Di hiji walungan aya leuwi nu dieusian ku pirang-pirang lauk. Éta masarakat lauk téh hirup sauyunan. Keuna di paribasa ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, tara pahiri-hiri pagirang-girang tampian. Éstu ayeum tengtrem, sepi jempling towong rampog. Ari nu jadi rajana, nyaéta sakadang Lélé. Pangna sakadang Lélé dibenum jadi raja, alatan tawéksa jeung nyaah ka rahayatna. Salian ti éta, sakadang Lélé boga hiji senjata séjén, nyaéta patil. Ku hal éta, sakabéh lauk ngarasa gimir mun pareng paamprok jonghok jeung sakadang Lélé. Sanajan ku saréréa dipihormat, diajénan, jeung didama-dama, tapi sakadang Lélé teu ieuh unggah adat.
Ku hal éta, atuh sakadang Lélé beuki dipikanyaah ku rahayatna. Ngan tina sakitu rahayat nagri leuwi nu nyaah jeung hormat ka sakadang Lélé. Aya hiji lauk boga haté julig jeung dengki. Éta lauk téh sakadang Lauk Emas. Pangna sakadang Lauk Emas sirik ka sakadang Lélé, bané baé ceuk manéhna mah nu paling hadé rupa di antara lauk téh nya manéhna.
“Sakuduna mah nu jeneng jadi raja téh kula, euy!” ceuk Lauk Emas ka Lauk Sepat dina hiji waktu.
“Naha naon sababna anjeun meni “PD” kitu? Ceuk Lauk Sepat nanya.
“Ih manéh mah teu eungeuh. Tingali atuh sisit déwék! Pan sakieu ngagurilapna. Ceuk pikir, lauk mana nu bogaeun sisit paling pantes? Apanan ngan kula sarongan” témbal Lauk Emas semu ngagebés.
“Enya nu kitina mah. Tapi, apanan ari pamingpin mah teu sakadar ditingali tina lahiriyahna wungkul, ogé kudu dideudeul ku pangaweruh nu masagi,” Lauk Sepat embung éléh.
“Déngékeun ku manéh, justru nu kudu diheulakeun lahiriah heula, penampilan heula deuleu. Kanyaho mah nomer dua. Numatak ti ayeuna manéh kudu taluk, kudu ngaku raja ka kula. Ti danget ayeuna, nu jadi raja di ieu Nagri Leuwi nya kula” ceuk Lauk Emas bari nepak dada.
Ketak Lauk Emas kadéngéeun ku sakadang Lélé. Salaku raja, sakadang Lélé kudu geuwat-geuwat ngayakeun tindakan. Sabab, kalakuan Lauk Emas téh geus nyababkeun suhu politik di Nagri Leuwi jadi harénghéng. Mun teu gancang diungkulan, bisa-bisa kajadian “perang saudara”. Sakadang Lélé ngumpulkeun sakabeh rahayatna. Lauk Emas ogé ngahaja diogan sina hadir. Pikeun ngaréngsékeun ieu pasualan, ceuk pamikir sakadang Lélé, euweuh deui jalan kudu dibalikeun deui ka rahayat.
“Hey, sakabéh rahayat kaula, numatak arandika dikumpulkeun téh taya lian, andika kabéh diperedih pikeun nangtukeun raja. Kaula hayang apal, naha andika dék tetep marilih kaula atawa dék milih sakadang Lauk Emas. Pék ayeuna gunakeun hak andika kabéh luyu jeung lelembutan andika!” sakadang Lélé biantara muka sawala, “Bisi aya nu dék nanyakeun atawa ngajukeun usul, pék ayeuna!”
Lauk Emas ngacung sarta pokna “Lah teu kudu dipulah-pilih sagala, geus sidik pantes jadi raja mah kaula. Geus puguh kaula nu panggagahna. Bisi maranéh teu percaya, engké dimana aya manusa, ilikan ke saréréa, saha nu baris dipuji ku manéhna!”
Ku kaparengan atuh, torojol aya saurang jalma ngalanto ka lebah dinya, maksud éta jalma laha-loho ka leuwi, dék néangan lauk emas pikeun dieusikeun ka akuariumna.
“Tuh kabeneran aya manusa, hayu urang deukeutan, ka saha éta manusa bakal muji kana rupa,” ceuk Lauk Emas giat naker. Soloyong Lauk Emas ngadeukeutan manusa, tayohna hayang gura-giru dipuji.
Lauk-lauk séjéna, bororaah ka hayang ngadeukeutan. Maranéhna kalah paheula-heula nyumput kana sédong. Sabab, manéhna apal pisan, tangtu manusa bakal néwak lauk pikeun dibawa balik ka imahna. Nu tangtuna baé ka dituna bakal di goréng, dibeuleum atawa di pais. Jadi sanajan Lauk Emas gogorowokan nyalukan. Euweuh hiji ogé nu daék nonghol. Samalah kalah ngaharéphép jeung ngadedempés dina panyumputan.
Waktu Lauk Emas ngadeukeutan, teu tatapasini deui geup Lauk Emas dicerek. Teu kudu hésé-hésé béléké, sasat nyampeurekeun paneunggeul, Lauk Emas dibuskeun kana koja.
“Leuh, timana wé milik mah” ceuk éta jalma ngomong sorangan.
Ti harita nagri Leuwi répéh-rapih deui. Sakadang Lélé angger dibenum jadi raja ku rahayatna. *** (Téh Sara/Galura)
Read more: http://archive69blog.blogspot.com/2014/04/tamiang-meulit-ka-bitis-dongeng.html
0 komentar:
Posting Komentar