Dina hiji poé aya hiji gagak eunteup dina suhunan warung. Gagak téh kacirina kacida laparna puguh geus sakitu poé taya hakaneun. Ukur ngandelkeun kitu wé meunang sésa sato séjén. Geus kurulang-kuriling néangan hakaneun di leuweung tetep teu manggih. Nya anjog ka hiji lembur. Barang nepi ka hiji lembur, gagak kacida atohna sabab nempo di hiji imah aya kéré keur di poé. Ningali kéré keur dipoé dina pager, gagak kacida kabitaeunana, tapi teu wanieun ngadeukeutan da kéré téh ditungguan ku budak.
Ningali ditungguan, gagak ukur bati kumetap, “hanjakal bet ditungguan aing sakieu laparna moal burung ngeunah tah kéré sakitu karandelna,” ceuk gerentes haté gagak.
Gagak téh api-api heunteu hayang baé, tuluy hiber deui kana tangkal jeruk, supaya ulah katingali teuing, maksudna ngadagoan bongoh budak. Sabab mun budak nyahoeun mah moal henteu dibalédog. “Aing bisa sosoroh kojor lain meunang hakaneun mun kanyahoan ku budak mah. Matak mending api-api ah,” ceuk gagak dina jero haténa.
Barang geus rada lila, kabeneran budak nu tunggu téh asup ka imah. Atuh geuwat baé gagak téh nyamber kéré réa sageblég, tuluy dibawa hiber arék didahar di nu suni. Sabot gagak keur hiber, katempoeun ku anjing, nya tuluy dituturkeun.
“Lakadalah gagak meunang kahakanan sakitu pikauruyeunana, moal siah ku aing dituturkeun, aing kudu bisa maling éta kadaharan nu dibawa ku gagak, najan anjeun aya di awang-awang, tapi moal burung diakalan ku aing gagak, tungguan siah!” ceuk anjing bari terus nguturkeun ka mana gagak hiber.
Teu kungsi lila gagak téh eunteup dina tangkal kai, ari anjing campego baé handapeunana, sarta pok ngomong: “Haturan sakadang gagak! Keur damel naon calik di dinya? Parantos lami naker teu tepang. Kuring mah resep ari ningal sakadang gagak téh, payus tur gagah. Geura wé bulu hérang jangjang panjang, turug-turug tiasa ngahaleuang nu suanten sakitu halimpuna, matak kabungbulengan. Baréto kungsi sakali nguping sakadang gagak disada téh, tapi nya kitu asa tos lawas pisan, asa hilap deui kana éta suanten nu halimpu téh. Tapi da sareng enyana, suanten téh asana di saantéro sato mah pangpunjulna, matak napel kana lelembutan. Moal, moal aya bandingna. Cing mangga geura disada sakali mah, étang-étang masihan kegegelan baé ka kuring,” ceuk anjung muji-miju gagak bébéakan. Pamuji nu pinuh ku panipuan.
Gagak ngadéngé pamuji nu sakitu bro-broanana téh teu katahan. Manéhna asa kapuji tur beunang kaolo, ahirnya poho kana sagalana, padahal manéhna téh keur ngégél daging kéré. Kalayan teu sadar katarik pangacianana ku pamuji téa, ahirna gagak téh disada: ggaaaaak….gaaaak gaaakkk. Barang pamatukna kakara engab ogé pluk baé kéré nu sakitu gedéna téh murag. Anjing nu tatadi aya di handap gura-giru muru kéré nu murag téa, terus baé ngincid dibawa ka tempat suni. “Ah gagak pupujieun, wilujeng angkat, wios ieu kéré mah bagian kuring, pék waé anjeun mah da geus seubeuh ku pamuji,” ceuk anjing bari cikruh ngadahar kéré téa.
Gagak nu aya di luhur, nempo anjing ngégél kéré téh ukur olohok, manéhna kakara sadar bet beunang ku pangoloan, karooh teuing ku pamujian batur. Bet pupujieun téh kabina-bina teuing.** (Anggit Wiwitan / Galura)
Sumber: http://archive69blog.blogspot.com/2012/05/karooh-ku-pamuji-dongeng.html
0 komentar:
Posting Komentar