Kamis, 07 Februari 2013

LUTUNG KASARUNG

Kacaturkeun aya hiji nagara,
Nagara Pasir Batang Anu Girang.
Nagara mahmur kerta raharja,
gemah ripah loh jinawi.
Rajana Prabu Ageung Tapa,
praméswarina anu geulis Nitisuari.
Geus lawas mangku kaprabon,
ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara,
kalawan adil tur wijaksana.

Kangjeng Raja kagungan putra tujuh,
putrana téh istri sadayana.
Anu cikal jenenganana Purbararang,
anu kadua Purbaéndah,
anu katilu Purbadéwata.
anu kaopat Purbakancana
anu kalima Purbamanik.
Nu pangais bungsu Purbaleuwih.
Ari bungsuna, Purbasari Ayu Wangi.

Kangjeng Raja geus lawas mangku kaprabon,
aya niat badé lirén tina kalungguhanana,
badé teras ngabagawan nyirnakeun pikir.
Lajeng badanten sareng praméswari,
ngabadantenkeun pigentoseunana,
jadi ratu di Nagara Pasirbatang Anu Girang.
Duanana sapuk milih pigentoseunana,
nyaéta si bungsu Purbasari Ayu Wangi.

Énjingna Kangjeng Raja ngayakeun kempelan.
Patih, paramantri, paraponggawa sami hadir.
Hémpak sadayana pangagung di Paséban Agung.
Rahayat karumpul ngariung di alun-alun.
Pok Kangjeng Raja sasauran, nyarioskeun niatna,
seja masrahkeun kaprabon lajeng ngabagawan.
Ari anu ditunjuk janten gegentosna,
nyaéta putri bungsu Purbasari Ayu Wangi.
Kangjeng Raja teras jengkar ti karaton.

Putrana anu cikal, Purbararang,
kacida ambekna pédah teu kapilih jadi ratu.
Boga rasa kalindih ku Purbasari.
Purbasari dicarékan béak beresih,
tuluy diboboréhan ku kéler nahun,
awak jeung beungeutna jadi lestreng.
Purbasari diusir ti karaton,
disingkurkeun ka Gunung Cupu,
dianteurkeun ku Paman Léngsér,
disina cicing di saung butut sisi lamping.

Kacaritakeun di Kahiyangan,
Guru Minda putra Sunda Ambu,
ngimpi patepung jeung putri geulis,
rupana sasemu jeung Sunan Ambu.
Jorojoy timbul rasa cintana ka éta putri,
kadudut kalbu kapentang asmara.
Waktu riungan di paséban Kahiyangan,
Guru Minda maling-maling neuteup Ibu,
anu sasemu jeung putri dina impianana.

Kalakuan Guru Minda dianggap salah.
Guru Minda dititah indit ti Kahiyangan,
sarta kudu ka Buana Pancatengah.
Di dinya Guru Minda baris patepung
jeung putri anu sasemu jeung Sunan Ambu.
Guru Minda dibéré baju lutung,
anu kudu dipaké di Buana Pancatengah.
Ceuk Sunan Ambu, éta téh mangrupa jalan
sangkan bisa papanggih jeung putri téa.

Guru Minda turun ti Kahiyangan,
nya anjog ka hiji leuweung geledegan,
leuweung anu aya di Buana Pancatengah.
Rap baju lutungna dipaké,
jleg baé minda rupa jadi lutung.
Lutung lain salutung-lutungna,
tapi lutung anu kasarung ku lampahna.
Nya disebut baé Lutung Kasarung.

Urang caturkeun deui Nagara Pasirbatang.
Purbararang anu ayeuna geus jeneng ratu,
gawéna ngan sukan-sukan jeung curak-curak.
Hiji mangsa, Ratu hayang daging lutung.
Tuluy ngajurungan Paman Léngsér,
nitah Aki Panyumpit ngala lutung.
Lutung kudu kabawa pasosoré poé éta,
lamun paménta Ratu teu kacumponan,
Aki Panyumpit baris ditugel jangga,
dihukum pati ku cara diteukteuk beuheung.

