Sabtu, 23 Februari 2013

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MIMITI SOSOBATAN

DI hiji leuweung, hirup sabubuhan monyét. Di antara monyét anu sakitu lobana téh, aya hiji monyét ngora anu kacida bangorna. Salian ti bangor téh harak deuih. Dipapatahan mah dipatatahan, boh ku kolot-kolotna boh ku monyét mandahna, angger teu euih-euih. Bedegong béak karep. Anu matak manéhna taya nu ngabaturan. Sasatna mah dipencilkeun wé ku babaturanana téh. Lila-lila mah manéhna ogé teu betaheun aya di dinya téh. Atuda rék betah kumaha, hirup sosoranganan taya anu ngabaturan. Ulin sorangan, néangan hakaneun sorangan, nepi ka saré ogé kudu...

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA NANGKA

PEUTINGNA dua sobat anyar téh sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra. Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya. “Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!” “Aya naon Sakadang Monyét?” “Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.” “Di mana?” “Di...

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MELAK CAU

ANU pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyét geus datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. “Sakadang Kuya!” “Kuk!” “Keur naon?” “Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu. “Ari tadi peuting saré di mana Sakadang Monyét téh?” Sakadang Kuya malik nanya. “Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.” “Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?” “Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona karosong. Jigana mah keur arindit jauh.” “Kadé ah, sing ati-ati...

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA CAU

SAWATARA bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya téh geus baruahan, malah geus arasak. Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyét. Atuh Sakadang Monyét téh hariweusweus nyaritakeun tangkal cau téa ka Sakadang Kuya. “Ieuh, geuning tangkal cau téh geus buahan. Buahna ogé geus karonéng deuih,” ceuk Sakadang Monyét “Piraku Sakadang Monyét?” “Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!” “Heug, isukan mah urang ala.” “Keun uing anu ngalana mah, urang taékan. Sakadang Kuya mah cicing wé di handap,...

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MALING CABE

AYEUNA mah rada lila pundungna Sakadang Monyét téh. Aya kana tilu poéna. tapi ahirna, Sakadang Monyét datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Harita téh isuk-isuk kénéh pisan. “Sakadang Kuyaaa!” Sakadang Monyét gegeroan bari nangtung dina batu lémpar paranti moyan Sakadang Kuya. Sorana dialeu-aleu. “Kuk!” aya anu némbalan di handap. Sakadang Monyét luak-lieuk euweuh sasaha. “Sakadang Kuyaaa!” “Kuk!” aya anu némbalan deui. Sakadang Monyét culang-cileung, angger euweuh sasaha. Pok deui ngageroan. “Sakadang Kuyaaa!” “Kuk!” Barang...

SAKADANG KUYA REK DIKAWINKEUN KA ANAK PA TANI

NÉNJO di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang Monyét turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arék mupuas ka Sakadang Kuya. Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyét kacida kagétna. Ari sababna, Sakadang Kuya téh katémbong jiga anu bungah pisan. Malah maké jeung hahariringan sagala. Teu tulus arék mupuas téh. “Aya naon Sakadang Kuya, katémbongna téh bet bungah-bungah teuing?” Sakadang Monyét nanya. “Ih, atuda rék teu bungah kumaha....

SAKADANG KUYA REK DIKAWINKEUN KA ANAK PA TANI

NÉNJO di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang Monyét turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arék mupuas ka Sakadang Kuya. Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyét kacida kagétna. Ari sababna, Sakadang Kuya téh katémbong jiga anu bungah pisan. Malah maké jeung hahariringan sagala. Teu tulus arék mupuas téh. “Aya naon Sakadang Kuya, katémbongna téh bet bungah-bungah teuing?” Sakadang Monyét nanya. “Ih, atuda rék teu bungah kumaha....

SAKADANG MONYET NABEUH GOONG BATARA GURU

SAKADANG Monyét beuki ambek baé ka Sakadang Kuya. Sanggeus reureuh sakeudeung, terus baé indit. Maksudna rék néangan Sakadang Kuya. Ceuk pikirna, Sakadang Kuya téh geus kaleuleuwihi. “Teu bisa diantep, enya-enya kudu diwarah ayeuna mah! Rasakeun siah Kuya, ku aing disasaak!” Sakadang Monyét ngomong sorangan. Ditéangan ka ditu ka dieu, weléh teu kapanggih. Handapeun batu paranti nyumputna dirojokan ku awi, teu embol-embol. Na ka mana atuh Sakadang Kuya téh? Sakadang Monyét ampir putus asa. Terus leumpang ka jero leuweung. Sugan aya di leuweung...

SAKADANG KUYA SILIHDURUK JEUNG MAUNG

DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan. “Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya. Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik...

SAKADANG KUYA BOGA SULING TULANG MAUNG

SANGGEUS durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan. “Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.” Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa. “Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya. “Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun. “Cing,...

SULING SAKADANG KUYA DIBAWA KABUR KU SAKADANG MONYET

Sora suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. “Alah, aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét. Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg, sihoréng Sakadang Kuya anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut éta suling. Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. “Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!” Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan api-api teu nyaho wé. “Sakadang Kuya, meni alus suling téh....

SAKADANG KUYA MENTA TULUNG KA SAKADANG KEUYEUP

SAKADANG Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan. Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup. “Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya. “Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya. “Kasusah naon?” Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna...

Kamis, 07 Februari 2013

SASAKALA GUNUNG TANGKUBANPARAHU

Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih bikang. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa. Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka tegalan, deukeut Walungan Citarum. Barang anjog ka dinya, manggih batok balokan, nyaéta batok urut nu meulah duwegan. Loba pisan éta batok balokan téh, urut rombongan Kangjeng Prabu nu moro uncal ka dinya. Malah aya hiji batok balokan tilas Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan...

SASAKALA PAMANUKAN

Jaman baheula di daérah basisir kalér Pulo Jawa aya karajaan anu katelahna Karajaan Pilangsari. Kahirupan rayatna, henteu ari lubak-libuk mah, tapi cukup. Henteu kakurangan wé. Jeung deuih tara kadéngé aya baramaén anu ngider kawas kiwari di Karajaan Pilangsari mah. Nyirikeun rayatna getol digarawé, boh patanina boh pamayangna. Kabeneran tanahna léndo, jeung basisir kalér mah loba laukna deuih. Karajaan Pilangsari boga raja anu wijaksana jeung pinter ngolah nagara. Raja Pilangsari kagungan kembang nagara anu ngan hiji-hijina, keur nincak rumaja,...

SASAKALA SUMUR TUJUH

Di lamping Gunung Karang aya sumur anu anéh, réana tujuh, ku nu percayaan mah sok dipuja. Éta sumur do¬ngéngna kieu: Raja Pajajaran anu panutup, Sang Prabu Siliwangi kagungan hiji pingitan piselireun, putri geulis jenenga¬nana Lénggangkancana, nyaéta putra Pandita Puncakmanik di Gunung Pulosari. Ku lantaran anom kénéh, éta putri teu énggal-énggal ditikah ku Sang Raja, tapi teu meunang ka mana-mana geus sababaraha taun dipingit di kaputrén, malah ari saenyana mah geus sedeng rumaja putri, tapi unggal dipariksa ku Kangjeng Raja, ngan nyuhuu¬keun...