Minggu, 08 Juni 2014

Paribasa Sunda | 4

  1. Asak warah. Hartina : Cukup atikan (didikan). Cirina : Henteu dusun, basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.
  2. Atah warah. Hartina : Kurang atikan (didikan). Cirina : Dusun. Basa jeung paripolahna loba nu salah.
  3. Awak satilas. Hartina : Jangkung lenjang.
  4. Bentik curuk balas nunjuk. Hartina : Ngan maréntah baé ka batur, ari prak ku manéh mah henteu.
  5. Bilatung ninggang dagé. Hartina : Meunang kauntungan.
  6. Bilih aya tutus bengkung. Hartina : Bilih lepat pokpokanana.
  7. Caina hérang, laukna beunang. Hartina : Hasil maksud kalawan bérés, teu aya kaributan atawa pacéngkadan naon-naon.
  8. Cangkir emas eusi délan. Hartina : Omonganana mah alus, nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.
  9. Cara cai dina daun bolang. Hartina : Papatah anu henteu digugu, atuh teu aya mangpa'atna.
  10. Caréham hayameun. Hartina : Gampang pisan laparna.
  11. Ceuli léntaheun. Hartina : Resep ngadéngékeun kagoréngan atawa kaaéban batur.
  12. Cicing dina sihung maung. Hartina : Nganjrek di jelema anu bisa nyusah­keun atawa nyilakakeun ka diri urang.
  13. Cikal bugang. Hartina : Maot pangheulana dina pangperangan.
  14. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Hartina : Ku dileukeunan mah sakumaha héséna ogé, laun-laun jadi bisa.
  15. Clik putih, clak hérang. Hartina : Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, pasrah pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
  16. Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna. Hartina : Kumaha arék bageurna di nu jadi anak, lamun bapana henteu bageur jst.
  17. Cueut ka hareup. Hartina : Geus kolot, geus deukeut ka paéh.
  18. Ditangtang-diténgténg, dijieun bonténg sapasi. Hartina : Dipandang anéh (modél).
  19. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup. Hartina : Lenjang jeung geulis rupana.
  20. Ditiung geus hujan. Hartina : Kakara ati-ati, sanggeus meunang kasusahan atawa kacilakaan.
  21. Diwayangkeun. Hartina : Remen dicaritakeun kahadéanana atawa kagorénganana ka jalma loba.
  22. Gunung tanpa tutugan. Hartina : Euweuh anggeusna, teu béak-béak. Sasarina ngeunaan pagawéan atawa perkara.
  23. Gurat cai. Hartina : Jalir jangji.
  24. Héjo tihang. Hartina : Remen pindah tempat, imah atawa pagawéan.
  25. Jogjog neureuy buah loa. Hartina : Milampah anu moal pihasileun.
  26. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak. Hartina : Sauyunan, layeut pisan, kamana-mana ogé babarengan baé.
  27. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, ka koncara ka mancanagara. Hartina : Kawentar ka mana-mana.
  28. Kajeun pait tungtung amis, manan amis tungtung pait. Hartina : Ti batan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula, naon anu matak pisusah­eunana.
  29. Katempuhan buntut maung. Hartina : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
  30. Katumbukan catur, kadatangan carita. Hartina : Loba anu embung, sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan.
  31. Kawas cucurut kaibunan. Hartina : Ngeunaan ka jelema anu goréng patut rupana, matak sareukseuk panon anu nénjo.
  32. Kawas térong beulah dua. Hartina : Sarua baé rupana (sakarupa), naha adi jeung lanceuk atawa anak jeung indung-bapa.
  33. Kawas wayang pangsisina. Hartina : Goréng rupana. Ngeunaan ka jelema.
  34. Keur tulang-tonggong. Hartina : Kakayaan anu matak teteg atawa reugreug kana haté, karana sawaktu-waktu lamun aya kaperluan penting, bisa dipaké.
  35. Kumaha kejebur caina, geletuk batuna baé. Hartina : Kumaha béhna baé, henteu jadi pikiran.
  36. Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda. Hartina : Perkara leutik, tapi bisa jadi matak cilaka.
  37. Lungguh tutut. Hartina : Siga lungguh, tapi ari saenyana mah henteu.
  38. Matih tuman batan tumbal. Hartina : Leuwih gedé hasilna tina latihan ti batan tina tumbal atawa jampé.
  39. Nepak cai malar cérét. Hartina : Ngomongkeun jeung ngagogoréng ka batur, supaya batur téh ragrag ngaranna jeung kawentar kagorénganana. Nu dipalar, supaya ngan urang wungkul anu dipikaresep ku sobat jeung nu pangseubeuhna ngahakan pakayana.
