Baheula béh ditueun baheula, lembur urang téh leuweungna weuteuh, caina ogé curcor harérang ngagolontor ka walungan palid ka hilirkeun. Pangeusi ieu lembur lolobana mah sasatoan boh nu hirup di darat boh nu hirup di cai. Ari nu disebut jelema can loba harita mah. Caricing na di guha-guha batu, sakapeung bareng wé jeung sasatoan kayaning jeung maung, munding, kuda, atawa nu séjénna. Malah ari ku mindeng panggih jeung jiga nu sanasib mah antara jelema jeung sasatoan téh jiga anu silih hartikeun. Masing-masing nganggap baraya atawa tatangga anu babarengan hirup ngeusian hiji tempat.
Sanajan natangga, masing-masing boga kabiasaan sorangan, boga kabeuki anu béda. Sasatoan nu beuki jujukutan mun baranghakan tinggal ka pangangonan atawa ka leuweung ngagares jukut anu ngémploh héjo. Sato mah teu mikir pamali teu mikir boga batur, mun manggih kabeuki langsung diremus.
Nya kitu harita ogé, jelema boga kahayang sorangan jeung geus bisa mikir. Sanajan cicing di guha, ari dahareun mah hayang nu ngeunah, hayang bisa nyawah keur melak paré. Jelema hayang boga imah sangkan ulah kapanasan jeung katirisan.
Lantaran ku béda kabiasaan jeung kabeuki téa, jelema mideng ngambek ka sakadang munding jeung sakadang kuda. Ngambek téh lantaran kudu jeung munding mindeng pisan ngaranjah sawah jeung pepelakan jelema. Hiji waktu mah kuda jeung munding téh diontog ku jelema: “Hey sakadang kuda, sakadang munding, abong mangkeluk teu boda pikiran, ulah ngaruksak pepelakan batur atuh. Lamun hayang baranghakan indit ka leuweung néangan jukut ku sorangan.”
Sakadang kuda jeung munding méh bareng némbal bari reuwas da jelema datangna mawa pecut keur ngarangkét, “Hampura atuh sakadang jelema, da kami mah teu nyaho pepelakan maranéh”. Ngaromong rada ngosom bakat ku reuwas jeung sieun. “Tuh tempo sawah kami ruksak jeung pasti moal kaala paréna, gantian ku maranéh!”. Kuda jeung munding tingharuleng bari silih rérét. Duanana rumasa kana kasalahan tapi nya kudu kumaha ngagantianana.
Keur tinghaluleng kitu jelema datang deui bari ngacungkeun pecut jiga rék ngarangkét. “Kumaha kuda, munding sanggup ngagantian téh?” Nempo jelema jiga tambah ambekna, kuda jeung munding baradami yén rék nyanggupan ngagantian ku tanaga keur mantuan pagawéan jelema. “Kumaha mun ku kami digantian baé ku tanaga. Iraha baé aranjeun butuh ku tanaga kami, kami siap mantuan asal dicumponan paménta kami”. Ngadéngé kasanggupan kuda jeung munding kitu, jelema pohara atoheunana bakal aya nu mantuan digawé. “Naon atuh pamenta maraneh téh, pok omongkeun, sugan bae kami bisa nyumponan”.
Pok munding miheulaan sakadang kuda, “Heug kami mantuan gawé aranjeun asal kami dikawihan mun keur digawékeun, jeung sakadang kuda gé sanggup mantuan jelema asal didangdanan”.
Ngadéngé kahayang kuda jeung munding kitu, jelema malikir kamaha nyieun lagu keur munding jeung kamaha nyieun dangdanan keur kuda. Tapi teu lila geus kapikir. Lagu keur munding bakal diajak digawé di sawah jelema nyiptakeun tembang pupuh kinanti,
Mideur, kia, arang, luput
Mideur téh hartina malik
Ari arang mah kaliwat
Lamun kia sisi teuing
Luput téh nya mengkol téa
Eta kawih keur ilaing.
Barang éta lagu dicoba dikawihkeun, munding unggut-unggutan tanda panuju. Ari sakadang kuda ngan kulantang kulinting baé néangan dangdanan nu disanggupan ku jelema. Nempo kuda jiga nu panasaran, gancang baé baju kulit keur sakadang kuda téh ditembongkeun bari sakalian sina dipecakan. Barang rap dicoba enya bae kuda téh jadi leuwih kasép. Dina sirah aya hiasan jajambulan tina majun jeung génggé nu kékéréncéengan, make kacamata nu ngahiji jeung borongsong. Kadalina tina beusi nyambung kana eles. Dina dada ngadaplok toka-toka tina kulit nu ditarétés ku hiasan pérak nu harérang. Dina beuteung aya beubeur gedé nu ngahiji jeung sela paranti diuk jelema. Ka handapna disapatu ku beusi sangkan leumpang teuy tiseureuleu. Pokona ginding wéh dangdanan kuda téh. Sarua kuda gé ari tos nempo paméntana dicumponan mah unggut-unggutan bari hihieum tanda panuju kana kahayang jeung satu kana janti mantuan jelema.
Tah ti harita mah kuda jeung munding téh beuki mindeng tembong babarengan jeung jelema. Munding mindeng tembong digawékeun di sawah keur narik wuluku atawa garu, dikawihan ku jelema. Atuh sabada aya gawé bareng antara jelema jeung munding mah, pagawéan ngagarap sawah téh jadi leuwih énténg. Ari sakadang kuda beunang ngadangdanan tek sok sina narik keretek, ditumpakan ku jelelma lamun jelema rék nyanyabaan ka nu jauh.
Tah kitu ari hirup rukun sauyunan mah, mun aya pasualan téh dipigawé babarengan. Hasil mucekil, gawéan teu sabahara capé. Tah sakitu lanan dongéng picontoeun ti Aki minggu ieu mah.(Helins/Dongéng Aki Guru/Manglé No. 2299)**
Sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2012/08/munding-dikawihan-kuda-didangdanan.html
0 komentar:
Posting Komentar