Ceuk ujaring carita, jaman baheula di wewengkon Kabupaten Sumedang beulah kidul aya hiji kalurahan anu katelah Cipawenang. Kahirupan rahayat Cipawenang beunang disebutkeun ayem temtrem, sepi paling lowong rampok, hurip gusti waras abdi. Rék aya paling ti mana da kabéh rahayat kaitung jalma carukup. Di Cipawenang teu kabéjakeun aya rahayat kalaparan dasaréréa pada boga, teu kebéjakeun aya rahayat anu gétréng da hirup sauyunan silih tulungan silih talingakeun. Kayaan kahirupan anu kieu téh hasil tina karageman karep sakumna rahayat jeung pangjejer Ki Lurah Bangsit anu wijaksana, mingpin lembur jeung dulur bari leuleus jeujeur liat tali, wijaksana jeung toweksa. Nu masakat diupahan, nu leutik diampihan, nu aya diperanahkeun, kabéh rahayat ditanya diriksa tur diajak babarengan ngaraharjakeun baraya sadésa.
Ki Bangsit téh lebah dinya mah kaitung lurah anu suksés jeung kapaké ku rahayatna, ngan lebah mingpin jeung ngalelempeng anak-anakna mah kaitung rada gagal. Di antara lima anak-anakna, ngan saurang anu kaitung rada nurun ka bapana téh nyaéta anakna anu bungsu anu katelah Ki Wanogati. Tos témbong ti keur leutikna. Ki Wanogati geus daék kuru cileuh kentél peujit keur nyukruk élmu nyiar luang bekel hirup akur jeung papada urang. Diparengkeun calakan éncéer uteukna bari daék tetelepék, diajar élmu penca silat teu kudu lila-lila keur ngawasa rupa-rupa jurus. Di pasantrén Ki Wanogati mah geus dipercaya jadi lurah santri. Ku kituna masantrénna téh teu jadi santri mikung nu ngan kabagéan budugna wungkul tapi jadi santri anu bener-bener ngawaris élmu agama jeung darigama nu diwiridkeun ku ajeungan.
Ari anak-anak Ki Bangsit anu opat deui mah, kayaning Ki Gagak Sangkur, Ki Sacagati, Ki Sogati, jeung Ki Cengkok, kagegedeanana téh ngan ukur jadi pamuda barandalan anu gawéna ngan ukur “hardolinhés” nyaéta dahar, modol, ulin, jeung héés, mun dalahar kawas nu kasurupan, kéjo kudu saboboiko, nya tangtu podolna gé ngadungkuk. Mun ulin teu weléh kamalinaan, mun héés kawa bangké tara beunang di gugubrag da peuting dipaké ngalong ari beurang ngabebengkang bororaah inget kana solat lima waktu.
Nya kaayaan barudakna anu opat ieu anu matak jadi geuring pikir Ki Lurah Bangsit téh. Éra ku tatangga jeung rahayat mindeng aya nu laporan anak-anakna harak ka batur jeung sok ceceremed daék ménta teu bébéja alias maling barang batur.
Dina waktu ieu gering pikir Ki Lurah Bangsit téh beuki nambahan. Harita geus lila hujan teu turun dina waktuna, halodo entak-entakan. Tatanén kagaringana, cari inumeun keur rahayat sadésa jadi saraat. Kasangsaraan ieu katambah ku ayana sasalad panyakit anu maténi. Jalma anu katerap ieu panyakit teu aya nu menyat deui. Kaserang isuk maot peuting, anu kaserang peuting maot isuk-isuk. Ki Lurah Bangsit jeung kokolot lembur geus lila mikiran piubareun ieu panyakit. Sababaraha kali ngayakeun rapat tapi can aya nu bisa néangan piubareun jeung cara meruhkeun jurig panyakit.
Hiji sore, Ki Bangsit ngondang deui kokolot lembur, punduh jeung lima anak-anakna. “Ngahaja ku kami diondang deui. Cik Ki Punduh, Ki Olot, jeung anak Ama anu lima. Bantuan mikiran kumaha carana neangan piubareun ieu sasalad panyakit”. Anu pangheulana ngawalon téh Ki Sacagati anakana anu kadua, “Hahaha ari sugan Ama téh rék babagi raskin. Tohobaat … abdi mah teu wantun ari diadukeun ka tukang teluh mah”.
