SAKADANG Monyét beuki ambek baé ka Sakadang Kuya. Sanggeus
reureuh sakeudeung, terus baé indit. Maksudna rék néangan Sakadang Kuya. Ceuk
pikirna, Sakadang Kuya téh geus kaleuleuwihi. “Teu bisa diantep, enya-enya kudu
diwarah ayeuna mah! Rasakeun siah Kuya, ku aing disasaak!” Sakadang Monyét
ngomong sorangan.
Ditéangan ka ditu ka dieu, weléh teu kapanggih. Handapeun
batu paranti nyumputna dirojokan ku awi, teu embol-embol. Na ka mana atuh
Sakadang Kuya téh? Sakadang Monyét ampir putus asa. Terus leumpang ka jero
leuweung. Sugan aya di leuweung keur néangan hakaneun.
Enya baé, Sakadang Kuya keur diuk mendeko handapeun tangkal
nangka.
“Tah, kapanggih ayeuna mah mangkeluk anu julig téh,” ceuk
Sakadang Monyét. “Hayoh siah rék lumpat ka mana? Beunang ayeuna mah!”
“Ssst, ulah geruh! Na teu nyaho uing téh keur nungguan goong
Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna laun.
“Naon? Goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna
angger bedas.
“Ssst, ceuk uing gé ulah geruh! Daék anjeun kabendon ku
Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya deui.
“Mana goong Batara Guru téh?” ceuk Sakadang Monyét. Ayeuna
mah ngomongna halon.
“Tuh, ténjo atuh di luhur!” ceuk Sakadang Kuya bari nunjuk
kana sayang odéng, ampir sagedé nangka bakating ku gedé.
Sakadang Monyét teu ngomong. Gék diuk gigireun Sakadang Kuya
bari panonna anteng neuteup goong Batara Guru.
“Sakadang Kuya, meunang henteu mun uing ngajaran nakol
goong?” ceuk Sakadang Monyét.
“His, ulah atuh! Uing mah sieun kabendon ku Batara Guru.
Tong boroning nakol, ngadeukeutan ogé uing mah teu wani!” témbal Sakadang Kuya.
“Sakali wé Sakadang Kuya!”
“Teu bisa!”
“Lalaunan ieu mah nakolna ogé, hayang ngadéngé sorana!”
“Rék lalaunan rék tarik, pokona mah teu bisa! Sabab uing
diwanti-wanti pisan kudu enya-enya ngajaga ieu goong. “Jadi, hampura wé
Sakadang Monyét.”
Tapi Sakadang Monyét keukeuh maksa.
“Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé,” ceuk Sakadang
Monyét semu ngageuri.
Ahirna Sakadang Kuya nyarita, “Nya ari hayang-hayang teuing
mah, sok baé atuh. Ieu mah pédah ka sobat wé, mun ka batur mah moal diidinan,
sanajan sakumaha maksana ogé. Tapi saméméhna uing kudu ingkah heula ti dieu.
Ari sababna, uing sieun dicarékan ku Batara Guru. Sieun disupata. Ké lamun uing
geus jauh ti dieu, pék baé takol.”
Sakadang Monyét kacida atohna ngadéngé omongan Sakadang Kuya
kitu téh. Ari Sakadang Kuya mah terus baé ngaléos. Ngadédod indit ka leuwi.
Sanggeus Sakadang Kuya jauh, térékél Sakadang Monyét naék
kana tangkal nangka bari mawa pangpung. Gék diuk dina dahan handapeun sayang
odéng téa.
“Cing ah urang takol goong Batara Guru téh,” ceuk Sakadang
Monyét. Tuluy ditakol lalaunan ku pangpung.
Keplok, nguuungngng.
“Alah, ngeunah sorana ogé, meni bangbaraan,” ceuk Sakadang
Monyét bari seuri. “Sakali deui ah!”
Keplok, nguuungngng.
Sakadang Monyét tangka ngalenggak-lenggak baé bakating ku
nimat ngadéngékeun sora goong Batara Guru.
Keplok, nguuungngng.
“Cacakan ditakolna lalaunan, sorana geus agem kitu. Komo
lamun tarik meureun, pasti sorana handaruan,” ceuk Sakadang Monyét dina jero
haténa.
Sakadang Monyét ngawahan. Belatak sayang odéng anu disangka
goong Batara Guru téh ditakol sataker tanaga nepi ka bencar. Odéngna kalaluar,
kabéh napuk ka Sakadang Monyét. Nyareureud. Sakang Monyét tuturubun tina
tangkal nangka, terus lumpat bari jéjéréwétan.
“Tuluuung! Alah ieung, tulung. tuluuungngng!” Awakna béak
diseureud ku odéng. Lumpat ka mana baé ogé, terus diudag-udag ku odéng anu
kacida lobana. Gebrus waé atuh manéhna ngagejeburkeun manéh ka leuwi. Terus
teuleum bari nahan kanyeri. Awakna, sirahna, leungeunna, sukuna, irungna,
ceulina … ah, kabéh euweuh nu kaliwat, barareuh diseureud ku odéng.
Sanggeus rada lila aya di leuwi, odéngna geus euweuh,
Sakadang Monyét kakara wani hanjat. Tuluy cinutrung dina batu. Kabulusan.
Haténa mah kacida ambekna ka Sakadang Kuya.
“Nyaan, Sakadang Kuya mah teu beunang dipisobat! Geus ti
ayeuna mah aing moal daék deui sosobatan jeung Si Kuya téh. Dasar kuya kolot ku
manéh!” ceuk Sakadang Monyét ngomong sorangan, nyarékan bébéakan ka Sakadang
Kuya.
Ti harita Sakadang Monyét tara datang-datang deui
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Tapi ari cicingna mah angger baé di dinya,
henteu ingkah ti leuweung sisi muara. Ari haténa mah angger baé ngunek-ngunek,
hayang males kanyeri ka Sakadang Kuya.
from : http://dongeng-uing.blogspot.com/
0 komentar:
Posting Komentar