saenyana mah ayana tukang babantu téh henteu perlu.

Ngalebur tapak. Hartina : Miceun jeung ninggalkeun kalakuan nu goréng sarta saterusna milampah anu hadé baé.

Ngaliarkeun taleus ateul. Hartina : Ngabéja-béjakeun kagoréngan atawa kajahatan anu lian.

Ngebutkeun totopong. Hartina : Ngabijilkeun sakabéh élmu nu aya di urang.

Ngembang boléd. Hartina : Tétéla.

Ngembang kadu. Hartina : Olohok.

Ngeupeul ngahuapan manéh. Hartina : Lungas-lengis pikawelas, mikaasih ka diri sorangan; nu dipalar supaya batur welaseun, asiheun jeung nulungan ka diri urang.

Ngeureut miceun. Hartina : Nyésakeun rejeki.

Ngodok liang jero. Hartina : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, ka ditu ka dieu luput baé.

Ngukur ka kujur, nimbang ka awak. Hartina : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, hakan, paké, j.s.t. disaluyukeun jeung pangala.

Ngukut kuda kuru, ari geus gedé sok nyépak. Hartina : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susah dahar susah maké, tapi ari geus mulia, awak lintuh jeung paké hadé, ngalawan ka nu jadi dunungan.

Nimu luang tina burang. Hartina : Nambahan luang atawa pangarti wak­tu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman..

Ninggang kekecrak. Hartina : Keur mah goréng rupana, goréng laku­lampahna deuih.

Nu édan dikendangan, nu burung diangklungan. Hartina : Ngahaminan carita tukang wadul.

Nutup lobang, gali lobang. Hartina : Teu aya eureunna boga hutang, sabab lamun geus lunas hutang nu heubeul, tuluy nyieun deui hutang anu anyar, kitu baé saterusna.

Paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Hartina : Silih bantuan, silih bélaan, silih tulungan.

Panjang leungeun. Hartina : Sok ceceremed, daék nyokot atawa maling barang batur.

Pariuk manggih kekeb. Hartina : Lalaki anu goréng rupana ngajodo jeung awéwé anu goréng patutna.

Parjang léngkah. Hartina : Lampar, jauh panyabaanana. Sabalikna tina kurung batok.

Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak. Hartina : Milih kalawan ati-ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hadé, ngan ahirna meunang nu leuwih goréng.

Pondok léngkah = Kurung batok. Hartina . Kurang pangalaman ku lantaran tara nyanyabaan jauh, carang pisan ninggalkeun lembur sorangan.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging. Hartina : Dina cidrana anu diborehan. boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.

Rumbak kuntieun. Hartina : Henteu lengkep, aya baé anu kurang nu matak cua kana haté.

Sakecap kadua gobang Hartina : Gampang ngambek jeung gampang ngadék deuih.

Sakiriciking duit, sakocopoking bogo. Hartina : Naon baé anu matak narik kana haté urang.

Salieuk béh. Hartina : Beunghar, sagala aya.

Satengah buah leunca. Hartina : Teu jejeg ingetanana, langlang-ling­ling, rada gélo.

Sibanyo laleur. Hartina : Ledis pisan, teu nyésa saeutik-eutik acan.

Teu beunang dikoét ku nu kékéd. Hartina : Teuing ku korét: tara pisan tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah.

Teu jauh laukna. Hartina : Ngeunaan ka jelema. Saha baé ogé tangtu aya pigawéeunana.

Teu nyaho di lauk. Hartina : Teu nyaho di kauntungan atawa piuntungeun.

Ti kikirik nepi ka jadi anjing. Hartina : Ti bubudak nepi ka kolot.

Ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal. Hartina : Ménta pangampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

Tiis leungeun. Hartina : Melak naon baé ogé sok jadi, tara paéh.

Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung. Hartina : Ulah ngurangan kanyaah, kudu beuki lila beuki nyaah.

Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung. Hartina : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan téh. Hadéna mah ti keur ngora kénéh nepi ka geus kolot téh, lain beuki lila beuki bosen, tapi beuki lila beuki welas asih.