Henteu talangké, Paman Léngsér indit,
ngajugjug ka imah Aki Panyumpit.
Kasampak Aki jeung Nini Panyumpit,
keur araya di imahna, teu kamarana-mana.
Barabat atuh Paman Léngsér cacarita,
nyaritakeun pamundut Ratu Purbararang.
Pamundutna mah henteu sabaraha,
ngan teuing ku beurat hukumanana,
mun teu hasil baris ditugel jangga.
Ku Aki Panyumpit disanggupan.

Aki Panyumpit indit ka leuweung,
mawa sumpit jeung paserna,
nyoréndang koja si déngdék poé.
Datang ka leuweung, teuing ku anéh,
henteu manggih sasatoan hiji-hiji acan.
Taya banténg, uncal, atawa mencek,
malah taya landak-landak acan.
Lutung anu biasana patinggurayang,
harita mah teu kadéngé sora-sorana acan.

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan,
mangkaning poé geus mimiti reupreupan.
Keur kitu, dina hiji tangkal anu gedé,
aya lutung keur diuk campego dina dahan.
Aki Panyumpit bungahna kaliwat saking.
Terus lutung disumpit, teu beunang.
Disumpit deui sababaraha kali,
lutung bisa pisan nyingcetkeun paserna.
Paser hiji gé taya nu ngagaris-garis acan.

Keur kitu, lutung téh ngomong,
“Oah, Aki Panyumpit, montong nyumpit!
Da kula mah moal kabur ieuh,
arék nurut kana sakahayang Aki!”
Aki Panyumpit kagét kabina-bina,
ngadéngé lutung bisa ngomong.
“Sukur, Utun, hayu atuh geura turun!”
Jrut lutung turun tina tangkal,
tuluy nyampeurkeun ka Aki Panyumpit.

Aki Panyumpit leumpang gagancangan,
sieun teu kaburu mawa lutung ka nagara.
Lutung ngiclik nuturkeun Aki Panyumpit.
Geus aya deui baé kajadian anu anéh.
Sasatoan anu tadi aruweuh, araya deui.
Aki Panyumpit kabéngbat ku moro.
Meunang uncal sapasang jeung mencek.
Diasupkeun kana koja si déngdék poé.
Lat poho kana dawuhan Ratu,
datang ka imah panonpoé geus surup.

Isukna lutung kakara dibawa ka karaton.
Aki Panyumpit sasadu ka Purbararang,
bari nyaritakeun lalakonna meunang lutung.
Aki Panyumpit dihampura ku Purbararang,
henteu tulus dihukum ditugel jangga,
sabab meunang lutung anu kacida gedéna.
Malah sabalikna tina sangkaan,
Aki Panyumpit dibéré rupa-rupa hadiah.
Dibéré kuda dawuk ruyung jeung rarahabna,
sarta dibéré batur lima kuren tamba keueung.

Geus datang kana mangsana dipeuncit,
lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna.
Dikepung ku jalma pirang-pirang,
kalah luluncatan ngaruksak paparabotan.
Eusi karaton burak-barik burakrakan.
Lutung henteu jadi dipeuncitna.
Ti dinya Purbararang nitah Paman Léngsér,
nganteurkeun lutung ka Gunung Cupu,
keur pibatureun putri bungsu Purbasari.

Kocap lutung geus aya di Gunung Cupu,
ngabaturan Purbasari anu keur prihatin.
Lutung karunyaeun ningali kaayaan Purbasari.
Awak hideung, papakéan rudin rudag-radig.
Barangdahar sakapanggihna saaya-aya.
Reup peuting, saré dina palupuh sabébék.
Tapi sorotna béda, aya semu Sunan Ambu.
“Boa-boa ieu putri dina impian téh,
keur dipingit ditapakeun,” gerentes lutung.

Reup peuting, lutung mapatkeun sirep.
Lenggut Purbasari katarajang tunduh,
les baé kulem teuing ku tibra.
Lutung ngegédogkeun salira.
Jleg baé ngajanggélék jadi Guru Minda.
Biur ngapung, jog anjog ka Kahiyangan.
Wawartos ka Jeng Ibu Sunan Ambu,
palay misalin putri Purbasari.
Kapalayna ditedunan ku Sunan Ambu.
Biur ngapung, jleg ka urut tadi, jadi deui lutung.

