“Baheulana mah Cu, warna bulu gagak téh henteu lestreng, tapi bodas ngeplak kawas bulu soang kawas bulu jalak bali”. Aki Guru ngabubukaan dongéng kanggo putuna. Biasa bada isa saméméh putuna barobo Aki Guru sok mangdongéngkeun heula.
“Naha atuh Aki ari ayeuna mah geuning rupina hideung?” C1 -putu kahiji anu anyeuna tos katampi ka SMP RSBI- naros ka akina. Aki Guru mah putuna téh dinomeran ti C1 indung turun nepi ka C4.
“Kieu tatéh sasakalana mah”, derekdek Aki Guru ngadongéngkeun sasakala bulu gagak jadi hideung.
Baheula di hiji leuweung aya oray sanca keur nawu kombongan. Kombonganana mah jieun jalma nu sok ngarala lauk di walungan anu ngamalir di lebah leuweung éta. Ari petana, oray téh ngagantungkeun awakna ngambay lebah kombongan. Huluna ngégél dahan kai, ari buntutna nyantél kana kai di peuntaseunana. Awakna ayun-ayunan bari nawu kombongan téa. Séblok ka kénca, séblok ka katuhu, terus baé ayun-ayunan nepi ka cai di kombongan téh saat. Lauk nu asup ka kombongan téh kasaatan pating jaleprét dina leutak. Bubuhan geus lila eta kombongan teu ka tawu, laukna téh asa loba pisan. Lele jeung bogo patinggareboy dina cai nu déét, sepat pating kocépat, nilem, betook, kéhkél, beunteur, hurang jeung uceng mah réa nu tos ngagalolér dina leutak garing teu bisa néangan cai nu nyangkrung kénéh.
Eta kalakuan oray sanca téh sihoréng aya nu ngintip-ngintip. Tina luhur tangkal kai éta gagak nu buluna bodas ngeplak téh geus lila ngarep-ngarep éta kombongan geura saat. Niatna ngan hiji, lamun loba laukna manéhna rék ngilu ngala sanajan manéhna teu hayang mantuan ka nu keur nawuna mah. Bener pisan Cu, barang geus nempo lauk pating karocépat di darat, ujug gelebr baé éta gagak téh kana kombongan saat bari terus nyorolcok ngahakanan lauk. Cok leg, cok leg gancang pisan macokanana téh da sieun kaburu kanyahoan ku oray sanca.
Barang oray sanca nempo kalakuan gagak anu maling lauk, pohara ambekna. Gubrag baé oray sanca ngabeubeutkeun ménéh kana kombongan. Lain ngahakan lauk oray saca mah tapi ngabuburak gagak maling téa. Gagak hiber eunteup dina tangkal diudag naék kana tangkal. Oray sanca ambekna moal kaubaran saméméh bisa néwak gagak. Niatna kamana baé lumpatna éta gagak bakal terus diudag diamprot. Nempo oray sanca pohara ambekna bari terus ngungudag sungutna calawak siga nu hayang geura gep, gagak pohara bingungna kamana kudu nyumput kamana kudu lumpat.
Keur mikir kitu, ti luhur tembong aya jalma nu keur nyelep benang bahan tinuneun dina sahang gedé. Nyelep jaman harita mah sanés ku wanték atawa obat celep pabrik tapi cukup ku papagan salam jeung buah mangsi dicampur leutak. Teu mikir dua kali éta gagak terus nyirorot notogkerun manéh brus kana tahang celepan. Kaluar ti jero tahang jiga engap-engapan eungapeun da rada lila di jero tahang. Buluna jadi robah warnana. Nu tadina bodas ngeplak ayeuna jadi hideung meles nepi ka matak pangling anu nempo. Nya kitu aray sanca ge jadi leungiteun udagna. Nu diudag bodas ari nu panggih hideung. “Héy Ki Silah nu hideung teu nempo gagak bodas ngaliwat ka dieu?. Gagak ngajawab bari rada reuwas kénéh, “Waah.. dilembur ieu mah teu aya manuk bodas da kabéh gé harideung urang dieu mah” bari terus ngageleber sieun kaburu kanyahoaan. Tah nya tiharita bulu gagak teu robah deui terus hideung lestreng nepi ka kiwari. (Helins/Dongéeng Aki Guru/Mangle No 2279)***
Sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2012/09/bulu-gagak-hideung-lestreng-dongeng.html
0 komentar:
Posting Komentar