Kituna téh bari medal sila kaluar tina pariungan. Ki Sogati kalah nuturkeun lanceukna,”Punten Ama abdi mah lapar teu acan neda ieu téh … permios moal ngiringan”. Ngadéngé pok-pokan dua anakna kitu Ki Lurah pohara ambekna sasat diéra-éra ku anak di hareupeun umum. Awakna ngagidir, huntuna kekerot, leungeun tikekereket nahan ambek. Ki lurah Bangsit jug nangtung bari ngogorowok, “Siah.. anak-anakan kitu patut ngawiwirang ka aing, dipodaran siah sakalian”. Ki Lurah ngajengkat, maksudna rék ngajewang anak-anakna, ngan hadéna gancang diburu ku punduh anu ti tadi mata simeuteun bakat ku reuwas nempo kajadian kitu. “Olot lain molohok pegatan atuh bisi galungan”. Kituna bari ngagabrug Ki Lurah Bangsit anu awakna ngagidir bakat ku éra jeung ambek. “Atos Mas Lurah .. ulah kateterasan, apan putra téh aya kénéh nu sanésna, geura mangga taros itu Si Bungsu Wanogati .. éta mah moal ngérakeun pasti sanggupeun”.
Ki Wanogatii ngadéngé ngaranna disebut ku Ki Punduh, manéhna cengkat bari nyampeurkeun ramana Ki Lurah Bangsit. “Parantos Ama ulah kateterasan.. insjaalloh abdi sanggem milari piubareun ieu sasalad panyakit. Mugi Ama ngadu’akeun sareng mercantenkeun ka abdi kanggo ngajak sadaya punduh sareng kokolot milari jurigna nu jadi bibit panyakit”. Sabada dipeper ku punduh sarta ngadangu kasanggupan putra bungsuna, Ki Lurah bangsit balik deui ka tempatna bari pok nyarita ka nu hadir, “Tah sukur atuh ari anak Ama teu sageblég bari bago kasanggupan mah. Cik pok caritakeun ka Ama kumaha rarancang hidep téh. Barandungan Punduh, Olot .. jeung barantuan.
Gancang carita, Ki Wanogati medar rencana keur néangan piubareun jeung sumber panyaktina. Ki Wanogati ménta dibantuan ku punduh jeung kokolot di unggal lembur sangkan ningkatkerun ronda kampung bisi aya jalma luar anu nyiliwuri ngadon ngacowkeun lembur. Ki Wanogati ogé ménta idin ka ramana yén sing saha baé nu boga dosa ngacowkeun kaamanan lembur atawa ngahaja ngaliarkan panyakit ka rahayat, baris diusir ti lembur, dibaung ka tempat jauh.
Teu lila ti harita, geus jul-jol jalma nu lapor yén ieu panyakit téh sumberna tina cai nu diparaké ku rahayat. Tétéla cai nu ngamalir ka lembur sarta diparaké beberesih jeung diinum téh ti girangna geus diawuran racun. Sabada diintip ku ronda kampung, tétéla nu boga pamolah kieu téh taya sanés anak Ki Lurah anu opat jeung sawatara jalma anu implut lantaran sieun dirogahala ku anak-anak Lurah Bangsit.
Teu dililakeun deui, sanggeus sidik saha-sahana nu jadi jurig panyakit, ngan kerewek-kerewek baé éta jelema nu boga dosana ditewakan sarta langsung diusir ti lembur Cipawenang, dibuang ka hiji tempat di suku gunung nu jauh ti dinya. Di antara nu dibuang téh kaasup opat anak Ki Lurah nyaéta Ki Gagak Sangkur, Ki Sacagati, Ki Sogati, jeung Ki Cengkok. Opatanana teu aya nu wani ngalawan najan ka adi na memang teu wani jeung gelutna.
Tah, ti harita di kacamatan Wado, Kabupaten Sumedang aya désa anu katelah Legok Cibuang. Ayeuna éta pangbuangan jalma liwar téh geus jadi lembur anu subur ma’mur sarta rahayatna hirup tingtrim jauh tina pacéngkadan, papaséaan. Éta téh taya sanés jasa Ki Wanogati anu teras ngurus jalma-jalma buangan harita. Di dinya Ki Wanogati ngadegkeun masjid jeung muka pasantrénna. Jalma-jalma buangan téh terus diwuruk dipasantrénna nepi ka sadar kana kasalahanana sarta tarobat ka Pangéran moal deui-deui boga laku goréng. Maranéhna terus bebetah sarta ngarunday baranahan di dinya nepi ka jadi lembur gedé tug dugi kawari. (Direka deui tina dongeng burudak sakola di Sumedang).
Sumber: Helins / Mangle No. 2301
Sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2013/03/sasakala-legok-cibuang-dongeng.html
0 komentar:
Posting Komentar