Senin, 16 Juni 2014

Paribasa Sunda | 8

  • Asa dijual payu. Hartina : Ngungun duméh nyorangan di pa­nyabaan, jauh ti indung ti bapa.
  • Aya jalan komo meuntas. Hartina : Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna.
  • Bobor karahayuan. Hartina : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
  • Boga pikir kaping burih. Hartina : Boga kahayang anu datangna téh lain ti heula, tapi pandeuri.
  • Bonténg ngalawan kadu.  Hartina:  Nu leutik ngalawan nu gedé.;   Nu handap ngalawan nu luhur.;   Nu lembék ngalawan nu kuat. ;   Somah ngalawan ménak. ; Tangtu éléhna.      
  • Buah ati. Hartina : Pohara dipikanyaahna. (Ngeunaan ka jelema wungkul).
  • Buburuh nyatu diupah béas.  Hartina : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
  • Buluan belut, jangjangan oray. Hartina : Pamohalan kajadian.
  • Bungbulang tunda. Hartina : Tunda talatah. Lamun dititah, tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.
  • Buntut kasiran. Hartina : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan barangbéré.
  • Bur beureum, bur hideung, hurung nangtung, siang leumpang.  Hartina : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké
  • Buruk-buruk papan jati.  Hartina : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahanana téh.
  • Caang bulan dadamaran. Hartina : Migawé anu kurang mangpaat.
  • Cara bueuk meunang mabuk.  Hartina : Ngeluk baé, teu lémék, teu nyarék, euweuh hojah, euweuh karep: euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.
  • Cara embé. Hartina : Embung mandi, sabab sieun ku cai.
  • Cara gaang katincak. Hartina : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
  • Cara jogjog mondok. Hartina : Carékcok baé, mani gandéng naker.
  • Ciri sabumi, cara sadésa. Hartina : Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.
  • Daék macok, embung dipacok. Hartina : Daék ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah teu daék.
  • Dagang oncom, rancatan emas. Hartina : Ari modalna gedé kacida, ngan bati anu diarahna pohara leutikna.
  • Dagang peda ka Cirebon. Hartina : Henteu payu daganganana, sabab nga­jualna ka tukangna, atuh tangtu baé moal dibeuli.
  • Dah bawang, dah kapas. Hartina : Tah barangna, tah duitna.
  • Dédéngé tara. Hartina : Neruskeun béja anu tacan sidik pisan.
  • Deugdeug tanjeuran. Hartina : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi deugdeugan, jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian, upamana : pinter tembang, ngacapi jst.
  • Deukeut-deukeut anak taleus.  Hartina : Ari imahna mah puguh ogé padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti bareto yén baraya.
  • Dihin pinasti, anyar pinanggih. Hartina : Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna. Ngeunaan: papastén jelema
  • Dikompét-daunkeun = Dihurun-suluhkeun.  Hartina : Dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dipisah-pisah.
  • Dogdog pangréwong. Hartina : Bantuan anu lumayan pisan, nu euweuh hartina : dina teu ayana ogé teu naon-naon.
  • Dogong-dogong tulak cau geus gedé dituar batur.  Hartina: Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik kénéh, sugan diparengkeun ku Nu Kawasa pipamajikaneun; na ari geus gedé dikawin ku batur, atuh hésé capé taya gawé.
  • Dosa salaput hulu. Hartina : Teuing ku loba dosa.
  • Dulang tinandé. Hartina : Awéwé mah nurutkeun baé, kumaha diaturna jeung diparéntahna ku nu jadi salaki.
  • Duum tinggi. Hartina : Ngabagikeun naon-naon henteu kalawan adil, aya nu loba, aya nu saeutik.
  • Élmu ajug. Hartina : Pinter ari mapatahan ka batur mah, tapi prak ku manéh henteu.
  • Élmu sapi. Hartina : Samiuk (ngahiji) kana kagoréngan.
