Sabtu, 23 Februari 2013

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MIMITI SOSOBATAN

DI hiji leuweung, hirup sabubuhan monyét. Di antara monyét anu sakitu lobana téh, aya hiji monyét ngora anu kacida bangorna. Salian ti bangor téh harak deuih. Dipapatahan mah dipatatahan, boh ku kolot-kolotna boh ku monyét mandahna, angger teu euih-euih. Bedegong béak karep. Anu matak manéhna taya nu ngabaturan. Sasatna mah dipencilkeun wé ku babaturanana téh.


Lila-lila mah manéhna ogé teu betaheun aya di dinya téh. Atuda rék betah kumaha, hirup sosoranganan taya anu ngabaturan. Ulin sorangan, néangan hakaneun sorangan, nepi ka saré ogé kudu sorangan. Euweuh batur heureuy, euweuh batur pakumaha, euweuh batur ngobrol-ngobrol acan. Ari kalakuan teu daék robah. Angger baé bangor, bedegong, hayang meunang sorangan, jeung harak deuih.

Ahirna manéhna indit ti dinya, ninggalkeun kelompokna. Ceuk pikirna, ti batan aing hirup di dieu euweuh nu ngabaturan mah, mending indit ka tempat séjén. Sugan ari di tempat séjén mah manggih batur anu daék diajak sosobatan. Da tétéla, teu genah geuning hirup euweuh nu ngabaturan téh. Manéhna indit gugurayangan, luluncatan tina hiji tangkal kana tangkal séjénna. Ari datang peuting, saré dina tangkal anu gedé. Lamun beurang, neruskeun deui lalampahanana. Meunang sababaraha poé kituna téh. Ari dahareun mah, teu kurang-kurang, da di leuweung geledegan. Ngan ari pisobateun mah can manggih.

Nepi ka hiji mangsa, manéhna anjog ka muara. Walunganana kaitung gedé. Tuluy diuk dina tangkal kiara anu aya di sisi walungan. Rét ka handap, ku manéhna katingali aya kuya, keur cicing dina batu lémpar di sisi walungan. Jigana mah keur moyan. “Lakadalah, ieu sigana mah pibatureun aing téh,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa. Jrut turun tina tangkal kiara, tuluykeun nyampeurkeun ka kuya. Kuya batok anu umurna geus kolot.

“Keur naon Sakadang Kuya?” Sakadang Monyét nanya.

“Ah, keur kieu wé, keur moyan,” témbal Sakadang Kuya bari nelek-nelek Sakadang Monyét, “Ké, uing mah asa kakara ningali anjeun. Anjeun téh anyar ka dieu nya?”

“Enya,” témbal Sakadang Monyét bari ngadeukeutan Sakadang Kuya, “Uing mah lain urang dieu. Jauh asal mah, tuh ti leuweung beulah hilir, deukeut hulu cai walungan.”

“Ambu-ambu, atuh jauh nya ari ti dinya mah. Rék naon atuh los-los ka dieu? Piraku sugan ari di ditu kurang hakaneun mah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Ih, soal hakaneun mah, asal daék, loba jeung sagala aya deuih.”

“Enya, naha atuh los-los ka dieu?”

“Lah, nyaéta atuh. Keur naon sagala aya ogé ari euweuh batur mah,” ceuk Sakadang Monyét ngahelas.

“Na euweuh bangsa anjeun kitu di ditu?”

“Loba, malah nya di dinya pisan apan bangsa uing ngabubuhanana téh. Ngan, nyaéta atuh, hiji ogé euweuh anu daékeun babarengan jeung uing. Sasatna mah uing téh dipencilkeun wé. Anu matak uing lunta ti dinya, indit sakaparan-paran,” ceuk Sakadang Monyét semu humandeuar.

“Naon sababna cenah? Piraku sugan ari euweuh asal-muasalna mah. Da sagala rupa ogé apan kudu puguh sabab-musababna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Puguh éta anu matak uing teu ngarti téh. Pajarkeun téh cenah uing bangor, harak, hayang meunang sorangan. Ah, loba-loba deui wé anu nyababkeunana téh. Padahal uing mah teu rumasa kitu. Éta mah saririk meureun, pédah uing kaasup monyét anu pinter jeung loba kabisa. Dasar monyét!” ceuk Sakadang Monyét, jadi ngarasa keuheul ka bangsana sorangan.

“Oh, kitu nya,” Sakadang Kuya mésem bari unggut-unggutan. “Ari ayeuna anjeun rék ka mana?”

“Duka atuh.”

“Enggeus wé atuh cicing di dieu. Kabeneran uing ogé euweuh batur. Sorangan.”

“Na ka marana kitu anu séjén?”

“Geus parindah batur mah, ka béh hilir. Ka tempat anu leuwih tenang. Ari sababna, di daérah ieu ayeuna geus aya bangsa manusa. Sarieuneun ku manusa.”

“Na atuh anjeun henteu milu pindah?”

“Nyaéta uing mah asa beurat mun kudu ninggalkeun ieu patempatan téh. Atuda ti leuleutik nepi ka ayeuna geus kolot kieu, can kungsi ingkah ti dieu, ari lain kapaksa mah. Sakali-kalieun. Hanas éta aya manusa, asal urang bisa nyingkahanana wé jeung ulah ngaganggu ka manéhna, tangtu manéhna ogé moal ngaganggu ka urang.”

“Enya kitu.”

“Tah, lamun anjeun daék, enggeus baé cicing di dieu jeung uing.”

“Nya ari Sakadang Kuya daék mah sosobatan jeung uing, atoh wé nu aya. Uing henteu hirup nyorangan deui. Sahenteuna atuh aya batur pakumaha,” ceuk Sakadang Monyét, paromanna marahmay.

Tuluy baé duanana uplek ngobrol dina luhureun batu. Sagala dicaritakeun, sagala diomongkeun. Duanana ngarasa bungah, copélna aya batur ngobrol. Jadi henteu tiiseun teuing.

Tah, ti harita mimiti sosobatanana Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét téh.



from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

0 komentar:

Posting Komentar