Aya hiji jalma ngingu ucing, kacida pisan dipikanyaahna, sabab rupana alus, beresih, matak pikaresepeun. Éta ucing téh mun héés, sok ngaringkuk bae jeung dununganana. Nyatuna dipupujuhkeun pisan tara elat jeung lauk. Dina euweuhna ogé sok ngahaja dipangnyiarkeun.
Salain ti ngingu ucing, éta jalma téh ngingu kaldé hiji. Kaldé téh kacida sirikna ka ucing, duméh ucing mah sakitu dipikanyaahna, kawas ka anakna baé, ari kamanéhna henteu. kahayang kaldé téh ulah pilih kasih, kudu disaruakeun.
Mindeung pisan kaldé téh ngahuleng mikir naon sababna nu matak ucing sakitu dipikanyaahna. Teu lila kaldé manggih akal.
“Ti mimiti ayeuna ucing téh rék diawaskeun kalakuanana, engké ku kuring rék diturutan,” ceuk kaldé.
Kacaritakeun dina hiji poé, dununganana téa diuk dina handapeun tangkal buah, teu lila ucing téh nyampeurkeun bari éong-éongan, sarta tuluy sukuna nu ti hareup dijungjungkeun diteundeun kana lahunan dununganana téh dicabakan bari diusapan.
Kaldé nu ti tadi ngawaskeun ucing terus, ujug-ujug seuri, sabab ceuk pamikirna gampang pisan dipikanyaah dunungan téh.
“Tah, tah! bet babari temen, lamun ngan sakitu baé mah, supaya dipikanyaah ku dunungan kuring gé bisa asana, ah rék nurutan!” ceuk pamikir kaldé.
Hiji mangsa, basa dununganana keur anteng rinéh handapeun tangkal buah, kaldé téh ngampeurkeun ka dununganana ngahieum bari sesegor. Sukuna nu hareup ditincakeun kana lahunan dununganana. Kumaha balukarna?
Éta jalma téh ngejat, tuluy nangtung, top nyokot iteuk, habek kaldé téh dirangkét tarik pisan. Geus kitu tuluy dibawa ka tegal dikencarkeun.
Ceuk kaldé bari humandeuar,” Naha kumaha atuh, matak héran téh. teu kaharti ku kuring mah! Si Ucing mah ngampeurkeun ka dununganana bari disada sukuna ditincakeun kana lahunana henteu jadi matak kitu kieu, na ari kuring bert matak diteunggeul jeung diusir. Kumaha naha bet béda-béda, sihoréng nu hadé dilakukeun ku batur can tangtu hadé dilakukeun ku nu séjén,” ceuk kaldé bari tuluy nikreuh semu lungsé ka tegalan.** (Adika Naradipa/Galura)
Sumber : http://archive69blog.blogspot.com/2012/09/ucing-jeung-kalde-dongeng.html

0 komentar:
Posting Komentar