  • Élmu tumbila. Hartina : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  • Elok bangkong. Hartina : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé, keur ngaleupaskeun nyawa.
  • Endog mapatahan hayam. Hartina :  Nu sahandapeun mapatahan ka nu saluhureun.;  Nu sangoraeun mapatahan ka nu sakoloteun.
  • Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabéh. Hartina : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukama ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka saréréa.
  • Endog tara megar kabéh. Hartina : Najan saindung-sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  • Gagalana. Hartina : Jagona, kokojona.
  • Galak sinongnong.  Hartina : Mimiti balég, ngeunaan ka parawan (cawéné, lanjang).
  • Galéhgéh gado. Hartina : Daréhdéh, tapi henteu terus kana haté.
  • Gancang pincang. Hartina : Ku lantaran digawéna buru-buru jeung kurang ati-ati, hasilna téh teu nyugemakeun.
  • Gantung déngé. Hartina: Henteu terus bisa ngadéngékeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadéngékeun.
  • Hayang untung jadi buntung. Hartina : Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep-arep.
  • Jabung tumalapung, sabda tumapalang. Hartina: Milu nyaritakeun hiji perkara, sakapeung némpasan omongan batur, nyeta-nyeta jiga nu nyaho, turtaning (padahal) teu nyaho di naon-naon.
  • Jadi maung malang. Hartina : Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.
  • Jadi sabiwir hiji. Hartina : Jadi carita jelema loba.
  • Jadi senén kalémékan. Hartina : Mindeng dicaritakeun.
  • Jaman cacing dua saduit.  Hartina : Baheula pisan.
  • Janget kina telon. Hattina : Turunan alus atawa goréng ti indung-bapa; ngeunaan ka sasatoan.
  • Jantungeun. Hartina : Ngahuleng baé teu lémék teu nyarék, lantaran kagét kacida.      
  • Jati kasilih ku junti. Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang asing.
  • Jauh jauh-panjang gagang. Hartina : Hanas jauh-jauh ogé dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  • Jauh ka bedug, anggang ka dayeuh. Hartina : Dusun teu nyaho di tata-titi, tindak­tanduk, suba-sita, duduga jeung peryoga.
  • Jauh tanah ka langit. Hartina : Pamohalan nu sarupa kitu bisa kajadian.
  • Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana. Hartina : Unggal bangsa béda adatna jeung kabiasaanana.
  • Jégjég cékér. Hartina : Capé ku lantaran leumpang ka ditu ka dieu baé.
  • Jéjér pasar. Hartina : Lumrah baé. Mun ngeunaan ka lalaki, kasép henteu, goréng henteu. Mun ngeunaan ka awéwé, geulis henteu goréng henteu.
  • Jelema pasagi. Hartina : Loba kakayaanana jeung pangawéruhna.
  • Jeung léwéh mah mending waléh. Hartina : Leuwih hadé wakca balaka ngedalkeun kahayang, ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  • Jogjog neureuy buah loa. Hartina : Mikarep ka nu lain babad.
  • Kawas hayam keur endogan. Hartina : Ciling-cingcat baé, teu bisa cicing.
  • Kawas lauk asup kana bubu. Hartina : Gampang meunangna jeung asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé béléké kaluarna jeung ngécagkeunana éta pagawéan.
  • Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lan­taran kabawakeun ku batur, henteu kalawan ka­hayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
  • Leuleus jeujeur, liat tali.  Hartina : Adil pohara.
  • Leutik burih. Hartina : Leutik wawanén.
  • Loba teuing jaksa. Hartina : Loba teuing nu pinter, nu ngatur jeung mapatahan; balukarna matak bingung ka nu dipapatahanana.
  • Meuli teri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra. Hartina : Kalawan teu disangka-sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.
  • Moal neangan jurig nu teu kadeuleu. Hartina : Arék nyekel jelema anu aya baé, moal neangan jelema anu euweuh.