  40. Népakeun jurig pateuh. Hartina : Puguh urang anu goréng, tapi kago­réngan urang téh ditamplokkeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  41. Nété sémplék, nincak semplak. Hartina : Kieu salah, kitu salah, taya hiji pausahaan anu ngahasilkeun, taya hiji kalakuan anu nguntungkeun.
  42. Nété tarajé, nincak hambalan. Hartina : Kudu merenah. Lamun aya uruskeuneun téh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus, beuki ditu, beuki ka nu leuwih luhur pangkatna.
  43. Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun, peung­gas harupateun. Hartina : Heuras haténa, teu sabar dina nyanghareupan rupa-rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  44. Neundeun haté. Hartina : Boga kahayang nu dirasiahkeun.
  45. Neundeun piheuleut, nunda picela. Hartina : Néangan pilantaraneun supaya jadi go­réng; supaya temahna papisah, teu ngahiji deui.
  46. Ngabéjaan bulu tuur. Hartina : Ngabéjaan ka nu geus nyahoeun.
  47. Ngadek sacékna, nilas saplasna. Hartina : Ngomongna henteu diréka-réka, satarabasna baé, euweuh anu dipaké sumput-salindung.
  48. Ngalebur tapak. Hartina : Boga ngaran anu goréng ku lantaran keur ngora goréng laku-lampahna. Pikeun ngalebur dosa jeung ngoméan ngaran nu geus goréng téa, ka kolotnakeun jadi bageur: hadé laku-lampahna.
  49. Ngalétak ciduh. Hartina : Narik atawa ngabatalkeun.
  50. Ngégél curuk. Hartina : Lapur teu meunang hasil naon-naon.
  51. Nilik bari ngeusi. Hartina : Babanda ngumpulkeun parabot imah, henteu disakalikeun, tapi ditungtut, saeutik-saeutik, lila-lila ogé loba.
  52. Noong ka kolong. Hartina : Leutik haté, leutik pangharepan.
  53. Nu temen tinemenan. Hartina : Nu enya-enya usahana pikeun ngahon­tal kahayangna, bisa tinekanan maksudna.
  54. Nu titeuleum disimbeuhan. Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri, beuki dinyenyeri, nu keur cilaka, beuki dicilakakeun.
  55. Nuju hurup ninggang wirahma. Hartina : Ngeunaan ka nu ngaji, laguna alus, ngecapkeunana bener jeung panjang pondokna merenah.
  56. Nulungan anjing tiselap. Hartina : Nulungan jelema anu teu aya panari­mana.
  57. Nurub cupu. Hartina : Repok anu alus pisan, lalakina kasép, awéwéna geulis, lalakina bageur, awéwéna satia jst.
  58. Nuturkeun indung suku. Hartina : Leumpang sakaparan-paran.
  59. Nyicikeun cai, murulukkeun lebu. Hartina : Turun cadu (Cacaduan). Pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  60. Nyiduh ka langit. Hartina : Mapatahan ka nu saluhureun umurna, pangkatna atawa kanyahona.
  61. Nyokor = Néngtérégé = Ningnang. Hartina : Make pakéan naon ogé teu pantes baé.
  62. Nyokot lésot, ngeumbing porot. Hartina : Taya usaha anu ngahasilkeun.
  63. Nyolok mata buncelik. Hartina : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa laku-lampah goréng di hareupeunana.
  64. Nyolong badé. Hartina : Sulaya tina taksiran. Disangka goréng, saenyana hadé atawa sabalikna. Disangka bodo, saenyana pinter atawa sabalikna jst.
  65. Nyoo gado. Hartina : Ngamaénkeun jelema anu kudu dihormat, boh sakoloteun, boh saluhureun.
  66. Nyuhunkeun bobot pangayon (timbang taraju). Hartina : Ménta pangampura jeung ménta tim­bangan, da puguh geus rumasa ari salah jeung dosa mah.
  67. Nyukcruk walungan, mapay-mapay wahangan. Hartina : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur; imeut pisan ti bapa ka aki jeung saterusna.
  68. Oray néangan paneunggeul. Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun, ku nyampeurkeun jelema anu keur ijid atawa ngambek ka urang.
  69. Rumbak caringin di buruan. Hartina : Dina aya kasusahan atawa karerepet, geus teu boga kolot saluhureun anu bisa mépélingan ka urang.
  70. Sahérang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisu­mur. Hartina : Sasarina lamun geus aya pacéngkadan, sok tara bisa hadé deui cara baréto saméméh aya pasalia pikir.
