Jumat, 06 Juni 2014

Paribasa Sunda | 3


Anak merak kukuncungan. Hartina : Turunan anu hadé laku-lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deui laku-lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna baé.

Cara (Kawas) kuda leupas ti gedogan. Hartina : Bingung ku kamerdékaan. Terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, lantaran euweuh anu ngageuing atawa nyengker.

Ceuli léntaheun. Hartina : Sok gagancangan nyaritakeun ka ba­tur, naon baé anu geus kadéngé, turtaning tacan karuhan éta béja téh bener henteuna.

Cileuncang mandé sagara = Cécéndét mandé kiara = Hunyur mandéan gunung. Hartina : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. Hartina : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Ganti pileumpangan. Hartina : Ganti adat; anu tadina hadé jadi goréng atawa nu tadina goréng jadi hadé j.s.t.

Halodo sataun, lantis ku hujan sapoé. Hartina : Kahadéan anu sakitu gedéna tur lilana, leungit sama sakali ku kagoréngan atawa kasalahan sakali.

Hampang leungeun. Hartina : Babari neunggeul.

Hérang caina, beunang laukna. Hartina : Maksudna bisa kahontal kalawan bé­rés teu aya hiji pihak anu dirugikeun atawa dinyenye­ri.

Heurin ku létah. Hartina : Teu kaduga ngabongkar hiji perkara, ku lantaran loba karisi-karémpan, paur jeung inggis ku balukarna.

Kaciwit kulit kabawa daging. Hartina : Kababawa, katurak-tarik kana hiji perkara. Keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

Kajeun kendor ngagémbol, tibatan gancang pincang. Hartina : Pagawéan urang téh kajeun teuing lila anggeusna, tapi hadé. Ieu téh leuwih utama ti batan gagancangan migawéna, tapi hasilna goréng.

Kandel kulit beungeut. Hartina : Taya kaérana, atawa Saeutik kaérana.

Kawas anjing kadempét lincar. Hartina : Méré parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek-ambekan sagala.

Kawas kedok bakal. Hartina : Rupana goréng kacida.

Kawas lauk asup kana bubu. Hartina : Gampang asupna kana hiji pagawéan, tapi pohara héséna dina hayang kaluar ninggalkeun éta pagawéan.

Kembang mata. Hartina : Nu dipikaasih, boh jalma, boh sato atawa barang.

Keur meujeuhna bilatung dulang. Hartina : Laleutik kénéh pisan, keur meujeuhna bareuki dahar.

Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita. Hartina : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

Keur tulang tonggong. Hartina : Keur sasadiaan di ahir, di mana papanggih jeung pangabutuh.

Kiceupna sabedug sakali. Hartina : Pohara lungguhna.

Kiruh ti girang, kiruh ka hilir. Hartina : Lamun anu di luhurna teu balageur jeung teu balener, nu di handapna oge tangtu milu teu balageur jeung teu balener.

Kokojona. Hartina : Pangpinterna.

Kokolot begog. Hartina : Nyanyahoanan.

Kokoro manggih mulud = Puasa manggih lebaran. Hartina : Anu saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga nu mangpang-meungpeung.

Kokoro nyenang. Hartina : Teu merenah, teu pantes da lain dina tempatna: ngeunaan barang atawa papakéan. Ngeunaan jelema miskin nu nembongkeun kabogana ku lantaran hayang dipuji.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam. Hartina : Teuing ku miskin.

Kolot sapeuting. Hartina : Geus meunang umur ari jelemana mah, ngan teuing ku bodo, euweuh kanyaho.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

Kudu bisa ngeureut miceun (ngeureut neundeun). Hartina : Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

Kudu boga pikir kadua leutik. Hartina : Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.

Kujang dua pangadékna. Hartina : Hiji pagawéan anu ngandung dua maksud.

Kulak canggeum. Hartina : Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti nu Maha Suci.

Kumaha bulé hideungna baé. Hartina : Kumaha engké baé buktina.

Kunang-kunang nerus bumi. Hartina : Ramana geus teu jeneng deui. Di putra awal-ahir aya anu jeneng cara ramana.

Kuru cileuh, kentel peujit. Hartina : Nuju tirakat, napaan awak atawa anak ku ngurangan saré jeung dahar.

Kurung batok. Hartina : Ngahékok baé di lembur, carang pisan nyanyabaan: balukarna saeutik pisan pangalamanana jeung kanyahona.

Labuh diuk, tiba neundeut. Hartina : Sarua salahna atawa sarua cilakana.

Lain lantung tambuh laku, lain léntang tanpa béja, lain leumpang maladra. Hartina : Indit ti imah kalawan ngandung mak­sud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh nu dijugjug, henteu nyata nu diseja.

Landung kandungan, laér aisan. Hartina : Gedé timbanganana, gedé pangampurana.

Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku lan­taran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.

Léngkah kapiceun. Hartina : Teu beubeunangan. Nyanyabaan ka ditu ka dieu anu teu ngahasilkeun naon-naon.

Lesang kuras. Hartina : Teu bisa nyésakeun rejeki: loba atawa saeutik ogé béak-béak baé, taya pisan sésana.

Leubeut buah, héjo daun. Hartina : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

Leuleus awak. Hartina : Babari jeung daékan dititah.

Leuleus jeujeur, liat tali. Hartina : Gedé hampurana. Ka nu gedé ka nu leutik dosana, ngama'lum baé.

Leunggeuh cau beuleum. Hartina : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawéan.

Leutik cahak, gedé cohok. Hartina : Pangasilanana ngan saeutik, tapi ari pangaluaranana mah gedé.

Leutik ringkang gedé bugang. Hartina : Jelema mah teu beunang disapirakeun, sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuanana mah, bisa jadi kasusah saréréa anu gedé.

Leutik-leutik ngagalatik. Hartina : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur dedeg, tapi lébér ku wawanén.

Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét. Hartina : Hadé goréngna pikiran jelema hésé dikira-kirana.

Lieuk euweuh, ragap taya. Hartina : Teuing ku miskin, nepi ka teu boga naon-naon.

Lodong kosong ngelentrung. Hartina : Ari carita mah beunang diandelkeun jeung diadukeun, ngan kanyaho euweuh.

Lodong kosong ngelentrung. Hartina : Kalah ka loba omong baé, ari pa­ngartina mah euweuh.

Luhur kuta, gedé dunya. Hartina : Gagah tur beunghar, taya kakurang.

Luhur tincak Hartina : Gedé hulu, cetaan, resep niru ka­lakuan jelema nu laluhur pangkatna atawa loba kakayaanana.

Luncat mulang. Hartina : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu, engké mah kitu.

Lungguh tutut. Hartina : Katénjona siga lungguh, tapi saenyana mah henteu.

Maliding sanak. Hartina : Henteu adil, pilih kasih.

Manan léwéh mending waléh. Hartina : Leuwih hadé wakca balaka, batan di ahir meunang kasusahan.

Mangpéngkeun kuya ka leuwi. Hartina : Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadina.

Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan. Hartina : Mulang ka lemburna, sabadana mang­taun-taun aya di panyabaan.

Nepi ka pakotrek iteuk. Hartina : Ngeunaan ka nu laki-rabi, ngajodo nepi ka kolot pisan.

Nété porot, ngeumbing lésot. Hartina : Cukup ari ihtiar mah kalawan mang­rupa-rupa akal-tarékah, tapi teu hasil baé.

Ngadagoan kuah beukah. Hartina : Ngadagoan pasésaan kadaharan. Ieu ngan wungkul ngeunaan tukang babantu di imah batur baé, anu saenyana mah ayana tukang babantu téh henteu perlu.

Ngalebur tapak. Hartina : Miceun jeung ninggalkeun kalakuan nu goréng sarta saterusna milampah anu hadé baé.