Isuk-isuk Purbasari ngulisik, tuluy hudang.
Kagét liwat saking ningali kaayaan anu béda.
Saré dina katil emas, kasurna tujuh susun.
Kamarna dipapaés emas berlian patinggurilap.
Saung butut robah jadi istana murub mubyar.
Pok Purbasari nyarita ka lutung,
“Utun, urang aya di mana, kasasar ka mendi?”
“Teu ka mana teu ka mendi, ieu mah pisalin lutung,
ladang nyileuk sapeupeuting.”

Purbasari dititah mandi di tampian istana anyar.
Gejebur mandi, diruruan sakujur badan.
Baranyay cahayaan, katémbong deui geulisna.
Réngsé mandi, papakéanana ogé diganti,
ku baju beunang nyadiakeun parabujangga,
anu ditunda dina kandaga emas di balé kancana.
Barang rap, nu geulis wuwuh murub-mubyar.
Geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina.
Lutung ngalingling ngadeuleu maling.
“Geulis temen Putri Purbasari,
geulis tanding widadari, semuna ngala ka Ambu.”

Ibur salelembur, éar sajajagat,
Di lamping Gunung Cupu aya istana agréng,
cahayana ngempur munggah murub mubyar.
Ahirna kaémpér-émpér ka karaton.
Paman Léngsér diutus pikeun muguhkeun,
sanggeus balik deui ka karaton hariweusweus,
bébéja ka Purbararang yén éta téh istana Purbasari.
Purbararang datang bedangna, bijil sirikna.
Nyieun tarékah pikeun nganyenyeri Purbasari.

Purbasari dititah ngabendung walungan,
keur marak lebah Leuwi Baranangsiang.
Éta bendungan kudu anggeus sapeuting,
lamun teu cumpon Purbasari ditugel jangga.
Ngadéngé paréntah kitu, Purbasari bati sedih.
Datang peuting ngan ukur bisa gulang-guling.
Lutung metakeun sirepna, Purbasari saré tibra.
Lutung mujasmédi neneda ka Sunan Ambu,
ménta sangkan Leuwi Baranangsiang dibendung.

Isukna, isuk-isuk pisan sumebar béja,
yén Leuwi Baranangsiang geus dibendung.
Aya anu nepikeun éta béja ka karaton.
Teu kungsi lila ti harita,
Purbararang jeung adi-adina anu lima,
arindit rék marak ka Leuwi Baranangsiang.
Diiring ku méh sakabéh pangeusi karaton.
Ditéma ku pirang-pirang rahayat,
bari marawa pakakas pikeun marak.

Datang ka Leuwi Baranangsiang,
Léngsér nabeuh bendé tanda marak dimitian.
Brus atuh jelema kabéh ancrub ka leuwi.
Anu nyair, anu ngecrik, anu ngobéng ogé aya.
Laukna rupa-rupa jeung teuing ku loba.
Purbararang marak di nu caina linduk,
ngahaja milih tempat anu sakira loba laukan.
Ari Purbasari marak di girangeunana,
marak sorangan teu campur jeung nu lian.

Keur kitu lar aya nonoman kasép ngaliwat.
Ngakukeun ngaran Guriang Kawung Luwuk.
Padahal nu saéstuna éta nonoman téh
Guru Minda anu teu maké baju lutungna.
Purbararang bogoheun ka éta nonoman,
tapi ku Sang Guriang ditolak sapajodogan.
Malah terus nyampeurkeun ka Purbasari,
marak paduduaan bari suka bungah.
Lir nu ngahaja mapanas ka Purbararang.

Purbararang panas haténa liwat saking.
Tuluy nitah Purbasari diperih pati deui,
dititah ngala banténg lilin suku gading.
Mun teu bukti, ditugel jangga hukumanana.
Ngadéngé paménta anu sakitu banggana,
Purbasari ceurik asa diteungteuinganan.
Tapi teu burung indit ka leuweung,
sosoranganan néangan banténg lilin.
Banténg kapanggih ngadangong di sampalan,
Purbasari ngayekyek sieun nénjo banténg.

Keur kitu torojol aki-aki kundang iteuk.
Ngakukeun ngaran Ki Kuwu Heubeul Isuk.
Padahal saenyana Guru Minda anu nyamur.
Purbasari ménta tulung pikeun néwak banténg.
Banténg digupay ku Ki Kuwu Heubeul Isuk.
Banténg nyampeurkeun, brek depa hareupeunana.
Ki Kuwu ménta buuk Purbasari salambar,
terus ditalikeun kana janggot banténg lilin,
dipaké nungtun banténg minangka tambangna.

