Asa dijual payu. Hartina : Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung ti bapa.
Aya jalan komo meuntas. Hartina : Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna.
Bobor karahayuan. Hartina : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Boga pikir kaping burih. Hartina : Boga kahayang anu datangna téh lain ti heula, tapi pandeuri.
Bonténg ngalawan kadu. Hartina: Nu leutik ngalawan nu gedé.; Nu handap ngalawan nu luhur.; Nu lembék ngalawan nu kuat. ; ...