Ngaliarkeun taleus ateul. Hartina : Ngabéja-béjakeun kagoréngan atawa kajahatan anu lian.

Ngebutkeun totopong. Hartina : Ngabijilkeun sakabéh élmu nu aya di urang.

Ngembang boléd. Hartina : Tétéla.

Ngembang kadu. Hartina : Olohok.

Ngeupeul ngahuapan manéh. Hartina : Lungas-lengis pikawelas, mikaasih ka diri sorangan; nu dipalar supaya batur welaseun, asiheun jeung nulungan ka diri urang.

Ngeureut miceun. Hartina : Nyésakeun rejeki.

Ngodok liang jero. Hartina : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, ka ditu ka dieu luput baé.

Ngukur ka kujur, nimbang ka awak. Hartina : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, hakan, paké, j.s.t. disaluyukeun jeung pangala.

Ngukut kuda kuru, ari geus gedé sok nyépak. Hartina : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susah dahar susah maké, tapi ari geus mulia, awak lintuh jeung paké hadé, ngalawan ka nu jadi dunungan.

Nimu luang tina burang. Hartina : Nambahan luang atawa pangarti wak­tu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman..

Ninggang kekecrak. Hartina : Keur mah goréng rupana, goréng laku­lampahna deuih.

Nu édan dikendangan, nu burung diangklungan. Hartina : Ngahaminan carita tukang wadul.

Nutup lobang, gali lobang. Hartina : Teu aya eureunna boga hutang, sabab lamun geus lunas hutang nu heubeul, tuluy nyieun deui hutang anu anyar, kitu baé saterusna.

Paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Hartina : Silih bantuan, silih bélaan, silih tulungan.

Panjang leungeun. Hartina : Sok ceceremed, daék nyokot atawa maling barang batur.

Pariuk manggih kekeb. Hartina : Lalaki anu goréng rupana ngajodo jeung awéwé anu goréng patutna.

Parjang léngkah. Hartina : Lampar, jauh panyabaanana. Sabalikna tina kurung batok.

Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak. Hartina : Milih kalawan ati-ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hadé, ngan ahirna meunang nu leuwih goréng.

Pondok léngkah = Kurung batok. Hartina . Kurang pangalaman ku lantaran tara nyanyabaan jauh, carang pisan ninggalkeun lembur sorangan.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging. Hartina : Dina cidrana anu diborehan. boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.

Rumbak kuntieun. Hartina : Henteu lengkep, aya baé anu kurang nu matak cua kana haté.

Sakecap kadua gobang Hartina : Gampang ngambek jeung gampang ngadék deuih.

Sakiriciking duit, sakocopoking bogo. Hartina : Naon baé anu matak narik kana haté urang.

Salieuk béh. Hartina : Beunghar, sagala aya.

Satengah buah leunca. Hartina : Teu jejeg ingetanana, langlang-ling­ling, rada gélo.

Sibanyo laleur. Hartina : Ledis pisan, teu nyésa saeutik-eutik acan.

Teu beunang dikoét ku nu kékéd. Hartina : Teuing ku korét: tara pisan tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah.

Teu jauh laukna. Hartina : Ngeunaan ka jelema. Saha baé ogé tangtu aya pigawéeunana.

Teu nyaho di lauk. Hartina : Teu nyaho di kauntungan atawa piuntungeun.

Ti kikirik nepi ka jadi anjing. Hartina : Ti bubudak nepi ka kolot.

Ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal. Hartina : Ménta pangampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

Tiis leungeun. Hartina : Melak naon baé ogé sok jadi, tara paéh.

Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung. Hartina : Ulah ngurangan kanyaah, kudu beuki lila beuki nyaah.

Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung. Hartina : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan téh. Hadéna mah ti keur ngora kénéh nepi ka geus kolot téh, lain beuki lila beuki bosen, tapi beuki lila beuki welas asih.

0 komentar:

Posting Komentar