Banténg lilin ditungtun ku Purbasari,
nurut najan ditungtun ngan ku buuk salambar.
Banténg dibawa ka jero dayeuh nagara.
Jog ka alun-alun, banténg dicangcang di dinya.
Dina tangkal caringin kurung juru alun-alun.
Ti dinya Purbasari asup ka jero karaton,
bébéja ka Purbararang yén paméntana katedunan,
banténg lilin suku gading mata beureum,
ngadungkuk sagedé saung buruk.

Harita kénéh Purbararang indit ka alun-alun.
Barang bréh ningali banténg ngarasa hémeng.
Aya banténg teuing ku alus jeung gedé deuih.
Purbarang nyampeurkeun banténg lilin,
tapi banténg ujug-ujug lumpat ka karaton,
tuluy ngamuk nubrukan sagala barang.
Bereyek paraponggawa ngepung banténg.
Tibatan beunang kalah ka loba nu kaleyek.
Ti dinya banténg kabur asup ka leuweung.

Purbararang beuki ambek baé ka Purbasari.
Tuluy ngajak paalus-alus ngahuma.
Lamun Purbasari éléh, baris dihukum pati.
Purbararang ngahumana di tanah anu subur,
parabotna lengkep jeung binihna loba.
Ari Purbasari dititah ngahuma di tanah angar.
Parabotna ngan saukur kujang buntung,
ditambahan ku boboko buntung sahiji.
Harita kénéh ogé Purbararang ngeprik rayat,
pikeun kerja bakti ngamimitian ngahuma.

Purbasari kalah ka bingung leuwih ti misti.
Rék ngamimitian ngahuma, ti mana mimitina.
Purbasari geus pasrah, narima kana takdir.
Ari batur pakumahana ngan ukur lutung.
Lutung mapatkeun sirep, reup Purbasari saré.
Lutung morosotkeun baju lutungna,
janggélék jadi Guru Minda anu kasép.
Biur ngapung ngajugjug ka Kahiyangan,
ménta pitulung ka Sunan Ambu.
Paméntana ditedunan ku Sunan Ambu.

Isukna, der Purbasari ngamimitian ngahuma,
dibantuan ku parabujangga jeung pohaci.
Tanah anu tadina angar lantaran cadas ngampar,
dadak sakala robah jadi tanah anu léndo.
Binihna binih petingan beunang ti Kahiyangan.
Anu digarawé teuing ku gancang jeung tapis.
Huma anu sakitu legana téh bisa réngsé sapoé.
Paréna morontod sarta teu keuna ku hama.

Barang tepi kana waktuna saémbara,
anu dijadikeun patokanana téh hasilna.
Jaksa anu baris méré pangajén geus sayaga,
kitu deui sakumna rahayat nu rék nyaksian.
Beubeunangan ngahuma Purbararang,
henteu sabaraha lantaran loba nu hapa.
Ari beubeunangan ngahuma Purbasari,
ngahunyud jeung ranggeuyanana baleuneur.
“Purbasari anu unggul!” ceuk Jaksa.
Rayat surat ngageder tandaning panuju.

Éléh ngahuma, Purbararang beuki panasaran.
Terus ngajak pangeunah-ngeunah kaolahan.
Purbararang ngeprik sakabéh juru masak,
der ubyag marasak di dapur karaton.
Jelema pahibut di dapur tangka heurin usik.
Tapi leuwih loba anu rék ngadon ngasaan,
batan anu digawé nyieun kaolahanana.
Ari Purbasari masakna di istanana baé,
dibantuan ku Pohaci Wiru Mananggay.

Datang kana mangsana saémbara,
rupa-rupa kadaharan ngabarak di karaton.
Sawatara urang anu ditunjuk jadi jaksa,
mimiti ngasaan kaolahan beunang Purbararang.
Rupa-rupa koméntarna, tapi kabéh taya nu alus.
Ceuk ieu cawérang, ceuk itu kurang samara.
Ceuk itu kurang uyah, ceuk ieu asin teuing.
Ari kana kaolahan Purbasari, taya nyawad.
“Nagara kawon!” ceuk jaksa ngagorowok.
Rayat surak ambal-ambalan tandaning suka.