  71. Salah tincak. Hartina : Goréng kalakuanana, teu merenah paripolahna.
  72. Sawaja sabeusi. Hartina : Sarua ménakna atawa beungharna. Ngeunaan ka nu laki-rabi.
  73. Tatah wadung. Hartina : Banda meunang hésé capé, upamana imah turunan jst.
  74. Témbong gelor. Hartina : Jigana deukeut, tapi saenyana mah jauh.
  75. Teu cari ka Batawi, tapi ka salaki. Hartina : Hakan-paké hayang ti salaki.
  76. Teu ditari, teu ditakon. Hartina : Teu dipaliré, diantep baé. Teu ditanya-tanya acan.
  77. Teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah. Hartina : Nya goréng rupana, nya goréng kalakuanana, sok daék pulang-paling.
  78. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang. Hartina : Balukarna henteu wawuh atawa henteu loma, tangtu pajauh atawa paanggang, henteu raket, teu medok sosobatan, teu silih tulungan atawa silib béréan. Hadéna mah sabalikna, sing wawuh jeung sing loma, sabab balukarna hadé pisan : Jadi sobat anu medok pisan, nepi ka silih tulungan, silih belaan dina aya bancang-pakéwuh.
  79. Tiis ceuli hérang mata. Hartina : Ngeunah haté ku lantaran ngeunah deudeuleuan jeung dédéngéan.
  80. Tiis-tiis jahé. Hartina : Henteu ribut, senang-senang baé, sa­najan nyanghareupan pagawéan anu loba, tur bangga.
  81. Tikoro andon peso. Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun atawa pisusaheun, ku nyampeurkeun jelema nu keur ijid atawa ngambek ka urang.
  82. Tikoro kotokeun. Hartina : Lamun ngeunaan papakéan, hayang buru-buru dikaput jeung anggeus, supaya buru-buru bisa dipaké. Lamun ngeunaan kadaharan, hayang buru-buru asak, basana téh hayang ngasaan kumaha rasana. Gampang pisan laparna.
  83. Tilas tepus. Hartina : Ngan ukur cukup baé, teu aya leuwih­na, teu aya kurangna.
  84. Tipu keling, ragaji Inggris. Hartina : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo atawa nipu.
  85. Titirah ngadon kanceuh. Hartina : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusahan nu leuwih gedé.
  86. Tuang jinis. Hartina : Seuri mani akey-akeyan ku lulucon anu sorangan, tapi babaturan mah marolongo bae da teu ngalartieun.
  87. Tugur tundan, cuntang gantang. Hartina : Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara.
  88. Tumpang-sirang. Hartina : Tumarumpang, teu leleb cumonggahna. Teu pantes barang pakéna.
  89. Tunggul kuras. Hartina : Teuteundeunan (duit) anu kakara dipaké lamun pohara perluna.
  90. Tunggul sirungan, catang supaan. Hartina : Aya kajadian anu goréng atawa matak teu ngeunah di ahirna.
  91. Turun ka ranjang. Hartina : Mun ninggang di awéwé, kawin ka adi salakina anu geus maot. Mun ninggang di lalaki, kawin ka adi pamajikan­ana nu geus maot.
  92. Tutung atahan. Hartina : Mun ngeunaan pagawéan atawa jijieunan : hadé sawaréh. Mun ngeunaan pangarti : aya nu apal, aya nu henteu, atawa aya nu bisa, aya nu henteu.
  93. Tuturut munding. Hartina : Nurutan batur, kalawan teu dipikir heula hade goréngna.
  94. Uyah tara téés ka luhur. Hartina : Kalakuan atawa sipat-sipat anu garoréng, mindeng pisan nurun ka anak-incu.
  95. Waspada permana tingal. Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian.
  96. Wawuh munding. Hartina : Ngan ukur wawuh meueusan. Di jalan mah sok silih tanya, tapi teu nyaho di ngaranna atawa tempatna.
  97. Weruh sadurung winarah. Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian, saméméh aya anu, mapatahan atawa ngajar.
  98. Wiwirang di kolong catang, nya gedé, nya panjang. Hartina : Wiwirang anu pohara gedéna.
  99. Wong asih ora kurang pangalem, wong sengit ora kurang panyacad.Hartina : Nu keur nyaah, deudeuh, moal kurang pijalaneunana enggoning némbongkeun kanyaahna atawa kadeudeuhna, naha ku omongan atawa ku barang. Sabalikna; nu keur ambek atawa ngéwa, moal kurang pijalaneunana enggoning nembrakkeun kakeuheulna atawa kangéwana.
  100. Wong becik ketitik, wong ala ketara. Hartina : Kahadéan atawa kagoréngan urang teu bisa disumputkeun dibuni-buni, awal-ahir bakal nembrak katémbong. Ieu téh pépéling, supaya urang nunda laku-lampah anu salah.

1 komentar: