PEUTINGNA dua sobat anyar téh sararé di sisi leuwi, dina
tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang
Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa
ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker
duanana saré tibra.
Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan
Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”
“Aya naon Sakadang Monyét?”
“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”
“Di mana?”
“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun
lebah-lebahna ogé.”
“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui wé da
peuting kénéh!” ceuk Sakadang Kuya.
Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni
dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hésé kana saré deuina téh. Keur kitu,
kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan mah rék ngala nangka. Diala ku
sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan,
Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”
Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan
Sakadang Monyét. Tuluy néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét.
Sanajan lila ulengna, tapi teu burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé
Sakadang Kuya téh saré deui.
Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus
hudang. Jrut turun tina dahan tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah
ngahudangkeun Sakadang Kuya.
“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang
nangka téa!” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, “Ké
atuh Sakadang Monyét, ayeuna mah isuk kénéh!”
“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”
“Apal henteu jalanna?”
“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun
lebah-lebahna.”
“Hayu atuh!”
Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung.
Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira
wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya wé, henteu salah impian Sakadang
Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding. Buahna leubeut
tinggarayot dina dahan-dahanna.
“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk
Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.
“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha
carana ngabédakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk
Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét
kitu téh. Asa manggih jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi
peuting. “Gampang atuh ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana
plék-plék-plék, tandana éta nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk,
hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.
Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana
tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, “Si Kuya mah rék dibéré anu aratah
baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan.” Terus
nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku manéhna.
Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, “Tah, Uya, méré
nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka dieu!” cenah.
Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur
tangkal. Leungeunna, sungutna, malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna,
nangka anu didaharna téh nangka atah. Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana
nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana ngagepluk, lain ngageplék.
“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét,
ngomongna teu béntés, lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya
teu némbalan.
Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong
Sakadang Kuya keur ngalimed baé ngadaharan nangka asak. Karonéng jeung seungit
deuih. Malah nangka téh ampir béak, tinggal jaramina jeung sikina anu balatak
di sabudeureunana.
Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga rasa yén
manéhna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar
ku sorangan,” ceuk Sakadang Monyét.
“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu
bisa naék,” témbal Sakadang Kuya.
“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing
mah nangka atah!”
“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.
Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy
didahar. Enya wé ngeunah, amis kareueut. Sakadang Monyét gantung teureuyeun.
Ménta deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus béak.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk
Sakadang Monyét bari jamedud. Tuluy lumpat, térékél naék kana tatangkalan,
indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang Monyét téh pundung tayohna mah.
Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat
asalna. Leumpangna beuki ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku
nangka.
from : http://dongeng-uing.blogspot.com/
Wkwkwkwkwk gek2.
BalasHapusamanatnya apa ya?
BalasHapusamanatnya apa ya?
BalasHapustemanya apa si
BalasHapushahaa..lucu banget..pesannya jangan licik, jangan serakah..iya gitu bukan?
BalasHapusKesimpulwnnya apa
BalasHapusMalas mencari tahu ? Cari kesimpulan mudah aja masih dipertanyakan ..
BalasHapuspengarangnya spa??
BalasHapus