Sabtu, 23 Februari 2013

SAKADANG KUYA BOGA SULING TULANG MAUNG


SANGGEUS durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.

“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”

Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.

“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.

“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”

Tulang téh ditroktorak ku caladi.

“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya

Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.

“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.

Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan.

“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.

“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.

“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”

Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.

“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya.

Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.

“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.

“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.”

Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.

“Nuhun Jang.”

“Sami-sami, Ki.”

Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit.

Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.

from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

0 komentar:

Posting Komentar