Purbararang kalah beuki malik teu suka,
tuluy ngajak paalus-alus samping beunang ninun.
Samping Purbararang beunang ninun taun-taun,
lobana tilu puluh teu kurang teu leuwih.
Samping beunang ninun Purbasari,
ngunung-ngunung lobana sawidak lima.
Jaksa mariksa samping nu disaémbarakeun.
Samping Purbasari leuwih panjang tur kerep.
“Sinjang Purbasari leuwih alus!” ceuk jaksa.
Rayat émprak patarik-tarik tandaning sapuk.

Dasar bedang henteu kapalang,
Purbararang ngajak paalus-alus awak.
Dua putri nangtung di papanggungan,
disaksian ku jaksa jeung sakumna rayat.
Jaksa kolot nyureng bari ngahuleng,
wuwuh bingung nangtukeun piunggulna.
“Geulis sarua geulisna, lenjang sarua lenjangna.
Tapi lamun diawas-awas, diilik-ilik masing telik,
Purbararang awakna rada bongkok méongeun!”
“Hurséééh, Purbasari unggul!” rahayat surak.

Purbararang ambekna lain kaulinan,
terus ngajak pakasép-kasép kabogoh.
Purbararang ngasongkeun kabogohna,
Indra Jaya satria kasép ngalémpéréng konéng.
Ari Purbasari ngan ukur bisa merebey mili.
Salila ieu batur keueungna ngan ukur lutung.
Éta anu ku Purbararang dianggap kabogohna.
Purbasari éléh, sakumna rayat milu nalangsa.
Purbasari geus pasrah rék ditugel jangga.
Logojo geus rék ngaheumbatkeun gobang.

Keur kitu, lutung ngagédogkeun awakna.
Porosot baju lutung ngalumbuk lebah sukuna.
Janggélék jadi Guru Minda ti Kahiyangan.
Kabéh anu nénjo colohok mata simeuteun.
Galécok ngomong jeung padabaturna.
Satria ti mana, lalaki ti mendi?
Kakasépanana teu nyésakeun keur batur!
Guru Minda ngakukeun kabogoh Purbasari,
henteu kudu dijaksaan deui, da kabéh geus tingali,
kasépna ngaleuwihan ka Indra Jaya.

Rayat anu keur carolohok gancang sarurak,
“Hurséééh, Purbasari unggul, Purbararang éléh!”
Minangka hadiahna, Purbasari ngadeg raja,
ari Purbararang kudu daék ditugel jangga.
Purbararang ceurik bari nyembah acong-congan.
“Adi, neda hirup,” Purbararang ngageuri.
Rahayat saalun-alun, ngageder patingjorowok.
“Hutang nyeri bayar nyeri, hutang lara bayar lara!”
Tapi, dasar Purbasari gedé hampura welas asih,
Purbararang dihampura, teu tulus dihukum pati.

Kilang kitu, ari dihampura pisan henteu,
sabab pagawéan goréng kudu baé aya wawalesna.
Purbararang dijadikeun purah ninun unggal poé,
Purbaéndah dijadikeun purah ngantéh,
Purbadéwata purah ngarumat seupaheun,
Purbakancana purah ngarumat goah jeung leuit,
Purbamanik ngejejeman urang dapur.
Ari Purbaleuwih, anu sok ngabéla Purbasari,
dikawinkeun ka Ki Bagus Lembu Halang,
nu jadi patih di Pasir Batang Anu Girang.

Di luar karaton, Indra Jaya ngamuk,
bari sosoak nangtang gelut ka Guru Minda.
Guru Minda nangtung, dihalangan ku Ki Patih.
Ki Bagus Lembu Halang maju ka pakalangan,
teu sakara-kara Indra Jaya taluk ku sageprakan.
Indra Jaya ménta hirup, basana rék kumawula.
Indra Jaya dihampura ku Ki Patih,
dijadikeun tukang ngarit jeung ngajaga kuda.
Ayeuna anu ngaheuyeuk Pasirbatang geus merenah,
kaprabon geus kacangking ku nu boga hakna.

from : http://dongeng-uing.blogspot.com/

0 komentar:

Poskan Komentar