Rabu, 19 Agustus 2015

Istilah Wanci (Waktu) dina Basa Sunda


poe ieu = ayeuna nu keur dilakonan
isukan = sapoe nu bakal datang
pageto amat = sabada pageto
kamari = poe nu geus liwat sapoe
mangkukna = poe nu geus kaliwat dua poe

ayeuna = waktu nu keur kalakon
bieu = waktu nu cikeneh kalakon
tadi = waktu geus rada lila kalakon
engke = waktu nu bakal kalakon

kiwari = jaman nu keur dilakonan ayeuna
bareto = jaman nu geus lila kaliwat
baheula = jaman nu geus kaliwat, beh ditueun bareto
bihari = jaman nu geus kaliwat lila pisan
jaga = jaman nu lila keneh bakal kasorang
isuk jaganing geto = jaman nu lila keneh pisan bakal kasorang

sakedet netra = sakiceup (gancang pisan)
saharita = harita keneh
sakilat = waktu nu sakeudeung pisan (diupamakeun kana lilana kilat ngaburinyay)
sajongjonan = sawatara sekon
saumur jagong = lilana saumur jagong, kira-kira 3,5 bulan
sabulan campleng = sabulan jejeg
sataun landung = sataun leuwih
sawindu = dalapan taun
saabad = saratus taun
sausum = sakali usum




1 komentar: