ANU pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna,
isuk-isuk Sakadang Monyét geus datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Keur naon?”
“Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur
cinutrung dina batu. “Ari tadi peuting saré di mana Sakadang Monyét téh?”
Sakadang Kuya malik nanya.
“Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.”
“Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?”
“Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona
karosong. Jigana mah keur arindit jauh.”
“Kadé ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh
manusa. Manusa téa hararak jeung sagala beuki deuih!”
“Sing percaya wé atuh ka uing!”
Jempé sajongjongan. Pok Sakadang Monyét nyarita deui.
“Lain, Sakadang Kuya, uing téh kabita ku Pa Tani.”
“Kabita kumaha?”
“Kabita ku cara hirupna, meni asa garenah. Geura baé, mun
hayang barangdahar, teu kudu kukurilingan heula néangan dahareun cara urang.
Béas kari nutu. Atuh deungeunna kari ngala di kebon. Geus puguh sabangsa lalab
mah. Asal daék ngalana. Kabéh aya di kebonna.”
“Atuh kudu daék ngebon Jang, mun hayang kitu mah.”
“Enya, kumaha lamun ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani?
Meureun mun hayang baranghakan téh teu kudu kukurilingan heula cara ayeuna.
Kari ngala wé di kebon.”
“Alus tah, Jang, pikiran téh. Ngan melak naon nya anu pantes
keur urang?”
“Ku lantaran uing mah karesep téh cau, kumaha upama melak
tangkal cau?”
“Hih, da uing ogé resep kana cau mah!”
Duanana sapogodos rék melak cau.
“Tapi di mana melakna?” Sakadang Monyét nanya.
“Ah, di dinya wé tah, di hilir, di sisi leuwi. Di dinya aya
tanah kosong, meujeuhna mun ku urang dikebonan téh. Tanahna ogé alus di dinya,”
témbal Sakadang Kuya.
“Naha lain di girang wé atuh, deukeut ka basisir?”
“Di dinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung
keusik.”
Sapuk baé rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.
Ari binihna rék ngala di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina
keur euweuh. Malah dina ayana ogé, moal ambek sugan ari dipénta binih cau mah.
Asal ulah diala cauna wé, komo anu geus asak dina tangkal mah.
Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka
kebon Pa Tani.
“Ari Sakadang Kuya rék melak naonana?” Jang Onyé nanya.
“Uing mah rék melak anakna wé.”
“Har, atuh lila kana buahanana ari melak anakna mah.”
“Éh, da kitu biasana, ari melak cau mah kudu anakna.”
“Ah, teu kitu! Uing mah rék melak jantungna wé,” ceuk
Sakadang Monyét.
“Naha?”
“Ari Sakadang Kuya, bodo téh dibéakkeun ku sorangan. Yeuh,
ari cau téh asalna tina jantung. Anu matak uing mah arék melak jantungna, ambéh
téréh kaala buahna,” ceuk Sakadang Monyét bari semu ngécé ka Sakadang Kuya.
“Ah, uing mah rék nurutkeun tali paranti wé, melak anakna,
anak cau.”
“Heug atuh, Sakadang Kuya melak anakna, uing melak
jantungna. Ayeuna mah urang paheula-heula buahan! Pasti pelak uing anu
pangheulana buahan mah!” ceuk Sakadang Monyét, yakin pisan.
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau di tanah nu di
sisi leuwi téa. Sakadang Kuya melak anakna, anak cau, ari Sakadang Monyét melak
jantungna.
Saminggu ti harita, pelak cau téh ditaréang.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh geus kumaha?” Sakadang Monyét
nanya.
“Karak lilir nu uing mah. Ari nu Sakadang Monyét geus
kumaha?”
“Geus beukah, sakeudeung deui ogé geura, bijil buahna,” ceuk
Sakadang Monyét, bungah naker.
Saminggu deui ti harita, maranéhna naréang deui pelak cauna.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh ayeuna geus kumaha?” ceuk
Sakadang Monyét.
“Anu uing mah geus bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyét
kumaha?”
“Pelak uing mah atung-atung énéh aé,” témbal Sakadang Monyét
ngabéléhém. Maksudna mah jantung-jantung kénéh baé.
Selang saminggu, pelak cau téh ditaréang deui.
“Ayeuna geus kumaha pelak cau téh,” Sakadang Monyét nanya.
“Tuh, geus bijil pucuk tilu. Ari nu Sakadang Monyét?”
“Atung-atung énéh aé.”
Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah
morontod jadina ogé, kawantu tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét
mah, tibatan jadi kalah ka buruk. Nampuyak digembrong laleur.
“Ning alah uyuk sia mah!” ceuk Sakadang Monyét bari nalapung
pelak jantungna. Sakadang Kuya ukur mésem nénjo kalakuan Sakadang Monyét kitu
téh. Na jero haténa mah nyeungseurikeun, bari ngagerentes, “Dasar kokolot
begog! Henteu umum atuh melak cau jantungna mah!”
Ahirna di dinya téh ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya.
Geus kitu mah diarantep wé, teu ditéang-téang deui. Engké cenah lamun kira-kira
buahna geus arasak, rék ditéang deui bari sakalian diala.
from : http://dongeng-uing.blogspot.com/
0 komentar:
Posting Komentar