  • Mobok manggih gorowong.  Hartina : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  • Naheun bubu pahareup-hareup. Hartina : Dina aya pangabutuh, silih injeuman duit.
  • Nangkeup mawa eunyeuh. Hartina : Mawa cilaka ka jelema anu dipéntaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  • Ngabudi ucing. Hartina : Teu wani nimbongkeun atawa ngedalkeun kahayang, atawa kadeudeuh.
  • Ngaburuy. Hartina : Nyaneut wungkul, teu aya lalawuhna: inumeunana aya, tapi ari dahareunana mah teu aya.
  • Ngadeupaan lincar. Hartina : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katénjo ku nu boga imah jeung diajak dahar.
  • Ngagandong kéjo, susah nyatu.  Hartina : Loba ari titaheun mah, boh anak boh bujang, ngan hanjakal ku hésé nitah, euweuh nu daékeun ari dititah téh.
  • Ngodok liang buntu. Hartina : Hésé capé taya gawé, susah payah taya guna, sanajan tihothat ogé moal atawa henteu beubeunangan.
  • Nu borok dirorojok = Nu titeuleum disimbeuhan.  Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana; nu keur nyeri ditambah kanyerianana.
  • Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan. Hartina: Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk haté sorangan éta omongan atawa carita téh salah.
  • Nyeungeut damar di suhunan. Hartina :   Mintonkeun kakayaan.;   Barangbéré supaya dipuji.
  • Nyieun catur taya dapur.  Hartina: Nganggit hiji dongéng anu henteu puguh galurna
  • Nyieun poé bungsuna. Hartina : Nyieun poé panungtungan; ka hareup mah embung wawuh atawa ngahiji deui.
  • Nyieun pucuk ti girang. Hartina : Pangheulana néangan pibatureun paséa atawa gujrud.
  • Nyolok mata buncelik. Hartina : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  • Pait daging, pahang tulang. Hartina : Cageur, teu keuna ku panyakit naon baé.
  • Paluhur-luhur diuk. Hartina : Pagedé-gedé kauntungan dina nyiar kipayah
  • Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir. Hartina : Mikarep nu lain babadna, tangtu moal kasorang             
  • Sabuni-buni nu ngising. Hartina : Sanajan dibunian atawa disumputkeun ogé, ari laku-lampah anu goréng mah awal-ahir sok kudu kanyahoan baé.
  • Sadom araning baraja, sakunang araning geni.  Hartina:  Sanajan saeutik, omat ulah wani ngagasab duit Nagara. ;  Perkara anu bisa ngalantarankeun cilaka sanajan leutik.
  • Sagalak-galakna macan, tara nyatu anak. Hartina : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umumna mah tara téga ka nu jadi anak.
  • Sakirincinging duit, sakocopoking iwak. Hartina : Sanajan saeutik, omat ulah arék wani ngagasab duit Nagara.
  • Sereg di panto, logor di liang jarum. Hartina : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaéra; betahna téh di nu suni, nu teu aya jelema.
  • Siduru isuk. Hartina : Nyunatan atawa kariaan, teu maké tatabeuhan.
  • Teu busik bulu salambar. Hartina : Teu rogrég-rogrég, malah unggul dina juritna.
  • Teu didingding kelir. Hartina : Teu dibuni-buni, ditembrakkeun baé, teu dirusiahkeun.
  • Teu kaur buluan. Hartina : Teu kaur boga pakaya.
  • Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan.  Hartina : Ngalajur hawa napsu ka awéwé, ka nu halal jeung nu haram ogé disaruakeun baé.
  • Ulah muragkeun duwegan ti luhur. Hartina : Masing nyaah kana rejeki meunang hésé capé ladang kesang, pacuan arék dimonyah­-monyah.
  • Ulah tiis-tiis jahé. Hartina : Kudu iatna.

0 komentar:

Posting Komentar